Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 8

Carana Tetep Bungah Najan Aya Cocoba

Carana Tetep Bungah Najan Aya Cocoba

Dulur-dulur, sing bungah waktu meunang cocoba.”​—YAK. 1:2, Terjemahan Dunia Baru [NW].

KAWIH 111 Sumber Kabungah Urang

NU DIBAHAS *

1-2. Dumasar Mateus 5:11, urang kudu kumaha waktu aya tangtangan?

YÉSUS jangji, murid-muridna bakal bener-bener bagja. Tapi, anjeunna gé ngingetan murid-murid yén maranéhna bakal nyanghareupan tangtangan. (Mat. 10:22, 23; Luk. 6:20-23) Urang bungah jadi muridna Kristus. Tapi, kumaha lamun urang meunang tangtangan ti kulawarga, dikaniaya ku pamaréntah, atawa dipaksa ngalakukeun hal nu goréng ku batur gawé atawa batur sakola? Mun mikirkeun hal-hal éta, urang bisa ngarasa hariwang.

2 Biasana, jalma-jalma teu bungah waktu dikaniaya. Tapi ceuk Firman Allah, urang bisa tetep bungah waktu dikaniaya. Misalna Yakobus nulis, waktu boga masalah, urang ulah ngarasa teu daya, tapi urang kudu ngarasa bungah. (Yak. 1:2, NW; Yak. 1:12) Yésus gé ngomong, urang kuduna bagja waktu dikaniaya. (Baca Mateus 5:11.) Tapi, kumaha carana supaya urang bisa tetep bungah? Urang bakal ngabahas sababaraha hal tina surat Yakobus keur urang Kristen dina abad kahiji. Ayeuna, hayu urang bahas heula tangtangan naon waé nu disanghareupan ku maranéhna.

NAON WAÉ TANGTANGAN KEUR URANG KRISTEN DINA ABAD KAHIJI?

3. Teu lila sanggeus Yakobus jadi murid Yésus, aya kajadian naon?

3 Teu lila sanggeus Yakobus adi téréna Yésus jadi murid, urang Kristen di Yérusalém dikaniaya ku musuh-musuhna. (Ras. 1:14; 5:17, 18) Terus sanggeus Stépanus dipaéhan, loba urang Kristen kabur sarta ”paburencay ka sakuliah Yudea jeung Samaria”. Malahan aya nu kabur nepi ka Siprus jeung Antioki. (Ras. 7:58–8:1; 11:19) Pék bayangkeun, sakumaha beurat tangtangan nu disanghareupan ku maranéhna. Tapi hébatna, maranéhna tetep getol jeung sumanget nguarkeun warta hadé ka mana waé maranéhna indit. Ahirna, sidang-sidang gé diadegkeun di wilayah-wilayah karajaan Rum. (1 Pet. 1:1) Tapi kahareupna, maranéhna bakal nyanghareupan tangtangan nu leuwih hébat!

4. Naon deui tangtangan nu disanghareupan ku urang Kristen dina abad kahiji?

4 Urang Kristen dina abad kahiji nyanghareupan rupa-rupa tangtangan. Misalna kira-kira dina taun 50 M, kabéh urang Yahudi dititah ninggalkeun Rum ku Kaisar Klaudius. Jadi, urang Kristen Yahudi dipaksa naringgalkeun imahna jeung pindah ka tempat séjén. (Ras. 18:1-3) Kira-kira dina taun 61 M, Rasul Paulus nyaritakeun yén dulur-dulur saimanna ieu dihina di hareupeun umum, diasupkeun ka panjara, sarta pangabogana dirampas. (Ibr. 10:32-34) Terus jiga nu kaalaman ku loba jalma, sababaraha urang Kristen gé aya nu miskin jeung gering.​—Rum 15:26; Pil. 2:25-27.

5. Pananya naon waé nu rék dibahas?

5 Yakobus nulis suratna saacan taun 62 M. Harita, manéhna prihatin pisan ka sadérék-sadérékna nu keur nyanghareupan tangtangan. Yéhuwa méré ilham ka Yakobus pikeun nulis naséhat-naséhat nu bisa ngabantu maranéhna tetep bungah sanajan keur susah. Hayu urang bahas eusi suratna jeung jawab pananya-pananya ieu: Kabungah jiga kumaha nu dimaksud ku Yakobus? Naon nu bisa nyababkeun urang Kristen kaleungitan kabungah éta? Sarta, kumaha hikmat, iman, jeung kategeran ngabantu urang tetep bungah teu sual tangtangan naon nu disanghareupan?

KU NAON URANG KRISTEN BISA TETEP BUNGAH?

