Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 29

”Justru Pas Keur Lemah, Urang téh Pinuh Kawasa”

”Justru Pas Keur Lemah, Urang téh Pinuh Kawasa”

”Demi Kristus, urang mah senang najan lemah, dihina, kakurangan, dikaniaya, atawa boga kasusah.”​—2 KOR. 12:10, Terjemahan Dunia Baru [NW].

KAWIH 38 Mantenna Bakal Nguatkeun Anjeun

NU DIBAHAS *

1. Paulus sadar kana hal naon waé?

RASUL Paulus terus terang yén manéhna sok ngarasa lemah. Manéhna ngakukeun ’ragana beuki lila beuki ruksak’. Manéhna gé kudu bajoang ngalakukeun nu bener. Sarta sakapeung, Yéhuwa ngajawab doa Paulus béda jeung kahayang manéhna. (2 Kor. 4:16; 12:7-9; Rum 7:21-23) Paulus gé apal musuh-musuh nganggap manéhna téh lemah. * Tapi sanajan boga kakurangan jeung dianggap lemah ku batur, Paulus teu ngarasa dirina euweuh hargaan.​—2 Kor. 10:10, NW; 2 Kor. 10:11,12, 17, 18.

2. Ceuk 2 Korinta 12:9, 10, Paulus meunang palajaran penting naon?

2 Paulus meunang palajaran penting, nyaéta saurang jalma bisa kuat sanajan ngarasa lemah. (Baca 2 Korinta 12:9, 10 tina catetan handap.) * Yéhuwa méré nyaho Paulus, kawasa-Na ”jadi jelas pisan” mun manéhna ”keur lemah”. Éta hartina Yéhuwa bakal méré kakuatan nu Paulus butuhkeun. Mimitina, hayu tingali ku naon urang sakuduna teu keuheul waktu dihina ku musuh.

”SENANG NAJAN . . . DIHINA”

3. Ku naon urang bisa senang sanajan dihina?

3 Euweuh nu resep dihina. Tapi mun musuh ngahina jeung urangna mikirkeun teuing omongan maranéhna, urang bisa leutik haté. (Sil. 24:10) Jadi, urang kudu kumaha? Jiga Paulus, urang bisa ”senang najan . . . dihina”. (2 Kor. 12:10, NW) Ku naon? Lantaran mun dihina jeung meunang tangtangan, éta tandana urang téh murid Yésus nu sajati. (1 Pet. 4:14) Ceuk Yésus, murid-muridna bakal dikaniaya. (Yoh. 15:18-20) Éta kabukti dina abad kahiji. Harita, jalma-jalma nu kapangaruhan ku adat kabiasaan Yunani nganggap urang Kristen téh jalma bodo jeung lemah. Ku urang Yahudi gé, urang Kristen téh dianggap jalma ”basajan bae, lain anu palinter”, contona Pétrus jeung Yohanes. (Ras. 4:13) Urang Kristen dianggap lemah sabab teu boga pangaruh nanaon dina hal pulitik jeung militer. Jadi, maranéhna teu dianggap di masarakat.

4. Kumaha sikep urang Kristen dina abad kahiji waktu disapirakeun?

4 Urang Kristen dina abad kahiji disapirakeun ku para musuh. Na maranéhna jadi eureun ngawula Yéhuwa? Henteu. Misalna, perhatikeun Pétrus jeung Yohanes. Maranéhna nganggap dikaniaya lantaran jadi murid Yésus jeung nyebarkeun pangajaranna téh mangrupa kahormatan. (Ras. 4:18-21; 5:27-29, 40-42) Murid-murid mémang teu kudu éra. Dibandingkeun jeung naon nu dilakukeun ku para musuh mah, nu dilakukeun ku maranéhna téh jauh leuwih mangpaat keur umat manusa. Misalna, sababaraha urang Kristen éta nulis buku-buku Alkitab nu nepi ka ayeuna masih méré mangpaat jeung harepan keur jutaan jalma. Karajaan nu diuarkeun ku maranéhna, ayeuna geus ngadeg, malah sakeudeung deui bakal maréntah sakuliah bumi. (Mat. 24:14) Terus, maranéhna gé geus jadi raja di sawarga. Kumaha jeung pamaréntah nu nganiaya maranéhna? Geus musna, euweuh sésana. Musuh-musuh geus paraéh kabéh. Saupama dihirupkeun deui gé, daék teu daék maranéhna kudu jadi rahayat tina Karajaan nu baheula diuarkeun ku jalma-jalma nu dipikangéwa ku maranéhna.​—Wahyu 5:10.

