Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Artikel Palajaran 25

”Domba Kami Rek Diteangan ku Sorangan”

”Domba Kami Rek Diteangan ku Sorangan”

”Domba Kami rek diteangan ku sorangan, rek diurus ku sorangan.”​—YEH. 34:11.

KAWIH 105 ”Allah téh Sipat Asih”

NU DIBAHAS *

1. Ku naon Yéhuwa nyaruakeun diri-Na jeung indung nu nyusuan orokna?

”ARI indung naha sok pohoeun ka orokna?” Yéhuwa méré pananya éta dina jamanna Nabi Yésaya. Allah ngomong ka umat-Na, ”Najan aya . . . indung anu teu nyaah ka anak, Kami mah hamo lali ka maraneh.” (Yes. 49:15) Yéhuwa jarang méré ibarat jiga kitu. Tapi, harita Mantenna nyaruakeun diri-Na jeung saurang indung nu nyusuan orokna. Ku naon? Supaya umat-Na bisa ngarasakeun yén Yéhuwa téh nyaah pisan ka maranéhna. Loba indung ngarasakeun nu sarua jiga Sadérék Jasmin nu ngomong, ”Waktu nyusuan, indung jeung orok téh keur ngajalin hubungan istiméwa nu moal bakal pegat saumur hirup.”

2. Kumaha parasaan Yéhuwa mun ningali saurang anak-Na ngajauh?

2 Yéhuwa apal mun aya hiji waé anak-Na nu eureun ngawawar jeung masamoan. Jadi, bayangkeun sakumaha peurihna haté Yéhuwa ningali unggal taun téh aya loba umat-Na nu jadi teu aktif. *

3. Naon kahayang Yéhuwa?

3 Urang nyaah ka sadérék-sadérék nu teu aktif sarta bungah ningali maranéhna balik deui ka sidang! Yéhuwa hayang maranéhna baralik deui, kitu ogé urang. (1 Pet. 2:25) Kumaha urang bisa ngabantu maranéhna? Saacan ngajawab pananya éta, urang kudu apal heula ku naon maranéhna eureun masamoan jeung ngawawar.

KU NAON AYA NU TEU NGAWULA YÉHUWA DEUI?

4. Jalma nu sibuk teuing digawé bisa kumaha?

4 Aya nu sibuk teuing ku pagawéanana. Ming * ti Asia Tenggara nyarita, ”Abdi méakkeun loba waktu jeung tanaga jang digawé. Abdi ngabobodo diri sorangan, mikir mun boga duit leuwih loba mah, engkéna bisa ngalakukeun leuwih loba hal keur Yéhuwa. Jadi, abdi durduran digawé. Sakali dua kali, abdi teu masamoan. Éh, lila-lila jadi teu pernah masamoan deui. Sétan ngagunakeun dunya ieu supaya jalma lalaunan ngajauh ti Yéhuwa.”

5. Ana jadi kumaha waktu boga loba masalah?

5 Aya ogé dulur saiman nu boga masalah beurat. Contona, Ana ti Inggris nu boga lima budak. Ceuk manéhna, ”Nu bungsu téh cacad ti barang lahir. Geus kitu, salah sahiji budak awéwé abdi dipecat, teu jadi Saksi deui. Terus, nu pangais bungsu keuna gangguan méntal. Geus teu kuat abdi mah! Abdi jadi teu masamoan jeung ngawawar deui. Ahirna, abdi jadi teu aktif.” Urang pasti sedih pisan ngadéngé pangalaman Ana sakulawarga sarta dulur saiman séjénna nu boga masalah kawas kitu!

6. Ku naon saurang jalma bisa ngajauh ti sidang lamun teu ngalarapkeun Kolosa 3:13?

6 Baca Kolosa 3:13. Aya ogé umat Yéhuwa nu nyeri haté ka dulur saiman. Rasul Paulus gé nyaho sakapeung urang boga alesan pikeun kasinggung ku dulur saiman. Meureun maranéhna nganyenyeri urang. Tapi mun teu ati-ati, urang bisa keuheul, terus lila-lila ngajauh ti sidang. Perhatikeun pangalaman Pablo ti Amerika Selatan. Saurang sadérék nuduh manéhna ngalakukeun kasalahan, padahal mah henteu kitu. Balukarna, Pablo teu dibéré tugas nanaon deui di sidang. Kumaha réaksi Pablo? Ceuk manéhna, ”Urang ambek pisan, lila-lila jadi ngajauh ti sidang.”

