Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 47

Na Sadérék Daék Pikeun Terus Barobah?

Na Sadérék Daék Pikeun Terus Barobah?

”Dulur-dulur! . . . lampahkeun pepeling-pepeling.”​—2 KOR. 13:11.

KAWIH 54 ”Ieu Jalanna”

NU DIBAHAS *

1. Ceuk Mateus 7:13, 14, urang keur nempuh perjalanan naon?

URANG kabéh keur nempuh perjalanan. Tempat nu dituju téh nyaéta dunya anyar nu diparéntah ku Yéhuwa nu nyaah ka urang. Di ditu, urang bisa hirup langgeng. Jadi, unggal poé urang kudu nuturkeun jalan anu tujuanana ka dunya anyar. Tapi ceuk Yésus, jalan ka ditu téh heureut jeung hésé ditempuh. (Baca Mateus 7:13, 14, Sunda Formal.) Komo deui urang téh teu sampurna, jadi gampang nyimpang ti jalan éta.​—Gal. 6:1.

2. Urang bakal ngabahas naon waé dina artikel ieu? (Tingali ogé kotak ”Mun Rendah Haté, Urang Bisa Barobah”.)

2 Ngarah tetep aya dina jalan anu nungtun kana kahirupan, urang kudu daék ngarobah pikiran, sikep, jeung ucap lampah urang. Rasul Paulus méré naséhat ka urang Kristen di Korinta supaya maranéhna terus ’ngalampahkeun pepeling-pepeling’, maksudna terus barobah. (2 Kor. 13:11) Naséhat éta gé kudu dijalankeun ku urang. Artikel ieu bakal ngabahas yén Alkitab jeung dulur saiman nu méré tuladan nu hadé bisa mantuan urang barobah. Urang gé bakal ngabahas, ku naon kadang urang sok hésé nuturkeun pituduh ti organisasi Yéhuwa. Terus, urang bakal ngabahas mun urang rendah haté, urang bakal leuwih babari pikeun barobah sarta tetep bungah dina ngawula Yéhuwa.

TUTURKEUN FIRMAN ALLAH SUPAYA BISA BAROBAH

3. Firman Allah bisa ngabantu Sadérék ngalakukeun naon?

3 Teu gampang pikeun mariksa pikiran jeung parasaan sorangan. Ku naon? Sabab haté urang téh licik, jadi sakapeung urang teu nyaho naon niat haté urang nu sabenerna. (Yer. 17:9) Urang bisa waé ”nipu diri sorangan”. (Yak. 1:22) Ku kituna, urang kudu mariksa diri maké Firman Allah. Firman Allah mah bisa ngabolékérkeun ”pikiran jeung angen-angen” urang nu sabenerna. (Ibr. 4:12, 13) Firman Allah téh ibarat mesin rontgen nu bisa ningali nembus ka jero awak urang. Tapi, supaya bisa nuturkeun naséhat tina Alkitab jeung ti sadérék-sadérék nu mingpin, urangna kudu rendah haté.

4. Naon nu nunjukkeun yén Raja Saul téh jadi sombong?

4 Naon balukarna mun urang teu rendah haté? Perhatikeun kisah Raja Saul. Saking ku sombongna, Saul ngarasa pikiran jeung kalakuanna teu kudu dirobah. (Jab. 36:1, 2, Terjemahan Dunia Baru [NW]; Hab. 2:4, NW) Sipat sombongna katingali waktu Yéhuwa méré nyaho naon nu kudu Saul lakukeun sanggeus ngéléhkeun urang Amalék. Saul teu nuturkeun paréntah Yéhuwa. Pas ditegor ku Nabi Samuél gé, angger wé manéhna teu rumasa salah. Saul ngarasa nu dilakukeunana téh teu pati parah. Terus, manéhna kalah ka nyalahkeun batur. (1 Sam. 15:13-24) Saacan kajadian éta gé, geus katingali Saul téh sombong. (1 Sam. 13:10-14) Hanjakalna, Saul embung ngarobah haté jeung pikiranna, jadi Yéhuwa teu resep jeung nolak manéhna.

5. Urang kudu kumaha ngarah teu jiga Saul?

5 Ngarah teu jiga Saul, urang kudu mikirkeun pananya-pananya ieu: ’Mun abdi maca naséhat tina Firman Allah, na abdi néang-néang alesan supaya teu kudu ngajalankeunana? Na abdi ngarasa kasalahan abdi téh teu pati parah? Mun abdi nyieun kasalahan, na abdi kalah ka nyalahkeun batur?’ Mun aya hiji waé pananya nu jawabanna enya, éta hartina pikiran jeung sikep urang kudu dirobah. Mun teu dirobah, urang bisa jadi sombong. Engké Yéhuwa embung nyobat deui jeung urang.​—Yak. 4:6.

