Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 10

Hayu Babarengan Mantuan Palajar Nepi ka Dibaptis

Hayu Babarengan Mantuan Palajar Nepi ka Dibaptis

”Upama tiap-tiap babagian badan sauyunan . . . tinangtu sakujur badan bakal hirup kalawan huripna.”​—EPE. 4:16, Sunda Formal [SF].

KAWIH 85 Silih Bagéakeun

NU DIBAHAS *

1-2. Saha waé nu bisa mantuan saurang palajar Alkitab nyieun kamajuan nepi ka dibaptis?

”ABDI resep pisan diajar Alkitab. Abdi yakin, ieu téh bebeneran. Tapi abdi kakara bisa nyieun kamajuan nepi ka dibaptis téh sanggeus gaul jeung sadérék-sadérék di sidang,” ceuk Sadérék Amy ti Fiji. Tina pangalaman Amy, urang jadi ngarti kana hiji hal: Saurang palajar Alkitab biasana leuwih gancang nyieun kamajuan lamun dibantuan ku sadérék-sadérék di sidang.

2 Unggal pawarta bisa mantuan saurang palajar nepi ka jadi anggota sidang. (Epe. 4:16, SF) Leilani, saurang panaratas ti Vanuatu, ngomong, ”Aya hiji paribasa nu nyebutkeun yén ngagedékeun budak téh tanggung jawabna jelema sakampung. Ceuk abdi mah, ngabantu batur jadi murid gé sarua jiga kitu. Éta téh tanggung jawabna kabéh anggota sidang.” Kulawarga, dulur-dulur, jeung guru-guru di sakola babarengan ngagedékeun saurang budak. Maranéhna ngadidik jeung ngajarkeun hal-hal nu penting. Kitu ogé, kabéh pawarta di sidang bisa méré saran, nguatkeun, jeung méré tuladan ka palajar Alkitab supaya manéhna bisa nyieun kamajuan nepi ka dibaptis.​—Sil. 15:22.

3. Sadérék diajar naon tina pangalaman Ana, Dorin, jeung Leilani?

3 Ku naon pawarta nu mandu palajaran Alkitab kuduna teu nolak mun aya pawarta séjén milu mantuan palajarna? Ana, saurang panaratas istiméwa ti Moldova, ngomong, ”Palajar Alkitab nu geus nyieun kamajuan téh kudu dibantuan. Tapi mun nu mantuanana ngan sorangan mah, moal bisa atuh.” Dorin, panaratas istiméwa séjén di ditu, ngomong, ”Anu diomongkeun ku pawarta séjén téh osok keuna kana haté palajar. Ari abdi mah boro-boro kapikir pikeun ngomong kitu.” Leilani gé ngarasakeun sorangan bantuan ti pawarta séjén. Ceuk manéhna, ”Mun palajar ngarasa dipikanyaah jeung diperhatikeun ku dulur-dulur saiman, manéhna jadi apal umat Yéhuwa téh jiga kumaha.”​—Yoh. 13:35.

4. Urang bakal ngabahas naon dina artikel ieu?

4 Tapi meureun Sadérék mikir, ’Kumaha abdi bisa mantuan palajar Alkitab batur? Pan lain abdi guruna.’ Urang bakal ngabahas: Naon nu bisa dilakukeun ku urang waktu maturan pawarta séjén ngajarkeun Alkitab? Naon nu bisa urang lakukeun mun aya palajar nu mulai datang ka pasamoan? Kumaha kokolot bisa mantuan jalma nu keur diajar Alkitab pikeun nyieun kamajuan nepi ka dibaptis?

