Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 43

Yéhuwa Keur Ngabingbing Organisasi-Na

Yéhuwa Keur Ngabingbing Organisasi-Na

”Sabda-Na, ’Paneja maneh bakal laksana; lain ku karana kakuatan balad lain ku karana tanaga maneh sorangan, tapi ku karana Roh Kami.’”​JAK. 4:6.

KAWIH 40 Abdi Milik Saha?

NU DIBAHAS *

1. Urang Kristen nu geus dibaptis kudu kumaha?

SADÉRÉK geus dibaptis can? Lamun enggeus, éta hartina Sadérék geus nunjukkeun ka jalma réa, Sadérék téh boga iman ka Yéhuwa sarta hayang ngalayanan Mantenna. Tapi, iman Sadérék ka Yéhuwa kudu beuki kuat. Sadérék gé kudu beuki yakin, Yéhuwa téh keur ngagunakeun organisasi-Na * pikeun ngajalankeun kahayang-Na.

2-3. Cara Yéhuwa ngabingbing organisasi-Na kiwari nunjukkeun naon ngeunaan Mantenna? Béré contona.

2 Cara Yéhuwa ngabingbing organisasi-Na kiwari nunjukkeun sipat-Na, tujuan-Na, jeung patokana-Na. Hayu urang bahas tilu hal ngeunaan Yéhuwa nu katémbong tina organisasi-Na.

3 Kahiji, Allah téh teu beurat sabeulah. (Ras. 10:34) Bakating ku nyaah, Yéhuwa réla ngorbankeun Putra-Na sabagé tebusan keur ”kabeh manusa”. (1 Tim. 2:6; Yoh. 3:16) Yéhuwa gé ngagunakeun umat-Na keur nguarkeun warta hadé ka kabéh jalma nu daék ngadéngékeun. Ku kituna, maranéhna bisa meunang mangpaat tina tebusan, sarta disalametkeun. Kadua, Yéhuwa resep kana karukunan jeung sagala hal nu tartib. (1 Kor. 14:33, 40) Jadi, teu héran mun umat-Na rukun, ngahiji, jeung ngalakukeun sagalana sacara tartib. Katilu, Yéhuwa resep ngajar umat-Na. (Yes. 30:20, 21) Jadi, organisasi-Na gé sabisa-bisa ngajarkeun Firman Allah ka batur, boh di sidang boh dina dines. Kumaha tilu hal alus ngeunaan Yéhuwa éta katémbong dina sidang Kristen abad kahiji? Kumaha hal-hal éta katémbong dina jaman modéren? Jeung, kumaha roh suci mantuan urang ngawula Yéhuwa?

ALLAH TEU BEURAT SABEULAH

4. Dina Rasul 1:8, Yésus nitah murid-muridna pikeun ngalakukeun naon, jeung maranéhna bakal meunang bantuan ti mana?

4 Dina abad kahiji. Warta nu ditepikeun ku Yésus téh méré harepan keur kabéh jalma. (Luk. 4:43) Jadi, anjeunna nitah murid-muridna neruskeun pagawéan nu geus dimimitian ku anjeunna ieu, nyaéta nguarkeun warta ”nepi ka tungtung bumi”. (Baca Rasul 1:8.) Tangtu maranéhna moal bisa ngajalankeunana ku upaya sorangan. Maranéhna butuh ”panulung” nu Yésus jangjikeun, nyaéta roh suci.​—Yoh. 14:26; Jak. 4:6.

5-6. Kumaha carana roh suci ngabantu murid-murid Yésus?

5 Murid-murid narima roh suci dina Péntakosta 33 M. Terus, maranéhna langsung ngawawar. Teu lila, rébuan jalma jadi palercaya. (Ras. 2:41; 4:4) Waktu aya tangtangan, maranéhna teu sieun jeung teu eureun ngawawar. Naha bisa kitu? Maranéhna ménta tulung ka Allah. Maranéhna ngadoa, ”Mugi abdi-abdi sadaya para kawula Gusti dikersakeun taya kasieun nyanggemkeun pangandika Gusti.” Geus kitu, maranéhna dipinuhan ku roh suci, jeung ”jadi kacida laludeungna nguarkeun pangandika Allah”.​—Ras. 4:18-20, 29, 31.

6 Tapi, aya kénéh tangtangan séjénna. Misalna, harita salinan Kitab Suci ngan aya saeutik. Jeung teu jiga ayeuna, baheula mah can aya buku-buku nu ngajelaskeun Alkitab. Murid-murid gé kudu ngawawar ka jalma nu basana béda-béda. Sanajan kitu, murid-murid bisa ngalakukeun hal nu katingalina mah mustahil. Kira-kira ngan dina 30 taun, warta hadé geus ”diembarkeun ka saban jelema saalam dunya”.​—Kol. 1:6, 23.