6. Naon bédana Raja Saul jeung Raja Daud?

6 Ayeuna perhatikeun Daud, raja nu ngagantikeun Saul. Manéhna béda pisan ti Saul. Daud mah resep kana ”Hukum PANGERAN”. (Jab. 1:1-3) Manéhna apal, Yéhuwa resep ka nu rendah haté sarta ngéwa ka nu sombong. (2 Sam. 22:28) Jadi, Daud daék pikiranna dirobah ku hukum Allah. Manéhna nulis, ”Kaula muji sukur ka PANGERAN, reh ku Mantenna dituyun, ari ti peuting sanubari teh ngingetan.”​—Jab. 16:7.

FIRMAN ALLAH

Firman Allah méré paringetan waktu urang nyimpang. Mun urang rendah haté, Firman Allah bisa ngarobah pikiran urang nu salah (Tingali paragrap 7)

7. Naon mangpaatna mun urang rendah haté?

7 Mun urang rendah haté, Firman Allah bisa ngarobah pikiran urang saacan urang nyieun tindakan nu salah. Firman Allah saolah-olah ngabéjaan ka urang, ”Ieu jalanna, tuturkeun!” Firman Allah bakal méré paringetan mun urang nyimpang ka kénca atawa ka katuhu. (Yes. 30:21) Nurut ka Yéhuwa téh loba mangpaatna. (Yes. 48:17) Misalna urang moal éra, lantaran teu kudu dipapatahan ku batur. Urang ogé bakal leuwih akrab jeung Yéhuwa lantaran urang ngarasa Yéhuwa téh Bapa anu nyaah ka urang.​—Ibr. 12:7.

8. Jiga nu disebutkeun dina Yakobus 1:22-25, ku naon Firman Allah disaruakeun jiga eunteung?

8 Firman Allah téh ibarat eunteung. (Baca Yakobus 1:22-25.) Biasana unggal isuk, urang sok ngeunteung heula saacan indit. Jadi, urang bisa ningali dangdanan urang geus pantes can. Kitu ogé mun urang maca Alkitab unggal poé, urang bisa ningali pikiran jeung sikep urang téh geus bener can, atawa aya kénéh nu kudu dirobah. Loba nu ngarasakeun mangpaat lantaran maca ayat harian unggal isuk saacan indit. Maranéhna hayang Alkitab ngarobah pikiranna. Terus dina poé éta, maranéhna bisa mikirkeun kumaha carana nuturkeun naséhat Alkitab. Urang gé kudu maca jeung ngalenyepan Alkitab unggal poé. Meureun katingalina mah ieu téh sapélé, tapi justru ieu salah sahiji hal pangpentingna anu bisa ngabantu urang supaya teu nyimpang ti jalan anu nungtun kana kahirupan.

DÉNGÉKEUN NASÉHAT TI DULUR SAIMAN

DULUR SAIMAN

Dulur saiman nu picontoeun téh meureun méré naséhat. Na urang nganuhunkeun lantaran maranéhna wani méré naséhat? (Tingali paragrap 9)

9. Iraha dulur saiman perlu méré naséhat ka Sadérék?

9 Pernah teu Sadérék ampir ngajauh ti Yéhuwa gara-gara ngalakukeun hiji hal? (Jab. 73:2, 3) Terus, aya dulur saiman nu wani méré naséhat ka Sadérék. Mun Sadérék ngadéngékeun naséhatna, Sadérék téh ngalakukeun nu bener. Sadérék pasti nganuhunkeun pisan aya nu ngingetan Sadérék.​—Sil. 1:5.

10. Sadérék kudu kumaha mun aya dulur saiman nu méré naséhat?

10 Alkitab ngingetan urang, ”Najan matak nyeri, ari ti sobat mah hade maksudna.” (Sil. 27:6) Naon hartina? Bayangkeun, Sadérék aya di sisi jalan rék meuntas jalan raya. Terus, Sadérék ngaléngkah tapi teu luak-lieuk heula, da Sadérék keur nyoo HP. Ningali Sadérék ampir katabrak, babaturan Sadérék buru-buru ngabetot Sadérék. Saking ku tarikna, leungeun Sadérék nepi ka bariru. Meureun keur sababaraha poé mah leungeun Sadérék téh nyeri. Tapi, na Sadérék bakal ambek ka manéhna? Tangtu moal, da manéhna téh geus nyalametkeun Sadérék. Justru Sadérék bakal nganuhunkeun pisan. Kitu ogé, lamun omongan jeung tindakan Sadérék teu sajalan jeung patokan Allah, meureun aya dulur saiman nu méré naséhat ka Sadérék. Bisa waé, mimitina mah Sadérék nyeri haté. Tapi ulah keuheul ka manéhna, sabab éta téh ’tabeatna jelema gejul’. (Pan. 7:9) Justru, Sadérék téh kudu nganuhunkeun lantaran manéhna wani méré naséhat.

