Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Na Dunya Ieu Bakal Dimusnakeun?

Na Dunya Ieu Bakal Dimusnakeun?

Meureun Anjeun geus apal mun Kitab Suci ngajelaskeun yén dunya ieu téh bakal dimusnakeun. (1 Yahya 2:17) Na nu dimusnakeun téh umat manusa? Na planét ieu moal bisa dicicingan deui, atawa bakal diancurkeun?

JAWABAN TI KITAB SUCI TÉH HENTEU!

Naon nu Moal Bakal Musna?

UMAT MANUSA

Ceuk Kitab Suci: Bumi ku Gusti ”dijadikeunana lain sangkan terus suwung, tapi supaya dicicingan ku manusa”.​—YESAYA 45:18.

PLANÉT BUMI

Ceuk Kitab Suci: ”Turunan nu ieu datang, turunan nu itu undur, sabalikna jagat mah tetep-tumetep.”​—PANDITA 1:4.

MAKSUDNA: Ceuk Kitab Suci, planét Bumi moal diancurkeun jeung bakal terus dicicingan. Jadi, naon maksudna kiamat téh?

PIKIRKEUN: Kitab Suci ngabandingkeun kiamat jeung kajadian baheula di jaman Nuh. Basa éta, ’dunya teh geus dedet ku kalakuan anu telenges’. (Kajadian 6:13) Tapi ari Nuh mah jelema anu bener. Jadi, Gusti ngalindungan Nuh jeung kulawargana tapi ngamusnakeun jalma jahat ku Caah Gedé. Ku kituna Kitab Suci nyebutkeun, ”Dibasmina oge eta dunya nu baheula teh ku cai deui, ku caah dunya.” (2 Petrus 3:6, Alkitab Bahasa Sunda 1991) Tah, siga kitu ahir dunya di jaman éta. Tapi naon nu dimusnakeun téh? Lain planétna, tapi jalma-jalma jahat nu aya di dunya. Jadi waktu Kitab Suci nyebutkeun ngeunaan ahir dunya, lain maksudna planét Bumina nu dimusnakeun. Sabalikna, nu dimusnakeun téh jalma-jalma jahat jeung kajahatan nu aya di dunya.

Naon nu Bakal Musna?

MASALAH JEUNG KAJAHATAN

Ceuk Kitab Suci: ”Nu jarahat bakal gancang musna, barang diteang geus teu araya. Demi anu sarareh budi, tangtu bakal kawaris tanah, hirupna senang ngahenang-ngahening.”​—JABUR 37:10, 11.

MAKSUDNA: Caah Gedé di jaman Nuh teu bener-bener ngaleungitkeun kajahatan. Malah sanggeus éta Caah, jalma-jalma jahat aya deui jeung nyieun hirup batur sangsara. Tapi moal lila deui, Gusti bakal ngamusnakeun kajahatan ku Pamaréntahana-Na. Saurang jalma nu nulis jabur ngomong, ”Nu jarahat bakal gancang musna.” Pamaréntahan Gusti nu aya di sorga bakal numpes kajahatan. Rahayatna téh ngan jalma-jalma nu taat ka Gusti.

PIKIRKEUN: Na pamaréntahan dunya bakal ngadukung Pamaréntahan Gusti? Ceuk Kitab Suci mah henteu, justru maranéhna bakal ngalawan. (Jabur 2:2) Terus, naon nu bakal dilakukeun ku Pamaréntahan Gusti? Pamaréntahan Gusti bakal ngagantikeun kabéh pamaréntahan manusa, ”lajeng ngadeg salalanggengna”. (Daniel 2:44) Tapi, ku naon pamaréntahan manusa kudu dimusnakeun?

NU DIBUTUHKEUN—Ahir ti Pamaréntahan Manusa

Ceuk Kitab Suci: ”Nun PANGERAN, abdi terang manusa mah teu kawasa nangtoskeun nasibna, teu kawasa nangtoskeun hirupna.”​—YEREMIA 10:23.

MAKSUDNA: Basa diciptakeun, manusa teu dibéré kamampuh keur maréntah dirina sorangan. Maranéhna teu bisa maréntah ku cara nu bener, komo deui ngaleungitkeun masalah umat manusa.

PIKIRKEUN: Britanica Academic nyebutkeun, pamaréntahan manusa mah teu bisa ”nyingkirkeun musuh umat manusa siga kamiskinan, kalaparan, panyakit, musibat alam, perang, atawa kakerasan”. Terus eta réferénsi nyebutkeun, ”Aya . . . nu percaya, lamun di dunya ngan aya hiji pamaréntahan, kakara bisa nyieun tindakan teges pikeun merangan musuh umat manusa éta.” Tapi sanajan kabéh pamaréntahan ngahiji, angger wéh nu maréntahna téh manusa nu teu sampurna, nu moal sanggup nyingkirkeun masalah-masalah éta. Ngan Pamaréntahan Gusti nu sanggup nyingkirkeun sakabéh masalah sadunya keur salilana.

Jadi ceuk Kitab Suci, jalma bageur mah teu kudu sieun ka ahir dunya. Sabalikna ieu téh kajadian nu diarep-arep ku maranéhna, lantaran dunya nu ruksak ieu bakal digantikeun ku dunya anyar nu leuwih hadé ti Gusti.

Iraha ieu bakal ngawujud? Artikel saterusna bakal ngajelaskeun jawaban tina Kitab Suci.