5. Ceuk Yohanes 15:19, ku naon umat Yéhuwa dipikageuleuh?

5 Kiwari, umat Yéhuwa gé sok diléléwé sarta dianggap bodo jeung lemah. Ku naon? Lantaran sikep urang béda jeung jalma-jalma di sakuriling urang. Jalma-jalma di dunya mah hayang kapuji, sombong, jeung resep barontak. Ari urang mah ngupayakeun pikeun rendah haté, lembut, jeung taat. Salian ti éta, urang gé teu pipilueun dina urusan pulitik atawa kagiatan militér. Lantaran béda, urang jadi osok dipikageuleuh.​—Baca Yohanes 15:19; Rum 12:2.

6. Yéhuwa mantuan urang ngalakukeun hal luar biasa naon?

6 Sanajan dunya nganggap urang lemah, Yéhuwa ngagunakeun urang pikeun ngalakukeun hal nu luar biasa. Mantenna mantuan urang pikeun ngalakukeun kagiatan pangwawaran nu panggedéna sapanjang sajarah. Umat Yéhuwa kiwari medalkeun bacaan nu panglobana ditarjamahkeun jeung disebarkeun ka sakuliah dunya. Maranéhna ngagunakeun Alkitab pikeun mantuan jutaan jalma boga kahirupan nu leuwih hadé. Yéhuwa layak dipuji lantaran Mantenna méré kakuatan ka jalma-jalma nu dianggap lemah pikeun ngagawékeun hal-hal nu luar biasa. Tapi, kumaha jeung urang masing-masing? Na Yéhuwa ogé bisa mantuan urang? Mun bisa, urang kudu kumaha? Hayu tingali tilu hal alus tina tuladan Paulus.

TONG NGANDELKEUN KAKUATAN SORANGAN

7. Naon salah sahiji hal alus tina tuladan Paulus?

7 Salah sahiji hal alus tina tuladan Paulus nyaéta: Tong ngandelkeun kakuatan jeung kamampuh sorangan dina ngajalankeun tugas ti Yéhuwa. Tina pandangan manusa mah, wajar mun Paulus hayang ngagulkeun jeung ngandelkeun diri sorangan. Ku naon? Manéhna digedékeun di Tarsus, ibukotana salah sahiji propinsi di Rum. Éta téh kota nu makmur. Di ditu gé aya universitas nu alus. Paulus sakolana luhur. Manéhna diajar ku Gamaliél, salah sahiji pamingpin agama Yahudi nu paling dihormat. (Ras. 5:34; 22:3) Baheula, Paulus gé jadi jalma penting di antara urang Yahudi. Ceuk manéhna, ”Waktu nyekel keneh agama Yahudi, di antara urang Yahudi anu sapantar mah sim kuring teh pangnyongcolangna.” (Gal. 1:13, 14; Ras. 26:4) Tapi, Paulus teu ngandelkeun dirina sorangan.

Mun dibandingkeun jeung kahormatan pikeun jadi murid Kristus mah, kabéh hal nu dipandang hébat ku dunya téh dianggap ”runtah” ku Paulus (Tingali paragrap 8) *

8. Ceuk Pilipi 3:8, kumaha pandangan Paulus kana hal-hal nu ditinggalkeun ku manéhna? Ku naon manéhna kalah ka ”senang najan lemah”?