7. Naon balukarna lamun saurang jalma teterusan ngarasa salah?

7 Haté saurang jalma bisa jadi kasiksa lantaran manéhna pernah ngalakukeun dosa. Manéhna bisa ngarasa Allah moal nyaah deui ka manéhna. Sanajan geus tobat jeung dihampura ku Yéhuwa, meureun manéhna ngarasa geus teu layak jadi umat Allah. Saurang sadérék nu ngaranna Fransisco ngalaman hal éta. Ceuk manéhna, ”Urang ditegor lantaran ngalakukeun hal cabul. Mimitina mah, urang masih terus masamoan. Tapi, lila-lila urang strés sarta ngarasa teu layak babarengan jeung umat Yéhuwa. Urang teu ngeunah haté. Yéhuwa pasti moal ngahampura urang. Ahirna, urang jadi eureun masamoan jeung ngawawar.” Kumaha parasaan Sadérék ka dulur-dulur saiman nu boga masalah jiga sadérék-sadérék di luhur? Na Sadérék ngarti parasaan maranéhna? Nu pangpentingna, kumaha parasaan Yéhuwa ka maranéhna?

YÉHUWA NYAAH KA DOMBA-DOMBANA

Saurang pangangon Israil nyaah pisan ka dombana nu leungit (Tingali paragrap 8-9) *

8. Na Yéhuwa mopohokeun jalma-jalma nu pernah ngawula Mantenna? Jelaskeun.

8 Yéhuwa moal poho ka jalma-jalma nu pernah ngawula Mantenna, nu ayeuna keur ngajauh ti sidang. Mantenna gé teu pernah poho naon nu geus dilakukeun ku maranéhna. (Ibr. 6:10) Yésaya nuliskeun hiji ibarat nu nunjukkeun yén Yéhuwa nyaah pisan ka umat-Na. ”Mantenna bakal ngaraksa lir pangangon ngajaga dombana. Dombana dikumpulkeun, anu laleutik keneh dipangku.” (Yes. 40:11) Kumaha parasaan Yéhuwa, Pangangon Agung urang, waktu ningali salah sahiji umat-Na misah ti sidang? Yésus méré nyaho parasaan Bapana waktu ngomong kieu ka murid-murid, ”Cik, upama aya nu boga domba saratus leungit hiji, ceuk maraneh bakal kumaha anu bogana? Tangtu indit neangan nu hiji, nu salapan puluh salapan diantep heula nyaratuan di lamping pasir. Ana nu leungit geus kapanggih, nu bogana tangtu leuwih atoh ku eta anu hiji ti batan ku nu salapan puluh salapan nu henteu leungit.”​—Mat. 18:12, 13.

9. Kumaha pangangon nu hadé ngurus domba-dombana? (Tingali gambar dina sampul hareup.)

9 Ku naon cocog mun Yéhuwa disaruakeun jiga pangangon? Lantaran pangangon nu hadé nyaah pisan ka domba-dombana. Contona Daud, nu ngabélaan gelut jeung singa sarta biruang demi ngalindungan domba-dombana. (1 Sam. 17:34, 35) Pangangon nu hadé pasti apal mun aya hiji waé dombana nu leungit. (Yoh. 10:3, 14, 15) Manéhna bakal ngasupkeun heula nu 99 ka jero kandang atawa mihapékeun ka pangangon séjén. Tuluy, manéhna bakal indit néangan nu leungit téa. Tina ibarat ieu, Yésus ngajarkeun hiji bebeneran nu penting, ”Kahoyong [Rama] ulah aya saurang-urang acan umat-Na anu laleutik . . . leungit ti Mantenna.”​—Mat. 18:14.

