Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 45

Carana Mantuan Batur Ngalakonan Paréntah Kristus

Carana Mantuan Batur Ngalakonan Paréntah Kristus

”Datangan jalma-jalma saalam dunya jaradikeun murid Kami . . . Ajar ngalakonan sagala perkara anu ku Kami geus diparentahkeun ka maraneh.”​—MAT. 28:19, 20.

KAWIH 89 Regepkeun, Lampahkeun, tur Tarima Berkah

NU DIBAHAS *

1. Naon paréntah Yésus nu dicatet dina Mateus 28:18-20?

SANGGEUS dihirupkeun deui, Yésus némbongan ka murid-murid nu keur ngumpul di Galiléa. Aya hal penting nu kudu ditepikeun ka maranéhna. Naon éta téh? Kekecapan Yésus dicatet dina Mateus 28:18-20.​—Baca.

2. Pananya naon waé nu bakal dibahas?

2 Paréntah Yésus pikeun ngajadikeun murid gé kudu dijalankeun ku umat Allah ayeuna. Jadi, hayu bahas tilu pananya nu aya hubunganna jeung tugas éta. Kahiji, salian ti ngajarkeun paréntah Allah, naon deui nu kudu urang lakukeun? Kadua, kumaha kabéh pawarta di sidang bisa milu ngabantu para palajar Alkitab nyieun kamajuan? Katilu, kumaha carana mantuan pawarta nu teu aktif * supaya milu ngawawar jeung ngajadikeun murid deui?

AJAR MARANÉHNA NGALAKONAN PARÉNTAH KRISTUS

3. Hal penting naon nu aya dina paréntah Yésus?

3 Tugas ti Yésus téh jelas. Urang kudu ngajarkeun paréntah-paréntah Yésus ka batur. Tapi, aya hal penting nu kudu diperhatikeun. Yésus teu ngomong, ’Ajarkeun sagala perkara anu ku Kami geus diparéntahkeun ka maranéh.’ Tapi anjeunna ngomong, ”Ajar ngalakonan sagala perkara anu ku Kami geus diparéntahkeun ka maranéh.” Ngarah palajar bisa ngalakonan éta kabéh, urang kudu nyontoan ka manéhna, teu ngan saukur ngajarkeunana. (Ras. 8:31) Ku naon kudu kitu?

4. Naon hartina ngalakonan paréntah? Béré ibaratna.

4 ”Ngalakonan” paréntah téh hartina taat kana paréntah éta. Ngajar batur pikeun ngalakonan, atawa taat, kana paréntah Kristus téh bisa diibaratkeun jiga kieu. Aya saurang jalma nu keur diajar nyetir. Kumaha supaya manéhna bisa taat kana aturan lalu lintas? Meureun nu ngajarna bakal méré nyaho heula aturan-aturan lalu lintas. Tapi, méré nyaho éta wungkul teu cukup. Nu ngajarna gé kudu maturan waktu manéhna nyetir di jalan. Pas keur di jalan, nu ngajarna kudu mantuan manéhna taat kana aturan nu geus dipikanyaho. Urang bisa diajar naon tina ibarat éta?

5. (a) Sajalan jeung Yohanes 14:15 sarta 1 Yohanes 2:3, urang kudu ngajarkeun naon ka palajar? (b) Kumaha carana mantuan palajar ngajalankeun paréntah Allah?

5 Waktu ngajarkeun Alkitab ka batur, urang téh ngajarkeun paréntah-paréntah Allah. Tapi, ngajarkeun éta wungkul teu cukup. Urang gé kudu mantuan palajar ngajalankeun paréntah-paréntah éta. (Baca Yohanes 14:15; 1 Yohanes 2:3.) Misalna, béré nyaho kumaha carana nuturkeun prinsip Alkitab di sakola, di tempat gawé, atawa waktu keur ulin. Caritakeun pangalaman sorangan, kumaha nuturkeun paréntah Alkitab téh ngalindungan jeung mantuan urang nyieun putusan nu bijaksana. Waktu keur jeung palajar, pék ngadoa bareng. Pénta bingbingan Yéhuwa liwat roh suci.​—Yoh. 16:13.

6. Naon waé nu kudu dilakukeun waktu ngajar batur ngalakonan paréntah-paréntah Yésus?

6 Naon waé nu kudu dilakukeun waktu ngajar batur ngalakonan paréntah-paréntah Yésus? Bantu manéhna supaya boga kahayang pikeun ngajadikeun murid. Meureun sababaraha palajar ngarasa sieun mun kudu ngawawar. Jadi, urang kudu sabar. Bantu manéhna leuwih ngarti kana bebeneran Alkitab ngarah imanna beuki kuat. Tuluy geuing haténa, supaya manéhna daék ngawawar. Kumaha cara ngageuingna?