8 Kabéh hal nu dipandang hébat ku dunya téh ditinggalkeun ku Paulus. Malah, éta kabéh dianggap ”runtah” ku manéhna. (Baca Pilipi 3:8.) Pikeun jadi murid Kristus téh Paulus kudu nyieun pangorbanan. Manéhna dipikageuleuh ku bangsana sorangan. (Ras. 23:12-14) Manéhna gé digebugan jeung dipanjarakeun ku sasama urang Rum. (Ras. 16:19-24, 37) Paulus sadar, manéhna téh teu sampurna jeung hésé pisan pikeun ngalakukeun nu bener. (Rum 7:21-25) Tapi, sanajan loba nu ngamusuhan jeung manéhna sorangan gé ngarasa boga salah, Paulus teu nyerah. Justru manéhna ”senang najan lemah”. Ku naon bisa kitu? Sabab pas keur lemah, manéhna bisa ngarasakeun bantuan Allah.​—2 Kor. 4:7; 2 Kor. 12:10, NW.

9. Sadérék kudu kumaha mun ngarasa teu boga nanaon?

9 Kumaha supaya urang dibéré kakuatan ku Yéhuwa? Tong mikir urang kudu kuat sacara fisik, sakola luhur, beunghar, atawa boga kasang tukang nu alus. Lain éta nu ditingali ku Yéhuwa. Malah, ”anu ceuk manusa pinter, atawa kawasa, atawa luhur harkat teh ngan saeutik bae” nu jadi umat Allah. Sabalikna, Yéhuwa milih ”anu ku dunya dianggap bodo”. (1 Kor. 1:26, 27) Jadi mun Sadérék ngarasa teu boga nanaon, ulah nganggap éta téh halangan pikeun ngawula Yéhuwa. Justru, anggap éta téh kasempetan pikeun ningali kumaha Yéhuwa mantuan Sadérék. Misalna, mun aya nu hayang nyieun Sadérék cangcaya kana kapercayaan Sadérék, pék ngadoa ménta kawani supaya bisa ngabéla iman Sadérék. (Epe. 6:19, 20) Mun keur gering parah, pék pénta kakuatan ka Yéhuwa supaya Sadérék bisa terus ngawula Mantenna. Unggal ngarasakeun bantuan Yéhuwa, iman Sadérék bakal beuki pengkuh, Sadérék gé bakal ngarasa jadi kuat.

DIAJAR TINA TULADAN NU AYA DINA ALKITAB

10. Ku naon urang kudu diajar tina tuladan jalma-jalma nu satia nu dicatet dina Kitab Suci, misalna di Ibrani 11:32-34?

10 Paulus téh getol diajar Kitab Suci. Manéhna diajar loba hal, kaasup tuladan ti jalma-jalma nu kisahna dicatet dina Firman Allah. Basa nulis surat ka urang Kristen Ibrani, Paulus ménta maranéhna mikirkeun loba tuladan umat Yéhuwa nu satia. (Baca Ibrani 11:32-34.) Salah sahijina téh Raja Daud. Manéhna téh meunang tangtangan, teu ngan ti musuhna wungkul, tapi ogé ti jalma-jalma nu baheulana téh babaturan manéhna. Waktu mikirkeun tuladan Daud, Paulus ngarasa dikuatkeun. Urang gé bisa jiga kitu. Jadi, hayu urang bahas pangalaman Daud.

Sanajan ngora kénéh jeung dianggap lemah, Daud teu sieun ngalawan Goliat. Manéhna ngandelkeun Yéhuwa sabab apal Yéhuwa bakal méré kakuatan jang ngéléhkeun Goliat (Tingali paragrap 11)

11. Ku naon Daud dianggap lemah? (Tingali gambar dina sampul hareup.)

11 Goliat téh prajurit nu gagah jeung kuat pisan. Basa ningali Daud, Goliat nyapirakeun Daud. Manéhna nganggap Daud lemah. Nya wajar wé, da Goliat téh awakna badag, senjatana lengkep, sarta mémang geus dilatih pikeun perang. Ari Daud mah ngan budak ngora nu katingalina teu bisa nanaon, senjatana gé ngan saayana. Tapi Daud ngabuktikeun, nu dianggap lemah téh bisa jadi kuat. Manéhna ngandelkeun kawasa Yéhuwa. Ahirna, manéhna bisa ngéléhkeun Goliat.​—1 Sam. 17:41-45, 50.

