Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 39

Pék Dukung Para Wanita Kristen

Pék Dukung Para Wanita Kristen

”Para wanita nu ngémbarkeun warta hadé téh jiga pasukan nu gedé.”​—JAB. 68:11, Terjemahan Dunia Baru (NW).

KAWIH 137 Para Wanoja nu Satia Ngawula

NU DIBAHAS *

Sadérék istri nu sumanget jeung sibuk ieu méré koméntar dina pasamoan, dines, milu ngarawat Balé Karajaan, sarta merhatikeun dulur-dulur saiman (Tingali paragrap 1)

1. Sadérék istri geus ngalakukeun naon waé keur organisasi, tapi maranéhna boga masalah naon waé? (Tingali gambar dina sampul hareup.)

URANG bungah pisan ningali loba sadérék istri nu getol dina palayanan! Maranéhna aktif dina pasamoan jeung getol dines. Aya ogé nu milu ngarawat Balé Karajaan, sarta perhatian ka dulur-dulur saiman. Najan maranéhna getol, maranéhna gé pasti boga masalah. Aya nu kudu ngurus kolotna nu geus sepuh. Nu séjénna meunang tangtangan ti kulawarga. Terus, aya ogé nu geus jadi randa jeung kudu digawé keur ngagedékeun barudakna.

2. Ku naon para sadérék istri perlu didukung?

2 Ku naon urang kudu ngadukung para sadérék istri? Lantaran jalma-jalma di dunya ieu biasana henteu ngahargaan para wanita. Salian ti éta, Alkitab ngingetan urang pikeun ngadukung para wanita. Misalna, Rasul Paulus ménta sidang di Rum supaya narima Pébe jeung minuhan sagala kabutuhna. (Rum 16:1, 2) Baheulana, Paulus téh urang Parisi nu geus biasa nyapirakeun wanita. Tapi sanggeus jadi urang Kristen, manéhna nyonto Yésus nu bageur jeung ngahargaan wanita.​—1 Kor. 11:1.

3. Kumaha sikep Yésus ka kabéh wanita? Kumaha pandangan Yésus ka para wanita nu ngajalankeun kahayang Bapana?

3 Yésus ngahargaan kabéh wanita. (Yoh. 4:27) Cara pandang anjeunna ka wanita béda ti para pamingpin agama Yahudi harita. Malah, hiji sumber nyebutkeun, ”Teu aya hiji-hiji acan kekecapan Yésus nu ngarendahkeun wanita.” Justru, anjeunna ngahargaan pisan para wanita, komo nu ngajalankeun kahayang Bapana. Basa nyebutkeun jalma-jalma nu dianggap jiga dulurna sorangan, Yésus teu ngan nyebutkeun para priya. Para wanita nu ngalayanan Allah gé dianggap sabagé dulur awéwéna.​—Mat. 12:50.

4. Urang bakal ngabahas naon?

4 Yésus siap mantuan para wanita nu ngalayanan Allah. Anjeunna ngahargaan jeung daék ngabéla maranéhna. Ayeuna, hayu bahas kumaha carana nyonto Yésus dina ngadukung para sadérék istri.

TUNJUKKEUN PERHATIAN

5. Ku naon aya sadérék istri nu hésé pikeun gaul jeung dulur saiman?

5 Boh priya boh wanita, urang kabéh perlu gaul jeung dulur-dulur saiman. Tapi, kadang sadérék istri leuwih hésé pikeun gaul jeung dulur saiman. Ku naon? Perhatikeun sababaraha pangalaman ieu. Sadérék istri nu ngaranna Yuni * nyarita, ”Lantaran can nikah, abdi sering ngarasa hésé gaul jeung anggota sidang, sarta ngarasa lain bagian ti sidang.” Kristin, panaratas nu pindah ka tempat nu leuwih ngabutuhkeun, nyarita, ”Basa kakara ngagabung jeung sidang anyar, abdi ngarasa euweuh batur.” Aya ogé dulur saiman nu cicing jeung kulawarga nu lain Saksi. Manéhna bisa ngarasa, geus mah teu deukeut jeung kulawargana sorangan, jeung sidang gé teu deukeut. Nu séjénna meureun teu bisa iinditan lantaran gering atawa kudu ngarawat nu gering. Mun kitu, manéhna bisa ngarasa euweuh batur. Ceuk Anita, ”Abdi teu bisa kumpul-kumpul jeung dulur saiman, da kudu ngarawat si Mamah.”

