Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 7

Kudu Paham kana Wewenang Kokolot di Sidang

Kudu Paham kana Wewenang Kokolot di Sidang

”Kristus wenang ka gareja, tur jadi Jurusalametna gareja anu jadi salira-Na ku anjeun.”​—EPE. 5:23.

KAWIH 137 Para Wanoja nu Satia Ngawula

NU DIBAHAS *

1. Naon salah sahiji alesan kulawarga Yéhuwa bisa ngahiji?

URANG resep jadi bagian tina kulawarga Yéhuwa. Ku naon kulawarga ieu bisa sakitu akurna sarta ngahiji? Salah sahiji alesanana téh lantaran urang kabéh sabisa-bisa tunduk ka jalma-jalma nu dibéré wewenang ku Yéhuwa. Lamun urang beuki paham kana aturan ti Yéhuwa ngeunaan wewenang, urang bakal beuki ngahiji.

2. Pananya naon waé nu bakal dibahas dina artikel ieu?

2 Dina artikel ieu, urang bakal ngabahas saha nu dibéré wewenang ku Yéhuwa di sidang. Urang gé bakal ngajawab pananya-pananya ieu: Naon nu bisa dilakukeun ku para sadérék istri pikeun sidang? Enya kitu unggal sadérék pameget téh kapalana unggal sadérék istri? Na wewenang kokolot ka sadérék-sadérék téh sarua jiga wewenang kapala kulawarga ka pamajikan jeung barudakna? Ayeuna, hayu urang bahas heula kumaha sakuduna pandangan urang ka sadérék istri.

KUMAHA SAKUDUNA PANDANGAN URANG KA PARA SADÉRÉK ISTRI?

3. Kumaha carana supaya urang leuwih ngahargaan upaya para sadérék istri?

3 Urang ngahargaan para sadérék istri nu geus susah payah ngurus kulawargana, ngawawarkeun warta hadé, sarta mantuan dulur saiman di sidang. Urang bakal leuwih ngahargaan maranéhna lamun mikirkeun carana Yéhuwa jeung Yésus mandang maranéhna. Urang gé bakal ngarti kumaha sakuduna sikep urang ka maranéhna lamun mikirkeun sikep Paulus ka para wanita.

4. Naon buktina yén dina pandangan Yéhuwa, wanita sarua dihargaanana jiga priya?

4 Alkitab nunjukkeun yén dina pandangan Yéhuwa, wanita téh sarua dihargaanana jiga priya. Misalna dina abad kahiji, Yéhuwa méré roh suci-Na ka wanita jeung priya pikeun nyieun mujijat, saperti ngomong dina rupa-rupa basa. (Ras. 2:1-4, 15-18) Yéhuwa teu ngabéda-bédakeun priya jeung wanita. Duanana diistrénan ku roh suci sarta boga harepan pikeun maréntah bareng jeung Kristus. (Gal. 3:26-29) Priya boga harepan pikeun hirup langgeng di bumi, wanita gé sarua. (Wahyu 7:9, 10, 13-15) Terus sarua jiga priya, wanita gé dibéré tugas pikeun ngawawar jeung ngajarkeun warta hadé. (Mat. 28:19, 20) Contona dina buku Rasul, aya kisah ngeunaan sadérék istri nu ngaranna Priskila. Manéhna jeung salakina, nyaéta Akuila, mantuan Apolos, saurang lalaki nu sakola luhur, pikeun leuwih ngarti kana bebeneran.​—Ras. 18:24-26.

5. Dumasar Lukas 10:38, 39, 42, naon buktina Yésus ngahargaan para wanita?

5 Yésus ngahargaan para wanita. Dina jaman Yésus, urang Parisi téh ngarendahkeun wanita. Maranéhna embung tukeur pikiran ngeunaan Firman Allah jeung para wanita. Malah, maranéhna embung ngobrol jeung wanita di hareupeun batur! Tapi Yésus mah teu kitu. Waktu tukeur pikiran ngeunaan pangajaran Firman Allah bareng jeung murid-muridna, para wanita gé diajakan. * (Baca Lukas 10:38, 39, 42.) Terus, aya wanita-wanita nu sok milu iinditan jeung Yésus pikeun ngawawar. (Luk. 8:1-3) Yésus gé méré tugas istiméwa ka para wanita, nyaéta pikeun méré nyaho para rasul yén anjeunna geus dihirupkeun deui tina maot.​—Yoh. 20:16-18.