7. Leuwih ti 100 taun katukang, ti mana umat Allah nyaho naon nu dipikahayang ku Yéhuwa ti maranéhna? Terus, naon nu dilakukeun ku maranéhna?

7 Dina jaman modéren. Yéhuwa terus ngabingbing jeung méré kakuatan ka umat-Na. Lolobana mah, bingbingan éta aya dina Alkitab, nu ditulis ku bantuan roh suci. Alkitab nyaritakeun ngeunaan palayanan Yésus. Di ditu gé, aya paréntah Yésus ka murid-muridna pikeun neruskeun pagawéan anjeunna. (Mat. 28:19, 20) Dina Watch Tower Juli 1881, disebutkeun kieu, ”Urang dipilih ku Yéhuwa téh lain supaya dihormat ku manusa atawa supaya beunghar, tapi supaya ngagunakeun kabéh pangaboga urang pikeun ngawawarkeun warta hadé.” Hiji bacaan nu dipedalkeun taun 1919, nyaéta To Whom the Work Is Entrusted (Nu Dipercaya Ngalakukeun Pagawéan Ieu), nyebutkeun, ”Aya loba pisan nu kudu digawékeun. Tapi pan ieu téh pagawéan Gusti, jadi Gusti pasti méré kakuatan supaya urang sanggup ngajalankeunana.” Jiga urang Kristen dina abad kahiji, sadérék-sadérék urang téh wani jeung getol pisan digawé. Maranéhna yakin, roh suci bakal mantuan maranéhna ngawawar ka sagala jalma. Urang gé bisa yakin jiga kitu.

Organisasi Yéhuwa ngamangpaatkeun alat-alat nu aya pikeun nguarkeun warta hadé (Tingali paragrap 8-9)

8-9. Naon waé cara nu digunakeun ku organisasi Yéhuwa supaya bisa ngawawar ka saloba-lobana jalma?

8 Organisasi Yéhuwa geus ngamangpaatkeun alat-alat nu aya pikeun nguarkeun warta hadé. Éta téh kaasup bacaan-bacaan, ”Drama-Foto Penciptaan”, fonograf, mobil nu aya toa-na, siaran radio, jeung ahir-ahir ieu, komputer sarta Internét. Organisasi Allah gé ngalakukeun kagiatan panarjamahan nu panggedéna sapanjang sajarah! Jang naon? Supaya kabéh jalma bisa ngadéngékeun warta hadé dina basana masing-masing. Mantenna geus méré nyaho, warta hadé bakal diuarkeun ka ”unggal bangsa, suku bangsa, basa, jeung nagara”. (Wahyu 14:6, 7) Mantenna hayang kabéh jalma ngadéngékeun warta hadé. Jadi jelas, Yéhuwa teu beurat sabeulah.

9 Kumaha jeung jalma-jalma nu hésé dipanggihan, misalna nu cicing di apartemén atawa imah nu dijaga ku satpam? Ngarah maranéhna bisa ngadéngékeun warta hadé, Yéhuwa ngabingbing organisasi-Na supaya ngagunakeun rupa-rupa cara pikeun méré kasaksian di tempat umum. Misalna dina taun 2001, Badan Pingpinan méré idin ka sadérék-sadérék di Prancis pikeun maké rak roda jeung cara-cara séjénna keur majang bacaan urang. Tuluy, éta dituturkeun ku sadérék-sadérék di tempat séjén. Hasilna téh alus pisan! Terus dina taun 2011, kasaksian métropolitan dicobaan di salah sahiji kota nu paling sibuk di Amerika Serikat, nyaéta New York City. Ngan dina sataun, sadérék-sadérék bisa méré 102.129 buku jeung 68.911 majalah ka jalma-jalma. Terus, 4.701 jalma ménta diajar Alkitab! Jelas, Yéhuwa ngagunakeun roh suci-Na pikeun ngadukung pagawéan ieu. Ningali kitu, Badan Pingpinan ngidinan sadérék-sadérék di sakuliah dunya méré kasaksian maké rak roda jeung cara séjénna pikeun majang bacaan.

10. Urang kudu kumaha supaya leuwih tarampil dina ngawawar jeung ngajar?

10 Nu bisa Sadérék lakukeun. Mangpaatkeun palatihan ti Yéhuwa dina pasamoan. Pék rutin dines jeung kelompok dines Sadérék. Sadérék bisa silih kuatkeun jeung maranéhna. Maranéhna gé bisa mantuan Sadérék leuwih tarampil ngawawar jeung ngajar. Ulah eureun ngawawar najan aya tangtangan. Jiga nu disebutkeun ku ayat téma, urang sanggup ngajalankeun kahayang Allah téh lain ku kakuatan sorangan, tapi ku bantuan roh suci. (Jak. 4:6) Ieu téh pagawéan Allah, jadi Allah pasti méré kakuatan ka urang.