Jiga Yésus, urang bisa nunjukkeun perhatian ka para sadérék istri (Tingali paragrap 6-9) *

6. Jiga nu disebutkeun dina Lukas 10:38-42, kumaha Yésus mantuan Maria jeung Marta?

6 Yésus resep gaul jeung para wanita Kristen, malah jadi sobat sajati keur maranéhna. Contona, Yésus nyobat jeung Maria sarta Marta, nu duanana katingalina teu nikah. (Baca Lukas 10:38-42.) Lantaran kekecapan jeung tindakan Yésus nu hadé, maranéhna jadi teu asa-asa ka anjeunna. Misalna, Maria teu asa-asa diuk di deukeut sukuna Yésus jiga saurang murid. * Marta gé teu asa-asa ngomong ka Yésus yén manéhna keuheul lantaran Maria teu mantuan manéhna. Harita, dua wanita ieu meunang palajaran penting ti Yésus. Yésus gé nunjukkeun perhatian ka dua wanita ieu jeung ka dulur maranéhna, Lasarus, ku cara ulin ka imah maranéhna sababaraha kali. (Yoh. 12:1-3) Jadi teu héran, pas Lasarus gering parah, Maria jeung Marta teu asa-asa ménta tulung ka Yésus.​—Yoh. 11:3, 5.

7. Kumaha salah sahiji cara pikeun nguatkeun sadérék istri?

7 Meureun sababaraha sadérék istri ngan bisa gaul jeung dulur saiman di pasamoan. Jadi dina pasamoan, urang sakuduna ngabagéakeun, ngajak ngobrol, jeung nunjukkeun perhatian ka maranéhna. Yuni nu tadi dicaritakeun ngomong, ”Mani resep pisan mun aya nu merhatikeun koméntar abdi, ngajak abdi dines, jeung méré perhatian ka abdi.” Urang kudu nunjukkeun ka para sadérék istri yén maranéhna téh penting keur urang. Ceuk Kia, ”Lamun abdi teu masamoan, pasti aya nu SMS sarta nanyakeun kabar abdi. Abdi jadi ngarasa dulur-dulur saiman téh nyaah ka abdi.”

8. Urang bisa nyonto Yésus ku cara naon deui?

8 Jiga Yésus, urang bisa nyadiakeun waktu keur gaul jeung para sadérék istri. Meureun urang bisa ngondang maranéhna ulin ka imah atawa ngopi bareng. Urang hayang silih kuatkeun waktu ngobrol. (Rum 1:11, 12) Para kokolot gé sakuduna nyonto sikep Yésus. Anjeunna ngarti, tetep léngoh téh bisa jadi teu gampang. Tapi anjeunna ngajelaskeun, nikah atawa boga budak téh lain jaminan supaya bisa bagja. (Luk. 11:27, 28) Nu pasti mah, urang bakal bener-bener bagja mun ngutamakeun ibadah ka Yéhuwa dina kahirupan.​—Mat. 19:12.

9. Kumaha kokolot bisa ngabantu sadérék istri?

9 Kokolot kudu nganggap para wanita Kristen kawas indung atawa dulurna sorangan. (1 Tim. 5:1, 2) Maranéhna bakal ngupayakeun pikeun ngobrol jeung para sadérék istri, saacan atawa sanggeus pasamoan. Ceuk Kristin, ”Aya kokolot nu engeuheun abdi téh sibuk pisan, sarta hayang apal jadwal abdi jiga kumaha. Abdi bungah pisan lantaran manéhna merhatikeun abdi.” Mun kokolot terus ngupayakeun pikeun ngajak ngobrol sadérék istri, éta bukti manéhna merhatikeun para sadérék istri. * Anita, nu tadi disebutkeun, nyaritakeun hiji mangpaat mun sering ngobrol jeung para kokolot, ”Abdi jadi leuwih kenal ka maranéhna. Maranéhna gé jadi leuwih kenal ka abdi. Terus pas aya masalah, abdi jadi teu asa-asa ménta tulung ka maranéhna.”