Jiga seuneu di jero lantéra nu teu pareum-pareum, kabungah ti Yéhuwa gé bisa terus urang rasakeun di jero haté (Tingali paragrap 6)

6. Dumasar Lukas 6:22, 23, ku naon urang Kristen bisa bungah waktu nyanghareupan tangtangan?

6 Biasana jalma-jalma mikir, maranéhna kakara bisa bungah mun séhat, boga loba duit, sarta kulawargana harmonis. Tapi, kabungah nu dimaksud ku Yakobus téh nyaéta bagian tina buah nu dihasilkeun ku roh suci. Éta teu gumantung kana kaayaan saurang jalma atawa naon nu kaalaman ku manéhna. (Gal. 5:22) Urang Kristen mah ngarasa bungah pisan lantaran apal, manéhna nyenangkeun Yéhuwa jeung nyonto Yésus. (Baca Lukas 6:22, 23; Kol. 1:10-12) Kabungah nu aya di jero haté urang Kristen téh bisa diibaratkeun jiga seuneu nu teterusan hurung di jero lantéra. Éta seuneu teu pareum-pareum najan di luar téh aya hujan atawa angin gedé. Kitu ogé, urang bisa tetep ngarasa bungah, teu sual naon nu kaalaman ku urang, misalna lamun urang gering atawa teu boga duit. Urang gé bisa tetep bungah waktu dipoyokan ku musuh atawa ku kulawarga. Terus jiga seuneu nu teu pareum-pareum tadi, unggal batur rék nyieun urang leutik haté, urang kalah ka beuki bungah. Lamun urang meunang cocoba lantaran ngabéla iman, éta téh bukti yén urang murid Kristus nu sajati. (Mat. 10:22; 24:9; Yoh. 15:20) Éta sababna Yakobus nulis, ”Dulur-dulur, sing bungah waktu meunang cocoba.”​—Yak. 1:2, NW.

Ku naon cocoba téh bisa disaruakeun jiga prosés ngabentuk pedang tina baja? (Tingali paragrap 7) *

7-8. Ku naon cocoba bisa nguatkeun iman urang?

7 Yakobus méré nyaho ku naon urang Kristen kudu tetep tabah sanajan nyanghareupan cocoba. Manéhna ngomong, ”Lamun aranjeun tetep palercaya ka Gusti dina sajeroning nandangan cocoba, aranjeun bakal leuwih tabah sarta mantep dina iman.” (Yak. 1: 3) Pedang tina baja nu teterusan dipanaskeun jeung ditiiskeun, lila-lila jadi leuwih kuat. Kitu ogé, lamun urang tetep teger waktu aya cocoba, lila-lila iman urang jadi leuwih kuat. Ku kituna Yakobus nulis, ”Sing tetep mantepna, ulah boboleh teu payaan, supaya jadi jelema pasagi dina sagala hal.” (Yak. 1:4) Lamun urang paham cocoba téh bisa nguatkeun iman urang, urang bakal tetep bungah.

8 Yakobus ogé méré nyaho sababaraha hal nu bisa nyababkeun urang kaleungitan kabungah. Naon waé éta téh? Sarta, kumaha urang nyanghareupanana?

NAON NU KUDU DILAKUKEUN SUPAYA URANG TEU KALEUNGITAN KABUNGAH?

9. Ku naon urang butuh hikmat?

9 Tangtangan: Teu nyaho kudu kumaha. Waktu boga masalah, urang hayang nyieun putusan nu nyenangkeun Yéhuwa, nguatkeun dulur saiman, sarta ngabantu urang tetep satia. (Yer. 10:23) Urang butuh hikmat supaya nyaho kudu kumaha jeung kudu ngomong naon ka musuh. Mun urang teu nyaho kudu kumaha, urang bisa leutik haté. Kabungah urang gé bisa gancang leungit.

10. Ceuk Yakobus 1:5, naon nu perlu dilakukeun supaya urang meunang hikmat?

10 Nu kudu dilakukeun: Ménta hikmat ti Yéhuwa. Supaya urang bisa teger jeung tetep bungah waktu nyanghareupan cocoba, hal mimiti nu kudu dilakukeun nyaéta ngadoa ka Yéhuwa. Urang kudu ménta hikmat ngarah bisa nyieun putusan nu alus. (Baca Yakobus 1:5.) Tapi, kumaha lamun urang ngarasa doa urang teu dijawab-jawab? Ceuk Yakobus, urang kudu terus ”nyuhunkeun” ka Allah. Yéhuwa moal keuheul atawa ambek lamun urang teterusan ménta hikmat ti Mantenna, ”da Allah mah sipat murah”. (Jab. 25:12, 13) Waktu urang ngalaman cocoba, Yéhuwa ngarasa karunya jeung hayang pisan nulungan urang. Mikirkeun hal ieu bisa nyieun urang bungah. Tapi, kumaha carana Yéhuwa méré hikmat ka urang?

