Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 52

Carana Ngalawan Parasaan Leutik Haté

Carana Ngalawan Parasaan Leutik Haté

”Pasrahkeun kasusah maneh ka Allah, Mantenna tangtu ngaraksa.”​—JAB. 55:23.

KAWIH 33 Pasrahkeun Kasusah ka Yéhuwa

NU DIBAHAS *

1. Lamun urang leutik haté, urang bakal kumaha?

UNGGAL poé, urang boga masalah. Urang sabisa-bisa teger pikeun nyanghareupanana. Tapi mun urang keur leutik haté, nyanghareupan masalah téh jadi asa hésé pisan. Jadi, parasaan leutik haté téh bisa diibaratkeun jiga maling nu ngarampas kapercayaan diri, kawani, jeung kabungah urang. Siloka 24:10 nyebutkeun, ”Lamun maneh babari leutik hate ku kasusahan, tetela hengkerna atuh.” Éta bener pisan. Mun urang leutik haté, urang moal boga kakuatan pikeun nyanghareupan masalah.

2. Naon waé nu bisa nyababkeun urang leutik haté, jeung naon nu bakal dibahas dina artikel ieu?

2 Urang bisa leutik haté gara-gara loba hal. Aya nu asalna ti jero diri sorangan, aya nu ti luar. Misalna, urang bisa leutik haté lantaran nyieun kasalahan, boga kalemahan, atawa gering. Urang gé bisa leutik haté lantaran teu dibéré tugas nu dipikahayang ku urang dina palayanan, atawa mun ngawawar di daérah nu jalma-jalmana katingali teu minat. Hayu urang bahas naon waé nu bisa urang lakukeun pikeun ngalawan parasaan leutik haté.

WAKTU NYIEUN KASALAHAN JEUNG BOGA KALEMAHAN

3. Waktu nyieun salah, kumaha supaya urang boga pandangan nu bener ka diri sorangan?

3 Mun urang nyieun salah, bisa waé urang ngarasa gagal. Urang gé bisa mikir, Yéhuwa moal ngidinan urang hirup di Pirdaus. Pamikiran jiga kitu téh bahaya. Jadi, kumaha sakuduna pandangan urang ka diri sorangan waktu nyieun salah? Ceuk Alkitab, kabéh manusa ”geus dosa”, iwal Yésus Kristus. (Rum 3:23) Tapi, Yéhuwa teu néang-néang kasalahan urang atawa ngarepkeun urang sampurna. Mantenna téh Bapa nu nyaah ka urang sarta hayang mantuan urang. Yéhuwa ogé sabar. Mantenna ngarti, keur urang mah teu gampang pikeun ngalawan kalemahan. Mantenna gé ngarti, mun urang nyieun salah, urang sok boga pandangan nu teu bener ka diri sorangan. Tapi, Mantenna siap mantuan urang.​—Rum 7:18, 19.

Yéhuwa apal hal-hal hadé nu baheula urang lakukeun jeung nu ayeuna keur urang lakukeun (Tingali paragrap 5) *

4-5. Sajalan jeung 1 Yohanes 3:19, 20, naon nu ngabantu dua sadérék istri ngalawan parasaan leutik haté?

4 Perhatikeun pangalaman dua sadérék nu ngaranna Debora jeung Maria. * Pas keur leutik, Debora teu pati diperhatikeun ku kulawargana sarta jarang dipuji. Manéhna jadi ngarasa diri euweuh hargaan. Ku kituna, pas geus déwasa, mun nyieun salah saeutik waé, manéhna ngarasa bener-bener gagal. Maria gé sarua. Gara-gara kulawargana, Maria jadi rendah diri jeung ngarasa euweuh hargaan. Malah sanggeus dibaptis gé, manéhna masih kénéh ngarasa teu layak jadi umat Allah.

5 Tapi, Debora jeung Maria teu eureun ngawula Yéhuwa. Naha bisa kitu? Maranéhna masrahkeun kasusahna ka Yéhuwa dina doa. (Jab. 55:23) Maranéhna apal, Bapa di sawarga mah ngartieun, nu baheula pernah kaalaman ku urang bisa nyababkeun urang boga pandangan nu salah ka diri sorangan. Geus kitu, Yéhuwa gé ningali sipat-sipat alus dina diri urang, sanajan meureun urangna teu ngarasa boga sipat-sipat éta.​—Baca 1 Yohanes 3:19, 20.

