Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 12

Kanyaah Ngabantu Urang Teger Najan Dipikangéwa

Kanyaah Ngabantu Urang Teger Najan Dipikangéwa

”Parentah Kami teh: Sing silih pikanyaah. Lamun dunya geuleuheun ka maraneh, sing aringet yen eta teh lantaran geus geuleuheun ti heula ka Kami.”​—YOH. 15:17, 18.

KAWIH 129 Urang Kudu Terus Tabah

NU DIBAHAS *

1. Numutkeun Mateus 24:9, ku naon urang sakuduna teu héran lamun dipikangéwa ku dunya ieu?

URANG diciptakeun ku Yéhuwa pikeun nyaah ka batur jeung dipikanyaah ku batur. Jadi mun aya anu ngéwa ka urang, urang bisa ngarasa sedih, jeung jadi sieun. Misalna, saurang sadérék istri anu ngaranna Gina *, anu cicing di Eropa, ngomong, ”Waktu abdi umur 14 taun, si Mamah ngéwa pisan ka abdi lantaran abdi ngawula Yéhuwa. Abdi sedih pisan jeung ngarasa euweuh batur. Terus abdi mulai mikir, jigana abdi téh jalma anu teu bener.” Saurang sadérék pameget anu ngaranna Danilo nulis, ”Waktu tentara neunggeul, ngahina, jeung ngancam abdi lantaran abdi téh Saksi-Saksi Yéhuwa, abdi sieun jeung ngarasa direndahkeun.” Mun dipikangéwa saperti kitu, urang bisa ngarasa sedih pisan. Tapi urang teu kudu héran kana hal éta, lantaran Yésus geus ngaramalkeun yén urang bakal dipikageuleuh ku batur.​—Baca Mateus 24:9.

2-3. Ku naon murid-murid Yésus dipikangéwa?

2 Dunya ieu ngéwa ka murid-murid Yésus. Ku naon? Jiga Yésus, urang téh ”geus lain bogana” dunya. (Yoh. 15:17-19) Misalna, najan urang hormat ka pamaréntah manusa, urang mah moal pipilueun urusan pulitik, moal ngangkat leungeun pikeun hormat bandéra, jeung moal ngawihkeun lagu-lagu nasional. Urang ngan ngabakti ka Yéhuwa wungkul. Urang gé ngadukung hak Yéhuwa pikeun maréntah manusa. Ari Sétan jeung ’turunanana’ mah nangtang hak éta. (Kaj. 3:1-5; Kaj. 3: 15, Terjemahan Dunia Baru) Urang ngawartakeun yén hiji-hijina harepan keur umat manusa téh nyaéta Karajaan Allah. Moal lila deui, ieu Karajaan bakal ngancurkeun kabéh musuh. (Dan. 2:44; Wahyu 19:19-21) Keur jelema bener mah ieu téh warta hadé, tapi keur jelema jahat mah sabalikna.​—Jab. 37:10, 11.

3 Urang gé dipikangéwa sabab nuturkeun patokan hirup ti Allah, anu béda pisan jeung patokan hirup ti dunya ieu. Misalna, ayeuna geus loba jalma nu mikir yén ngalakukeun hal cabul téh biasa-biasa waé, teu salah. Padahal, baheula Sadumu jeung Gomora dibinasakeun téh gara-gara loba nu ngalakukeun hal cabul! (Yud. 7) Lantaran urang nyekel pageuh patokan hirup tina Alkitab, loba anu moyokan jeung nganggap urang teu ngahargaan batur.​—1 Pet. 4:3, 4.

4. Naon waé nu bisa ngabantu urang tetep teger najan dipikangéwa ku batur?

4 Naon anu bisa ngabantu urang tetep teger najan dipikangéwa jeung dihina ku batur? Urang kudu boga iman yén Yéhuwa bakal nulungan urang. Jiga taméng, iman téh bisa ”mareumkeun panah-panah seuneu anu dilepas ku si Jahat”. (Epe. 6:16) Tapi, iman wungkul teu cukup. Urang gé butuh kanyaah. Ku naon? Lantaran jalma anu boga kanyaah mah ”tara panasan”. Manéhna sabar jeung tabah waktu dinyenyeri. (1 Kor. 13:4-7, Sunda Formal; 1 Kor. 13:13) Ayeuna, hayu urang tingali kumaha nyaah ka Yéhuwa, ka dulur saiman, jeung ka musuh bisa ngabantu urang tetep teger najan dipikangéwa.