Saurang pangangon Israil nyaah pisan ka dombana nu leungit (Tingali paragrap 9)

YÉHUWA NÉANGAN DOMBA-DOMBANA

10. Ceuk Yeheskel 34:11-16, Yéhuwa jangji bakal ngalakukeun naon ka domba-domba-Na nu leungit?

10 Yéhuwa nyaah pisan ka urang kabéh, kaasup ka ”anu laleutik” nu ngajauh ti sidang. Liwat Yéhéskél, Allah jangji bakal néangan domba-domba-Na nu leungit jeung ngabantu maranéhna nyobat deui jeung Mantenna. Yéhuwa méré nyaho naon nu bakal Mantenna lakukeun. Ieu téh sarua jeung nu bakal dilakukeun ku pangangon Israil pikeun nyalametkeun dombana nu leungit. (Baca Yeheskel 34:11-16.) Mimitina, si pangangon bakal néangan domba éta. Manéhna kudu bener-bener upaya jeung ngorbankeun loba waktu. Terus sanggeus kapanggih, dombana bakal dibawa balik, sina ngumpul deui jeung domba-domba séjénna. Mun éta domba raheut atawa kalaparan, ku si pangangon bakal dirawat. Raheutna dibulen, tuluy éta domba diais jeung diparaban. Kokolot téh pangangon ”domba-domba Allah”. Maranéhna kudu ngalakukeun hal-hal nu sarua pikeun nulungan jalma nu ngajauh ti sidang. (1 Pet. 5:2, 3) Kokolot bakal néangan maranéhna, mantuan maranéhna balik deui ka sidang, sarta mantuan maranéhna nyobat deui jeung Allah. *

11. Pangangon nu hadé bakal ngarti kana hal naon?

11 Pangangon nu hadé bakal ngarti, bisa waé aya dombana nu leungit. Lamun aya dombana nu sasab, manéhna moal méré hukuman ka éta domba. Hayu urang tingali kumaha Yéhuwa nulungan umat-Na dina jaman baheula nu pernah ngajauh ti Mantenna.

12. Waktu Yunus teu nurut, naon nu dilakukeun ku Yéhuwa?

12 Baheula, Yunus teu ngajalankeun tugas ti Yéhuwa. Tapi, Yéhuwa teu ninggalkeun manéhna. Jiga pangangon nu hadé, Mantenna nyalametkeun Yunus. Yéhuwa méré kakuatan ka Yunus pikeun ngajalankeun tugasna. (Yun. 2:7; 3:1, 2) Terus, Mantenna gé ngagunakeun hiji tangkal sangkan Yunus ngarti yén kahirupan unggal jalma téh penting. (Yun. 4:10, 11) Naon palajaranna? Kokolot gé kuduna teu gampang nyerah lamun aya pawarta nu teu aktif. Justru maranéhna hayang paham ku naon éta pawarta ngajauh ti sidang. Terus lamun nu teu aktif balik deui ka Yéhuwa, kokolot bakal terus mikanyaah jeung merhatikeun manéhna.

13. Urang diajar naon tina sikep Yéhuwa ka nu nulis Jabur 73?

13 Nu nulis Jabur 73 leutik haté lantaran ningali jalma-jalma nu jahat téh hirupna sarenang. Manéhna jadi mikir yén ngalakukeun kahayang Yéhuwa téh cumah. (Jab. 73:12, 13, 16) Kumaha sikep Yéhuwa? Mantenna teu ngambek. Malah, Yéhuwa ngasupkeun kekecapan manéhna kana Alkitab. Ahirna, nu nulis Jabur sadar yén nyobat jeung Yéhuwa téh hal nu panghadéna dina kahirupan. (Jab. 73:23, 24, 26, 28) Naon palajaranna? Kokolot gé kuduna teu gancang ngahakiman lamun aya pawarta nu ngarasa ngawula Yéhuwa téh teu aya gunana. Kokolot moal nyarékan manéhna, tapi kudu upaya sangkan ngarti ku naon pawarta éta ngomong atawa ngalakukeun hal jiga kitu. Ngan ku cara kitu, kokolot bisa méré ayat Alkitab nu cocog jeung nguatkeun manéhna.

