Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 32

Rendah Haté jeung Sadar Diri di Hareupeun Allah

Rendah Haté jeung Sadar Diri di Hareupeun Allah

”Hirup ngahiji jeung Allah urang kalawan handap asor.”​—MIKA 6:8.

KAWIH 31 Rumaket ka Allah

NU DIBAHAS *

1. Naon nu diomongkeun ku Daud ngeunaan Yéhuwa?

NA YÉHUWA téh mémang rendah haté? Enya. Sakali waktu, Daud ngomong, ”Gusti méré abdi taméng kasalametan, sarta ku karendahan haté Gusti, abdi jadi mulya.” (2 Sam. 22:36, Terjemahan Dunia Baru) Meureun, harita Daud keur mikirkeun waktu Nabi Samuél datang ka imahna pikeun ngalantik raja Israil saterusna. Bapana Daud boga dalapan anak lalaki. Daud téh nu bungsu, tapi manéhna nu dipilih ku Yéhuwa pikeun ngagantikeun Raja Saul.​—1 Sam. 16:1, 10-13.

2. Urang bakal ngabahas naon dina artikel ieu?

2 Daud pasti satuju kana kekecapan dina Jabur 113, ”Mantenna dongko ningali ka langit jeung bumi. Mantenna nyengkatkeun anu miskin . . . sina satata jeung para pangeran.” (Jab. 113:6-8) Dina artikel ieu, urang bakal ngabahas sababaraha palajaran penting ngeunaan karendahan haté Yéhuwa. Terus, urang bakal diajar ngeunaan sipat sadar diri tina conto Raja Saul, Nabi Daniél, jeung Yésus.

URANG BISA DIAJAR NAON TINA TULADAN YÉHUWA?

3. Kumaha carana Yéhuwa urusan jeung urang? Éta ngabuktikeun naon?

3 Kumaha cara Yéhuwa urusan jeung manusa nu teu sampurna? Mantenna teu ngan saukur narima ibadah urang, tapi ogé daék nyobat jeung urang. (Jab. 25:14) Éta bukti Mantenna rendah haté. Malah supaya urang bisa nyobat jeung Mantenna, Yéhuwa réla ngorbankeun Putra-Na pikeun nebus dosa urang. Yéhuwa bener-bener nyaah ka urang!

4. Yéhuwa méré naon ka urang, jeung ku naon?

4 Pikirkeun hal séjén nu nunjukkeun Yéhuwa téh rendah haté. Sabagé Nu Nyipta, bisa waé Yéhuwa teu méré urang kabébasan pikeun nangtukeun jalan hirup sorangan. Tapi, Mantenna mah teu kitu. Yéhuwa nyiptakeun urang nyeplés jeung Mantenna sarta méré urang kabébasan pikeun milih. Urang téh euweuh nanaonna, tapi keur Mantenna mah pilihan urang téh penting. Yéhuwa hayang urang milih pikeun ngawula Mantenna lantaran nyaah jeung ngarasakeun mangpaatna taat ka Mantenna. (Pam. 10:12; Yes. 48:17, 18) Urang tangtu nganuhunkeun pisan lantaran Yéhuwa rendah haté!

Yésus digambarkeun keur aya di sorga. Yésus disarengan ku nu maréntah bareng anjeunna. Aranjeunna ningalikeun malaikat nu kacida lobana. Sababaraha malaikat keur ka bumi pikeun ngajalankeun tugasna. Yéhuwa méré wewenang ka kabéh nu digambarkeun di dieu (Tingali paragrap 5)

5. Ku cara naon Yéhuwa ngajarkeun karendahan haté ka urang? (Tingali gambar dina sampul hareup.)

5 Tina cara-Na urusan jeung urang, Yéhuwa ngajarkeun karendahan haté. Yéhuwa téh Pribadi nu paling bijaksana sajagat raya, sanajan kitu Mantenna daék narima usul ti batur. Misalna, Yéhuwa ngidinan Putra-Na milu nyiptakeun sagala hal. (Sil. 8:27-30; Kol. 1:15, 16) Terus Yéhuwa téh Mahakawasa, tapi Mantenna daék méré wewenang ka nu séjén. Buktina, Yéhuwa ngalantik Yésus pikeun jadi Raja tina Karajaan-Na. Mantenna gé bakal méré wewenang ka 144.000 manusa nu engkéna bakal maréntah bareng jeung Yésus. (Luk. 12:32) Tangtu Yéhuwa geus ngalatih Yésus pikeun jadi Raja jeung Imam Agung. (Ibr. 5:8, 9) Yéhuwa gé ngalatih nu 144.000 supaya bisa ngajalankeun tugasna, tapi Mantenna moal méré aturan nu rinci ngeunaan cara maranéhna ngajalankeun tugas. Sabalikna, Yéhuwa percaya ka maranéhna.​—Wahyu 5:10.