11. Ku naon aya jalma nu embung ngadéngékeun naséhat?

11 Ku naon aya jalma nu embung ngadéngékeun naséhat? Sabab manéhna sombong. Jalma nu sombong mah ngan daék ngadéngékeun omongan anu genah kana ceuli wungkul. Manéhna embung ngadéngékeun ”piwuruk anu sayakti”. (2 Tim. 4:3, 4) Manéhna ngarasa leuwih bijaksana ti batur, jadi teu butuh naséhat. Tapi, Rasul Paulus nulis, ”Anu sok ieu aing jelema penting padahal teu aya naon-naonna, sasat ngabobodo maneh.” (Gal. 6:3) Raja Suléman gé nulis kieu, ”Lamun dina ka kolotnakeun [saurang raja] embung narima nasehat batur awaning ku gejul, nasibna saenyana leuwih goreng ti batan budak ngora anu miskin tapi pinter.”​—Pan 4:13, 14.

12. Urang diajar naon tina tuladan Rasul Pétrus nu dicatet dina Galata 2:11-14?

12 Perhatikeun kumaha sikep Pétrus waktu ditegor ku Paulus di hareupeun jalma réa. (Baca Galata 2:11-14.) Pétrus bisa waé keuheul ka Paulus sabab Paulus téh ngomongna mani satarabasna, jaba di hareupeun jalma réa deuih. Tapi, Pétrus bijaksana. Manéhna daék ngadéngékeun naséhat Paulus jeung teu ngunek-ngunek. Malah manéhna nyebut Paulus téh ”dulur sim kuring”.​—2 Pet. 3:15.

13. Urang kudu mikirkeun naon saacan méré naséhat ka batur?

13 Kumaha mun urang ngarasa perlu méré naséhat ka batur? Saacan ngomong, pék pikirkeun heula, ’Na abdi ngarasa diri pangsoléhna?’ (Pan. 7:16) Jalma nu ngarasa diri pangsoléhna téh sok ngahakiman batur maké patokan sorangan, lain maké patokan Yéhuwa. Jadi, manéhna sok teu mikirkeun parasaan batur waktu méré naséhat. Mun Sadérék geus bener-bener mikirkeun hal tadi, tapi masih ngarasa kudu méré naséhat ka babaturan, Sadérék kudu kumaha? Béré nyaho salahna di mana, terus gunakeun pananya-pananya nu bisa ngabantu manéhna paham ku naon éta téh salah. Urang kudu mastikeun, naséhat urang téh asalna tina Alkitab. Sing inget, urang teu meunang ngahakiman manéhna. Tapi, urang kudu mantuan manéhna supaya paham kumaha parasaan Yéhuwa ningali kalakuanana. (Rum 14:10; Sil. 3:5) Terus waktu méré naséhat, urang gé kudu welas asih jiga Yésus. (Mat. 12:20) Ku naon? Sabab mun urang welas asih ka batur, Yéhuwa gé bakal welas asih ka urang.​—Yak. 2:13.

TUTURKEUN PITUDUH TI ORGANISASI ALLAH

ORGANISASI ALLAH

Liwat organisasi-Na, Allah nyadiakeun pasamoan-pasamoan, bacaan, vidéo, jeung publikasi nu bisa ngabantu urang ngalarapkeun naséhat Alkitab. Kadang, Badan Pingpinan gé ngarobah carana kagiatan pangwawaran diatur (Tingali paragrap 14)

14. Naon waé nu Yéhuwa sadiakeun liwat organisasi-Na?

14 Liwat organisasi-Na nu aya di bumi, Yéhuwa ngabingbing umat-Na ka jalan nu nungtun kana kahirupan. Mantenna nyadiakeun vidéo, publikasi, jeung pasamoan-pasamoan supaya urang bisa nuturkeun naséhat tina Firman Allah. Éta kabéh téh dasarna tina Kitab Suci, jadi pasti aya mangpaatna keur urang. Terus, waktu Badan Pingpinan kudu nyieun putusan ngeunaan pangwawaran, maranéhna ngandelkeun roh suci. Tapi, maranéhna gé rutin mariksa putusanana, bisi aya nu kudu dirobah. Ku naon? Lantaran dunya ieu keur barobah. Jadi, organisasi Allah gé kudu nuturkeun kaayaan.​—1 Kor. 7:31.

