Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 28

Sing Yakin Sadérék Geus Nyekel Bebeneran

Sing Yakin Sadérék Geus Nyekel Bebeneran

”Kudu pangger kana kayaktian beunang diajar tea, sing kukuh percayana.”​—2 TIM. 3:14.

KAWIH 56 Cekel Pageuh Bebeneran

NU DIBAHAS *

1. Naon hartina ”bebeneran”?

”KUMAHA manéh bisa kenal kana bebeneran?” ”Na ti leuleutik manéh geus diajar bebeneran?” Urang sok ditanya kitu atawa sok nanya kitu ka batur. Tapi, ”bebeneran” téh naon? Biasana mah éta téh ngamaksudkeun naon nu dipercaya ku urang, cara ibadah urang, jeung cara hirup urang. Jalma nu aya dina bebeneran apal kana pangajaran Alkitab jeung hirup nuturkeun prinsip-prinsip Alkitab. Jadi sanajan hirup di dunya Sétan, maranéhna bisa bébas tina agama palsu jeung boga kahirupan nu panghadéna.​—Yoh. 8:32.

2. Ceuk Yohanes 13:34, 35, naon nu bisa jadi narik saurang jalma kana bebeneran?

2 Ku naon Sadérék resep kana bebeneran? Meureun lantaran Sadérék ningali umat Yéhuwa téh balalageur. (1 Pet. 2:12) Atawa, bisa jadi lantaran maranéhna silih pikanyaah. Loba nu ngarasakeun kanyaah éta waktu maranéhna mimiti datang ka pasamoan. Malah, bisa waé kanyaah éta nu leuwih diinget ku maranéhna, lainna acara pasamoanna. Urang teu kudu héran, lantaran ceuk Yésus gé silih pikanyaah téh ciri murid-muridna. (Baca Yohanes 13:34, 35.) Tapi mun hayang boga iman nu kuat, silih pikanyaah wungkul teu cukup.

3. Mun iman urang ngan dumasar kana kanyaah di antara umat Allah, urang bakal kumaha?

3 Iman urang teu meunang ngan dumasar kana kanyaah di antara umat Allah. Ku naon? Lantaran mun kitu, urang babari pecat iman. Misalna, urang bisa eureun ngawula Yéhuwa mun aya nu nyieun dosa gedé, komo mun manéhna téh panaratas atawa kokolot. Urang gé bisa waé teu ngawula Yéhuwa deui mun aya nu nganyenyeri urang, atawa mun aya nu jadi murtad jeung nyebutkeun naon nu dipercaya ku urang téh salah. Jadi, kumaha supaya iman urang kuat? Urang kudu nyobat jeung Yéhuwa. Mun iman urang ngan gumantung kana tingkah laku batur, lainna kana sosobatan jeung Yéhuwa, iman urang moal kuat. Keur ngawangun iman nu kuat, teu cukup ngan ku kanyaah wungkul, tapi urang gé kudu bener-bener diajar Alkitab jeung ngarti kana pangajaranna. Urang kudu ngabuktikeun sorangan Alkitab téh eusina bebeneran ngeunaan Yéhuwa.​—Rum 12:2.

4. Ceuk Mateus 13:2-6, 20, 21, jalma-jalma bisa kumaha pas imanna diuji?

4 Yésus ngomong bakal aya nu narima bebeneran ”reujeung suka”, tapi imanna moal kuat pas diuji. (Baca Mateus 13:2-6, 20, 21.) Meureun maranéhna teu ngarti, mun jadi murid Yésus téh pasti aya waé tangtangan jeung kasusah. (Mat. 16:24, Terjemahan Dunia Baru [NW]) Atawa, bisa ogé maranéhna mikir mun jadi urang Kristen, Allah pasti nyingkirkeun kabéh masalah. Tapi pan urang téh hirup di dunya nu teu sampurna, jadi masalah mah pasti aya waé. Kaayaan bisa barobah, jadi urang gé bisa ngarasa teu bungah.​—Jab. 6:7; Pan. 9:11.

