Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Iraha Ahir Dunya téh?

Iraha Ahir Dunya téh?

Di artikel saacanna, Kitab Suci geus ngajarkeun ngeunaan ahir dunya. Nu dimaksud téh lain umat manusa atawa planétna nu bakal musna, tapi pamaréntahan dunya nu jahat jeung kabéh jalma nu ngadukungna. Na Kitab Suci méré nyaho iraha éta bakal kajadian? Hayu urang perhatikeun naon nu disebutkeun ku Isa Al-Masih.

KEKECAPAN ISA AL-MASIH NGEUNAAN AHIR DUNYA:

”Jadi, maranéh kudu terus waspada sabab maranéh teu nyaho poé jeung jamna.”​—MATIUS 25:13.

”Maranéh kudu terus sadar jeung waspada, sabab maranéh teu nyaho waktu nu geus ditangtukeun éta.”​—MARKUS 13:33.

Euweuh nu nyaho iraha percisna ahir dunya téh. Tapi, Gusti geus nangtukeun ”poé jeung jamna”. (Matius 24:36) Jadi, na ieu hartina urang moal nyaho mun ahir dunya geus téréh? Henteu. Isa méré nyaho murid-muridna ngeunaan tanda-tanda nu nunjukkeun yén ahir dunya téh geus téréh.

TANDA-TANDANA

Bakal aya sababaraha kajadian nu jadi ”tandana panungtungan jaman” ieu. Ceuk Isa, ”Bangsa-bangsa bakal silih perangan, karajaan-karajaan oge bakal silih perangan, sarta bakal aya kalaparan jeung lini di mana-mana.” (Matius 24:3, 7) Anjeunna gé nyebutkeun, bakal aya ”wabah panyakit”, atawa pandémi. (Lukas 21:11) Na Anjeun ningali mun tanda-tanda ieu téh geus kajadian?

Ayeuna loba jalma sangsara lantaran perang, kalaparan, lini, jeung rupa-rupa panyakit. Contona dina taun 2004, hiji lini gedé di Samudra Hindia nyababkeun tsunami nu maéhan kira-kira 225.000 jalma. Salila tilu taun, pandémi COVID-19 geus maéhan kira-kira 6,9 juta jalma di sakuliah dunya. Ceuk Isa, kajadian-kajadian sarupa kieu téh nandakeun yén ahir dunya ieu geus téréh.

”AHIR JAMAN”

Kitab Suci ngajelaskeun yén mangsa waktu saacan poé kiamat téh disebutna ”ahir jaman”. (2 Pétrus 3:3, 4) Ceuk 2 Timotius 3:1-5, tandana ahir jaman téh ahlak jalma-jalma bakal leuwih ancur tibatan saacanna. (Tingali Kotak ” Kajadian-Kajadian Saacan Ahir Dunya”.) Na Anjeun ningali loba jalma ayeuna téh mentingkeun dirina sorangan, sarakah, bengis, jeung teu nyaah ka batur? Ieu gé jadi bukti yén ayeuna geus téréh kiamat.

Sabaraha lila deui ahir jaman téh? Ceuk Kitab Suci, ”waktuna kari saeutik deui.” Sanggeusna, Gusti bakal ”ngabinasakeun jalma-jalma nu keur ngaruksak bumi”.​—Wahyu 11:15-18; 12:12.

PIRDAUS DI BUMI GEUS TÉRÉH!

Gusti geus nangtukeun poé jeung jam pikeun ngamusnakeun pamaréntahan dunya nu jahat ieu. (Matius 24:36) Tapi, aya warta gumbira! Gusti ”teu hayang saurang-urang acan dibinasakeun”. (2 Pétrus 3:9) Anjeunna méré urang kasempetan pikeun diajar jeung taat ka parentah-Na. Ku naon? Lantaran Anjeunna hayang urang salamet tina ahir dunya jeung bisa hirup di bumi nu geus jadi pirdaus.

Gusti ngatur supaya kabéh jalma bisa diajar carana hirup di dunya anyar nu bakal diwujudkeun ku Pamaréntahana-Na. Ceuk Isa, warta gumbira ngeunaan Pamaréntahan Gusti bakal diwartakeun ”ka sakuliah dunya”. (Matius 24:14) Saksi-Saksi Yéhuwa di sakuliah dunya ngagunakeun milyaran jam pikeun ngawawar jeung ngajarkeun harepan tina Kitab Suci ka jalma-jalma. Ceuk Isa, kagiatan pangwawaran bakal nepi ka tungtung bumi kakara ahir dunya datang.

Pamaréntahan manusa geus téréh dimusnakeun. Tapi sabenerna, Anjeun bisa salamet tina ahir dunya sarta hirup di Pirdaus di bumi nu geus dijangjikeun ku Gusti. Artikel saterusna bakal ngabahas carana sangkan Anjeun bisa hirup di dinya.

Ramalan Isa ngeunaan ”ahir jaman” méré harepan keur urang