6. Naon nu bisa jadi dirasakeun ku saurang jalma mun ngalakukeun kasalahan nu sarua?

6 Aya nu ngarasa leutik haté lantaran teterusan ngalakukeun kasalahan nu sarua. Padahal, manéhna geus upaya sakuat tanaga supaya teu ngalakukeun kasalahan éta deui. Parasaan jiga kitu téh wajar. (2 Kor. 7:10) Tapi, ulah kaleuleuwihi nepi ka mikir jiga kieu, ’Urang téh euweuh gunana. Yéhuwa moal pernah ngahampura urang.’ Pamikiran jiga kitu téh salah, sarta bisa nyieun urang eureun ngawula Yéhuwa. Inget ceuk Siloka 24:10. Mun urang leutik haté, urang moal boga kakuatan. Jadi, pasrahkeun masalah urang ka Yéhuwa dina doa, sarta ménta dihampura ku Mantenna. (Yes. 1:18) Mun urang bener-bener tobat, Yéhuwa bakal ngahampura urang. Terus, urang gé bisa ménta tulung ka kokolot. Maranéhna bakal sabar mantuan urang supaya bisa kuat deui sacara rohani.​—Yak. 5:14, 15.

7. Ku naon urang teu kudu leutik haté lamun hésé ngalakukeun nu bener?

7 Saurang kokolot ti Prancis nu ngaranna Jean-Luc ngomong, ”Keur Yéhuwa mah, jalma nu bener téh lain jalma nu teu pernah ngalakukeun salah, tapi jalma nu kaduhung sanggeus nyieun salah, sarta daék tobat.” (Rum 7:21-25) Jadi mun Sadérék ngalakukeun kasalahan nu sarua, ulah mikir Sadérék téh euweuh gunana. Sing inget, sabenerna di hareupeun Yéhuwa mah, euweuh hiji-hiji acan jelema nu bisa dianggap bener. Jelema bisa dianggap bener téh lantaran Yéhuwa bageur pisan, sarta méré tebusan keur urang.​—Epe. 1:7; 1 Yoh. 4:10.

8. Waktu urang leutik haté, urang bisa ménta bantuan ka saha?

8 Dulur-dulur saiman bisa nguatkeun urang. Mun urang hayang nyarita, maranéhna daék ngadéngékeun jeung bisa ngahibur urang. (Sil. 12:25; 1 Tes. 5:14) Saurang sadérék ti Nigeria nu ngaranna Joy ngomong, ”Rék kumaha abdi mun euweuh dulur saiman mah? Yéhuwa ngajawab doa-doa abdi liwat dulur saiman. Abdi gé jadi ngarti kumaha carana nguatkeun batur nu keur leutik haté.” Tapi urang gé kudu inget, dulur saiman bisa jadi teu nyahoeun mun urang keur leutik haté. Jadi, urangna nu kudu hideng nyampeurkeun maranéhna sarta ménta bantuan.

WAKTU KEUR GERING

9. Kumaha Jabur 41:4 jeung 94:19 nguatkeun urang?

9 Pénta Yéhuwa negerkeun urang. Waktu urang gering, komo mun geringna parah, sok hésé pikeun mikir positif. Yéhuwa mémang moal nyageurkeun urang sacara mujijat, tapi Mantenna pasti ngahibur sarta méré kakuatan supaya urang tabah. (Baca Jabur 41:4; 94:19.) Yéhuwa bisa jadi ngagerakkeun dulur saiman pikeun mantuan urang, saperti mantuan ngagawékeun pagawéan imah atawa balanja. Mantenna gé bisa ngagerakkeun dulur saiman pikeun ngadoa bareng jeung urang, atawa mantuan urang supaya inget kana ayat-ayat nu nengtremkeun, misalna ayat nu nyaritakeun engké mah di dunya anyar urang bakal sampurna jeung moal gering deui.​—Rum 15:4.

10. Ku naon Isak teu teterusan leutik haté sanggeus kacilakaan?

10 Isak ti Nigeria ngalaman kacilakaan nu nyababkeun manéhna lumpuh. Ceuk dokter, manéhna moal bisa leumpang deui. Isak ngomong, ”Haté abdi ancur pisan.” Tapi, manéhna teu teterusan ngarasa kitu. Ku naon? Manéhna ngajelaskeun, ”Abdi jeung pamajikan teu eureun-eureun ngadoa ka Yéhuwa sarta ngulik Alkitab. Urang duaan gé mikirkeun berkah-berkah nu urang tarima, misalna harepan pikeun hirup di dunya anyar.”

Nu keur gering bisa ngagunakeun rupa-rupa cara pikeun ngawawar, sarta tetep bungah (Tingali paragrap 11-13)

11. Ku naon Cindy bisa tetep bungah najan gering parah?

11 Cindy ti Meksiko keuna hiji panyakit. Ceuk dokter, panyakitna téh ngabahayakeun nyawa. Ku naon manéhna bisa tetep tabah? Waktu dirawat, manéhna boga tujuan pikeun ngawawar unggal poé. Manéhna nulis, ”Abdi jadi bisa leuwih merhatikeun batur, teu ngan mikirkeun operasi, panyakit, jeung kanyeri abdi. Abdi boga tékad, mun ngobrol jeung dokter atawa suster, abdi bakal nanyakeun kulawargana. Terus, abdi bakal nanya ku naon maranéhna bet milih pagawéan nu hésé jiga kitu. Geus kitu, abdi bisa ngira-ngira topik mana nu cocog keur maranéhna. Loba nu ngomong, jarang aya pasién nu nanya ka dokter atawa suster, ’Kumaha damang?’ Maranéhna resepeun ditanya kitu. Malah, aya nu méré alamat atawa nomer teleponna. Jadi najan abdi boga masalah anu beurat, Yéhuwa méré kabungah nu teu kasangka-sangka!”​—Sil. 15:15.

