Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 13

Kumaha Yéhuwa Ngalindungan Sadérék?

Kumaha Yéhuwa Ngalindungan Sadérék?

”Aranjeun bakal dikuatkeun ku Gusti anu sipat satuhu, diraksa ti si Jahat.”​—2 TES. 3:3.

KAWIH 124 Terus Satia

NU DIBAHAS *

1. Ku naon Yésus ménta Yéhuwa nangtayungan murid-muridna?

DINA peuting saacan Yésus maot, anjeunna mikirkeun ngeunaan tangtangan anu bakal disanghareupan ku murid-muridna. Yésus téh nyaah pisan ka sobat-sobatna ieu. Ku kituna, Yésus ngadoa ka Bapana supaya maranéhna ”ditangtayungan ti si Jahat”. (Yoh. 17:14, 15) Yésus apal yén sanggeus anjeunna balik deui ka sawarga, Sétan si Iblis bakal terus nyerang umat Yéhuwa. Jadi jelas, umat Yéhuwa téh butuh panyalindungan.

2. Ku naon urang bisa yakin yén Yéhuwa bakal ngajawab doa urang?

2 Yéhuwa ngajawab doa Yésus sabab Mantenna nyaah ka putra-Na ieu. Lamun urang sabisa-bisa nyenangkeun Yéhuwa, Mantenna gé bakal nyaah ka urang. Engké, Mantenna bakal ngajawab doa urang waktu urang ménta bantuan jeung panyalindungan. Sabagé Kapala kulawarga nu bageur, Yéhuwa bakal terus nyaah jeung ngajaga barudak-Na. Nami-Na nu bakal jadi jaminanana!

3. Ku naon urang ayeuna butuh panyalindungan ti Yéhuwa?

3 Leuwih ti nu enggeus-enggeus, ayeuna urang butuh panyalindungan ti Yéhuwa. Sétan geus dibalangkeun ti sawarga, sarta ’napsuna ngagugudug’. (Wahyu 12:12) Manéhna nyababkeun jalma-jalma anu nganiaya urang mikir yén maranéhna téh keur ”ngabakti ka Allah”. (Yoh. 16:2) Terus, ari nu teu percaya ka Allah mah nganiaya urang téh lantaran urang béda ti dunya ieu. Tapi tong sieun, sabab Firman Allah nyebutkeun, ”Aranjeun bakal dikuatkeun ku Gusti anu sipat satuhu, diraksa ti si Jahat.” (2 Tes. 3:3) Kumaha Yéhuwa ngalindungan urang? Hayu bahas dua carana.

YÉHUWA NYADIAKEUN PAKARANG PERANG

4. Dumasar Epesus 6:13-17, Yéhuwa geus nyadiakeun naon pikeun ngalindungan urang?

4 Yéhuwa geus nyadiakeun pakarang perang anu bisa ngalindungan urang ti serangan Sétan. (Baca Epesus 6:13-17.) Pakarang perang rohani ieu téh kuat jeung gedé mangpaatna! Supaya urang bisa dilindungan, urang kudu maké kabéh pakarang perang ieu unggal waktu. Naon waé nu digambarkeun ku unggal pakarang perang ieu? Hayu urang bahas hiji-hiji.

5. Naon anu digambarkeun ku sabuk, jeung ku naon urang kudu maké ieu sabuk?

5 Sabuk téh ngagambarkeun bebeneran nu aya dina Firman Allah, nyaéta Alkitab. Ku naon urang kudu maké sabuk ieu? Supaya urang teu katipu ku si Sétan, ”bapana sagala bohong”. (Yoh. 8:44) Geus rébuan taun manéhna ngabohong jeung nyasarkeun ”saalam dunya”! (Wahyu 12:9) Kumaha carana maké sabuk ieu? Ku cara diajar bebeneran ngeunaan Yéhuwa, ibadah ka Mantenna ku ”bingbingan roh suci sarta luyu jeung bebeneran”, sarta ku cara terus jujur dina sagala hal.​—Yoh. 4:24, Terjemahan Dunia Baru [NW]; Epe. 4:25; Ibr. 13:18.

