Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 23

”Jenengan Ama Mugi Disucikeun”

”Jenengan Ama Mugi Disucikeun”

”Nun Yéhuwa, nami Gusti aya salilana.”​—JAB. 135:13, Terjemahan Dunia Baru (NW).

KAWIH 10 Puji Sukur ka Yéhuwa!

NU DIBAHAS *

1-2. Saksi-Saksi Yéhuwa resep ngabahas sual naon?

KABÉH jalma kudu apal ngan Yéhuwa nu boga hak pikeun maréntah. Urang gé pasti hayang pisan hayang nami Yéhuwa disucikeun. Sabagé Saksi Yéhuwa, urang resep ngabahas hal-hal ieu. Hak Yéhuwa pikeun maréntah jeung disucikeunana nami Mantenna téh silih pakait.

2 Urang kabéh apal yén nami Allah téh kudu dibersihan tina sagala tuduhan. Urang gé apal cara Yéhuwa maréntah kudu kabukti nu panghadéna. Hal-hal éta téh penting pisan.

3. Urang bisa apal naon tina nami Yéhuwa?

3 Sabenerna, nami Yéhuwa téh nyaritakeun sagala hal ngeunaan Allah urang, kaasup cara-Na maréntah sabagé Pangawasa jagat raya. Jadi, lamun urang ngomong hal nu pangpentingna téh nyucikeun nami Yéhuwa, éta sarua jeung ngomong cara Yéhuwa maréntah kudu kabukti sabagé cara nu panghadéna.​—Tingali kotak ” Nu Kaasup dina Masalah Penting Ieu”.

4. Jabur 135:13 nyebutkeun naon ngeunaan nami Allah? Pananya naon waé nu bakal dibahas dina artikel ieu?

4 Nami Yéhuwa téh istiméwa. (Baca Jabur 135:13 tina catetan handap.) * Ku naon nami Allah téh penting pisan? Kumaha mimitina nami Allah dipitnah? Kumaha Allah nyucikeunana? Kumaha urang bisa milu ngabéla nami-Na? Hayu urang bahas.

NAMI TÉH PENTING

5. Naon nu bisa jadi kapikir ku sababaraha jalma waktu ngadéngé yén nami Allah kudu disucikeun?

5 ”Jenengan Ama mugi disucikeun”. (Mat. 6:9, Sunda Formal) Éta téh hal pangpentingna nu disebutkeun ku Yésus dina doa. Tapi, naon maksud kekecapan Yésus? Nyucikeun maksudna ngajadikeun hiji hal bersih jeung murni. Meureun aya nu mikir, ’Nami Yéhuwa pan geus bersih jeung murni, jadi jang naon disucikeun deui?’ Hayu pikirkeun heula nami téh ngamaksudkeun naon waé.

6. Ku naon nami téh penting?

6 Nami téh teu ngan saukur hurup-hurup nu ditulis atawa diucapkeun. Ceuk Alkitab, ”Mending milih ngaran seungit ti batan milih kabeungharan.” (Sil. 22:1; Pan. 7:1) Ku naon nami téh sakitu pentingna? Sabab nami bisa ngagambarkeun jiga kumaha saurang jalma dina pandangan batur. Jadi, cara nulis atawa cara ngucapkeunana teu pati penting. Nu pangpentingna mah naon nu dipikirkeun ku batur waktu ningali atawa ngadéngé éta nami.

7. Kumaha jalma-jalma ngaruksak nami Allah?

7 Loba nu nyebarkeun kabohongan ngeunaan Yéhuwa supaya jalma-jalma mikir Mantenna téh teu bener. Mun geus mikir kitu, maranéhna jadi leuwih gampang nyalahkeun Allah jeung mitnah nami-Na. Nami Allah mimiti digogoréng jeung dipitnah basa di Taman Éden. Hayu urang perhatikeun kajadianana.

MIMITINA NAMI ALLAH DIPITNAH

8. Adam jeung Hawa geus apal kana hal naon? Pananya naon waé nu muncul?

8 Adam jeung Hawa geus apal Allah téh namina Yéhuwa. Maranéhna gé apal loba hal penting ngeunaan Mantenna. Misalna, Yéhuwa téh Nu Nyipta, nu méré kahirupan, nu méré Pirdaus nu éndah, sarta nu méré batur hirup nu sampurna. (Kaj. 1:26-28; 2:18) Tapi, na maranéhna terus mikirkeun nu geus dilakukeun ku Yéhuwa? Na maranéhna terus nyaah jeung ngucap sukur ka Yéhuwa? Jawabanana katingali waktu maranéhna diuji ku musuhna Allah.