12. Daud boga masalah naon deui?

12 Daud gé boga masalah séjén nu bisa nyieun manéhna ngarasa lemah jeung teu bisa nanaon. Salila ieu Daud satia ka Saul, raja Israil nu dilantik ku Yéhuwa. Mimitina mah, Saul téh ngahargaan Daud. Tapi ka dieunakeun, Saul jadi sombong jeung sirik ka Daud. Saul jadi jahat ka Daud, malah pernah rék maéhan Daud.​—1 Sam. 18:6-9, 29; 19:9-11.

13. Kumaha sikep Daud pas Raja Saul jahat ka manéhna?

13 Sanajan Saul jahat, Daud tetep tunduk ka raja nu geus dilantik ku Yéhuwa ieu. (1 Sam. 24:6) Daud teu nyalahkeun Yéhuwa. Sabalikna, Daud ngandelkeun Yéhuwa sarta ménta dibéré kakuatan sangkan bisa teger nyanghareupan tangtangan nu beurat ieu.​—Jab. 18:1.

14. Kaayaan naon nu kaalaman ku Paulus nu méh sarua jeung Daud?

14 Kaayaan Paulus méh sarua jeung Daud. Musuh-musuh Paulus jauh leuwih kawasa ti batan manéhna. Para pajabat jeung pamingpin agama nu kasohor geuleuh ka manéhna. Manéhna gé sering digebugan jeung dipanjarakeun. Terus jiga nu kaalaman ku Daud, jalma-jalma nu sakuduna ngadukung Paulus téh kalah ka jahat ka manéhna. Malah, sababaraha dulur saiman gé ngamusuhan manéhna. (2 Kor. 12:11; Pil. 3:18, NW) Tapi, Paulus teu kaéléhkeun ku maranéhna. Naon buktina? Paulus terus ngawawar sanajan loba tangtangan. Manéhna gé tetep nyaah ka dulur-dulur saimanna sanajan geus dikuciwakeun. Pangpangna, manéhna tetep satia ka Allah nepi ka maot. (2 Tim. 4:8) Paulus bisa kitu téh lain ku lantaran kakuatanna sorangan, tapi lantaran ngandelkeun Yéhuwa.

Sing tetep hormat jeung bageur ka nu nyapirakeun kapercayaan Sadérék (Tingali paragrap 15 *

15. Naon tujuan urang? Kumaha carana?

15 Na Sadérék dihina atawa dikaniaya ku batur sakelas, batur gawé, atawa kulawarga nu lain Saksi? Aya teu dulur saiman nu pernah nganyenyeri Sadérék? Mun aya, pék pikirkeun conto Daud jeung Paulus. Mémang, urang moal jiga Daud nu ngalungkeun batu ka musuhna. Tapi, urang mah ’ngelehkeun sipat jahat ku sipat nu hade’. (Rum 12:21, Sunda Formal) Tujuan urang téh nyaéta mantuan batur diajar ngeunaan Yéhuwa jeung Alkitab. Kumaha carana? Gunakeun Alkitab pikeun ngajawab jalma nu cangcaya kana kapercayaan urang. Urang gé kudu tetep hormat jeung soméah ka nu nganyenyeri urang. Terus, urang kudu bageur ka kabéh jalma, kaasup ka musuh.​—Mat. 5:44; 1 Pet. 3:15-17.

TARIMA BANTUAN TI BATUR

16-17. Paulus teu pernah poho kana naon?

16 Saacan jadi murid Kristus, Paulus, nu baheula ngaranna Saulus, téh saurang budak ngora nu kejem jeung sok nyiksa urang Kristen. (Ras. 7:58; 1 Tim. 1:13) Yésus sorangan nu nyieun Paulus eureun nganiaya urang Kristen. Yésus ngomong ka Paulus ti sawarga sarta nyieun manéhna lolong. Supaya bisa ningali deui, daék teu daék Paulus kudu ménta bantuan ka jalma nu pernah disiksa ku manéhna. Paulus rendah haté jeung daék dibantuan ku saurang murid nu ngaranna Ananias.​—Ras. 9:3-9, 17, 18.