7. Urang kudu kumaha supaya palajar boga kahayang pikeun ngawawar?

7 Urang bisa nanya kieu ka palajar: ”Naon mangpaatna nuturkeun naséhat Alkitab keur Akang? Na batur gé perlu ngadéngékeun bebeneran Alkitab? Kumaha Akang bisa ngabantu maranéhna?” (Sil. 3:27; Mat. 9:37, 38, Sunda Formal [SF]) Tunjukkeun risalah-risalah tina Alat Bantu Pengajaran, sina manéhna milih kira-kira mana nu cocog keur dulurna, babaturan, atawa batur gawéna. Geus kitu, béré sababaraha risalahna. Pék latihan bareng, supaya manéhna bisa méré risalahna ku cara nu hadé. Engké mun manéhna geus disatujuan jadi pawarta nu can dibaptis, urang bisa maturan manéhna dines.​—Pan. 4:9, 10; Luk. 6:40.

KUMAHA SIDANG BISA NGABANTU PALAJAR ALKITAB NYIEUN KAMAJUAN?

8. Ku naon palajar kudu beuki nyaah ka Allah jeung ka sasama? (Tingali ogé kotak ” Carana Ngabantu Palajar Beuki Nyaah ka Allah”.)

8 Sing inget, Yésus nitah urang ngajar batur pikeun ”ngalakonan sagala perkara” anu ku anjeunna geus diparéntahkeun. Éta téh kaasup ngajalankeun dua paréntah nu pangutamana, nyaéta nyaah ka Allah jeung ka sasama. (Mat. 22:37-39) Mun urang ngabantu palajar ngajalankeun dua paréntah éta, urang téh sabenerna keur mantuan manéhna supaya bisa ngawawar. Naon maksudna? Mun palajar nyaah ka Allah jeung ka sasama, manéhna bakal kajurung pikeun ngawawar. Tapi, meureun aya nu sieun mun kudu ngawawar. Urang bisa ngayakinkeun manéhna, Yéhuwa bakal mantuan supaya lila-lila manéhna teu sieun deui ka manusa. (Jab. 18:2-4; Sil. 29:25) Kumaha carana mantuan palajar supaya beuki nyaah ka Allah? Dina artikel ieu, aya kotak nu ngajelaskeun carana. Terus, kumaha deui carana sidang mantuan palajar supaya beuki nyaah ka Allah jeung ka sasama?

9. Kumaha nu diajar nyetir bisa meunang palajaran penting?

9 Pikirkeun deui ibarat ngeunaan jalma nu keur diajar nyetir tadi. Bari nyetir di jalan, manéhna bisa ngadéngékeun naon nu diomongkeun ku nu ngajarna. Manéhna gé bisa merhatikeun kumaha cara batur nyetir. Misalna, nu ngajar bisa méré nyaho, ’Tuh jiga si Bapa itu, mun aya nu rék nyiap, ngéléhan wéh.’ Atawa, ’Tah turutan si Bapa éta, mun rék méngkol, paké lampu sein.’ Engké, manéhna bisa nurutan éta.

10. Kumaha carana supaya palajar bisa gancang nyieun kamajuan?

10 Sarupa kitu, palajar Alkitab nu kakara ngawula Yéhuwa gé bisa diajar tina tuladan guruna jeung dulur-dulur saiman. Kumaha carana supaya palajar gancang nyieun kamajuan? Manéhna kudu datang ka pasamoan. Ku naon? Lantaran dina pasamoan, manéhna bakal ngadéngékeun pituduh-pituduh tina Alkitab. Engké pamahamanna bakal beuki loba, imanna beuki kuat, jeung manéhna bakal beuki nyaah ka Allah. (Ras. 15:30-32) Di ditu gé, guruna bisa ngenalkeun palajar ka dulur-dulur saiman nu kaayaanna méh sarua jeung manéhna. Terus palajar bisa ningali, dulur-dulur saiman téh nyaah ka Allah jeung ka sasama.

