Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 24

”Buleudkeun Haté Abdi Supaya Mikasieun Nami Gusti”

”Buleudkeun Haté Abdi Supaya Mikasieun Nami Gusti”

”Buleudkeun haté abdi supaya mikasieun nami Gusti. Nun Yéhuwa Allah abdi, abdi muji Gusti ku sapinuh haté.”​—JAB. 86:11, 12, Terjemahan Dunia Baru (NW).

KAWIH 7 Yéhuwa Kakuatan Abdi

NU DIBAHAS *

1. Naon maksudna sieun ka Allah? Ku naon jalma nu nyaah ka Yéhuwa kudu boga kasieun jiga kitu?

URANG KRISTEN téh nyaah sakaligus sieun ka Allah. Keur sababaraha jalma, dua hal ieu jiga nu teu sajalan. Tapi, sieun nu dimaksud di dieu téh lain sieun ku lantaran hal-hal nu serem. Nu bakal dibahas téh parasaan sieun nu béda. Kasieun ieu téh maksudna bener-bener ngahormat jeung ngahargaan Allah. Nu sieun ka Allah mah embung nguciwakeun Bapa di sawarga lantaran embung ngaruksak sosobatanna jeung Mantenna.​—Jab. 111:10; Sil. 8:13.

2. Dumasar kana doa Raja Daud nu dicatet dina Jabur 86:11, dua hal naon nu bakal dibahas?

2 Baca Jabur 86:11 tina catetan handap. * Tina ayat ieu, urang bisa ningali yén Raja Daud téh ngahargaan Yéhuwa. Hayu tingali carana ngalarapkeun ayat ieu. Kahiji, urang bakal ngabahas ku naon urang kudu mikasieun, atawa ngahormat, nami Allah. Kadua, urang bakal ngabahas carana ngahormat nami Allah dina kahirupan sapopoé.

KU NAON URANG KUDU NGAHORMAT NAMI YÉHUWA?

3. Naon nu kaalaman ku Musa nu ngabantu manéhna terus ngahormat nami Allah?

3 Bayangkeun kumaha parasaan Musa waktu manéhna aya di jero guha di gunung batu. Harita, manéhna dibéré titingalian nu némbongkeun kamulyaan Yéhuwa nu kacida hébatna. Éta téh hal paling luar biasa nu pernah kaalaman ku saurang jalma! Sanggeusna, Musa ngadéngé sora nu bisa jadi diucapkeun ku saurang malaikat, ”[Yéhuwa], nya eta Allah anu sipat welas, sipat karunya, tara barangasan, sugih kaasih, sipat satuhu. Teguh kana jangji ka rebuan turunan, satia ngahampura dosa jeung kadorakaan.” (Bud. 33:17-23; 34:5-7) Bisa jadi, Musa terus inget kana kajadian ieu waktu manéhna nyebutkeun nami Yéhuwa. Éta sababna, Musa gé ngingetan urang Israil pikeun ”ngupama kana pajenengan PANGERAN . . . anu luhung jeung pikahelokeun”.​—Pam. 28:58.

4. Naon nu bisa ngabantu urang supaya leuwih ngahormat Yéhuwa?

4 Waktu ngagunakeun nami Yéhuwa, urang gé kudu ngabayangkeun Yéhuwa téh Pribadi nu jiga kumaha. Urang kudu mikirkeun sipat-sipat-Na, saperti kawasa, hikmat, adil, jeung nyaah. Lamun mikirkeun sipat Yéhuwa jeung kabéh nu geus dilakukeun ku Mantenna, urang jadi bisa leuwih ngahormat Mantenna.​—Jab. 77:12-16.

5-6. (a) Naon harti nami Allah? (b) Ceuk Budalan 3:13, 14 jeung Yesaya 64:8, ku cara naon waé Yéhuwa ngawujudkeun kahayang-Na?