14. Ku naon Élias perlu dikuatkeun? Kumaha Yéhuwa negerkeun manéhna?

14 Nabi Élias kabur ti Ratu Isebél. (1 Rja. 19:1-3) Manéhna mikir, ngan manéhna hiji-hijina nabi Yéhuwa. Élias ngarasa nu dilakukeunana téh cumah. Manéhna jadi leutik haté pisan nepi ka hayang paéh. (1 Rja. 19:4, 10) Tapi, Yéhuwa teu nyarékan Élias. Mantenna ngayakinkeun yén Élias téh teu sorangan jeung bisa percaya kana kawasa Allah. Geus kitu, Allah méré nyaho Élias, loba kénéh nu kudu digawékeun ku manéhna. Yéhuwa sabar ngadéngékeun Élias ngabudalkeun eusi haténa, sarta méré tugas anyar ka manéhna. (1 Rja. 19:11-16, 18) Naon palajaranna? Urang kabéh, hususna kokolot, kudu bageur ka domba-domba Yéhuwa. Bisa jadi, aya nu nyarita keur keuheul ka dulur saiman. Atawa, aya ogé nu ngarasa moal dihampura ku Yéhuwa. Kokolot kudu sabar ngadéngékeun manéhna. Tuluy, kokolot bakal ngayakinkeun domba nu leungit éta yén Yéhuwa nyaah ka manéhna.

KUMAHA KUDUNA PARASAAN URANG KA DOMBA ALLAH NU LEUNGIT?

15. Ceuk Yohanes 6:39, kumaha parasaan Yésus ka domba-domba Bapana?

15 Yéhuwa hayang urang ngarasa kumaha ka domba-Na nu leungit? Urang bisa nyonto tuladan Yésus. Anjeunna apal Yéhuwa téh nyaah ka unggal domba-Na, jadi anjeunna sabisa-bisa mantuan ”urang Israil, hususna ka anu salasar cara domba leungit” supaya balik deui ka Yéhuwa. (Mat. 15:24; Luk. 19:9, 10) Sabagé pangangon nu hadé, Yésus gé ngalakukeun sabisa-bisana supaya euweuh hiji-hiji acan domba Yéhuwa nu leungit.​—Baca Yohanes 6:39.

16-17. Kumaha sakuduna parasaan para kokolot waktu mantuan pawarta nu teu aktif? (Tingali kotak ”Kumaha Parasaan Domba nu Leungit?”)

16 Rasul Paulus ngajurung para kokolot di sidang Épésus pikeun nyonto Yésus. ”Kudu nalang ka nu walurat, ngingetkeun pilahir Gusti Yesus anu kieu, ’Leuwih bagja mere ti batan nampa.’” (Ras. 20:17, 35) Ayat éta nunjukkeun yén para kokolot kudu ngajalankeun tanggung jawab pikeun ngurus umat Yéhuwa. Salvador, saurang kokolot ti Spanyol, nyarita, ”Waktu abdi mikirkeun sakumaha nyaahna Yéhuwa ka domba-Na nu leungit, abdi jadi hayang sabisa-bisa nulungan maranéhna. Yéhuwa gé pasti hayang abdi ngurus maranéhna.”

17 Jalma-jalma nu disebutkeun dina artikel ieu pernah ngajauh ti Yéhuwa, tapi geus dibantuan pikeun balik deui ka Mantenna. Sabenerna, loba kénéh pawarta teu aktif nu hayang balik deui ka sidang. Artikel saterusna bakal ngabahas leuwih jelas naon nu bisa dilakukeun ku urang pikeun mantuan maranéhna balik deui ka Yéhuwa.

KAWIH 139 Pék Bayangkeun Hirup di Dunya Anyar

^ par. 5 Ku naon jalma nu geus satia ngawula Yéhuwa salila mangtaun-taun bisa ninggalkeun sidang? Kumaha parasaan Allah ka maranéhna? Artikel ieu bakal ngajawab pananya-pananya éta. Urang gé bakal diajar kumaha Yéhuwa ngabantu hamba-hamba-Na dina jaman baheula basa maranéhna ngajauh ti Mantenna.

^ par. 2 KATERANGAN TAMBAHAN: Pawarta nu teu aktif téh nyaéta nu geus teu ngawawar sarta teu méré laporan dines salila genep bulan atawa leuwih. Tapi, maranéhna dulur urang kénéh. Urang masih nyaah ka maranéhna.

^ par. 4 Sababaraha ngaran geus diganti.

^ par. 10 Artikel saterusna bakal ngajelaskeun kumaha kokolot bisa ngalakukeun tilu hal ieu.

^ par. 60 KATERANGAN GAMBAR: Lamun aya domba nu leungit, pangangon di Israil bakal néangan jeung mawa éta domba balik deui. Ayeuna, kokolot gé ngalakukeun nu sarua.

^ par. 64 KATERANGAN GAMBAR: Basa ngadagoan beus maju, saurang sadérék istri nu teu aktif ningali aya dua Saksi nu bungah waktu méré kasaksian di tempat umum.