Urang nyonto Yéhuwa mun daék ngalatih jeung ngabagi tanggung jawab ka batur (Tingali paragrap 6-7) *

6-7. Urang diajar naon ti Bapa urang di sawarga ngeunaan ngabagi tanggung jawab ka batur?

6 Mun Bapa urang di sawarga nu teu butuh bantuan ti sasaha gé daék méré wewenang ka batur, komo deui urang! Urang gé kuduna daék ngabagi tanggung jawab ka batur. Misalna, na Sadérék téh kapala kulawarga atawa kokolot di sidang? Pék conto tuladan Yéhuwa ku cara méré tugas ka batur, jeung ulah ngatur teuing cara manéhna digawé. Mun Sadérék nyonto Yéhuwa, naon hasilna? Pagawéan bakal bérés, Sadérék gé bisa ngalatih batur sarta mantuan manéhna leuwih percaya diri. (Yes. 41:10) Naon deui nu bisa diconto ti Yéhuwa ku jalma-jalma nu boga wewenang?

7 Alkitab nunjukkeun yén Yéhuwa daék ngadéngékeun usul ti putra-putra rohani-Na, para malaikat. (1 Rja. 22:19-22) Kumaha kolot bisa nyonto tuladan Yéhuwa? Mun kaayaanana cocog, Sadérék bisa ménta usul ka budak ngeunaan carana ngaréngsékeun hiji pagawéan. Terus mun usulna alus, pék tuturkeun.

8. Kumaha Yéhuwa sabar ka Ibrahim jeung Sarai?

8 Yéhuwa gé nunjukkeun karendahan haté ku cara sabar. Misalna, Yéhuwa sabar waktu aya nu nanyakeun putusan-Na ku cara nu sopan. Yéhuwa ngadéngékeun Ibrahim nu hariwang waktu Mantenna mutuskeun rék ngancurkeun Sadumu jeung Gomora. (Kaj. 18:22-33) Terus, perhatikeun kumaha sikep Yéhuwa ka Sarai, pamajikan Ibrahim. Yéhuwa jangji Sarai bakal ngandung najan geus kolot. Sarai nyeungseurikeun jangji éta. Tapi, Yéhuwa teu kasinggung atawa ambek. (Kaj. 18:10-14) Sabalikna, Yéhuwa tetep ngahargaan Sarai.

9. Kumaha indung bapa jeung para kokolot bisa nyonto tuladan Yéhuwa?

9 Kumaha indung bapa jeung para kokolot bisa nyonto tuladan Yéhuwa? Misalna, mun budak atawa anggota sidang teu satuju kana putusan Sadérék, Sadérék bakal kumaha? Na bakal langsung ngabéla diri? Atawa daék mikirkeun heula ku naon manéhna teu satuju? Mun Sadérék nyonto tuladan Yéhuwa, kulawarga jeung sidang tangtu bakal meunang mangpaat. Nah nepi ka dieu, urang geus ngabahas tuladan karendahan haté ti Yéhuwa. Ayeuna, hayu urang bahas conto séjénna dina Alkitab nu ngabantu urang pikeun sadar diri.

URANG BISA DIAJAR NAON TINA CONTO-CONTO SÉJÉNNA?

10. Naon nu diajarkeun ku Yéhuwa liwat conto-conto dina Alkitab?

10 Yéhuwa ngajar urang liwat conto-conto nu aya dina Firman-Na. (Yes. 30:20, 21) Dina Alkitab, urang bisa diajar ngeunaan jalma-jalma nu boga sipat nu nyenangkeun Allah, kaasup sipat sadar diri. Urang gé bakal ningali naon nu kaalaman ku jalma nu teu sadar diri.​—Jab. 37:37; 1 Kor. 10:11.