5. Naon buktina kalolobaan dulur saiman nyekel pageuh bebeneran?

5 Kalolobaan dulur saiman geus kabukti nyekel pageuh bebeneran. Naon buktina? Maranéhna tetep satia sanajan aya dulur saiman nu nganyenyeri atawa nu kalakuanna teu sajalan jeung prinsip Alkitab. (Jab. 119:165) Unggal diuji, iman maranéhna beuki kuat, lainna beuki lemah. (Yak. 1:2-4) Urang kudu kumaha supaya boga iman sakuat kitu?

MEUNANGKEUN PAMAHAMAN NU AKURAT NGEUNAAN ALLAH

6. Ku naon murid-murid dina abad kahiji boga iman nu kuat?

6 Murid-murid dina abad kahiji boga iman nu kuat sabab paham kana Kitab Suci jeung kana pangajaran ngeunaan Yésus Kristus, nu mangrupa ”kayaktian Injil”. (Gal. 2:5, Sunda Formal) Kayaktian, atawa bebeneran, ieu téh nyaéta sakabéh pangajaran Kristen, kaasup pangajaran ngeunaan korban tebusan Yésus jeung dihirupkeunana deui anjeunna. Paulus yakin pangajaran-pangajaran ieu téh bebeneran. Ti mana urang nyaho? Sabab manéhna ngagunakeun ayat-ayat pikeun ngabuktikeun yén ”Kristus Jurusalamet teh geus mistina nandang panganiayaan, kitu deui geus mistina kudu tanghi ti nu maraot”. (Ras. 17:2, 3) Harita, murid-murid percaya kana pangajaran éta jeung ngandelkeun bantuan roh suci supaya bisa ngarti kana Firman Allah. Maranéhna ngabuktikeun sorangan yén pangajaran-pangajaran éta téh asalna tina Kitab Suci. (Ras. 17:11, 12; Ibr. 5:14) Iman maranéhna teu ngan dumasar kana parasaan. Maranéhna ngawula Yéhuwa lain lantaran resep babarengan jeung dulur saiman wungkul, tapi lantaran boga pamahaman nu akurat ngeunaan Allah.​—Kol. 1:9, 10, NW.

7. Mun boga iman nu dumasar kana bebeneran Alkitab, urang bakal kumaha?

7 Bebeneran dina Alkitab moal barobah. (Jab. 119:160) Éta moal barobah najan dulur saiman nganyenyeri urang atawa nyieun dosa gedé. Éta gé moal barobah waktu urang ngalaman kasusah. Jadi, urang kudu bener-bener apal kana pangajaran Alkitab sarta yakin éta téh bebeneran. Mun boga iman nu kuat nu dumasar kana bebeneran Alkitab, urang bisa satia ka Yéhuwa sanajan loba cocoba. Éta téh ibarat jangkar nu ngajaga kapal pas aya angin ribut. Kumaha supaya urang bisa beuki yakin yén nu dipercaya ku urang téh bebeneran?

”SING KUKUH PERCAYANA”

8. Jiga nu disebutkeun dina 2 Timoteus 3:14, 15, ku naon Timoteus yakin yén manéhna téh nyekel bebeneran?

8 Timoteus yakin manéhna téh geus nyekel bebeneran. Ku naon manéhna bisa sayakin kitu? (Baca 2 Timoteus 3:14, 15.) Indungna jeung ninina téh nu mimiti ngajarkeun Kitab Suci ka manéhna. Tapi, Timoteus gé pasti ngagunakeun loba waktu jeung tanaga keur mariksa sorangan eusi Kitab Suci. Ku kituna, manéhna jadi ”kukuh percayana” sarta yakin éta téh bebeneran. Ka dieunakeun, Timoteus, indungna, jeung ninina diajar ngeunaan pangajaran urang Kristen. Pasti Timoteus resep ningali murid-murid Yésus silih pikanyaah. Manéhna gé jadi hayang akrab jeung hayang mantuan dulur-dulur saimanna. (Pil. 2:19, 20) Najan kitu, nu nyieun imanna kuat téh lain kanyaahna ka dulur-dulur saiman, tapi lantaran bebeneran Kitab Suci. Éta nu nyieun manéhna hayang nyobat jeung Yéhuwa. Sadérék gé kudu mariksa sorangan eusi Alkitab ngarah yakin éta téh bebeneran.