WAKTU MATURAN PAWARTA SÉJÉN NGAJARKEUN ALKITAB

Waktu rék maturan pawarta séjén mandu palajaran Alkitab, siapkeun heula bahan-bahan nu rék dibahas (Tingali paragrap 5-7)

5. Waktu maturan pawarta séjén ngajarkeun Alkitab, naon tugas Sadérék?

5 Nu utamana boga tanggung jawab pikeun mantuan palajar Alkitab paham kana Firman Allah téh, nya guru Alkitabna. Jadi mun Sadérék diajak ku pawarta séjén ka palajarna, tugas Sadérék téh nyaéta ngan mantuan manéhna. (Pan. 4:9, 10) Tapi, naon nu bisa dilakukeun?

6. Waktu rék maturan pawarta séjén mandu palajaran Alkitab, kumaha urang bisa ngajalankeun naséhat dina Siloka 20:18?

6 Kudu persiapan. Tanyakeun heula ka guruna, palajar Alkitabna téh jiga kumaha? (Baca Siloka 20:18.) Meureun Sadérék bisa nanya: ”Agamana naon? Umurna sabaraha? Kulawargana jiga kumaha? Engké rék ngabahas naon? Naon nu rék ditandeskeun? Abdi kudu ngalakukeun atawa ngomong naon teu? Atawa, aya nu ulah dilakukeun jeung diomongkeun teu? Naon nu bisa abdi lakukeun pikeun ngabantu palajar nyieun kamajuan?” Guruna bakal nyaritakeun palajarna téh jiga kumaha, tapi moal méré nyaho hal-hal nu sipatna rasiah. Saurang utusan injil nu ngaranna Joy ngomong, ”Mun abdi nyaritakeun ngeunaan palajar Alkitab abdi, pawarta nu maturan téh bakal leuwih sumanget mantuan palajar, jeung nyaho naon nu perlu diomongkeun.”

7. Waktu maturan pawarta séjén, ku naon Sadérék kudu nyiapkeun heula bahanna?

7 Sadérék gé bisa nyiapkeun bahan anu rék dibahas. (Esra 7:10) Dorin, sadérék nu tadi dicaritakeun, ngomong, ”Abdi senang mun pawarta nu maturan abdi geus nyiapkeun bahanna. Jadi, manéhna bisa méré koméntar tambahan nu alus.” Terus, palajar gé jadi bisa ningali Sadérék duaan geus bener-bener persiapan. Éta bisa dipiconto ku manéhna. Tapi saupama Sadérék teu bisa bener-bener nyiapkeun bahanna, sahenteuna baca heula bahanna saliwat supaya Sadérék apal inti palajaran nu bakal dibahas.

8. Kumaha supaya doa urang bisa keuna kana haté palajar Alkitab?

8 Doa téh salah sahiji bagian nu penting dina palajaran Alkitab. Jadi, pikirkeun heula naon nu bakal diucapkeun lamun engké Sadérék dipénta ngadoa. Ku kituna, doa Sadérék bisa keuna kana haté palajar. (Jab. 141:2) Hanae ti Jepang, inget kénéh kana doa ti sadérék nu maturan guru Alkitabna baheula. Ceuk manéhna, ”Abdi bisa ngarasakeun, manéhna téh deukeut pisan jeung Yéhuwa. Abdi jadi hayang jiga manéhna. Abdi gé ngarasa dipikanyaah lantaran ngaran abdi disebutkeun dina doana.”

9. Ceuk Yakobus 1:19, urang kudu kumaha waktu maturan batur mandu palajaran Alkitab?

9 Dukung pawarta nu mandu palajaran Alkitab. Saurang panaratas istiméwa di Nigéria ngomong, ”Alus mun pawarta nu maturan téh bener-bener merhatikeun salila palajaran Alkitab. Manéhna bisa méré koméntar nu alus, tapi ulah loba teuing ngomong, da lain manéhna guru Alkitabna.” Jadi, iraha atuh urang kudu méré koméntar tambahan? Jeung, naon nu kudu diomongkeun? (Sil. 25:11) Déngékeun bener-bener naon nu keur dibahas. (Baca Yakobus 1:19.) Jadi, urang bakal siap pikeun méré koméntar tambahan nu diperlukeun. Tapi, urang gé kudu nimbang-nimbang heula saacan ngomong. Ulah loba teuing nyarita, ulah motong omongan guru Alkitabna, sarta ulah ngomongkeun hal-hal nu teu nyambung jeung topik anu keur dibahas. Urang bisa nandeskeun topik nu keur dibahas ku cara méré koméntar nu singget, méré ibarat, atawa pananya. Meureun kadang urang ngarasa teu nyaho naon deui nu kudu dikoméntaran. Tapi lamun urang muji jeung perhatian ka palajar Alkitab, sabenerna urang téh keur ngabantu manéhna nyieun kamajuan.