Sabuk: Bebeneran nu aya dina Firman Allah

6. Naon anu digambarkeun ku baju keré, jeung ku naon urang kudu maké baju keré?

6 Baju keré téh ngagambarkeun patokan hirup ti Yéhuwa. Ku naon urang kudu maké baju keré? Baheula, baju keré ngalindungan jantung prajurit. Kitu ogé, baju keré rohani bisa ngalindungan haté urang supaya henteu diruksak ku hal-hal goréng nu aya di ieu dunya. (Sil. 4:23, NW) Yéhuwa hayang urang nyaah jeung ngalayanan Mantenna ku sapinuh haté. (Mat. 22:36, 37) Tapi, ari Sétan mah hayang urang ngadua haté. Manéhna hayang urang mikaresep hal-hal anu ditawarkeun ku dunya, padahal éta téh dipikageuleuh ku Yéhuwa. (Yak. 4:4; 1 Yoh. 2:15, 16) Lamun cara éta gagal, Sétan bakal ngancam atawa nganiaya urang supaya urang ngalakukeun hal-hal anu dipikageuleuh ku Yéhuwa.

Baju keré: Patokan hirup ti Yéhuwa

7. Kumaha carana maké baju keré rohani?

7 Urang bisa maké baju keré rohani ku cara narima jeung nuturkeun pandangan Yéhuwa ngeunaan nu bener jeung nu salah. (Jab. 97:10) Meureun aya sababaraha jalma anu ngarasa jadi teu bébas lamun nuturkeun patokan hirup ti Yéhuwa. Tapi lamun urang teu nuturkeun prinsip dina Alkitab, éta téh sarua jiga prajurit anu ngaleupaskeun baju keréna waktu keur perang, lantaran ngarasa bajuna téh beurat teuing. Éta téh bahaya pisan! Mun urang nyaah ka Yéhuwa, paréntah-paréntah-Na téh ”teu beurat-beurat teuing”, justru éta bisa nyalametkeun urang.​—1 Yoh. 5:3, Sunda Formal.

8. Naon maksudna urang kudu maké sapatu sangkan siap ngamashurkeun Injil Kasalametan?

8 Paulus gé ngajurung urang supaya maké sapatu sangkan siap ngamashurkeun Injil Kasalametan anu méré kabagjaan. Maksudna, urang kudu siap ngawawarkeun warta hadé Karajaan iraha waé. Lamun urang nyaritakeun warta hadé ka batur, iman urang sorangan gé bakal dikuatkeun. Urang jadi sumanget mun ningali umat Yéhuwa di sakuliah dunya ngagunakeun unggal kasempetan pikeun nguarkeun warta hadé di mana waé jeung ka saha waé. Maranéhna ngawawar di tempat gawé, di sakola, di daérah bisnis, ti imah ka imah, waktu keur balanja, atawa waktu keur ulin ka imah kulawarga nu lain Saksi. Malah waktu keur di imah teu bisa ka mamana gé, maranéhna tetep ngawawar. Lamun urang asa-asa jeung sieun, lila-lila urang bisa eureun ngawawar. Éta téh ibarat prajurit anu ngaleupaskeun sapatuna waktu keur perang. Engké sukuna babari raheut atuh! Mun geus kitu, manéhna bakal gampang diserang, jeung moal bisa nuturkeun paréntah ti komandanna.

Sapatu: Siap ngawawarkeun warta hadé

9. Ku naon urang kudu maké taméng rohani?

9 Taméng téh ngagambarkeun iman urang ka Yéhuwa. Urang boga iman yén Yéhuwa bakal ngawujudkeun kabéh jangji-Na. Iman jiga kitu bisa ngabantu urang pikeun ”mareumkeun panah-panah seuneu anu dilepas ku si Jahat”. Ku naon urang kudu maké taméng rohani? Sabab éta bisa ngalindungan urang tina pangajaran jalma-jalma murtad, sarta ngabantu urang supaya henteu leutik haté najan dihina ku karana kapercayaan urang. Mun teu boga iman mah, urang moal kuat waktu diolo ku batur pikeun ngabaékeun patokan hirup ti Yéhuwa. Sabalikna, unggal urang ngabéla iman di sakola atawa di tempat gawé, urang téh keur maké taméng rohani. (1 Pet. 3:15) Terus, mun urang nolak pagawéan anu ngaganggu rutin rohani urang, padahal gajihna leuwih gedé, urang keur maké taméng rohani. (Ibr. 13:5, 6) Sarta mun urang terus ngalayanan Yéhuwa sanajan aya tangtangan, urang téh keur dilindungan ku taméng urang.​—1 Tes. 2:2.