HARGAAN PARA SADÉRÉK ISTRI

10. Naon nu bisa ngagumbirakeun sadérék istri?

10 Teu sual priya atawa wanita, urang kabéh pasti gumbira mun pangabisa sarta pagawéan urang dihargaan ku batur. Sabalikna, mun teu dihargaan, urang bisa kuciwa. Abigail, saurang panaratas nu léngoh kénéh, sok ngarasa manéhna teu dianggap ku batur. Ceuk Abigail, ”Batur sok ngomong, oh si Abigail mah anakna si ieu atawa dulurna si éta. Asa jadi teu dianggap ku batur.” Paula boga pangalaman nu béda. Waktu can nikah, manéhna ngalayanan jadi utusan injil salila mangtaun-taun. Ka dieunakeun, manéhna kudu balik ka imah pikeun ngurus kolotna. Ayeuna Paula geus umur 70-an, tapi masih kénéh naratas. Ceuk manéhna, ”Nu paling nguatkeun téh mun batur ngahargaan naon nu geus abdi lakukeun.”

11. Kumaha Yésus ngahargaan para wanita nu ngabantu jeung maturan anjeunna dina palayanan?

11 Yésus ngahargaan para wanita satia nu ngabantu anjeunna ku ”pangabogana masing-masing”. (Luk. 8:1-3) Para wanita ieu teu ngan dibéré kahormatan pikeun ngabantu Yésus, tapi ogé dibéré nyaho hal-hal penting ngeunaan kahayang Allah. Misalna, ngeunaan Yésus nu bakal maot sarta dihirupkeun deui. (Luk. 24:5-8) Jiga ka para rasul, Yésus gé nyiapkeun maranéhna pikeun nyanghareupan tangtangan nu bakal datang, nyaéta ningali Yésus dikaniaya nepi ka maot. (Mar. 9:30-32; 10:32-34) Terus sanajan para rasul kalabur waktu Yésus ditéwak, sababaraha wanita mah terus maturan Yésus waktu anjeunna sakarat dina tihang siksaan.​—Mat. 26:56; Mar. 15:40, 41.

12. Yésus mercayakeun tugas penting naon ka para wanita?

12 Para wanita dipercayakeun tugas nu penting ku Yésus. Misalna waktu Yésus geus dihirupkeun deui, nu mimiti panggih jeung anjeunna téh para wanita. Terus, Yésus nugaskeun maranéhna pikeun méré nyaho para rasul yén anjeunna geus dihirupkeun deui tina maot. (Mat. 28:5, 9, 10) Bisa jadi, dina Péntakosta 33 M gé, para wanita hadir sarta diistrénan ku roh suci. Mun kitu, para wanita nu kakara diistrénan ieu katingalina narima kurnia pikeun ngomong dina basa-basa séjén sarta nyaritakeun ”padamelan Allah anu arajaib”.​—Ras. 1:14; 2:2-4, 11.

13. Naon waé nu dilakukeun ku para wanita Kristen? Kumaha Sadérék ngahargaan maranéhna?

13 Para sadérék istri mémang layak dipuji. Maranéhna ngalakukeun loba hal dina palayanan, misalna milu ngawangun jeung ngarawat wangunan milik organisasi, ngabantu kelompok basa séjén, sarta jadi rélawan di tempat-tempat milik kantor cabang. Aya ogé nu réla mantuan dulur-dulur nu keuna musibat alam, narjamahkeun publikasi, sarta jadi panaratas atawa utusan injil. Jiga sadérék pameget, maranéhna gé bisa miluan Sekolah Dinas Perintis, Sekolah bagi Penginjil Kerajaan, jeung Sekolah Gilead. Terus, loba ogé nu ngadukung salakina keur ngajalankeun tugas di sidang sarta dina organisasi. Salaki maranéhna moal bisa jadi kurnia keur sidang mun teu didukung ku maranéhna. (Epe. 4:8) Kumaha Sadérék bisa ngadukung para sadérék istri ieu?