11. Urang bisa diajar naon tina conto goréng ti Saul?

11 Tingali naon nu kaalaman ku Raja Saul. Basa keur ngora mah, manéhna téh rendah haté jeung sadar kana kakuranganana. Malah waktu rék dibéré tanggung jawab nu leuwih gedé gé, manéhna asa-asa. (1 Sam. 9:21; 10:20-22) Tapi teu lila sanggeus jadi raja, Saul jadi sombong jeung lancang. Hiji waktu, manéhna teu sabar ngadagoan Nabi Samuél. Lainna percaya Yéhuwa bakal nyieun tindakan demi umat-Na, Saul kalah ka méré kurban beuleuman, padahal éta lain hakna. Balukarna, Yéhuwa jadi teu resep ka Saul jeung nolak Saul jadi raja. (1 Sam. 13:8-14) Conto ieu méré palajaran alus keur urang, nyaéta urang teu meunang lancang.

12. Kumaha Daniél méré tuladan nu alus?

12 Béda ti Saul, Nabi Daniél mah méré tuladan nu alus. Salila hirupna, Daniél rendah haté jeung ngandelkeun bingbingan ti Yéhuwa. Misalna, waktu manéhna dipaké ku Yéhuwa keur napsirkeun impian Nébukadnésar, manéhna ngakukeun éta téh lain ku kamampuhna sorangan. Sabalikna, manéhna méré kabéh kamulyaan jeung pujian ka Yéhuwa. (Dan. 2:26-28) Naon palajaranna keur urang? Lamun urang boga pangalaman alus dina dines atawa dipuji lantaran hutbah urang alus, urang sakuduna méré sagala pujian ka Yéhuwa. Urang kudu sadar diri. Mun teu dibantuan ku Yéhuwa mah, urang moal bisa nanaon. (Pil. 4:13) Mun urang sadar diri, urang gé nyonto tuladan Yésus. Naon maksudna?

13. Urang diajar naon tina kekecapan Yésus dina Yohanes 5:19, 30?

13 Sanajan Yésus téh Putra Allah nu sampurna, anjeunna ngandelkeun Yéhuwa. (Baca Yohanes 5:19, 30.) Yésus teu pernah mikir rék ngarebut wewenang Bapana. Pilipi 2:6 méré nyaho urang yén Yésus ”taya manah nyasamikeun anjeun jeung Allah”. Yésus taat, sadar diri, jeung ngahargaan wewenang Bapana.

Yésus sadar diri, nyaho mana nu lain wewenangna (Tingali paragrap 14)

14. Kumaha réaksi Yésus waktu dipénta ngalakukeun hal nu lain wewenangna?

14 Sakali waktu, Yakobus, Yohanes, jeung indung maranéhna nyampeurkeun Yésus sarta ménta kadudukan nu istiméwa ka anjeunna, padahal éta lain wewenang anjeunna. Kumaha réaksi Yésus? Anjeunna langsung nyebutkeun ngan Bapana nu di sawarga nu bisa nangtukeun saha nu bisa diuk di katuhueun jeung di kéncaeun anjeunna dina Karajaan. (Mat. 20:20-23) Yésus sadar diri, nyaho éta téh lain wewenangna. Yésus ogé teu pernah lancang. (Yoh. 12:49) Kumaha urang bisa nyonto tuladan Yésus?

Kumaha urang bisa nyonto Yésus nu sadar diri? (Tingali paragrap 15-16) *

15-16. Kumaha urang bisa ngalarapkeun naséhat dina 1 Korinta 4:6?

15 Urang bisa nyonto Yésus ku cara ngalarapkeun naséhat dina 1 Korinta 4:6 (Sunda Formal). Di ditu urang dibéré naséhat, ”Ulah liwat ti nu geus kaserat.” Jadi waktu batur ménta naséhat, urang embung maksa manéhna nuturkeun pamikiran urang. Urang gé embung ngomong bari teu dipikir heula. Sabalikna, urang kudu méré naséhat nu dumasar kana Alkitab jeung publikasi ti organisasi. Mun ngalakukeun hal éta, hartina urang sadar yén urang téh teu nyaho sagala hal. Urang gé sadar diri sabab ngarti naséhat ti Yéhuwa téh leuwih hadé ti batan pamikiran urang sorangan.​—Wahyu 15:3, 4.