Taméng: Iman ka Yéhuwa jeung kana jangji-Na

10. Balakutak téh ngagambarkeun naon, jeung ku naon urang kudu maké éta?

10 Balakutak téh ngagambarkeun harepan anu dibéré ku Yéhuwa ka urang. Urang boga harepan yén Mantenna bakal ngaberkahan saha waé anu ngajalankeun kahayang-Na. Sarta saupama urang maot gé, Mantenna bakal ngahirupkeun deui urang. (1 Tes. 5:8; 1 Tim 4:10; Tit. 1:1, 2) Baheula, balakutak téh gunana pikeun ngalindungan sirah saurang prajurit. Sarua jiga kitu, harepan kasalametan bisa ngalindungan pikiran urang. Naon maksudna? Lantaran boga harepan, urang jadi bisa terus mikirkeun jangji-jangji Allah. Urang gé bisa tetep positif waktu aya masalah. Kumaha cara maké balakutak ieu? Ku cara ngajaga pikiran urang supaya terus sajalan jeung pikiran Allah. Misalna, urang moal ngandelkeun harta banda, tapi bakal ngandelkeun Allah.​—Jab. 26:2; 104:34; 1 Tim. 6:17.

Balakutak: Harepan pikeun hirup langgeng

11. Pedang téh ngagambarkeun naon, jeung ku naon urang kudu ngagunakeun pedang éta?

11 Pedang téh ngagambarkeun Firman Allah, nyaéta Alkitab. Pedang éta bisa nyingkabkeun sagala kabohongan jeung ngabébaskeun jalma-jalma tina pangajaran palsu jeung kabiasaan anu ngaruksak. (2 Kor. 10:4, 5; 2 Tim. 3:16, 17; Ibr. 4:12) Kumaha supaya urang bisa jago maké éta pedang? Ku cara ngayakeun palajaran pribadi jeung narima palatihan ti organisasi Allah. (2 Tim. 2:15) Tapi salian nyadiakeun pakarang perang, Yéhuwa gé nyadiakeun hal séjén anu bisa ngalindungan urang. Naon éta téh?

Pedang: Firman Allah, nyaéta Alkitab

URANG HENTEU PERANG SORANGAN

12. Naon deui anu urang butuhkeun, jeung ku naon?

12 Prajurit nu hébat gé apal, manéhna moal bisa ngalawan pasukan musuh ku sorangan. Manéhna butuh bantuan ti prajurit séjén. Kitu ogé, mun sorangan mah urang moal sanggup ngalawan Sétan jeung balad-baladna. Urang butuh bantuan ti dulur-dulur saiman. Yéhuwa geus méré jutaan ”batur sakapercayaan” di sakuliah dunya anu siap mantuan urang.​—1 Pet. 2:17.

13. Numutkeun Ibrani 10:24, 25, naon waé mangpaatna datang ka pasamoan?

13 Salah sahiji cara urang bisa narima bantuan ti batur sakapercayaan téh nyaéta liwat pasamoan. (Baca Ibrani 10:24, 25.) Kadang, urang kabéh bisa ngarasa leutik haté. Pasamoan téh bisa ngagedékeun haté urang. Urang bakal dikuatkeun waktu ngadéngé koméntar ti sadérék-sadérék. Urang gé bakal jadi leuwih sumanget ngawula Yéhuwa waktu ngadéngékeun hutbah sarta pintonan. Terus, lamun urang ngobrol jeung dulur-dulur saiman saacan jeung sanggeus pasamoan, urang bisa dikuatkeun. (1 Tes. 5:14) Salian ti éta, urang gé bisa bagja, sabab dina pasamoan urang boga kasempetan pikeun mantuan batur. (Ras. 20:35; Rum 1:11, 12) Naon deui mangpaatna pasamoan? Dina pasamoan, urang dilatih pikeun jadi pawarta jeung guru anu leuwih tarampil. Contona, urang diajarkeun carana supaya leuwih hadé waktu maké publikasi anu aya dina Alat Bantu Pengajaran. Jadi, pék persiapan saacan pasamoan. Waktu masamoan, perhatikeun bener-bener. Sanggeus pasamoan, larapkeun pangajaran anu geus ditarima. Ku kituna, Sadérék bakal jadi ”prajurit Yesus Kristus anu satia”.​—2 Tim. 2:3.