9. Tilu bebeneran dasar naon nu kudu dibuktikeun sorangan ku Sadérék?

9 Mimitina, Sadérék kudu ngabuktikeun sorangan tilu bebeneran dasar. Kahiji, Allah Yéhuwa téh nu nyiptakeun sagalana. (Bud. 3:14, 15, NW; Ibr. 3:4; Wahyu 4:11) Kadua, Alkitab téh wahyu ti Allah keur manusa. (2 Tim. 3:16, 17) Jeung katilu, aya kelompok nu dibingbing ku Yéhuwa keur ibadah ka Mantenna. Kelompok ieu dipingpin ku Kristus. Kelompok ieu téh nyaéta Saksi-Saksi Yéhuwa. (Yes. 43:10-12; Yoh. 14:6; Ras. 15:14) Sadérék teu kudu apal sakabéh eusi Alkitab keur ngabuktikeun sorangan tilu pangajaran dasar éta. Nu penting mah Sadérék ngagunakeun ”akal pikiran” supaya bisa beuki yakin yén Sadérék geus nyekel bebeneran.​—Rum 12:1, NW.

KUDU SIAP NGAYAKINKEUN BATUR KANA BEBENERAN

10. Sanggeus yakin kana bebeneran, urang kudu ngalakukeun naon?

10 Sanggeus Sadérék yakin kana tilu bebeneran dasar ngeunaan Allah, Alkitab, jeung umat Allah, Sadérék kudu bisa ngagunakeun Firman Allah pikeun ngabuktikeun bebeneran ieu ka batur. Ku naon? Lantaran urang Kristen boga tanggung jawab pikeun ngajarkeun bebeneran ka batur. * (1 Tim. 4:16) Waktu urang ngayakinkeun batur ngeunaan bebeneran Alkitab, sabenerna urang gé keur nguatkeun iman sorangan.

11. Kumaha urang bisa nyonto carana Paulus ngajar jalma-jalma?

11 Waktu ngajar batur, Rasul Paulus ”ngayakinkeun ka maranehna hal Yesus, nyutat tina Kitab Musa jeung kasauran para nabi”. (Ras. 28:23) Kumaha urang bisa nyonto Paulus? Teu cukup ngan méré nyaho naon nu diajarkeun ku Alkitab. Urang gé kudu mantuan palajar Alkitab bener-bener mikirkeun naon nu diajarkeun sarta nyobat jeung Yéhuwa. Urang hayang maranéhna narima bebeneran lain lantaran resep ka urang, tapi lantaran geus ngabuktikeun sorangan yén nu diajarkeun téh mémang bebeneran ngeunaan Allah nu nyaah ka urang.

Indung Bapa, bantu barudak nguatkeun imanna ku cara ngajarkeun pangajaran nu jero ngeunaan Allah (Tingali paragrap 12-13) *

12-13. Kumaha kolot bisa ngabantu budakna supaya tetep aya dina bebeneran?

12 Indung Bapa, tangtu Sadérék hayang barudak terus aya dina bebeneran. Meureun Sadérék mikir, lamun barudak boga sobat di sidang, maranéhna bisa boga iman nu kuat. Tapi mun Sadérék hayang barudak yakin kana bebeneran, teu cukup mun manéhna saukur boga sobat di sidang. Maranéhna gé kudu nyobat jeung Allah sarta yakin yén nu diajarkeun Alkitab téh bener.