10. Naon mangpaatna nyaritakeun pangalaman urang ka palajar Alkitab?

10 Caritakeun pangalaman Sadérék. Mun cocog, Sadérék bisa nyaritakeun sacara singget kumaha Sadérék diajar bebeneran, kumaha Sadérék nyanghareupan tangtangan, atawa kumaha Yéhuwa ngabantu Sadérék waktu aya masalah. (Jab. 78:4, 7) Pangalaman Sadérék bisa jadi gedé mangpaatna keur palajar Alkitab. Meureun éta bisa nguatkeun imanna. Terus, bisa waé palajar jadi hayang nyieun kamajuan nepi ka dibaptis. Éta gé bisa mantuan palajar pikeun nyanghareupan tangtangan. (1 Pet. 5:9) Gabriel, saurang panaratas ti Brasil, nyaritakeun kumaha waktu baheula manéhna diajar Alkitab, ”Waktu ngadéngé pangalaman ti sadérék-sadérék, abdi jadi paham Yéhuwa téh apal tangtangan naon waé nu kaalaman ku urang. Mun sadérék-sadérék bisa nyanghareupanana, abdi gé pasti bisa.”

WAKTU AYA PALAJAR ALKITAB NU MILU MASAMOAN

Urang kabéh bisa ngajurung palajar Alkitab pikeun rutin masamoan (Tingali paragrap 11)

11-12. Ku naon urang kudu nyambut palajar Alkitab nu datang ka pasamoan?

11 Supaya bisa nyieun kamajuan nepi ka dibaptis, palajar Alkitab perlu rutin datang ka pasamoan jeung ngarasakeun mangpaatna. (Ibr. 10:24, 25) Biasana, guru Alkitab bakal ngajak palajarna datang ka pasamoan. Mun manéhna datang, urang kabéh bisa ngajurung supaya manéhna terus masamoan. Kumaha carana?

12 Sing soméah nyambut manéhna. (Rum 15:7) Lamun palajar ngarasa anggota sidang nyambut manéhna, biasana manéhna sok hayang terus datang ka pasamoan. Urang bisa nyambut manéhna jeung ngenalkeun ka sadérék-sadérék séjén, tapi ulah nepi ka manéhna jadi risi. Ajak ngobrol manéhna, sabab bisa waé guru Alkitabna téh can datang atawa keur sibuk ku tugas-tugas di sidang. Terus, déngékeun mun manéhna keur nyarita. Naon hasilna mun urang soméah? Perhatikeun Sadérék Dmitrii, saurang palayan sidang nu dibaptis sababaraha taun katukang. Manéhna nyaritakeun pangalamanana waktu mimiti masamoan, ”Harita abdi keur ngadagoan di hareupeun Balé Karajaan, mani asa degdegan! Untungna aya sadérék anu nyampeurkeun, ngajak abdi asup ka jero. Ari pék téh, loba nu nyambut abdi! Mani atoh pisan. Hayangna mah, unggal poé masamoan. Teu pernah abdi ngarasa jiga kitu saacanna.”

13. Naon pangaruhna lamun palajar Alkitab ningali laku lampah urang anu hadé?

13 Béré tuladan. Waktu ningali laku lampah urang nu hadé, palajar Alkitab bisa yakin yén nu diajarkeun ka manéhna téh bebeneran. (Mat. 5:16) Vitalii, saurang panaratas ti Moldova, nyarita, ”Baheula, abdi merhatikeun cara hirup jeung laku lampah sadérék-sadérék di sidang. Abdi jadi yakin, ieu téh agama nu bener!”