11. Naon deui nu kudu dilakukeun pikeun meunangkeun hikmat?

11 Yéhuwa méré hikmat ka urang liwat Firman-Na, Alkitab. (Sil. 2:6) Jadi, urang kudu diajar tina Alkitab jeung publikasi-publikasi dumasar Alkitab. Tapi, diajar wungkul téh teu cukup. Urang kudu ngalampahkeun naséhat-naséhatna dina kahirupan. Yakobus nulis, ”Eta pangandika-Na ulah ngan semet didengekeun, kudu jeung prak dilampahkeun.” (Yak. 1:22) Lamun urang ngalampahkeun naséhat ti Allah, urang bakal leuwih resep rukun, asup akal, jeung daék ngahampura batur. (Yak. 3:17) Sipat-sipat ieu ngabantu urang tetep bungah waktu aya cocoba.

12. Ku naon urang kudu paham kana eusi Alkitab?

12 Firman Allah téh saperti eunteung, ngabantu urang mariksa naon waé nu kudu dirobah dina diri urang. (Yak. 1:23-25) Contona, sanggeus diajar Firman Allah, meureun urang jadi sadar, urang téh gancang ambek jeung kudu nahan émosi. Ku bantuan Yéhuwa, urang diajar kumaha supaya lemah lembut sarta sabar waktu aya masalah atawa waktu aya jalma nu nyieun urang keuheul. Ahirna, urang jadi leuwih bisa nahan diri. Urang ogé jadi leuwih asup akal jeung bisa nyieun putusan nu leuwih alus. (Yak. 3:13) Éta sababna, urang kudu paham kana eusi Alkitab.

13. Ku naon urang perlu diajar tina conto-conto nu dicatet dina Alkitab?

13 Tapi kadang, urang kakara nyaho hiji hal salah téh sanggeus urang ngalakukeun kasalahan éta. Mémang urang bisa diajar tina kasalahan urang, tapi aya cara nu leuwih alus supaya urang bisa boga hikmat. Urang bisa diajar tina pangalaman batur. Urang bisa ningali kumaha jadina waktu manéhna ngalakukeun nu bener jeung waktu manéhna ngalakukeun nu salah. Éta sababna Yakobus ngajurung supaya urang diajar tina conto-conto nu aya dina Alkitab, saperti Ibrahim, Rahab, Ayub, jeung Élias. (Yak. 2:21-26; 5:10, 11, 17, 18) Maranéhna téh nyanghareupan tangtangan nu bisa ngarampas kabungah. Tapi, maranéhna bisa tetep satia jeung teger. Urang gé bisa kitu ku bantuan Yéhuwa.

14-15. Ku naon urang ulah cicing waé mun ngarasa teu pati yakin?

14 Tangtangan: Teu pati yakin. Waktu maca Alkitab, bisa waé aya ayat-ayat nu teu dipikaharti ku urang. Terus, bisa ogé jawaban doa urang teu jiga nu diarep-arep. Mun kitu, urang bisa cangcaya. Terus mun hal éta diantep, iman urang bisa jadi lemah. Urang gé bisa ngajauh ti Yéhuwa. (Yak. 1:7, 8) Malah, urang bisa kaleungitan harepan.

15 Rasul Paulus nyaruakeun harepan urang jiga jangkar. (Ibr. 6:19) Jangkar téh gunana pikeun ngajaga kapal supaya teu kandas jeung titeuleum waktu aya angin ribut. Jangkar gedé pisan gunana mun ranténa kuat. Tapi mun ranténa taihiangan mah, éta moal kuat sarta bahaya. Kitu ogé, mun urang cangcaya kana hiji hal, éta bisa ngalemahkeun iman urang. Terus engké pas aya masalah, urang bisa kaleungitan iman. Urang bisa mikir, jangji-jangji Yéhuwa keur mangsa kahareup téh moal laksana. Mun urang kaleungitan iman, harepan urang ogé sirna. Ceuk Yakobus, ”Anu mangmang mah saibarat ombak laut beunang disurung diombang-ambing ku angin.” (Yak. 1:6) Jalma jiga kitu mah moal bisa ngarasa bungah!