17 Ka dieunakeun, Paulus jadi urang Kristen nu boga réputasi alus. Tapi, manéhna teu pernah poho kana hal nu diajarkeun ku Yésus ka manéhna waktu di jalan rék ka Damsik. Paulus tetep rendah haté jeung daék narima bantuan ti dulur saiman. Ceuk Paulus, dulur saiman téh ”kacida nulungna”.​—Kol. 4:10, 11.

18. Ku naon urang bisa jadi embung narima bantuan batur?

18 Urang bisa diajar naon ti Paulus? Waktu kakara diajar bebeneran, bisa jadi urang daék narima bantuan batur lantaran sadar urang téh masih kudu diajar loba hal. (1 Kor. 3:1, 2) Ari ayeuna kumaha? Mun urang geus lila ngawula Yéhuwa jeung boga loba pangalaman, bisa jadi urang hésé narima bantuan batur. Komo deui, mun nu ngabantu téh nu anyaran jadi Saksi. Tapi urang kudu inget, Yéhuwa sering ngagunakeun dulur-dulur saiman keur nguatkeun urang. (Rum 1:11, 12) Jadi mun hayang dibéré kakuatan ku Yéhuwa, urang kudu daék narima bantuan dulur-dulur saiman.

19. Ku naon Paulus bisa ngalakukeun loba hal nu luar biasa?

19 Paulus ngalakukeun sababaraha hal nu luar biasa sanggeus manéhna jadi urang Kristen. Ku naon bisa kitu? Lantaran manéhna rendah haté jeung ngandelkeun Yéhuwa. Paulus ngarti, nu penting téh lain kuat sacara fisik, sakola luhur, beunghar, atawa boga kasang tukang nu alus. Mugia urang sadaya nyonto Paulus ku cara (1) ngandelkeun Yéhuwa, (2) diajar tina tuladan nu aya dina Alkitab, jeung (3) daék narima bantuan ti dulur saiman. Ku kituna teu sual sakumaha lemahna urang, Yéhuwa bakal nyieun urang kuat!

KAWIH 71 Urang Prajurit Yéhuwa

^ par. 5 Dina artikel ieu, urang bakal diajar tina tuladan Paulus. Urang bakal ningali lamun urang rendah haté, Yéhuwa bakal méré kakuatan supaya urang tabah waktu diléléwé jeung ngabantu urang waktu keur lemah.

^ par. 1 KATERANGAN TAMBAHAN: Urang bisa waé ngarasa lemah lantaran sababaraha hal, misalna lantaran teu sampurna, miskin, gering, atawa teu sakola luhur. Salian ti éta, musuh gé ngahina atawa nganiaya supaya urang ngarasa diri euweuh hargaan.

^ par. 2 2 Korinta 12:9, 10 (NW): ”Ceuk Mantenna, ’Kahadéan haté Kami nu luar biasa geus cukup jang manéh, sabab mun manéh keur lemah, kawasa Kami jadi jelas pisan.’ Ku sabab kitu urang mah lemah ogé agul, bungah pisan, da bakal bisa ngarasakeun kawasa Kristus nu nangtayungan jiga kémah. Demi Kristus, urang mah senang najan lemah, dihina, kakurangan, dikaniaya, atawa boga kasusah. Justru pas keur lemah, urang téh pinuh kawasa.”

^ par. 58 KATERANGAN GAMBAR: Paulus ninggalkeun kabéh hal nu aya hubunganna jeung kahirupanna sabagé urang Parisi, misalna gulungan-gulungan penting jeung kotak nu eusina ayat. Ayeuna, manéhna ngawawar ngeunaan Kristus.

^ par. 62 KATERANGAN GAMBAR: Saurang sadérék diolo ku batur gawéna pikeun ngarayakeun ulang taun babaturanna.