Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Na Gusti Ngadéngékeun Doa-Doa Urang?

Na Gusti Ngadéngékeun Doa-Doa Urang?

Waktu Sadérék ngadoa, na Gusti ngadéngékeun Sadérék?

NAON CEUK KITAB SUCI?

  • Gusti téh ngadéngékeun doa. Kitab Suci méré jaminan, ”Mantenna deukeut ka sakur anu sasambat . . . ka Mantenna enya-enya . . . kersa ngadangu sarta nyalametkeun sakur nu jumerit ka Mantenna.”​—Jabur 145:18, 19.

  • Gusti hayang Sadérék ngadoa ka Mantenna. Kitab Suci ngayakinkeun Sadérék, ”Tong salempang naon-naon. Naon bae pangabutuh, unjukkeun ka Allah saban neneda, suhunkeun bari hate tumarima.”​—Pilipi 4:6.

  • Gusti merhatikeun Sadérék. Gusti apal kana kahariwangan jeung kasalempangan Sadérék. Gusti hayang nulungan Sadérék. Ceuk Kitab Suci, ”Sagala kasusah unjukkeun ka Mantenna, sabab Mantenna anu ngurus aranjeun.”​—1 Petrus 5:7.