14. Mun mikirkeun Jabur 68:11, kokolot nu bijaksana bakal kumaha?

14 Kokolot nu bijaksana paham yén para sadérék istri téh ”pasukan nu gedé” nu réla digawé, sarta seringna tarampil dina ngawawar. (Baca Jabur 68:11 tina catetan handap.) * Jadi, para kokolot bisa meunang mangpaat tina pangalaman maranéhna. Abigail, nu tadi dicaritakeun, ngarasa dihargaan waktu para sadérék pameget nanyakeun kumaha manéhna bisa tarampil dina ngamimitian obrolan waktu dines. Ceuk manéhna, ”Abdi jadi ngarasa kapaké ku Yéhuwa dina organisasi-Na.” Kokolot gé paham yén sadérék istri nu satia jeung leuwih kolot bisa mantuan sadérék istri nu leuwih ngora keur nyanghareupan masalah. (Tit. 2:3-5) Jadi, sadérék istri téh mémang layak dihargaan!

BÉLA JEUNG BANTU SADÉRÉK ISTRI

15. Dina kaayaan naon waé para sadérék istri perlu dibéla jeung dibantu?

15 Kadang, sadérék istri butuh bantuan pas aya masalah. (Yes. 1:17) Misalna, saurang randa bisa jadi butuh jalma nu ngawakilan jeung mantuan manéhna pikeun ngurus hal-hal nu biasana diurus ku salakina. Sadérék istri nu geus sepuh meureun butuh bantuan pikeun ngobrol jeung dokter. Atawa, sadérék istri nu naratas bisa waé dikiritik ku batur lantaran jarang dines, padahal manéhna keur meunang tugas séjén ti organisasi. Mun kitu, kudu aya nu ngabéla manéhna. Kumaha deui carana mantuan sadérék istri? Hayu perhatikeun deui tuladan Yésus.

16. Saperti nu dicaritakeun dina Markus 14:3-9, kumaha Yésus ngabéla Maria?

16 Mun aya nu salah paham ka wanita Kristen, Yésus gancang ngabéla maranéhna. Misalna, Yésus ngabéla Maria nu dikiritik ku Marta. (Luk. 10:38-42) Yésus gé ngabéla Maria waktu jalma-jalma nyarékan manéhna lantaran tindakanana dianggap teu bijaksana. (Baca Markus 14:3-9.) Yésus paham ku naon Maria ngalakukeun éta, sarta muji manéhna. Ceuk Yésus, ”Manehna keur nembongkeun kalemesan jeung kamulyaan budina ka Kami. . . . Ieu awewe geus sateka-teka upaya.” Anjeunna malah ngaramalkeun yén ”di mana bae Injil diwawarkeun di sakuliah dunya”, kahadéan Maria bakal terus dicaritakeun. Artikel ieu salah sahiji buktina. Maria nu kakara dicarékan pasti reugreug ngadéngé kekecapan Yésus! Maria gé meunang kahormatan lantaran kahadéanana bakal dicaritakeun bareng jeung warta hadé di sakuliah dunya!

17. Béré conto iraha urang perlu ngabéla sadérék istri.

17 Na Sadérék ngabéla wanita Kristen nu keur boga masalah? Misalna, bayangkeun kaayaan ieu. Di sidang, aya sadérék istri nu salakina lain Saksi. Manéhna sering telat masamoan, terus balikna sok rurusuhan. Barudakna gé jarang dibawa ka pasamoan. Jadi, sababaraha pawarta ngiritik manéhna ngarah leuwih ngupayakeun supaya salakina ngidinan barudakna milu masamoan. Padahal mah, manéhna geus ngupayakeun sabisa-bisa. Manéhna teu bisa mutuskeun sorangan, barudakna bisa milu masamoan atawa henteu. Manéhna gé sok telat lantaran kudu ngurus kulawarga. Kumaha Sadérék ngabéla manéhna? Puji manéhna sarta béré nyaho pawarta séjén yén manéhna geus ngalakukeun nu panghadéna. Sugan wé manéhna moal dikiritik deui.