9. Numutkeun Kajadian 2:16, 17 jeung 3:1-5, Yéhuwa ngomong naon ka Adam jeung Hawa? Tapi, kumaha Sétan malik-malikkeun omongan Yéhuwa?

9 Baca Kajadian 2:16, 17 jeung 3:1-5. Yéhuwa téh Allah nu béréhan. Mantenna ngidinan Adam jeung Hawa ngadahar buah ti tangkal mana waé. Ngan hiji tangkal nu buahna teu meunang didahar. Jadi, buah nu masih bisa didahar ku Adam jeung Hawa téh pasti loba pisan jinisna. (Kaj. 2:9) Tapi, Sétan malik-malikkeun omongan Yéhuwa. Manéhna maké oray nu dijieun saolah-olah bisa ngomong, tuluy nanya ka Hawa, ”Na enya saur Allah, anjeun teu meunang ngadahar bubuahan nu aya di ieu taman?” Dina pananya éta, Sétan nyelapkeun kabohongan nu ibarat racun. Sétan hayang Hawa nganggap Allah téh pedit. Bisa jadi Hawa mikir, ’Enya kitu Allah téh nyumputkeun nu hadé?’

10. Kumaha Sétan terus terang mitnah nami Allah? Naon balukarna?

10 Waktu ditanya kitu, Hawa masih nurut ka Yéhuwa. Manéhna nyebutkeun deui paréntah nu jelas ti Allah. Malah ceuk Hawa, nyabak tangkalna gé teu meunang. Manéhna apal lamun teu nurut ka Allah, manéhna bakal paéh. Jadi ayeuna, Sétan teu pura-pura deui. Sétan ngomong, ”Teu kitu. Hamo matak paeh.” (Kaj. 3:2-4) Sétan terus terang mitnah nami Allah, nyebutkeun Yéhuwa téh tukang bohong. Ku kituna, Sétan jadi Iblis, atawa tukang mitnah. Hawa katipu sarta percaya ka Sétan. (1 Tim. 2:14) Manéhna leuwih percaya ka Sétan ti batan ka Yéhuwa. Tah, éta nu nyababkeun Hawa nyieun putusan nu parah pisan. Manéhna teu nurut ka Yéhuwa ku cara ngadahar buah nu dilarang ku Mantenna. Tuluy, éta buah dibikeun ka Adam.​—Kaj. 3:6.

11. Kumaha sakuduna sikep Adam jeung Hawa waktu Sétan mitnah Allah?

11 Kumaha sakuduna Hawa ngajawab Sétan? Sabenerna, bisa waé Hawa ngomong kieu, ”Saha sih manéh téh? Abdi mah teu kenal. Ari Yéhuwa mah Bapa abdi. Abdi nyaah jeung percaya ka Yéhuwa, da Mantenna geus méré sagalana ka abdi jeung Adam. Wawanian pisan ngomong kitu ka Bapa abdi! Indit siah!” Cik bayangkeun, Yéhuwa pasti senang mun budak awéwé-Na ngomong kitu. (Sil. 27:11) Tapi, hanjakalna Hawa teu pati nyaah ka Yéhuwa. Adam gé sarua. Ku kituna, maranéhna teu ngabéla nami Yéhuwa waktu Mantenna dipitnah.

12. Sétan hayang Hawa cangcaya kana hal naon? Naon nu teu dilakukeun ku Adam jeung Hawa?

12 Saperti nu geus dibahas, Sétan mitnah nami Yéhuwa. Ku kituna, Hawa jadi cangcaya Yéhuwa téh Bapa nu nyaahan atawa henteu. Adam jeung Hawa teu ngabéla nami Yéhuwa. Maranéhna kalah ka percaya kana kabohongan Sétan, tuluy barontak ngalawan Bapa maranéhna. Ayeuna gé, Sétan masih ngagunakeun cara nu sarua. Manéhna ngaruksak nami Yéhuwa ku cara mitnah Mantenna. Jalma-jalma nu percaya kana kabohongan Sétan jadi leuwih gampang nolak aturan Yéhuwa.