14. Kumaha tuladan urang bisa mantuan palajar nyieun kamajuan?

14 Supaya bisa dibaptis, palajar kudu ngajalankeun naon nu geus diajarkeun ka manéhna. Éta téh teu gampang. Tapi mun manéhna ningali yén urang nuturkeun naséhat Alkitab jeung ngarasakeun mangpaatna, manéhna bakal hayang nurutan urang. (1 Kor. 11:1) Hanae, nu tadi dicaritakeun, ngomong, ”Laku lampah sadérék-sadérék téh sajalan jeung naon nu diajarkeun ka abdi. Abdi jadi paham carana ngagedékeun haté, ngahampura, jeung mikanyaah batur. Maranéhna gé sok muji dulur saiman. Abdi hayang nurutan maranéhna.”

15. Dumasar Siloka 27:17, ku naon urang kudu nganggap palajar Alkitab téh sabagé babaturan?

15 Anggap palajar téh sabagé babaturan. Waktu manéhna geus sering masamoan, urang gé kudu terus nunjukkeun perhatian. (Pil. 2:4) Upayakeun pikeun leuwih kenal ka manéhna, tapi ulah tatanya ngeunaan kahirupan pribadina. Sadérék bisa muji manéhna sabab geus nyieun parobahan. Sadérék gé bisa nanyakeun kumaha palajaran Alkitabna, kulawargana, atawa pagawéanana. Engké Sadérék jeung manéhna téh bakal leuwih akrab. Terus, manéhna gé bakal leuwih gampang pikeun nyieun kamajuan nepi ka dibaptis. (Baca Siloka 27:17 tina catetan handap.) * Ayeuna, Hanae geus jadi panaratas biasa. Manéhna inget kénéh waktu mimiti datang ka pasamoan. Ceuk manéhna, ”Sanggeus boga babaturan di sidang, abdi jadi hayang terus masamoan. Najan capé gé, abdi tetep datang. Mani resep téh gaul jeung sadérék-sadérék di sidang. Abdi gé jadi leuwih gampang ninggalkeun babaturan nu lain umat Yéhuwa. Abdi hayang leuwih akrab jeung Yéhuwa sarta dulur-dulur saiman, ku kituna abdi mutuskeun pikeun dibaptis.”

16. Naon deui nu bisa urang lakukeun supaya palajar Alkitab ngarasa betah di sidang?

16 Waktu palajar geus nyieun kamajuan, urang kudu ngabantu supaya manéhna ngarasa jadi bagian ti sidang. Carana, sing akuan ka manéhna. (Ibr. 13:2) Denis ti Moldova nyaritakeun pangalamanana waktu masih diajar Alkitab, ”Abdi jeung pamajikan sok diajak ulin ku sadérék-sadérék. Maranéhna nyaritakeun kumaha Yéhuwa mantuan maranéhna. Mani nguatkeun pisan! Abdi duaan jadi leuwih hayang ngawula Yéhuwa, sarta yakin abdi duaan bakal leuwih bagja.” Terus lamun palajar Alkitab geus jadi pawarta, Sadérék bisa ngajak manéhna dines bareng. Diego, saurang pawarta ti Brasil, nyarita, ”Loba nu ngajak abdi dines bareng. Abdi jadi leuwih deukeut jeung maranéhna. Abdi gé bisa diajar loba hal. Terus, abdi jadi leuwih akrab jeung Yéhuwa sarta Yésus.”

KUMAHA PARA KOKOLOT BISA MANTUAN?