5 Naon harti nami Allah? Loba ahli satuju, hartina téh ”Mantenna nu Ngawujudkeun”. Urang jadi yakin, euweuh nu bisa ngahalangan Yéhuwa ngawujudkeun kahayang-Na, éta pasti laksana. Ku naon bisa kitu?

6 Kahiji, Yéhuwa bisa jadi naon waé nu diperlukeun pikeun ngawujudkeun kahayang-Na. (Baca Budalan 3:13, 14 tina catetan handap.) * Publikasi sering ngingetan supaya urang mikirkeun bagian tina kapribadian Yéhuwa nu luar biasa ieu. Kadua, Yéhuwa gé bisa nyieun umat-Na nu teu sampurna sanggup ngalakukeun naon waé nu diperlukeun ngarah kahayang-Na ngawujud. (Baca Yesaya 64:8.) Ku kituna, kabéh kahayang Yéhuwa pasti ngawujud. Euweuh nu bisa ngahalangan Mantenna!​—Yes. 46:10, 11.

7. Kumaha supaya urang bisa leuwih ngahargaan jeung ngahormat Bapa urang?

7 Urang bisa leuwih ngahargaan Bapa urang lamun mikirkeun naon nu geus dilakukeun ku Mantenna sarta kumaha Mantenna mantuan urang. Misalna, waktu urang mikirkeun ciptaan Yéhuwa, urang pasti tajub lantaran Yéhuwa nyiptakeunana mani éndah pisan. (Jab. 8:4, 5) Terus, waktu mikirkeun kumaha Yéhuwa ngabantu urang supaya sanggup ngajalankeun kahayang-Na, urang jadi leuwih ngahormat Mantenna. Nami Yéhuwa téh luar biasa pisan! Nami-Na nyingkabkeun kabéh hal ngeunaan Bapa urang sarta naon nu enggeus jeung nu bakal dilakukeun ku Mantenna.​—Jab. 89:8, 9.

”KAMI SEJA MUJI PAJENENGAN PANGERAN”

Nu diajarkeun ku Musa téh nyegerkeun. Manéhna ngajarkeun ngeunaan Yéhuwa sarta nami-Na (Tingali paragrap 8) *

8. Ceuk Pamindo 32:2, 3, Yéhuwa hayang nami-Na dikumahakeun?

8 Saacan bangsa Israil asup ka Tanah Perjangjian, Yéhuwa ngajarkeun hiji lagu ka Musa. (Pam. 31:19) Terus, Musa kudu ngajarkeun éta lagu ka bangsa Israil. (Baca Pamindo 32:2, 3.) Tina ayat 2 jeung 3, jelas yén Yéhuwa embung nami-Na disumputkeun, dianggap suci teuing keur diucapkeun. Yéhuwa hayang kabéh jalma apal nami-Na! Bangsa Israil meunang kahormatan pikeun diajar ngeunaan Yéhuwa jeung nami-Na nu mulya! Nu diajarkeun ku Musa ka maranéhna téh nyegerkeun jeung ngagedékeun haté pisan, ibarat keclak-keclak cihujan nu ngabaseuhan pepelakan. Kumaha supaya urang bisa ngajar jiga Musa?

9. Kumaha urang bisa milu nyucikeun nami Yéhuwa?

9 Waktu urang ngawawar ti imah ka imah atawa di tempat umum, urang bisa méré nyaho batur ngeunaan nami Yéhuwa tina Alkitab. Bacaan, vidéo, atawa hal-hal nu aya dina situs Internét urang gé bisa ngamulyakeun Yéhuwa. Waktu keur gawé, sakola, atawa iinditan, urang gé bisa méré nyaho batur ngeunaan Allah jeung jiga kumaha Mantenna téh. Urang bisa méré nyaho naon nu bakal dilakukeun ku Yéhuwa keur manusa jeung bumi. Ku kituna, maranéhna bisa ngarasakeun, geuning Yéhuwa téh nyaah ka manusa. Waktu urang méré nyaho nu sabenerna ngeunaan Bapa urang, urang milu nyucikeun nami Mantenna. Urang gé milu mersihan nami Yéhuwa tina kabohongan jeung pitnah. Nu diajarkeun ku urang ka maranéhna téh hal nu paling nyegerkeun.​—Yes. 65:13, 14.