14. Bantuan naon deui anu disadiakeun keur urang?

14 Urang gé dibantuan ku jutaan malaikat nu kuat. Pikirkeun naon anu bisa dilakukeun ngan ku saurang malaikat. (Yes. 37:36) Geus kitu, pikirkeun naon anu bisa dilakukeun ku sapasukan malaikat! Euweuh manusa atawa roh jahat anu bisa ngéléhkeun pasukan malaikat Yéhuwa. Mun Yéhuwa di pihak urang mah, urang bisa ngéléhkeun saha waé musuh urang, teu sual sakumaha kuat jeung sakumaha loba maranéhna. (Hak. 6:16) Urang bisa yakin kana hal éta. Pék terus pikirkeun éta lamun Sadérék ngarasa leutik haté ku omongan atawa tindakan batur gawé, batur sakola, jeung kulawarga nu lain Saksi. Inget, Sadérék téh henteu perang sorangan. Yéhuwa téh ngadukung Sadérék sabab Sadérék nuturkeun bingbingana-Na.

YÉHUWA BAKAL TERUS NGALINDUNGAN URANG

15. Dumasar Yesaya 54: 15, 17, ku naon euweuh nu bisa ngeureunkeun kagiatan pangwawaran?

15 Dunya nu dikawasaan ku Sétan boga loba alesan pikeun ngéwa ka urang. Contona, urang teu pipilueun dina urusan pulitik jeung teu miluan perang. Urang méré nyaho nami Allah ka jalma-jalma, sarta ngawawarkeun ngan Karajaan Allah nu bisa méré katengtreman ka umat manusa. Terus, urang nuturkeun patokan hirup ti Allah. Urang gé ngabolékérkeun yén pamingpin dunya ieu téh tukang bohong jeung tukang maéhan anu kejem. (Yoh. 8:44) Salian ti éta, urang ngumumkeun yén moal lila deui, dunya Sétan bakal diancurkeun. Sétan jeung balad-baladna moal bisa ngeureunkeun urang! Malah, urang bakal terus ngamulyakeun Yéhuwa sabisa-bisana. Najan Sétan ngawasaan dunya ieu, manéhna moal bisa ngahalang-halang pangwawaran warta Karajaan ka jalma-jalma di sakuliah dunya. Éta kabéh bisa laksana lantaran panyalindungan ti Yéhuwa.​—Baca Yesaya 54: 15, 17.

16. Kumaha Yéhuwa bakal nyalametkeun umat-Na dina mangsa cilaka?

16 Naon anu bakal kajadian kahareupna? Dina mangsa cilaka, Yéhuwa bakal nyalametkeun urang. Kumaha? Yéhuwa bakal nyalametkeun umat-Na anu satia waktu Mantenna ngagerakkeun raja-raja di sakuliah bumi pikeun ngancurkeun Babul Raya, nyaéta agama-agama palsu. (Wahyu 17:16-18; 18:2, 4) Terus, Yéhuwa bakal nyalametkeun umat-Na waktu Mantenna ngabinasakeun sakabéh dunya Sétan dina Armagédon.​—Wahyu 7:9, 10; 16:14, 16.

17. Ku naon urang kudu tetep nyobat jeung Yéhuwa?

17 Mun urang tetep nyobat jeung Yéhuwa, Sétan moal bisa nyilakakeun urang salilana. Justru, manéhna nu bakal dibinasakeun salilana. (Rum 16:20) Jadi, pék paké sakabéh pakarang perang ti Allah unggal waktu! Ulah perang sorangan ngalawan Sétan jeung balad-baladna, tapi dukung sadérék-sadérék. Geus kitu, tuturkeun bingbingan ti Yéhuwa. Mun Sadérék ngalakukeunana, Sadérék bisa yakin yén Bapa di sawarga bakal nguatkeun jeung ngalindungan Sadérék.​—Yes. 41:10.

KAWIH 149 Kawih Kaunggaulan

^ par. 5 Kitab Suci jangji yén Yéhuwa bakal nguatkeun jeung ngalindungan urang. Dina artikel ieu, urang bakal ngabahas pananya-pananya: Ku naon urang butuh panyalindungan ti Yéhuwa? Kumaha Yéhuwa ngalindungan urang? Naon anu kudu urang lakukeun supaya meunang bantuan ti Yéhuwa?