Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Sing Sumanget Ngajalankeun Tugas!

Sing Sumanget Ngajalankeun Tugas!

KUMAHA rasana mun meunang surat nu ngagedékeun haté ti sobat Sadérék? Saurang murid Kristus, nyaéta Timoteus, meunang surat jiga kitu ti Rasul Paulus. Surat éta ayeuna jadi buku 2 Timoteus dina Alkitab. Timoteus pasti néangan tempat anu tenang jang maca surat ti sobatna ieu. Meureun Timoteus mikir, ’Kumaha nya kabarna Paulus? Na manéhna boga saran supaya abdi bisa suksés ngajalankeun tugas? Na saranna bisa ngabantu abdi supaya leuwih tarampil dina ngawawar jeung ngajar? Na saranna aya mangpaatna keur batur?’ Engké urang bakal ningali, kumaha surat nu penting ieu ngajawab pananya-pananya Timoteus jeung pananya séjénna. Tapi, ayeuna hayu urang bahas heula sababaraha naséhat alus nu aya dina surat éta.

”BAPA TABAH NADAH SAGALA COCOBA”

Kakara maca surat éta saeutik gé, Timoteus bisa langsung ngarasa akrab jeung Paulus. Dina suratna, Paulus manggil manéhna ”anaking”. (2 Tim. 1:1, 2) Harita téh kira-kira taun 65 M. Timoteus kakara umur 30 taunan, tapi manéhna geus jadi kokolot anu pangalaman. Timoteus geus sapuluh taun leuwih maturan Paulus dina palayanan, sarta diajar loba hal ti manéhna.

Timoteus pasti dikuatkeun pisan, sabab Paulus tetep satia najan nyanghareupan loba cocoba. Harita Paulus keur ditahan di Rum, sarta sakeudeung deui bakal dipaéhan. (2 Tim. 1:15, 16; 4:6-8) Timoteus bisa ningali kategeran Paulus. Paulus nulis, ”Bapa tabah nadah sagala cocoba.” (2 Tim. 2:8-13) Jiga Timoteus, urang bisa dikuatkeun ku tuladan Paulus anu tabah pisan.

”GEDURKEUN DINA HATE HIDEP”

Paulus hayang Timoteus ngagedur-gedur ngagunakeun kurnia ti Allah. (2 Tim. 1:6, Sunda Formal) Paulus ngagunakeun kecap Yunani kharisma waktu manéhna nyebutkeun ”kurnia”. Kecap éta ngamaksudkeun hadiah anu teu layak pikeun ditarima. Timoteus meunang kurnia éta waktu manéhna dibéré tugas nu istiméwa pikeun ngalayanan sidang. (1 Tim. 4:14) Jadi, Paulus hayang Timoteus nganggap tugasna ti Allah téh penting pisan.

Kurniana kudu dikumahakeun ku Timoteus? Waktu maca kekecapan gedurkeun dina haté hidep, Timoteus meureun ngabayangkeun api unggun. Api unggun téh seuneuna bisa pareum. Nah, ngarah seuneuna ngagedur-gedur, suluhna kudu diguar-guar terus. Hiji kamus nyebutkeun, kecap Yunani anazopyreo anu digunakeun ku Paulus téh ngamaksudkeun ”ngipas, ngahurungkeun, ngagedurkeun”. Jadi éta bisa ngamaksudkeun ”ngagawékeun hiji tugas sacara sumanget”. Ku kituna, naséhat Paulus ka Timoteus bisa dihartikeun jiga kieu, ’Sing sumanget ngajalankeun tugas.’ Ayeuna gé urang kudu jiga Timoteus, sumanget ngajalankeun tugas.

”JAGA SING BENER” NAON NU GEUS DIPERCAYAKEUN

Dina suratna, Paulus gé nyebutkeun hal séjén anu bisa ngabantu Timoteus suksés dina palayanan. Paulus nulis, ”Anu geus dipercayakeun ka hidep, jaga sing bener kalawan pitulung pangawasa Roh Suci anu geus ngancik di urang.” (2 Tim. 1:14) Naon nu dipercayakeun ka Timoteus téh? Éta téh ”pangajaran-pangajaran”, nyaéta bebeneran nu aya dina Kitab Suci. (2 Tim. 1:13) Sabagé urang Kristen, Timoteus kudu ngajarkeun bebeneran ka dulur-dulur saiman sarta ka jalma-jalma séjén. (2 Tim. 4:1-5) Timoteus gé geus dilantik sabagé kokolot anu kudu ngurus domba-domba Allah. (1 Pet. 5:2) Bebeneran anu kudu diajarkeun ku Timoteus téh mangrupa harta anu kudu dijaga. Timoteus bisa ngajagana ku bantuan roh suci Yéhuwa sarta Firman-Na.​—2 Tim. 3:14-17.

Kiwari, urang gé dipercayakeun bebeneran anu kudu diajarkeun ka jalma-jalma. (Mat. 28:19, 20) Bebeneran éta téh harta nu kudu dijaga. Carana, urang kudu terus ngadoa sarta rajin diajar Firman Allah. (Rum 12:11, 12; 1 Tim. 4:13, 15, 16) Meureun, urang gé boga tugas tambahan sabagé kokolot atawa aya dina dines sapinuh waktu. Mun kitu, urang kudu rendah haté, sadar urang téh moal bisa nanaon mun teu dibantuan ku Allah. Ku kituna, urang bisa ngajaga harta éta sarta ngandelkeun bantuan ti Yéhuwa.

”PERCAYAKEUN KA JELEMA ANU BISA DIANDELKEUN”

Timoteus gé kudu ngalatih batur pikeun ngajalankeun tugas nu sarua jeung manéhna. Éta sababna Paulus ngajurung Timoteus, ”Pangajaran anu ku hidep kadenge tina embaran bapa . . . percayakeun ka jelema anu bisa diandelkeun, sina diajarkeun ku manehna ka nu sejen.” (2 Tim. 2:2) Jadi, nu geus diajarkeun téh teu meunang dikeukeuweuk sorangan ku Timoteus. Ayeuna, para pangawas di sidang gé kudu ngalakukeun nu sarua. Pangawas nu hadé mah moal ngarasa kasaingan, justru daék ngabagikeun pamahamanna ka batur. Manéhna ngabantu batur nepi ka bisa ngajalankeun hiji tugas. Manéhna teu sieun batur nyaho leuwih loba atawa ngagawékeun hiji hal leuwih hadé tibatan manéhna. Jadi, manéhna moal ngan ngajarkeun hal-hal dasar wungkul, tapi bakal ngalatih batur supaya boga pamahaman jeung bisa nyieun putusan nu bener, nepi ka jadi urang Kristen nu pangalaman. Ku kituna, ”jelema anu bisa diandelkeun” nu dilatih ku manéhna téh bisa méré loba mangpaat keur sidang.

Timoteus pasti resep pisan narima surat ti Paulus. Manéhna gé meureun maca suratna mangkali-kali, sarta bener-bener mikirkeun kumaha carana ngajalankeun naséhat-naséhat Paulus dina palayanan.

Urang gé hayang ngajalankeun naséhat ti Paulus. Kumaha carana? Urang kudu getol ngajalankeun tugas urang jiga seuneu nu ngagedur-gedur, ngajaga nu geus dipercayakeun ka urang, sarta ngalatih batur. Ku kituna, urang bisa nuturkeun naséhat Paulus ka Timoteus pikeun ”ngajalankeun palayanan [urang] sapinuhna”.​—2 Tim. 4:5; Terjemahan Dunia Baru.