10. Waktu ngajarkeun Alkitab, ku naon teu cukup ngan saukur ngajarkeun hukum jeung patokan hirup ti Allah?

10 Waktu ngajarkeun Alkitab, urang hayang palajar Alkitab téh nyaho nami Yéhuwa jeung ngagunakeunana. Urang gé hayang manéhna kenal pisan ka Yéhuwa. Jadi, naha cukup lamun urang ngan ngajarkeun paréntah, patokan hirup, jeung hukum Allah? Meureun saurang palajar Alkitab diajar hukum-hukum Allah, malahan bisa waé resep pisan kana hukum-hukum éta. Tapi, naha éta bisa nyieun manéhna nyaah jeung hayang taat ka Yéhuwa? Baheula, Hawa gé apal kana hukum Allah, tapi manéhna teu bener-bener nyaah ka Allah. Adam gé kitu. (Kaj. 3:1-6) Jadi, urang kudu ngajarkeun hal séjén ogé, teu ngan saukur hukum jeung patokan hirup ti Allah.

11. Waktu ngajarkeun hukum ti Allah, urang kudu kumaha supaya palajar Alkitab nyaah ka Pribadi nu méré hukumna?

11 Hukum ti Yéhuwa téh loba mangpaatna. (Jab. 119:97, 111, 112) Tapi, bisa waé palajar Alkitab urang teu ngarasa kitu sabab manéhna teu paham Yéhuwa méré hukum éta téh pédah nyaah ka urang. Jadi, urang bisa nanya ka manéhna: ”Ceuk manéh, ku naon Yéhuwa nitah kitu? Ku naon Yéhuwa ngalarang urang ngalakukeun éta? Paréntah ieu nunjukkeun Yéhuwa téh Pribadi nu saperti kumaha?” Lamun urang ngabantu palajar Alkitab mikirkeun ngeunaan Yéhuwa jeung mekarkeun kanyaah ka nami-Na nu mulya, haténa bakal leuwih kageuing. Jadi, manéhna teu ngan saukur resep kana hukum, tapi ogé nyaah ka Pribadi nu méré hukumna. (Jab. 119:68) Iman manéhna bakal leuwih kuat. Manéhna gé bakal leuwih sanggup nyanghareupan tangtangan.​—1 Kor. 3:12-15.

’URANG NGABAKTI JEUNG NGABDI’ KA YÉHUWA

Daud pernah ngadua haté (Tingali paragrap 12)

12. Kumaha Daud ngadua haté? Naon balukarna?

12 Kekecapan ”buleudkeun haté abdi” nu ditulis ku Daud dina Jabur 86:11 téh penting. Salila hirupna, Daud ningali jalma téh gampang pisan ngadua haté. Sakali waktu, basa keur leumpang di loténg istana, Daud ningali pamajikan batur nu keur mandi. Harita, na Daud masih nyaah ka Yéhuwa ku sabuleudna haté? Manéhna apal Yéhuwa téh ngalarang kieu, ”Ulah mikahayang pamajikan batur.” (Bud. 20:17) Tapi, Daud kalah ka terus ningalian éta awéwé. Haténa jadi ngadua, ka Yéhuwa jeung ka éta awéwé, nyaéta Batséba. Sanajan geus lila nyaah jeung ngahormat ka Yéhuwa, ayeuna Daud éléh ku hasratna nu mentingkeun diri. Ahirna, manéhna nyieun kasalahan nu gedé pisan. Tindakanana ngagogoréng nami Yéhuwa. Salian ti éta, batur nu teu salah sarta kulawargana sorangan gé jadi milu sangsara.​—2 Sam. 11:1-5, 14-17; 12:7-12.