12-13. Kumaha carana sadérék-sadérék nu keur gering bisa tetep ngawawar, jeung naon hasilna?

12 Jelema nu keur gering meureun ngarasa leutik haté lantaran teu bisa ngawawar jiga baheula. Tapi, loba nu bisa méré kasaksian maké rupa-rupa cara. Laurel ti Amerika Serikat geus 37 taun maké mesin supaya bisa napas. Manéhna gé boga panyakit kangker, geus sababaraha kali dioperasi, sarta boga panyakit kulit nu parah. Jadi, manéhna teu bisa kaluar imah. Tapi, manéhna bisa terus ngawawar. Manéhna méré kasaksian ka suster jeung ka jalma-jalma nu ngalongok manéhna. Naon hasilna? Manéhna geus mantuan 17 jalma nepi ka dibaptis! *

13 Richard, saurang kokolot ti Prancis, méré saran keur sadérék-sadérék nu dirawat di imah atawa di tempat parawatan séjénna, ”Alus mun maranéhna boga rak leutik keur majang bacaan-bacaan. Engké, batur nu ningali jadi panasaran. Tah mun geus kitu mah, gampang ngajak ngobrolna. Cara jiga kieu bisa ngabantu sadérék-sadérék nu teu bisa kaluar imah supaya teu leutik haté.” Atawa, maranéhna ogé bisa méré kasaksian liwat telepon jeung nulis surat.

WAKTU TEU DIBÉRÉ TUGAS NU DIPIKAHAYANG

14. Raja Daud méré tuladan alus naon?

14 Bisa waé urang teu dibéré tugas nu dipikahayang dina palayanan, meureun lantaran urang geus kolot teuing, boga masalah kaséhatan, atawa hal-hal séjénna. Mun kaayaan urang jiga kitu, pikirkeun conto Raja Daud. Daud hayang pisan ngawangun bait Allah. Tapi waktu dibéré nyaho lain manéhna nu bakal ngawangun, Daud tetep ngadukung jalma nu dipilih ku Yéhuwa pikeun ngajalankeun tugas éta. Manéhna gé méré sumbangan nu loba pisan. Daud téh bener-bener tuladan nu hadé!​—2 Sam. 7:12, 13; 1 Bab. 29:1, 3-5.

15. Kumaha Hugo ngalawan parasaan leutik haté?

15 Lantaran boga masalah kaséhatan, saurang sadérék ti Prancis nu ngaranna Hugo geus teu ngalayanan jadi kokolot deui. Malah, ngalakukeun tugas nu saderhana di imah gé manéhna geus teu sanggupeun. Manéhna nulis, ”Mimitina mah, abdi ngarasa diri euweuh guna jeung leutik haté pisan. Tapi, lila-lila abdi bisa narima kanyataan, sarta bisa tetep bungah ngawula Yéhuwa najan kaayaan abdi jiga kieu. Abdi embung nyerah. Jiga Gidion jeung tilu ratus prajuritna, najan kacida capéna, abdi bakal terus bajoang!”​—Hak. 8:4.

16. Urang diajar naon ti para malaikat?

16 Para malaikat nu satia gé méré tuladan anu alus. Dina jamanna Raja Ahab, Yéhuwa ménta saran ka para malaikat, kumaha carana ngabobodo raja éta. Para malaikat méré saran, tapi ngan hiji nu saranna dipilih ku Yéhuwa. Terus Yéhuwa ngomong ka malaikat éta, rencanana bakal suksés. (1 Rja. 22:19-22) Ari malaikat nu séjénna kumaha? Na maranéhna jadi leutik haté sarta mikir, ’Jang naon atuh urang méré saran?’ Tangtu henteu. Para malaikat téh rendah haté sarta hayang kabéh pujian ditujukeun ka Yéhuwa.​—Hak. 13:15-18; Wahyu 19:10.