15. Tangtangan naon nu kaalaman ku sababaraha sadérék?

15 Waktu organisasi méré pamahaman anyar ngeunaan hiji pangajaran atawa méré pituduh ngeunaan ahlak, urang pasti siap nuturkeunana. Tapi, kumaha mun pituduh nu dibikeun mangaruhan hal séjénna dina kahirupan urang? Misalna, dina sababaraha taun ieu, biaya pikeun ngawangun jeung ngurus tempat ibadah téh mahal pisan. Jadi, Badan Pingpinan méré pituduh supaya hiji Balé Karajaan bisa dipaké ku sababaraha sidang. Éta sababna sidang-sidang digabung, jeung aya sababaraha Balé Karajaan nu dijual. Duitna dipaké pikeun ngawangun Balé Karajaan di tempat-tempat nu paling ngabutuhkeun. Mun Balé Karajaan Sadérék geus dijual, atawa sidang Sadérék ngagabung jeung sidang séjén, meureun teu gampang pikeun ngabiasakeun diri jeung kaayaan nu anyar ieu. Terus, sababaraha pawarta jadi kudu nempuh perjalanan nu leuwih jauh ka Balé Karajaan. Sadérék-sadérék nu milu ngawangun jeung ngurus Balé Karajaan gé meureun héran, ku naon Balé Karajaanna bet dijual? Bisa waé maranéhna ngarasa, waktu jeung upayana téh cumah. Tapi, maranéhna tetep réla nuturkeun pituduh anyar ieu. Maranéhna layak dipuji.

16. Ku naon urang bisa terus bungah mun nuturkeun naséhat dina Kolosa 3:23, 24?

16 Urang bakal terus bungah mun mikir urang téh keur ngajalankeun tugas ti Yéhuwa sarta Mantenna keur ngabingbing organisasi-Na. (Baca Kolosa 3:23, 24.) Pikirkeun tuladan Raja Daud. Manéhna méré sumbangan pikeun ngawangun bait. Tapi Daud ngomong, ”Abdi sareng rahayat rumaos teu tiasa ngahaturkeun naon-naon ka Gusti, mung tiasa masrahkeun deui anu ku Gusti parantos dipasihkeun, kawantos sagala rupi oge asalna ti Gusti.” (1 Bab. 29:14) Urang gé jiga kitu. Waktu urang méré sumbangan, urang téh sabenerna mulangkeun deui naon nu Yéhuwa bikeun. Najan kitu, Yéhuwa ngahargaan mun urang nyumbangkeun waktu, tanaga, jeung pangaboga urang pikeun ngadukung pagawéan Mantenna.​—2 Kor. 9:7.

ULAH NYIMPANG TINA JALAN NU HEUREUT

17. Ku naon Sadérék teu kudu leutik haté lamun ngarasa aya nu kudu dirobah?

17 Supaya teu nyimpang tina jalan anu nungtun kana kahirupan, urang kabéh kudu bener-bener nuturkeun tuladan Yésus. (1 Pet. 2:21) Lamun Sadérék ngarasa aya nu kudu dirobah, ulah leutik haté. Justru éta téh bisa waé alus, sabab éta hartina Sadérék hayang nuturkeun pituduh ti Yéhuwa. Yéhuwa gé teu pernah ngarepkeun urang nyonto tuladan Yésus sacara sampurna. Mantenna apal, urang téh manusa nu teu sampurna.

18. Urang kudu kumaha supaya nepi ka tujuan urang?

18 Mudah-mudahan urang kabéh terus neuteup ka hareup sarta daék ngarobah pikiran, sikep, jeung ucap lampah urang. (Sil. 4:25; Luk. 9:62) Urang kudu rendah haté jeung terus ’ngalampahkeun pepeling-pepeling’. (2 Kor. 13:11) Engké ”Allah anu sipat asih jeung nu nyepeng karuntutan” bakal nyarengan urang. Terus, urang gé bakal bungah sarta bakal nepi ka dunya anyar.

KAWIH 34 Hirup Satia Satuhu

^ par. 5 Meureun aya nu hésé pikeun ngarobah pikiran, sikep, jeung ucap lampahna. Dina artikel ieu, urang bakal ngabahas ku naon urang kabéh kudu nyieun parobahan jeung kumaha carana supaya urang tetep bungah waktu ngalakukeunana.

^ par. 76 KATERANGAN GAMBAR: Saurang sadérék nyaritakeun, baheula manéhna pernah nyieun putusan nu salah, terus ngarasakeun balukarna. Sadérék nu di beulah katuhu ngadéngékeun enya-enya, sarta mikirkeun manéhna perlu méré naséhat atawa henteu.