13. Ti mana urang nyaho yén ahirna Daud nyaah deui ka Yéhuwa ku sabuleudna haté?

13 Yéhuwa méré disiplin ka Daud. Ahirna, Daud bisa nyobat deui jeung Yéhuwa. (2 Sam. 12:13; Jab. 51:4-6, 19) Daud pasti inget sakumaha peurih balukarna mun ngadua haté. Kekecapanna dina Jabur 86:11 bisa ogé ditarjamahkeun jadi: ”Bantu abdi sangkan teu ngadua haté.” Na Yéhuwa ngabantu Daud sangkan teu ngadua haté deui? Enya. Buktina ka dieunakeun, Firman Allah nyebut Daud sabagé jalma nu ”sapinuh haté ka Yéhuwa Allahna”.​—1 Rja. 11:4; 15:3, NW.

14. Urang kudu terus mariksa naon, sarta ku naon?

14 Pangalaman Daud téh ngagedékeun haté sakaligus jadi paringetan keur umat Allah dina jaman kiwari. Baheula, Daud téh ngalakukeun dosa nu gedé. Urang pasti embung jiga kitu. Jadi, teu sual urang kakara ngawula Yéhuwa atawa geus mangtaun-taun, urang kudu terus mariksa, ’Na abdi terus ngalawan gogoda ti Sétan nu hayang abdi ngadua haté?’

Sétan maké sagala cara sangkan Sadérék ngadua haté. Ulah éléh! (Tingali paragrap 15-16) *

15. Kumaha hormat ka Allah bisa ngalindungan urang waktu aya gambar-gambar nu ngarangsang napsu birahi?

15 Misalna, lamun aya gambar dina TV atawa Internét nu bisa ngarangsang napsu birahi, Sadérék bakal kumaha? Bisa waé Sadérék mikir, ’Ah, da gambar atawa film éta mah lain pornografi.’ Tapi, na sabenerna éta téh cara Sétan sangkan Sadérék ngadua haté? (2 Kor. 2:11) Gambar sarupa kitu téh bisa diibaratkeun jiga kampak nu dipaké jang meulah kai golondongan. Mimitina, nu ditancebkeun téh ngan tungtungna nu seukeut wungkul. Tapi mun kampakna terus diayunkeun, lila-lila bakal beuki jero nancebna, nepi ka ahirna kaina beulah. Cocog teu lamun gambar nu ngarangsang tadi disaruakeun jiga kampak éta? Hal-hal nu katingalina teu bahaya téh tungtungna mah bisa ngalantarankeun saurang jalma ngalakukeun dosa. Jadi, ulah ngasupkeun naon waé nu teu pantes kana haté Sadérék! Sing terus hormat ka nami Yéhuwa ku sabuleudna haté!

16. Waktu aya gogoda, urang kuduna mikir naon?

16 Salian ku gambar-gambar tadi, Sétan masih boga loba cara sangkan urang ngalakukeun dosa. Urang rék kumaha? Bisa waé urang néang-néang alesan. Misalna urang mikir, ”Ah mun ngalakukeun ieu, aing moal dipecat da. Jadi, jigana mah teu salah-salah teuing.” Pamikiran jiga kitu téh kaliru pisan! Urang kuduna mikir, ”Na ieu téh cara Sétan sangkan abdi ngadua haté? Mun abdi nuturkeun hasrat nu salah, nami Yéhuwa bakal jadi goréng teu? Mun ngalakukeun ieu, abdi bakal beuki akrab jeung Yéhuwa, atawa malah beuki jauh?” Pikirkeun pananya-pananya éta. Pék ngadoa ménta kabijaksanaan sangkan Sadérék bisa ngajawab sacara jujur, teu ngabobodo diri sorangan. (Yak. 1:5) Éta téh panyalindungan keur Sadérék. Mun geus kitu, Sadérék bisa jiga Yésus nu tegas ngalawan gogoda. Ceuk anjeunna, ”Geura nyingkah, Iblis!”​—Mat. 4:10.