18. Kumaha urang bisa méré bantuan ka sadérék istri?

18 Urang bisa nunjukkeun yén urang nyaah ka sadérék istri ku cara méré bantuan. (1 Yoh. 3:18) Anita, nu ngurus indungna nu gering, ngomong, ”Sadérék-sadérék sok datang ka imah pikeun nguatkeun atawa mawa dahareun. Abdi jadi ngarasa dipikanyaah sarta diaku ku sidang.” Yuni gé ngarasa dibantuan. Saurang sadérék méré nyaho manéhna carana ngarawat mobil. Ceuk Yuni, ”Bungah pisan lantaran sadérék-sadérék merhatikeun kasalametan abdi.”

19. Kumaha deui carana para kokolot bisa mantuan sadérék istri?

19 Para kokolot kudu ngupayakeun supaya ngarti naon nu dibutuhkeun ku sadérék istri. Maranéhna paham yén Yéhuwa hayang para sadérék istri diurus. (Yak. 1:27) Jadi, para kokolot nyonto Yésus nu asup akal. Maranéhna bakal bageur sarta ngarti kana kaayaan sadérék istri, henteu maksakeun teuing aturan. (Mat. 15:22-28) Mun kokolot upaya pikeun mantuan, para sadérék istri bakal ngarasa dipikanyaah ku Yéhuwa jeung organisasi-Na. Waktu Kia pindahan imah, pangawas kelompok dinesna langsung ngatur pikeun méré bantuan. Ceuk Kia, ”Abdi jadi teu strés teuing. Para kokolot nguatkeun jeung méré bantuan. Abdi jadi ngarasa diaku ku sidang. Terus, abdi gé teu ngarasa sorangan waktu keur susah.”

KABÉH SADÉRÉK ISTRI BUTUH DUKUNGAN URANG

20-21. Kumaha carana urang nunjukkeun yén urang nyaah ka kabéh sadérék istri?

20 Di sidang-sidang, loba sadérék istri butuh dukungan urang. Jiga Yésus, urang bisa nyadiakeun waktu keur gaul sarta leuwih kenal ka maranéhna. Tunjukkeun yén urang ngahargaan upaya maranéhna pikeun ngalayanan Yéhuwa. Sarta mun perlu, urang gé bisa ngabéla maranéhna.

21 Dina panutup suratna ka sidang Rum, Paulus sacara husus nyebutkeun salapan wanita Kristen. (Rum 16:1, 3, 6, 12, 13, 15) Para wanita éta pasti dikuatkeun lantaran geus disebutkeun sarta dipuji ku Paulus. Hayu urang dukung kabéh sadérék istri di sidang. Éta bukti urang nyaah ka maranéhna jiga ka dulur awéwé atawa indung sorangan.

KAWIH 136 Pahala nu Sampurna ti Yéhuwa

^ par. 5 Para wanita Kristen téh nyanghareupan loba masalah. Dina artikel ieu, urang bakal ngabahas kumaha urang bisa ngadukung maranéhna. Urang bakal diajar tina tuladan Yésus nu nyadiakeun waktu keur gaul jeung para wanita, ngahargaan, jeung ngabéla maranéhna.

^ par. 5 Sababaraha ngaran geus diganti.

^ par. 6 Hiji sumber nyebutkeun, ”Murid-murid sok diuk di deukeut suku guruna. Murid nu ngalakukeun éta téh nu keur disiapkeun pikeun jadi guru. Tapi, wanita mah teu meunang jadi guru. Jadi mun ningali Maria diuk di deukeut suku Yésus sarta hayang diajar ku Yésus, kalolobaan lalaki Yahudi pasti reuwas.”

^ par. 9 Para kokolot kudu ati-ati waktu mantuan sadérék istri. Misalna mun rék ngadatangan sadérék istri, saurang kokolot moal datang sorangan.^ par. 14 Jabur 68:11 (NW): ”Yéhuwa méré paréntah; Para wanita nu ngémbarkeun warta hadé téh jiga pasukan nu gedé.”

^ par. 65 KATERANGAN GAMBAR: Saurang sadérék mantuan dua sadérék istri ngaganti ban mobil. Nu séjénna nganjangan sadérék istri nu geus sepuh. Terus, saurang sadérék jeung pamajikanna ngajak sadérék istri sarta anak awéwéna milu ibadah kulawarga. Maranéhna nyonto Yésus nu perhatian ka para wanita Kristen.