13 Waktu ngajarkeun bebeneran ngeunaan Allah ka barudak, kolot kudu méré tuladan. Kolot kudu jadi palajar Alkitab nu hadé. Kolot kudu nyadiakeun waktu keur ngalenyepan bebeneran Alkitab. Mun geus kitu, kakara kolot bisa laluasa ngajar barudakna pikeun ngalakukeun nu sarua. Kolot gé kudu ngajarkeun barudak pikeun ngagunakeun pakakas keur diajar Alkitab, misalna Perpustakaan Online Menara Pengawal jeung aplikasi JW Library, sakumaha maranéhna ngajarkeun palajar Alkitabna sorangan. Ku kituna, barudak bakal beuki nyaah ka Yéhuwa jeung percaya yén Mantenna ngagunakeun gandék nu satia jeung bijaksana keur ngabantu umat-Na paham kana Alkitab. (Mat. 24:45-47) Indung Bapa, ulah ngarasa puas mun geus ngajarkeun bebeneran dasar Alkitab ka barudak. Bantu barudak nguatkeun imanna ku cara ngajarkeun pangajaran nu jero ngeunaan Allah, luyu jeung umur atawa kamampuh éta budak.​—1 Kor. 2:10.

DIAJAR RAMALAN ALKITAB

14. Ku naon urang kudu diajar ramalan Alkitab? (Tingali kotak ”Na Sadérék Bisa Ngajelaskeun Ramalan-Ramalan Ieu?”)

14 Ramalan Alkitab téh bagian penting tina Firman Allah nu bisa nguatkeun iman urang ka Yéhuwa. Ramalan naon nu nguatkeun iman Sadérék? Bisa jadi ramalan ngeunaan ”ahir jaman”. (2 Tim. 3:1-5; Mat. 24:3, 7) Tapi, aya deui teu ramalan séjén nu bisa nguatkeun iman Sadérék? Misalna, na Sadérék bisa ngajelaskeun ramalan dina Daniel pasal 2 atawa pasal 11, nu baheula geus ngawujud jeung ayeuna masih kénéh ngawujud? * Lamun Sadérék boga iman nu kuat nu dasarna tina Alkitab, iman Sadérék moal gampang pegat. Pikirkeun conto ti sadérék-sadérék urang nu dikaniaya di Jerman basa Perang Dunya II. Harita, maranéhna can pati paham kana bebeneran Alkitab ngeunaan ahir jaman, sanajan kitu maranéhna boga iman nu kuat kana Firman Allah.

Lamun urang diajar Alkitab, kaasup ramalan-ramalanna, iman urang moal babari pegat. Urang ogé bakal tetep pengkuh sanajan dikaniaya (Tingali paragrap 15-17) *

15-17. Kumaha palajaran Alkitab ngabantu sadérék-sadérék tetep kuat sanajan dikaniaya ku Nazi?

15 Basa Nazi Jerman ngawasa, rébuan dulur saiman ditahan di kamp-kamp konséntrasi. Harita, Saksi-Saksi Yéhuwa dipikangéwa pisan ku Hitler jeung pajabatna, Heinrich Himmler. Saurang sadérék istri nyarita, Himmler pernah ngomong kieu ka sadérék-sadérék istri di hiji kamp konséntrasi, ”Yéhuwa, Allah maranéh, meureun maréntah di sawarga, tapi nu maréntah di dunya mah aing! Tingali wé saha nu leuwih kuat, manéh atawa aing!” Naon nu ngabantu umat Yéhuwa tetep satia?

16 Siswa-Siswa Alkitab apal, Karajaan Allah geus maréntah dina taun 1914. Jadi, maranéhna teu héran waktu meunang loba tangtangan ti dunya Sétan. Tapi umat Yéhuwa yakin, moal aya pamaréntahan manusa nu bisa ngahalangan Allah ngawujudkeun tujuan-Na. Hitler teu bisa ngamusnakeun ibadah nu sajati atawa nyieun pamaréntahan nu bisa nandingan Karajaan Allah. Sadérék-sadérék urang yakin, rék kumaha waé gé pamaréntahan Hitler bakal ancur.