YÉHUWA NYUCIKEUN NAMINA

13. Kumaha Yeheskel 36:23 ngajelaskeun inti tina eusi Alkitab?

13 Kumaha sikep Yéhuwa waktu dipitnah? Mantenna teu cicing waé! Sakabéh eusi Alkitab ngajelaskeun naon nu dilakukeun Yéhuwa pikeun ngabuktikeun tuduhan di Taman Éden téh salah. (Kaj. 3:15) Malah lamun diringkeskeun, eusi Alkitab téh intina ngeunaan: Yéhuwa nyucikeun nami-Na liwat Karajaan nu diparéntah ku Putra-Na, Mantenna gé bakal malikkeun kaadilan jeung katengtreman di bumi. Jadi lamun maca Alkitab, urang bakal ngarti cara Yéhuwa nyucikeun nami-Na.​—Baca Yeheskel 36:23.

14. Waktu aya nu barontak di Taman Éden, kumaha Yéhuwa nyucikeun nami-Na?

14 Sétan geus bébéakan maké sagala cara jang ngagagalkeun tujuan Yéhuwa. Tapi, manéhna teterusan gagal. Alkitab nunjukkeun naon nu geus dilakukeun ku Yéhuwa. Urang jadi yakin Yéhuwa téh Bapa nu nyaahan jeung Pangawasa nu panghadéna. Yéhuwa mémang nyeri haté ningali Sétan jeung kabéh nu barontak. (Jab. 78:40) Tapi Yéhuwa tetep bijaksana, sabar, jeung adil. Mantenna gé geus nunjukkeun kawasa-Na nu luar biasa ku loba cara. Sarta nu pangpentingna mah, kanyaah Yéhuwa kabukti dina unggal tindakan-Na. (1 Yoh. 4:8) Yéhuwa teu pernah eureun nyucikeun nami-Na.

Sétan ngabohong ka Hawa ngeunaan Yéhuwa. Salila mangabad-abad, si Iblis masih terus mitnah Allah (Tingali paragrap 9-10, 15) *

15. Ku cara naon Sétan mitnah Allah ayeuna? Naon balukarna?

15 Nepi ka ayeuna gé, Sétan masih terus mitnah Allah. Manéhna hayang jalma-jalma mikir, ’Enya kitu Allah téh boga kawasa, adil, bijaksana, jeung nyaah ka manusa?’ Misalna, Sétan upaya sangkan jalma-jalma teu percaya yén Yéhuwa téh Nu Nyipta. Ari ka jalma-jalma nu percaya Allah téh aya, Sétan upaya sangkan maranéhna mikir Allah teu adil jeung sok méré patokan hirup nu hésé pisan dijalankeun. Manéhna gé nyebarkeun kabohongan yén Yéhuwa téh Allah nu kejem jeung téga ngaduruk manusa dina seuneu naraka. Lamun jalma-jalma percaya kana kabohongan Sétan, maranéhna bakal leuwih gampang nolak aturan Yéhuwa. Saacan dibinasakeun mah, Sétan bakal terus mitnah Allah. Sétan gé hayang Sadérék ngajauh ti Allah. Manéhna bakal suksés teu?

KUMAHA SADÉRÉK MILU NYUCIKEUN NAMI YÉHUWA?

16. Teu jiga Adam jeung Hawa, naon nu bisa Sadérék lakukeun?

16 Yéhuwa méré kasempetan ka manusa nu teu sampurna keur milu nyucikeun nami-Na. Jadi, Sadérék bisa ngalakukeun naon nu sakuduna dilakukeun ku Adam jeung Hawa. Dunya ieu pinuh ku jalma nu osok mitnah jeung ngahina nami Yéhuwa. Tapi, Sadérék bisa ngabéla nami Yéhuwa jeung méré nyaho batur yén Mantenna téh suci, adil, bageur, jeung nyaahan. (Yes. 29:23, NW) Sadérék bisa nunjukkeun yén Sadérék hayang Yéhuwa jadi Pangawasa Sadérék. Carana, bantu jalma-jalma ngarti, ngan ku jalan pamaréntahan Yéhuwa nu adil, dunya bisa bener-bener tengtrem jeung bagja.​—Jab. 37:9, 37; 146:5, 6, 10.