6. Naon buktina Rasul Paulus ngahargaan wanita?

6 Rasul Paulus ngahargaan para wanita. Salah sahiji buktina, manéhna ngingetan Timoteus pikeun ngahargaan wanita. Ceuk manéhna, ”Ka awewe nu karolot sing kawas ka indung, ka mojang sing kawas ka lanceuk atawa adi.” (1 Tim. 5:1, 2) Mémang, Paulus geus loba mantuan Timoteus supaya kuat sacara rohani. Tapi manéhna sadar, nu mimiti ngajarkeun Kitab Suci ka Timoteus téh nyaéta indung jeung ninina Timoteus. (2 Tim. 1:5; 3:14, 15) Paulus gé nyebutkeun ngaran sadérék-sadérék istri dina suratna ka urang Rum. Manéhna teu ngan saukur muji, tapi ogé nganuhunkeun kana upaya maranéhna.​—Rum 16:1-4, 6, 12; Pil. 4:3.

7. Pananya naon waé nu bakal dibahas ku urang?

7 Saperti nu geus dibahas dina paragrap-paragrap saacanna, Alkitab teu nyebutkeun yén sadérék istri leuwih rendah tibatan sadérék pameget. Para sadérék istri nu bageur jeung béréhan geus loba mantuan sidang. Para kokolot gé ngahargaan para sadérék istri, sabab geus milu ngajaga sidang tetep akur jeung ngahiji. Jadi, ku naon atuh dina sababaraha kaayaan Yéhuwa ménta sadérék istri maké tiung sirah? Terus pan nu dilantik sabagé kokolot jeung palayan sidang téh sadérék pameget, na éta hartina unggal sadérék pameget téh kapala ti unggal sadérék istri?

NA UNGGAL SADÉRÉK PAMEGET TÉH KAPALA TI UNGGAL SADÉRÉK ISTRI?

8. Dumasar Epesus 5:23, na unggal sadérék pameget téh kapala ti unggal sadérék istri? Jelaskeun.

8 Unggal sadérék pameget téh lain kapala ti unggal sadérék istri, sabab nu jadi kapala mah nyaéta Kristus. (Baca Epesus 5:23.) Dina kulawarga, salaki téh kapala ti pamajikanana. Ari budak lalaki mah moal bisa jadi kapala ti indungna, sanajan manéhna geus dibaptis. (Epe. 6:1, 2) Terus di sidang, wewenang kokolot ka sadérék-sadérék téh aya watesna. (1 Tes. 5:12; Ibr. 13:17) Kumaha jeung sadérék istri nu can nikah, tapi geus teu saimah deui jeung kolotna? Saha kapalana? Jiga sadérék-sadérék pameget, kapala manéhna téh ngan hiji, nyaéta Yésus. Sanajan kitu, manéhna tetep kudu ngahormat ka indung bapana jeung para kokolot.

Sadérék léngoh nu geus teu saimah jeung kolotna téh kapalana nyaéta Yésus (Tingali paragrap 8)

9. Ku naon sakapeung sadérék istri kudu maké tiung sirah?

9 Tapi mémang, nu dilantik ku Yéhuwa pikeun ngajar jeung mingpin ibadah di sidang téh ngan sadérék pameget. (1 Tim. 2:12) Ku naon? Alesanana téh sarua jiga alesan Yéhuwa ngalantik Yésus pikeun jadi kapala ti para priya, nyaéta supaya kulawarga Mantenna tartib. Tapi dina sababaraha kaayaan, aya sadérék istri nu kapaksa kudu ngajalankeun tugas nu biasana dijalankeun ku sadérék pameget. Nah mun kitu, maranéhna téh kudu maké tiung sirah. * (1 Kor. 11:4-7) Yéhuwa ménta sadérék istri ngalakukeun hal éta téh lain pikeun ngarendahkeun martabat maranéhna, tapi pikeun méré kasempetan supaya maranéhna bisa nunjukkeun yén maranéhna ngahargaan jalma-jalma nu dibéré wewenang ku Yéhuwa. Ayeuna, hayu urang bahas pananya: Naon waé wewenang para kapala kulawarga jeung para kokolot?