16 Salian ti hayang ngahormat Yéhuwa, aya alesan séjénna ku naon urang kudu sadar diri. Mun urang sadar diri, urang bakal bagja sarta akur jeung batur. Hayu urang bahas hal éta.

NAON MANGPAATNA RENDAH HATÉ JEUNG SADAR DIRI?

17. Ku naon jalma nu rendah haté jeung sadar diri bakal bagja?

17 Mun rendah haté jeung sadar diri, urang bakal leuwih bagja. Ku naon? Mun urang apal kana kalemahan urang, urang jadi leuwih nganuhunkeun waktu dibantuan ku batur. Misalna, pikirkeun waktu Yésus nyageurkeun sapuluh jalma nu keuna lépra. Ngan saurang nu balik deui ka Yésus pikeun ngahaturkeun nuhun. Lalaki éta sadar, manéhna moal pernah bisa nyageurkeun dirina sorangan. Manéhna nganuhunkeun kana bantuan ti Yésus sarta muji Allah.​—Luk. 17:11-19.

18. Ku naon urang bisa akur jeung batur mun rendah haté jeung sadar diri? (Rum 12:10)

18 Jalma nu rendah haté jeung sadar diri gé leuwih gampang akur jeung batur sarta boga sobat. Ku naon? Sabab manéhna daék ngakukeun yén batur boga sipat-sipat nu alus. Terus, manéhna daék percaya ka batur. Mun batur suksés ngajalankeun tugasna, manéhna gé bakal milu bagja sarta babari ngahargaan jeung muji batur.​—Baca Rum 12:10.

19. Ku naon urang teu meunang sombong?

19 Jalma nu sombong mah hayangna kapuji sorangan, embung muji batur. Manéhna gé sok ngabanding-bandingkeun dirina jeung batur sarta embung éléh ti batur. Manéhna embung ngabagi élmu jeung tanggung jawab ka batur. Jalma nu sombong bakal mikir, ”Kabéh kudu digawékeun ku sorangan, da mun ku batur mah moal bener.” Manéhna hayang katingali leuwih penting ti batan batur, jeung sirik mun hasil pagawéan batur leuwih alus. (Gal. 5:26) Jalma-jalma jiga kitu téh jarang boga sosobatan nu langgeng. Mun urang sadar boga sipat éta, urang kudu bener-bener ngadoa ka Yéhuwa. Pénta Mantenna mantuan urang pikeun ngarobah pikiran supaya sipat goréng éta teu akaran dina diri urang.​—Rum 12:2.

20. Ku naon urang kudu rendah haté jeung sadar diri?

20 Urang nganuhunkeun pisan kana tuladan ti Yéhuwa! Yéhuwa téh rendah haté waktu urusan jeung umat-Na. Urang jadi hayang nyonto Mantenna. Terus, urang gé hayang nyonto tuladan-tuladan alus ti jalma-jalma nu sadar diri nu kisahna dicatet dina Alkitab. Mugia urang terus muji jeung ngamulyakeun Yéhuwa, sabab ngan Mantenna nu layak dipuji jeung dimulyakeun. (Wahyu 4:11) Ku kituna, urang bisa deukeut jeung Bapa urang di sawarga sabab Mantenna nyaah ka jalma-jalma nu rendah haté jeung sadar diri.

KAWIH 123 Satia jeung Tunduk ka Aturan Yéhuwa

^ par. 5 Jalma nu rendah haté pasti nyaah ka batur. Urang apal Yéhuwa rendah haté lantaran Mantenna nyaah ka batur. Dina artikel ieu, urang bakal diajar sipat rendah haté ti Yéhuwa. Urang gé bakal diajar sipat sadar diri tina conto Raja Saul, Nabi Daniél, jeung Yésus.

^ par. 58 KATERANGAN GAMBAR: Saurang kokolot nyadiakeun waktu jang ngalatih saurang sadérék ngora pikeun ngatur daérah dines sidang. Tapi, manéhna teu ngatur teuing cara sadérék ngora éta digawé.

^ par. 62 KATERANGAN GAMBAR: Saurang sadérék istri nanyakeun ka kokolot, meunang teu manéhna datang ka acara kawinan nu diayakeun di garéja. Kokolot éta ngajawab ku cara méré sababaraha prinsip Alkitab, lain ku pamikiranna sorangan.