17. Béré ibarat bahayana ngadua haté.

17 Ngadua haté téh bahaya. Ieu téh ibarat tim olahraga nu anggotana teu kompak. Aya nu hayang kapuji sorangan, aya nu embung nuturkeun aturan, aya ogé nu ngalawan ka palatihna. Tim jiga kitu téh hésé meunang. Ari tim nu kompak mah bisa leuwih gampang meunang. Haté urang téh bisa jiga tim nu kompak éta lamun pikiran, parasaan, jeung kahayang urang sajalan dina ngawula Yéhuwa. Inget, Sétan téh atoh pisan lamun Sadérék ngadua haté. Manéhna hayang pikiran, parasaan, jeung kahayang Sadérék teu sajalan jeung patokan hirup ti Yéhuwa. Tapi pikeun ngawula Yéhuwa, Sadérék kudu sapinuh haté. (Mat. 22:36-38, Sunda Formal) Jadi, ulah nepi ka Sétan nyieun Sadérék ngadua haté!

18. Sajalan jeung Mika 4:5, naon tékad Sadérék?

18 Jiga Daud, pék ngadoa ka Yéhuwa, ”Buleudkeun haté abdi supaya mikasieun nami Gusti.” Upayakeun sabisa-bisana supaya hirup urang sajalan jeung doa éta. Unggal poé, waktu rék nyieun putusan, boh leutik boh gedé, urang kudu boga tékad pikeun ngahormat nami Yéhuwa nu suci. Ku kituna, sabagé Saksi Yéhuwa, urang téh cocog nyandang nami Mantenna. (Sil. 27:11) Urang masing-masing gé bisa ngomong jiga Nabi Mika, ”Urang mah ngabakti jeung ngabdi teh ka [Yéhuwa] Allah urang, salalanggengna.”​—Mika 4:5.

KAWIH 41 Mugi Doa Abdi Didangukeun

^ par. 5 Dina artikel ieu, urang bakal ngabahas sabagian doa Raja Daud nu dicatet dina Jabur 86:11, 12. Naon maksudna sieun ka nami Yéhuwa? Ku naon urang kudu ngahormat nami-Na nu mulya? Kumaha rasa hormat ka Allah ngabantu urang ngalawan gogoda?

^ par. 2 Jabur 86:11 (NW): ”Nun Yéhuwa, ajarkeun abdi kudu kumaha. Abdi bakal nuturkeun jalan Gusti nu bener. Buleudkeun haté abdi supaya mikasieun nami Gusti.”

^ par. 6 Budalan 3:13, 14 (NW): ”Tapi ceuk Musa ka Allah nu sajati, ’Upama abdi datang ka urang Israil, terus ngomong, ”Allah karuhun maranéh geus ngutus urang ka maranéh,” terus maranéhna nanya, ”Saha nami-Na?” Kudu dijawab kumaha?’ Allah ngajawab, ’Abdi Bakal Jadi Naon Waé nu Abdi Hayang.’ Terus Allah ngomong, ’Manéh kudu ngomong kieu ka urang Israil, ”Urang diutus ku Allah nu nami-Na boga harti ”Abdi Bakal Jadi”.’”

^ par. 55 KATERANGAN GAMBAR: Musa ngajarkeun hiji lagu nu ngamulyakeun Yéhuwa ka bangsa Israil.

^ par. 59 KATERANGAN GAMBAR: Hawa teu ngalawan kahayangna nu salah. Ari urang mah embung ningali hal naon waé nu bisa ngalantarankeun urang boga hasrat nu salah jeung ngagogoréng nami Allah.