WEWENANG KAPALA KULAWARGA JEUNG PARA KOKOLOT

10. Ku naon bisa waé aya kokolot nu hayang nyieun aturan keur sidang?

10 Para kokolot nyaah ka Kristus sarta ka ”domba-domba” nu dipercayakeun ku Yéhuwa jeung Kristus ka maranéhna. (Yoh. 21:15-17) Jadi, bisa waé aya kokolot nu nganggap dirina téh jiga saurang bapa keur anggota sidang. Niatna mah bageur. Manéhna meureun mikir kieu: Kapala kulawarga meunang nyieun aturan keur ngalindungan kulawargana, jadi kokolot gé bisa nyieun aturan keur ngalindungan domba-domba Allah. Terus, meureun aya dulur saiman anu hayang dipangnyieunkeun putusan ku kokolot. Tapi, na kokolot téh boga wewenang nu sarua jiga kapala kulawarga?

Kokolot ngabantu sadérék-sadérék pikeun ngadeukeut ka Yéhuwa jeung ngarasa dipikanyaah. Maranéhna boga tanggung jawab pikeun ngaluarkeun jalma nu teu daék tobat ti sidang (Tingali paragrap 11-12)

11. Naon sasaruaanana wewenang kapala kulawarga jeung kokolot?

11 Rasul Paulus nunjukkeun, tugas atawa wewenang para kokolot jeung kapala kulawarga téh aya sasaruaanana. (1 Tim. 3:4, 5) Misalna, Yéhuwa hayang kapala kulawarga nyumponan pangabutuh rohani kulawargana. Kitu ogé, Yéhuwa hayang para kokolot ngabantu anggota sidang pikeun nyaah ka Mantenna. Terus, Yéhuwa hayang kapala kulawarga nyumponan pangabutuh émosi kulawargana. Yéhuwa gé miharep para kokolot pikeun nyaah ka anggota sidang. Salian ti éta, Yéhuwa hayang kapala kulawarga nyumponan pangabutuh jasmani kulawargana. Kitu ogé, Yéhuwa miharep kokolot pikeun méré bantuan ka anggota sidang nu keur ngabutuhkeun. (Yak. 2:15-17) Yéhuwa hayang anggota kulawarga pikeun nurut ka kapala kulawarga. (Kol. 3:20) Yéhuwa gé hayang anggota sidang nurut ka kokolot. Tapi dina ngajalankeun wewenangna, kapala kulawarga jeung kokolot kudu nuturkeun patokan-patokan ti Yéhuwa, sarta ”ulah liwat ti nu kaserat” dina Alkitab.​—1 Kor. 4:6.

Kapala kulawarga geus dibéré wewenang ku Yéhuwa pikeun mingpin kulawargana. Saacan nyieun putusan, kapala kulawarga nu nyaah ka kulawarga bakal badami heula jeung pamajikanana (Tingali paragrap 13)

12-13. Dumasar Rum 7:2, kumaha wewenang kokolot béda jeung wewenang kapala kulawarga?

12 Tapi, sabenerna wewenang kokolot jeung kapala kulawarga téh béda pisan. Misalna, aya wewenang ti Yéhuwa anu ngan dibikeun ka para kokolot. Maranéhna bisa jadi hakim sarta boga tanggung jawab pikeun ngaluarkeun jalma-jalma nu embung tobat ti sidang.​—1 Kor. 5:11-13.

13 Tapi, aya ogé wewenang anu ngan dibikeun ka para kapala kulawarga wungkul. Misalna, maranéhna bisa nyieun aturan di imah, sarta aturanana kudu dijalankeun ku kabéh anggota kulawarga. (Baca Rum 7:2.) Kapala kulawarga boga hak pikeun mutuskeun, barudakna kudu balik ka imah jam sabaraha. Terus mun barudakna teu nurut, manéhna boga wewenang pikeun ngahukum barudakna. (Epe. 6:1) Najan kitu, saacan nyieun aturan, kapala kulawarga nu nyaah ka kulawargana bakal badami heula jeung pamajikanana, sabab maranéhna téh geus jadi ”hiji”. *Mat. 19:6.