17 Bener wé, éta jadi kanyataan. Teu kudu ngadagoan lila, pamaréntahan Nazi ahirna runtuh. Heinrich Himmler nu tadi ngomong ”nu maréntah di dunya mah aing”, ayeuna kalah ka kabur rék nyalametkeun diri. Pas kabur, manéhna panggih jeung Sadérék Lübke, saurang Saksi nu pernah ditahan. Bari aral pisan, Himmler nanya, ”Siswa Alkitab, ayeuna bakal kumaha atuh?” Sadérék Lübke ngajelaskeun yén Saksi-Saksi Yéhuwa mah geus apal pamaréntahan Nazi bakal runtuh, jeung Saksi-Saksi bakal disalametkeun. Himmler nu tadina sering ngagogoréng Saksi-Saksi Yéhuwa, ayeuna mah teu bisa ngomong sakecap-kecap acan. Teu lila sanggeusna, Himmler bunuh diri. Naon palajaranna? Lamun urang diajar Alkitab, kaasup ramalan-ramalanna, iman urang moal babari pegat. Urang gé bakal tetep pengkuh sanajan dikaniaya.​—2 Pet. 1:19-21.

18. Jiga nu ditunjukkeun Yohanes 6:67, 68, ku naon urang kudu boga ”kaweruh anu sayakti” jeung kudu beuki bijaksana?

18 Mémang, urang masing-masing kudu nunjukkeun kanyaah, sabab éta téh ciri urang Kristen sajati. Tapi, urang ogé kudu boga ”kaweruh anu sayakti” jeung kudu beuki bijaksana. (Pil. 1:9) Sanajan kitu, urang bisa waé kabawa ku ”ombak jeung angin gogoda, ku jelema-jelema anu nipu merdaya ngajar teu bener”, kaasup jalma-jalma murtad. (Epe. 4:14) Waktu loba murid dina abad kahiji M ninggalkeun Yésus, Rasul Pétrus nunjukkeun manéhna yakin yén kekecapan Yésus téh ”pangandika nu maparin hirup langgeng”. (Baca Yohanes 6:67, 68.) Mémang, harita Pétrus can ngarti kana kabéh kekecapan Yésus, tapi manéhna tetep satia lantaran yakin Yésus téh Kristus. Sadérék ogé kudu nguatkeun kayakinan kana pangajaran Alkitab. Ku kituna, teu sual naon masalahna, iman Sadérék bakal tetep kuat. Sadérék ogé bisa mantuan batur pikeun boga iman nu kuat.​—2 Yoh. 1, 2.

KAWIH 72 Ngawawarkeun Bebeneran

^ par. 5 Artikel ieu bakal mantuan urang paham yén bebeneran Alkitab téh penting pisan. Urang gé bakal ngabahas carana supaya beuki yakin yén nu dipercaya ku urang téh bebeneran.

^ par. 10 Tingali carana ngayakinkeun batur kana bebeneran dasar Alkitab dina séri artikel ”Sebuah Percakapan” dina Menara Pengawal taun 2010 nepi ka 2015. Di ditu aya loba topik, misalna ”Apakah Yesus Itu Allah?”, ”Kapan Kerajaan Allah Mulai Memerintah?”, jeung ”Apakah Allah Menghukum Orang dalam Api Neraka?”

^ par. 14 Ramalan-ramalan ieu dibahas dina Menara Pengawal Juni 2012 jeung Warta Hadé Méi 2020.

^ par. 60 KATERANGAN GAMBAR: Dina ibadah kulawarga, kolot jeung barudakna ngabahas ramalan ngeunaan mangsa cilaka.

^ par. 62 KATERANGAN GAMBAR: Dina mangsa cilaka, kulawarga éta moal reuwas ningali naon nu kajadian.