YÉHUWA RESEP KANA KARUKUNAN JEUNG SAGALA HAL NU TARTIB

11. Kumaha Badan Pingpinan dina abad kahiji digawé sauyunan supaya umat Allah tetep tartib?

11 Dina abad kahiji. Badan Pingpinan di Yérusalém digawé sauyunan supaya umat Allah tetep rukun jeung tartib. (Ras. 2:42) Misalna, waktu aya masalah sunat kira-kira taun 49 M, Badan Pingpinan nu dibingbing ku roh suci ngurus masalah éta. Mun masalahna teu diurus, sidang bakal terus papecah. Engkéna, kagiatan pangwawaran bisa kaganggu. Para rasul jeung kokolot téh urang Yahudi, tapi maranéhna teu kabawakeun ku adat kabiasaan Yahudi atawa ku jalma-jalma nu maksakeun sunat. Justru, maranéhna mariksa Firman Allah jeung ménta bingbingan roh suci. (Ras. 15:1, 2, 5-20, 28) Naon hasilna? Yéhuwa ngaberkahan putusan maranéhna. Sidang tetep ngahiji jeung rukun. Kagiatan pangwawaran gé terus jalan.​—Ras. 15:30, 31; 16:4, 5.

12. Naon buktina organisasi Yéhuwa tetep rukun jeung tartib nepi ka ayeuna?

12 Dina jaman modéren. Organisasi Yéhuwa upaya ngarah umat Allah tetep rukun jeung tartib. Dina Watch Tower 15 Nopémber 1895, aya artikel nu ditulis dumasar 1 Korinta 14:40, judulna ”Sopan jeung Tartib”. Di ditu disebutkeun, ”Para rasul geus nulis loba hal ka sidang abad kahiji ngeunaan katartiban . . . Urang kudu terus nuturkeun ’anu ditulis dina Kitab Suci sabab kabeh oge maksudna ngajar urang’.” (Rum 15:4) Sarua jiga Badan Pingpinan abad kahiji, organisasi Yéhuwa ayeuna gé upaya ngarah sidang Kristen tetep rukun jeung tartib. Contona, mun Sadérék miluan Palajaran Warta Hadé di sidang séjén, atawa di luar nagri, cara ngabahasna jeung artikel nu dibahasna téh sarua. Sadérék ngarasa jiga keur masamoan di sidang sorangan! Mun teu dibantuan ku roh suci mah, umat Allah mustahil ngahiji jiga kieu.​—Sep. 3:9.

13. Sanggeus maca Yakobus 3:17, urang kudu mikirkeun naon waé?

13 Nu bisa Sadérék lakukeun. Yéhuwa hayang ’katunggalan anu diciptakeun ku Roh Allah teh dipiara sateka-teka, saratna nya eta kudu rukun sauyunan’. (Epe. 4:1-3) Pék pikirkeun: ’Na abdi milu ngupayakeun ngarah sidang tetep rukun jeung ngahiji? Na abdi tunduk ka sadérék-sadérék nu mingpin sidang? Na abdi bisa diandelkeun, komo mun abdi boga tanggung jawab di sidang? Na abdi teu ngaengké-engké jeung réla mantuan batur?’ (Baca Yakobus 3:17, Sunda Formal.) Lamun Sadérék ngarasa aya nu kudu dirobah, pék ngadoa ménta roh suci. Mun Sadérék daék roh suci ngarobah sipat jeung kalakuan Sadérék, dulur-dulur di sidang bakal beuki nyaah jeung ngahargaan Sadérék.

YÉHUWA NGAJAR URANG JEUNG MÉRÉ NU DIBUTUHKEUN

14. Sajalan jeung Kolosa 1:9, 10, kumaha Yéhuwa ngajar umat-Na dina abad kahiji?

14 Dina abad kahiji. Yéhuwa resep pisan ngajar umat-Na. (Jab. 32:8) Yéhuwa hayang umat-Na kenal jeung nyaah ka Mantenna, sarta hirup langgeng sabagé anak-anak-Na. Tapi éta kabéh téh mustahil mun Yéhuwa teu ngajar maranéhna. (Yoh. 17:3) Dina abad kahiji, Yéhuwa ngajar umat-Na liwat sidang Kristen. (Baca Kolosa 1:9, 10.) Umat Allah gé dibantuan ku roh suci, ”panulung” nu Yésus jangjikeun. Maranéhna jadi leuwih ngarti kana Firman Allah. Maranéhna gé jadi bisa nginget-nginget deui ucapan jeung tindakan Yésus, nu ahirna dicatet dina Injil. Pamahaman ieu nguatkeun iman urang Kristen abad kahiji. Maranéhna gé jadi beuki nyaah ka Allah, Putra-Na, jeung dulur-dulur saiman.