TUNDUK KA KRISTUS SABAGÉ KAPALA SIDANG

Yésus, nu tunduk ka Yéhuwa jeung geus dibéré wewenang ku Mantenna, méré pituduh keur sidang Kristen (Tingali paragrap 14)

14. (a) Dumasar Markus 10:45, ku naon cocog mun Yéhuwa milih Yésus sabagé kapala sidang? (b) Naon tanggung jawab Badan Pingpinan? (Tingali kotak ” Tanggung Jawab Badan Pingpinan”.)

14 Ku tebusan, Yéhuwa geus meuli kahirupan kabéh anggota sidang. (Baca Markus 10:45; Ras. 20:28; 1 Kor. 15:21, 22) Jadi cocog mun Yéhuwa milih Yésus sabagé kapala sidang, sabab Yésus geus ngorbankeun nyawana sabagé tebusan. Ku kituna, Yésus boga wewenang pikeun nyieun aturan keur unggal jalma, kulawarga, jeung sakabéh anggota sidang. Yésus gé boga hak pikeun ménta urang nuturkeun kabéh aturanana. (Gal. 6:2) Tapi Yésus teu ngan saukur nyieun aturan. Anjeunna gé nyaah jeung ngurus urang.​—Epe. 5:29.

15-16. Sadérék diajar naon tina carita Marley jeung Benjamin?

15 Para sadérék istri tunduk ka Kristus ku cara nuturkeun pituduh ti para priya nu geus dilantik pikeun ngajaga maranéhna. Marley ti Amerika Serikat ngarasakeun naon nu dirasakeun ku loba sadérék istri. Manéhna ngomong, ”Abdi bener-bener ngahargaan tanggung jawab sabagé pamajikan jeung sadérék istri di sidang. Abdi hayang sapinuh haté tunduk ka Yéhuwa. Jadi, abdi hayang terus nurut ka salaki abdi jeung para kokolot di sidang. Tapi lantaran salaki jeung sadérék-sadérék pameget di sidang ngahargaan naon nu geus abdi lakukeun, abdi jadi leuwih gampang nurut.”

16 Mun sadérék pameget paham kana aturan ti Yéhuwa ngeunaan wewenang, maranéhna bakal ngahargaan sadérék istri. Benjamin ti Inggris ngomong, ”Abdi diajar loba hal tina koméntar-koméntar sadérék istri dina pasamoan. Maranéhna gé méré nyaho carana supaya bisa leuwih alus dina ngawawar jeung ngajar. Nu digawékeun ku maranéhna téh luar biasa!”

17. Ku naon urang kudu ngahargaan aturan ti Yéhuwa ngeunaan wewenang?

17 Mun kabéh priya, wanita, kapala kulawarga, sarta kokolot paham jeung ngahargaan aturan ti Yéhuwa ngeunaan wewenang, sidang pasti tengtrem. Jeung nu leuwih penting, urang ngamulyakeun Yéhuwa, Bapa nu di sawarga.​—Jab. 150:6.

KAWIH 123 Satia jeung Tunduk ka Aturan Yéhuwa

^ par. 5 Naon nu bisa dilakukeun ku para sadérék istri pikeun sidang? Na unggal sadérék pameget téh kapalana unggal sadérék istri? Na wewenang kokolot sarua jeung wewenang kapala kulawarga? Dina artikel ieu, urang bakal ningali jawabanana tina Alkitab.

^ par. 5 Tingali artikel ”Pék Dukung Para Wanita Kristen” dina Warta Hadé Séptémber 2020, paragrap 6.

^ par. 13 Pikeun katerangan ngeunaan saha nu sakuduna nangtukeun kulawarga rék ngagabung ka sidang mana, tingali artikel ”Hargaan Unggal Dulur Saiman di Sidang” dina Warta Hadé Agustus 2020, paragrap 17-19.

^ par. 59 Pikeun katerangan leuwih loba ngeunaan hal ieu, tingali buku ”Tetaplah Berada dalam Kasih Allah”, kaca 209-212.

^ par. 64 Pikeun katerangan leuwih loba ngeunaan tanggung jawab Badan Pingpinan, tingali Menara Pengawal 15 Juli 2013, kaca 20-25.