11. Palajar bisa ningali tuladan naon waé di sidang, jeung naon mangpaatna?

11 Perhatikeun sababaraha conto. Anggap wé palajar Alkitabna téh saurang randa nu kudu ngagedékeun budak. Terus manéhna ningali, aya sadérék istri nu mawa barudakna ka pasamoan. Manéhna pasti kageuing ningali upaya sadérék istri éta. Terus, misalna aya palajar Alkitab nu hésé eureun ngudud. Tapi manéhna apal, di sidang gé aya pawarta nu baheulana hésé eureun ngudud. Terus pawarta éta nyarita, manéhna bisa eureun ngudud téh lantaran nyaah ka Yéhuwa. (2 Kor. 7:1; 2 Kor. 4:7, SF) Sanggeus nyarita, pawartana ngomong, ”Akang gé pasti bisa!” Si palajar tangtu bakal leuwih yakin manéhna bisa eureun ngudud. Nah, ayeuna bayangkeun mun palajarna saurang awéwé ngora. Terus, manéhna ningali aya saurang sadérék istri di sidang nu sapantaran jeung manéhna. Hirupna téh mani bagja pisan. Ningali kitu, manéhna jadi panasaran ku naon sadérék istri éta bisa bagja jiga kitu.

12. Jelaskeun ku naon kabéh anggota sidang bisa mantuan palajar Alkitab nyieun kamajuan.

12 Sanggeus gaul jeung dulur-dulur saiman, palajar bisa ningali kumaha dulur-dulur saiman ngajalankeun paréntah Kristus pikeun nyaah ka Allah jeung ka sasama. (Yoh. 13:35; 1 Tim. 4:12) Terus jiga nu tadi geus dibahas, palajar bisa nyonto kumaha pawarta-pawarta séjén nyanghareupan masalah nu méh sarua jeung manéhna. Manéhna bakal ngarasa, manéhna gé bisa barobah jeung jadi murid Kristus. (Pam. 30:11) Kabéh anggota sidang bisa mantuan palajar nyieun kamajuan. (Mat. 5:16) Kumaha jeung Sadérék? Naon nu bisa Sadérék lakukeun pikeun mantuan palajar nu datang ka pasamoan?

BANTU PAWARTA NU TEU AKTIF PIKEUN NGAWAWAR DEUI

13-14. Kumaha sikep Yésus ka para rasulna nu keur leutik haté?

13 Urang hayang ngabantu pawarta nu teu aktif pikeun ngajalankeun tugas ti Kristus deui, nyaéta ngawawar jeung ngajadikeun murid. Kumaha carana? Urang bisa nyonto sikep Yésus ka para rasulna nu keur leutik haté.

14 Waktu Yésus geus téréh maot, para rasul kalah ka ”kalabur” ninggalkeun anjeunna. (Mar. 14:50; Yoh. 16:32) Kumaha sikep Yésus ka para rasul nu keur lemah ieu? Teu lila sanggeus dihirupkeun deui, Yésus ngomong ka para wanita, ”Ulah sarieun . . . jung bejakeun ka dulur-dulur Kami [yén Kami geus dihirupkeun deui].” (Mat. 28:10) Sanajan para rasul geus naringgalkeun Yésus, anjeunna mah teu ninggalkeun maranéhna. Malah, anjeunna nyebut maranéhna ”dulur-dulur Kami”. Yésus téh welas asih jeung réla ngahampura jiga Yéhuwa.​—2 Rja. 13:23.

15. Kumaha parasaan urang ka para pawarta nu geus teu aktif?

15 Urang gé pasti mikirkeun dulur-dulur saiman nu geus teu aktif. Urang pasti nyaah ka maranéhna, da maranéhna téh dulur-dulur urang kénéh. Urang inget, baheula maranéhna getol pisan dina palayanan. Malah, aya nu geus puluhan taun ngawula Yéhuwa. (Ibr. 6:10) Urang sono pisan ka maranéhna! (Luk. 15:4-7) Jiga Yésus, kumaha urang bisa nunjukkeun perhatian ka maranéhna?

16. Kumaha carana nunjukkeun perhatian ka dulur-dulur saiman nu geus teu aktif?

16 Ajak maranéhna ka pasamoan. Yésus nguatkeun para rasul nu keur leutik haté ku cara ngajak maranéhna panggih. (Mat. 28:10; 1 Kor. 15:6) Kitu ogé, urang bisa nguatkeun pawarta nu teu aktif ku cara ngajak manéhna panggih jeung dulur-dulur saiman dina pasamoan. Meureun diajakna gé kudu sababaraha kali, kakara daékeun. Yésus pasti senang waktu para rasul daékeun datang. Urang gé pasti senang waktu pawarta nu teu aktif daék masamoan.​—Bandingkeun Mateus 28:16 jeung Lukas 15:6.

