Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Na Enya Doa Bisa Ngabantu Urang?

Na Enya Doa Bisa Ngabantu Urang?

Ku sabab boga panyakit kangker, Pamela néangan dokter nu ahli pikeun ngubaran manéhna. Pamela gé sok ngadoa ka Gusti ménta kakuatan supaya bisa nyanghareupanana. Na enya doana bisa ngabantu manéhna?

Pamela nyarita, ”Waktu keur diubaran, abdi téh asa sieun pisan. Tapi, sanggeus ngadoa ka Allah Yéhuwa, parasaan téh jadi tenang jeung teu pati sieun deui. Nepi ka ayeuna masih karasa nyeri pisan, tapi doa ngabantu abdi supaya teu aral. Waktu batur nanya parasaan abdi, abdi ngomong, ’Mémang awak mah masih kénéh nyeri, tapi abdi tetep sumanget!’”

Mémang, lain hartina urang ngadagoan nepi ka aya masalah nu beurat heula kakara urang ngadoa. Unggal jalma pasti boga masalah, rék nu leutik, rék nu gedé. Urang kabéh tangtu butuh bantuan pikeun nyanghareupanana. Na enya doa bisa ngabantu urang?

Kitab Suci nyebutkeun, ”Pasrahkeun kasusah maneh ka Allah, Mantenna tangtu ngaraksa; Mantenna moal ngantep jelema bener eleh.” (Jabur 55:23) Nu dicaritakeun Kitab Suci téh bener-bener nengtremkeun pisan! Jadi, na enya doa bisa ngabantu Sadérék? Waktu Sadérék ngadoa ka Allah ku cara nu bener, Allah bakal méré bantuan nu diperlukeun ku Sadérék.​—Tingali kotak ” Naon Mangpaat Doa keur Urang?