Mun para kokolot méré perhatian, para palajar bisa nyieun kamajuan (Tingali paragrap 17)

17. Kumaha para kokolot bisa mantuan jalma-jalma nu keur diajar Alkitab?

17 Sadiakeun waktu keur palajar Alkitab. Para kokolot, lamun Sadérék nyaah jeung perhatian ka jalma-jalma nu keur diajar Alkitab, maranéhna bisa nyieun kamajuan pikeun dibaptis. Misalna, Sadérék bisa sering-sering ngajak ngobrol maranéhna dina pasamoan. Terus, mun maranéhna ngacung jeung Sadérék inget ngaran maranéhna, maranéhna bakal ngarasa diperhatikeun. Na Sadérék bisa ngatur jadwal pikeun sering-sering milu pawarta ka palajar Alkitabna? Bisa jadi, pangaruhna téh gedé pisan keur palajar Alkitab. Saurang panaratas ti Nigeria nu ngaranna Jackie nyaritakeun pangalamanana, ”Loba palajar Alkitab abdi teu nyangka, nu maturan abdi téh saurang kokolot. Malah, aya nu ngomong, ’Pastor abdi mah boro-boro daék ka dieu. Nu didatangan téh ngan nu beunghar wungkul! Mun teu dibayar mah, manéhna moal datang.’” Ayeuna, palajar éta geus milu masamoan.

18. Dumasar Rasul 20:28, kumaha para kokolot bisa ngajalankeun tanggung jawabna?

18 Pék latih jeung béré sumanget ka para pawarta. Para kokolot, Sadérék téh boga tanggung jawab nu gedé pikeun mantuan para pawarta supaya tarampil ngawawar jeung ngajarkeun Alkitab. (Baca Rasul 20:28.) Mun aya pawarta nu ngarasa teu percaya diri waktu dibaturan ku Sadérék, Sadérék bisa nawarkeun diri pikeun mandu palajaran Alkitabna. Jackie nu tadi dicaritakeun ngomong, ”Para kokolot sok nanyakeun kabar palajar Alkitab abdi. Terus mun abdi kasusahan waktu mandu palajaran Alkitab, maranéhna sok méré saran nu alus.” Loba nu bisa dilakukeun ku para kokolot pikeun méré sumanget ka para pawarta. (1 Tes. 5:11) Jackie gé ngomong, ”Abdi jadi gedé haté waktu para kokolot méré sumanget jeung ngahargaan upaya abdi. Asana téh jiga dibéré citiis pas keur kapanasan, mani seger téh! Waktu dipuji, abdi jadi leuwih percaya diri jeung leuwih bungah pikeun mandu palajaran Alkitab.”​—Sil. 25:25.

19. Naon nu bisa nyieun urang kabéh bungah?

19 Jadi sanajan urang can boga palajar Alkitab, urang masih bisa mantuan batur pikeun nyieun kamajuan nepi ka dibaptis. Waktu maturan dines, urang bisa ngadukung pawarta séjén. Urang bisa méré koméntar tambahan nu geus disiapkeun, tapi ulah loba teuing ngomong. Waktu palajar Alkitab datang ka pasamoan, urang bisa nyambut jeung nganggap manéhna sabagé babaturan. Urang gé bisa méré tuladan keur maranéhna. Para kokolot bisa nguatkeun palajar Alkitab ku cara nyadiakeun waktu keur maranéhna. Para kokolot gé bisa ngalatih jeung muji guru Alkitabna. Urang bungah pisan bisa mantuan batur pikeun nyaah jeung ngawula Yéhuwa, sanajan nu dilakukeun ku urang téh teu sapira.

KAWIH 79 Ajar Maranéhna Sangkan Pengkuh

^ par. 5 Teu kabéh pawarta boga palajar Alkitab. Tapi urang kabéh bisa babarengan mantuan palajar pikeun nyieun kamajuan nepi ka dibaptis. Kumaha carana? Hayu urang bahas.

^ par. 15 Siloka 27:17 (NW): ”Jiga beusi silih asah jeung beusi, Saurang jalma silih asah jeung babaturanana.”