17. Kumaha Yésus ngenalkeun nami Bapana?

17 Waktu ngabéla nami Yéhuwa, urang nyonto tuladan Yésus. (Yoh. 17:26) Yésus ngenalkeun nami Bapana ku cara ngagunakeun nami Yéhuwa jeung ngajarkeun sipat Mantenna nu sabenerna ka jalma-jalma. Contona, basa urang Parisi ngajarkeun saolah-olah Yéhuwa téh kasar, loba paménta, hésé dideukeutan, jeung taya karunya, Yésus ngabéla nami Yéhuwa. Anjeunna ngajarkeun Bapana téh rasrasan, sabar, nyaahan, jeung resep ngahampura. Liwat tindakan sapopoé gé, Yésus ngajarkeun sipat Bapana sabab anjeunna nyonto Bapana ku cara nu sampurna.​—Yoh. 14:9.

18. Kumaha carana ngabuktikeun tuduhan jeung pitnah ngeunaan Yéhuwa téh salah?

18 Kumaha urang bisa nyonto Yésus? Ku cara méré nyaho batur ngeunaan Yéhuwa. Hasilna, batur jadi apal nami Yéhuwa nu suci jeung ngahargaanna. Urang gé bisa ngajarkeun yén Yéhuwa téh Allah nu nyaahan jeung bageur pisan. Ku cara kitu, urang ngabuktikeun tuduhan jeung pitnah ngeunaan Yéhuwa téh salah. Urang mémang teu sampurna. Tapi, urang bisa nyonto sipat-sipat Yéhuwa. (Epe. 5:1, 2) Tina ucap lampah urang, batur jadi bisa ngarti nu sabenerna ngeunaan Yéhuwa. Ku kituna, urang milu nyucikeun nami-Na. Salian ti éta, urang ngabuktikeun yén manusa nu teu sampurna bisa tetep satia.​—Ayub 27:5.

Urang hayang ngabantu palajar Alkitab ngarti yén Yéhuwa téh bageur jeung nyaah ka manusa (Tingali paragrap 18-19) *

19. Ceuk Yesaya 63:7, naon tujuan utama urang ngajar batur?

19 Urang bisa ngalakukeun cara séjén keur nyucikeun nami Yéhuwa, nyaéta ngajarkeun bebeneran Alkitab ka batur. Urang sering ngajarkeun, ngan Yéhuwa nu boga hak pikeun jadi Pangawasa jagat raya. Mémang, ngajarkeun hukum Allah ka batur téh penting, tapi tujuan utama urang mah ngabantu batur nyaah jeung satia ka Bapa urang, Yéhuwa. Carana, urang kudu ngajarkeun sipat-sipat Yéhuwa supaya batur apal Mantenna téh Allah nu jiga kumaha. (Baca Yesaya 63:7.) Lamun batur geus nyaah sarta hayang satia ka Yéhuwa, maranéhna bakal kageuing pikeun ngajalankeun paréntah-Na.

20. Naon nu bakal dibahas dina artikel saterusna?

20 Jadi tina kalakuan jeung pangajaran urang, kumaha supaya batur bisa mikir nu hadé ngeunaan Yéhuwa jeung hayang ngadeukeut ka Mantenna? Hal éta bakal dibahas dina artikel saterusna.

KAWIH 2 Yéhuwa, Nami Gusti

^ par. 5 Masalah penting naon nu disanghareupan ku manusa jeung para malaikat? Ku naon éta téh penting pisan, sarta naon hubunganna jeung urang? Lamun ngarti kana jawaban tina pananya-pananya éta, urang bakal beuki raket ka Yéhuwa.

^ par. 4 Jabur 135:13 (NW): ”Nun Yéhuwa, nami Gusti aya salilana. Nun Yéhuwa, saban turunan bakal inget ka Gusti.”

^ par. 62 KATERANGAN GAMBAR: Iblis mitnah Allah ku cara ngomong ka Hawa yén Allah téh tukang bohong. Salila mangabad-abad, Sétan geus nyebarkeun kabohongan, misalna pangajaran yén Allah téh kejem. Aya ogé pangajaran évolusi nu nyebutkeun manusa téh asalna tina sato, lainna diciptakeun ku Allah.

^ par. 64 KATERANGAN GAMBAR: Waktu ngajarkeun Alkitab, sadérék ieu nandeskeun sipat-sipat Allah.