16. Urang kudu kumaha mun teu pati yakin kana hiji hal?

16 Nu kudu dilakukeun: Singkirkeun parasaan teu yakin, kuatkeun iman Sadérék. Geura jieun tindakan. Dina jamanna Nabi Élias, umat Yéhuwa téh rada teu yakin kana bebeneran, tapi maranéhna gé teu ngalakukeun nanaon. Matakna Élias ngomong, ”Rek nepi ka iraha aranjeun midua hate? Upama PANGERAN anu jumeneng Allah, sing narurut ka Mantenna. Upama Baal anu jadi Allah, Baal tarurut!” (1 Rja. 18:21) Ayeuna gé sarua. Lamun urang teu pati yakin kana hiji hal, urang kudu geura nyieun tindakan. Urang kudu ngarisét pikeun ngabuktikeun ka diri sorangan yén Yéhuwa téh Allah nu bener, Alkitab téh Firman-Na, sarta Saksi-Saksi Yéhuwa téh umat-Na. (1 Tes. 5:21) Ku kituna, urang bisa nyingkirkeun parasaan teu yakin jeung nguatkeun iman. Sarta lamun perlu, urang bisa ménta bantuan ti kokolot. Mun urang gancang nyieun tindakan, urang bisa tetep bungah ngawula Yéhuwa.

17. Urang bakal kumaha lamun leutik haté?

17 Tangtangan: Leutik haté. Ceuk Firman Allah, ”Lamun maneh babari leutik hate ku kasusahan, tetela hengkerna atuh.” (Sil. 24:10) Mun urang leutik haté, kabungah urang bisa gancang leungit.

18. Jalma nu teger téh jalma nu kumaha?

18 Nu kudu dilakukeun: Andelkeun Yéhuwa supaya urang bisa teger waktu aya cocoba. Supaya bisa nyanghareupan cocoba, urang kudu teger haté. (Yak. 5:11) Dina basa aslina, kecap ”kategeran” anu digunakeun ku Yakobus biasana dipaké keur ngagambarkeun jalma nu nangtung ajeg di tempatna. Misalna, jiga prajurit nu wanian. Manéhna tetep nangtung ajeg jeung teu kabur najan diserang ku musuh.

19. Urang diajar naon tina tuladan Rasul Paulus?

19 Rasul Paulus téh tuladan nu hadé. Manéhna teger jeung tabah. Mémang, Paulus osok ngarasa lemah. Tapi, manéhna bisa teger lantaran ngandelkeun kakuatan ti Yéhuwa. (2 Kor. 12:8-10; Pil. 4:13) Urang bisa teger jeung dibéré kakuatan jiga Paulus mun urang rendah haté, ngakukeun yén urang butuh bantuan Yéhuwa.​—Yak. 4:10.

NGADEUKEUTKEUN DIRI KA ALLAH JEUNG TERUS BUNGAH

20-21. Urang bisa yakin kana hal naon?

20 Sing yakin, mun urang keur ngalaman cocoba, éta téh lain hukuman ti Yéhuwa. Yakobus nulis, ”Jelema ari keur meunang gogoda ulah ngarasula, ’Ieu cocoba teh ti Allah.’ Sabab Allah mah moal kagoda ku kajahatan, jeung tara ngadoja ka sing saha bae.” (Yak. 1:13) Mun urang yakin kana hal éta, urang bisa leuwih ngadeukeutkeun diri ka Bapa urang di sawarga.​—Yak. 4:8.

21 Yéhuwa mah ”mustahil barobah”. (Yak. 1:17, Sunda Formal) Mantenna mantuan urang Kristen dina abad kahiji waktu maranéhna nyanghareupan cocoba. Jadi, Mantenna gé pasti mantuan urang ayeuna. Pék ngadoa ménta hikmat, iman, jeung kategeran ti Yéhuwa. Mantenna bakal ngajawab doa Sadérék. Sing yakin, pasti Mantenna mantuan Sadérék supaya tetep bungah najan aya cocoba!

KAWIH 128 Tetep Tabah Nepi ka Panungtungan

^ par. 5 Dina buku Yakobus, aya loba naséhat ngeunaan carana nyanghareupan cocoba. Artikel ieu ngabahas sababaraha naséhat éta. Naséhat-naséhat éta ngabantu urang tetep teger jeung bungah ngalayanan Yéhuwa.

^ par. 59 KATERANGAN GAMBAR: Saurang sadérék ditéwak ku pulisi di imahna. Pamajikan jeung budakna ningali manéhna dibawa indit. Pas si salaki dipanjara, pamajikan jeung budakna tetep ibadah bareng dulur saiman. Pamajikan jeung budakna ménta kakuatan ti Yéhuwa. Mantenna ngabantu maranéhna sangkan teger jeung ngarasa tengtrem. Iman maranéhna jadi beuki kuat. Maranéhna gé bisa tetep bungah.