15. Naon waé buktina ramalan Yéhuwa dina Yesaya 2:2, 3 keur laksana?

15 Dina jaman modéren. Yéhuwa geus méré nyaho, dina panungtungan ahir jaman, jalma-jalma ti sagala bangsa bakal ngumpul di ”gunung” Yéhuwa pikeun diajar jalan-Na. (Baca Yesaya 2:2, 3.) Ayeuna, éta ramalan keur laksana. Ibadah sajati jauh leuwih unggul ti kabéh ibadah palsu nu najis! Terus, loba pisan kadaharan rohani nu Yéhuwa sadiakeun. (Yes. 25:6) Liwat ”gandek satia jeung bijaksana”, Mantenna méré rupa-rupa kadaharan rohani. Aya artikel, hutbah, film kartun, jeung vidéo-vidéo. (Mat. 24:45) Urang satuju jeung Élihu, sobatna Ayub, nu ngomong, ”Allah teh Guru Nu Agung.” (Ayub 36:22) Teu aya guru nu sahébat Mantenna!

Bebeneran kudu nanceb dina haté Sadérék, sarta kudu dijalankeunana dina kahirupan (Tingali paragrap 16) *

16. Kumaha Sadérék bisa meunang mangpaat tina pangajaran Yéhuwa?

16 Nu bisa Sadérék lakukeun. Sanggeus maca jeung diajar Firman Allah, roh suci bakal ngabantu Sadérék ngajalankeun pangajaran Alkitab. Pék ngadoa jiga nu nulis jabur, ”Wurukan, abdi teh kedah kumaha, nun PANGERAN, tangtos ku abdi ditumutkeun kalayan satia, kumaha kedahna ngabdi ka Gusti kalayan satuhu.” (Jab. 86:11) Jadi, pék terus maca jeung diajar Alkitab sarta publikasi nu disadiakeun ku Yéhuwa. Tapi, Sadérék pasti teu puas mun saukur boga pamahaman wungkul. Sadérék pasti hayang bebeneran nanceb dina haté, sarta hayang ngajalankeunana dina kahirupan. Roh suci bisa mantuan Sadérék. Sadérék gé pasti hayang nguatkeun dulur-dulur saiman. (Ibr. 10:24, 25) Ku naon? Sabab maranéhna téh kulawarga rohani urang. Pék ngadoa ménta roh suci, supaya bisa méré koméntar tina haté dina pasamoan, jeung supaya bisa ngalakukeun nu panghadéna waktu meunang tugas. Ku cara kitu, Sadérék nunjukkeun ka Yéhuwa jeung Putra-Na, Sadérék téh nyaah ka ”domba-domba” Aranjeunna.​—Yoh. 21:15-17.

17. Ku cara naon waé Sadérék ngabuktikeun yén Sadérék téh satia ngadukung organisasi Yéhuwa?

17 Moal lila deui, hiji-hijina organisasi nu aya di bumi téh ngan organisasi nu dibingbing ku roh suci. Jadi, pék digawé bareng jeung organisasi Yéhuwa. Conto Allah nu teu beurat sabeulah ku cara méré nyaho warta hadé ka kabéh jalma. Urang gé kudu nyonto Allah nu resep kana karukunan jeung sagala hal nu tartib. Jadi, hayu urang jaga karukunan di sidang. Terus, tarima pangajaran ti Yéhuwa ku cara ngamangpaatkeun kadaharan rohani. Mun éta kabéh dilakukeun, Sadérék moal sieun waktu dunya Sétan diancurkeun. Justru, Sadérék bakal wani sarta ngahiji jeung dulur-dulur saiman nu satia ngawula Yéhuwa.

KAWIH 3 Harepan tur Kakuatan Abdi

^ par. 5 Sadérék yakin teu, ayeuna Yéhuwa keur ngabingbing organisasi-Na? Dina artikel ieu, urang bakal ngabahas kumaha Yéhuwa terus ngabingbing umat-Na ti abad kahiji nepi ka ayeuna.

^ par. 1 KATERANGAN TAMBAHAN: Organisasi Yéhuwa téh aya dua bagian, di sorga jeung di bumi. Tapi dina artikel ieu, kecap ”organisasi” ngan ngamaksudkeun bagian nu di bumi wungkul.

^ par. 52 KATERANGAN GAMBAR: Sanggeus nongton vidéo-vidéo nu nunjukkeun dulur saiman nu ngalayanan di nagri nu leuwih ngabutuhkeun pawarta, saurang panaratas jadi hayang nuturkeun tuladan maranéhna. Ahirna, manéhna bisa ngalayanan di tempat nu leuwih ngabutuhkeun.