17. Urang bakal kumaha mun aya pawarta teu aktif nu datang ka Balé Karajaan?

17 Sambut sacara soméah. Baheula waktu panggih jeung para rasul, Yésus heula nu ngajak ngobrol maranéhna. Jadi maranéhna ngarasa disambut ku anjeunna. (Mat. 28:18) Urang kudu kumaha mun aya pawarta teu aktif nu datang ka Balé Karajaan? Urang kudu nyambut jeung ngajak ngobrol manéhna ti heula. Meureun urang bingung rék ngomong naon. Tong hariwang. Ngomong wé urang senang pisan panggih jeung manéhna. Ulah nyieun manéhna éra.

18. Kumaha urang bisa méré sumanget ka para pawarta nu teu aktif?

18 Béré sumanget. Meureun baheula para rasul ngarasa teu sanggup mun kudu ngawawar nepi ka tungtung bumi. Yésus méré sumanget ka maranéhna. Ceuk anjeunna, ”Kami tangtu nyarengan ka maranéh salalawasna.” (Mat. 28:20) Naon hasilna? Teu lila, maranéhna sibuk ’ngawuruk jeung ngawawarkeun Injil Kasalametan’. (Ras. 5:42) Pawarta nu teu aktif gé perlu dibéré sumanget. Meureun manéhna ngarasa teu sanggup mun kudu ngawawar deui. Yakinkeun, manéhna moal ngawawar sorangan. Mun manéhna geus siap, urang bisa maturan dines. Manéhna pasti bungah pisan waktu urang maturan manéhna ngawawar deui. Mun ngarasa diperhatikeun ku sidang, sugan wé manéhna bisa aktif deui. Mun kitu, sidang gé pasti bungah.

HAYU ANGGEUSKEUN TUGAS TI YÉSUS!

19. Naon tékad urang, jeung ku naon?

19 Nepi ka iraha urang kudu ngawawar jeung ngajadikeun murid? Nepi ka panungtungan ahir jaman. (Mat. 28:20; tingali Daftar Istilah, ”Penutup zaman”.) Na urang sanggup ngajalankeun tugas ti Yésus ieu? Urang hayang ngajalankeunana! Urang boga tékad pikeun ngorbankeun waktu, tanaga, jeung duit demi néangan jalma-jalma nu ”boga sikep nu bener pikeun meunangkeun hirup langgeng”. (Ras. 13:48, Terjemahan Dunia Baru [NW]) Mun ngalakukeunana, urang nyonto Yésus. Ceuk anjeunna, ”Dahareun Kami nya eta pagawean ti pangersa anu ngutus, anu kudu dipigawe nepi ka anggeus.” (Yoh. 4:34; 17:4) Urang hayang jiga Yésus, ngajalankeun tugas nu dipercayakeun ka urang nepi ka anggeus. (Yoh. 20:21) Urang gé hayang batur, kaasup nu teu aktif, milu digawé babarengan.​—Mat. 24:13.

20. Dumasar 2 Korinta 4:7, ku naon urang pasti bisa nganggeuskeun tugas ti Yésus?

20 Mémang ngajalankeun tugas ti Yésus ieu téh teu gampang. Tapi, urang henteu sorangan. Yésus jangji, anjeunna bakal nyarengan urang. Waktu ngajalankeun tugas ieu, urang téh jadi ”batur gawéna Allah”. (1 Kor. 3:9, NW) Jadi, urang pasti bisa nganggeuskeunana. Ngajalankeun tugas ieu jeung ngabantu batur ngajalankeunana téh kahormatan nu luar biasa!​—Baca 2 Korinta 4:7, SF.

KAWIH 79 Ajar Maranéhna Sangkan Pengkuh

^ par. 5 Yésus nitah murid-muridna pikeun ngajadikeun murid jeung ngajar jalma-jalma ngalakonan sagala hal nu geus diparéntahkeun ku anjeunna. Dina artikel ieu, urang bakal ngabahas kumaha carana ngajalankeun tugas ti Yésus éta.

^ par. 2 Pawarta nu teu aktif téh nyaéta nu geus teu ngawawar sarta teu méré laporan dines salila genep bulan atawa leuwih. Tapi, maranéhna dulur urang kénéh. Urang masih nyaah ka maranéhna.

^ par. 67 KATERANGAN GAMBAR: Saurang sadérék istri ngajelaskeun ka palajar Alkitabna, naon waé nu kudu dilakukeun supaya beuki nyaah ka Allah. Geus kitu, si palajar ngalakukeun tilu hal nu dijelaskeun ku guruna.