17. Urang kudu kumaha mun ngarasa leutik haté lantaran teu meunang tugas nu dipikahayang dina palayanan?

17 Sing inget, kahormatan nu panggedéna téh nyaéta jadi Saksi Yéhuwa sarta ngawartakeun Karajaan Allah. Urang bisa meunang tugas tambahan dina palayanan, bisa ogé henteu. Tapi, lain éta nu nyieun urang dipikanyaah ku Yéhuwa. Mun urang rendah haté, Yéhuwa jeung dulur-dulur saiman pasti nyaah ka urang. Jadi, pénta bantuan Yéhuwa supaya urang tetep rendah haté. Pikirkeun tuladan karendahan haté ti hamba-hamba Allah nu dicatet dina Alkitab. Terus, sing réla ngalayanan dulur-dulur saiman sabisa-bisana.​—Jab. 138:6; 1 Pet. 5:5.

WAKTU JALMA-JALMA TEU MINAT KANA WARTA HADÉ

18-19. Kumaha Sadérék bisa tetep bungah dina palayanan najan jalma-jalma katingalina teu minat?

18 Na Sadérék sok leutik haté gara-gara jalma-jalma di daérah Sadérék katingalina teu minat kana bebeneran, atawa jarang aya di imah? Mun kitu, kumaha atuh carana supaya urang tetep sumanget jeung beuki bungah? Pék perhatikeun sababaraha saran dina kotak ” Carana Supaya Beuki Bungah dina Dines”. Urang ogé kudu boga pandangan nu bener kana palayanan urang. Naon maksudna?

19 Tong poho, urang ngawawar téh lantaran hayang méré nyaho batur ngeunaan nami Allah sarta Karajaan-Na. Yésus geus méré nyaho, nu bakal jadi muridna téh ngan saeutik. (Mat. 7:13, 14) Waktu dines, sabenerna urang meunang kahormatan pikeun digawé bareng jeung Yéhuwa, Yésus, sarta para malaikat. (Mat. 28:19, 20; 1 Kor. 3:9; Wahyu 14:6, 7) Mun jalma nu urang wawaran can daék narima bebeneran, sugan wéh kahareupna manéhna jadi daékeun. Sing inget, nu narik jalma-jalma téh Yéhuwa.​—Yoh. 6:44.

20. Kumaha Yermia 20:8, 9 ngabantu urang ngalawan parasaan leutik haté?

20 Urang bisa diajar loba hal ti nabi Yérmia. Manéhna téh ditugaskeun ka daérah nu jalma-jalmana embung ngadéngékeun. Yérmia kalah ka teterusan dihina jeung diléléwé. (Baca Yermia 20:8, 9.) Saking ku leutik haténa, Yérmia ngarasa hayang nyerah. Untungna, manéhna teu eureun ngawawar. Naha bisa kitu? Sabab ”pangandika Gusti” téh jiga seuneu di jero haté Yérmia, panasna teu katahan. Urang bisa jiga Yérmia mun urang diajar Alkitab unggal poé sarta ngalenyepanana. Engké, urang bakal beuki bungah dina dines, sarta sugan wéh jalma-jalma jadi leuwih daék ngadéngékeun urang.​—Yer. 15:16.

21. Kumaha carana supaya urang bisa ngéléhkeun parasaan leutik haté?

21 Ceuk Debora nu tadi, ”Parasaan leutik haté téh bisa dijadikeun senjata ku Sétan pikeun nyerang urang.” Tapi keur Yéhuwa mah, senjata Sétan euweuh nanaonna. Jadi iraha waé urang ngarasa leutik haté, urang bisa ménta bantuan Yéhuwa. Mantenna bakal nulungan urang waktu urang nyieun kasalahan sarta boga kalemahan. Mantenna gé bakal nulungan urang waktu keur gering. Terus, Mantenna bakal mantuan supaya urang boga pandangan nu bener kana tugas urang dina palayanan. Sarta, Mantenna bakal mantuan urang supaya terus sumanget dina dines. Jadi, pék ngadoa sarta budalkeun eusi haté Sadérék ka Bapa di sawarga. Ku bantuan Yéhuwa, Sadérék pasti bisa ngalawan parasaan leutik haté.

KAWIH 41 Mugi Doa Abdi Didangukeun

^ par. 5 Urang kabéh osok ngarasa leutik haté. Dina artikel ieu, urang bakal ngabahas naon nu bisa urang lakukeun waktu ngarasa leutik haté. Urang gé bakal ngabahas kumaha Yéhuwa mantuan urang pikeun ngalawan parasaan leutik haté.

^ par. 4 Sababaraha ngaran geus diganti.

^ par. 12 Baca pangalaman Laurel Nisbet dina majalah Sedarlah! 22 Januari 1993.

^ par. 69 KATERANGAN GAMBAR: Saurang sadérék istri ngarasa leutik haté. Tapi, manéhna mikirkeun palayananna baheula, tuluy ngadoa ka Yéhuwa. Manéhna paham, Yéhuwa bakal inget nu pernah manéhna lakukeun sarta merhatikeun nu keur dilakukeun ku manéhna.