TEGER SABAB NYAAH KA YÉHUWA

5. Lantaran nyaah ka Bapana, Yésus bisa kumaha?

5 Dina peuting saacan Yésus dihukum pati, anjeunna ngomong ka murid-muridna nu satia, ”Kami . . . tumut kana sagala pangersa Rama, supaya kanyaah Kami ka Mantenna kanyahoan ku ieu dunya.” (Yoh. 14:31) Lantaran Yésus nyaah ka Yéhuwa, anjeunna bisa tetep teger waktu nyanghareupan tangtangan. Lamun urang nyaah ka Yéhuwa, urang gé bisa tetep teger jiga Yésus.

6. Numutkeun Rum 5:3-5, kumaha parasaan umat Yéhuwa waktu dipikangéwa ku dunya ieu?

6 Umat Yéhuwa bisa tetep teger waktu dikaniaya lantaran maranéhna nyaah ka Allah. Misalna lantaran nyaah ka Allah, para rasul terus ngawawar sanajan dilarang ku Mahkamah Agung Yahudi. Maranéhna leuwih ”tunduk ka Allah ti batan ka manusa”. (Ras. 5:29; 1 Yoh. 5:3) Ayeuna, dulur-dulur saiman urang gé tetep teger waktu dikaniaya ku pamaréntah anu kejem, lantaran maranéhna nyaah ka Allah. Najan dipikangéwa ku dunya ieu, urang mah henteu sedih, justru ngarasa bagja.​—Ras. 5:41; baca Rum 5:3-5.

7. Kumaha sakuduna sikep urang waktu meunang tangtangan ti anggota kulawarga?

7 Meureun salah sahiji tangtangan nu pangbeuratna téh, nyaéta tangtangan ti anggota kulawarga. Waktu urang mimiti diajar bebeneran, bisa jadi aya anggota kulawarga anu mikir yén urang téh keur disasabkeun. Aya ogé nu mikir, urang geus teu waras. (Bandingkeun Markus 3:21.) Malah, meureun aya nu jadi kasar ka urang. Tapi, urang teu kudu héran. Yésus geus ngomong, ”Anu bakal jadi musuh pangbangetna teh nya anggota kulawargana keneh.” (Mat. 10:36) Teu sual kumaha tindakan anggota kulawarga urang, ulah ngéwa ka maranéhna. Sabalikna mun urang beuki nyaah ka Yéhuwa, urang gé bakal beuki nyaah ka sasama. (Mat. 22:37-39) Najan kitu, urang mah moal ngalanggar hukum jeung prinsip ti Alkitab pédah hayang nyenangkeun batur.

Saupama urang ngalaman kasusah, Yéhuwa bakal terus nyarengan urang pikeun nengtremkeun jeung nguatkeun urang (Tingali paragrap 8-10)

8-9. Naon anu ngabantu Gina tetep teger waktu nyanghareupan tangtangan nu beurat?

8 Gina, nu dicaritakeun dina awal artikel, bisa tetep teger najan meunang tangtangan nu beurat ti indungna. Gina ngajelaskeun, ”Abdi jeung si Mamah diajar Alkitab bareng jeung Saksi Yéhuwa. Tapi genep bulan sanggeusna, waktu abdi hayang milu masamoan, sikep si Mamah ujug-ujug barobah. Ari pék téh, si Mamah osok gaul jeung jalma-jalma murtad. Jadi, si Mamah nyerang abdi maké tuduhan-tuduhan palsu. Si Mamah gé ngahina, ngajenggut buuk abdi, nyekék abdi, jeung miceunan publikasi abdi. Waktu umur 15, abdi dibaptis. Si Mamah hayang abdi eureun ngawula Yéhuwa, jadi abdi dikirim ka hiji imah nu eusina barudak baong kabéh. Di ditu téh aya nu maké narkoba jeung ngalakukeun tindakan kriminal. Tangtangan bakal karasa beurat pisan lamun datangna ti jalma anu sakuduna nyaah jeung ngurus urang.”

9 Ku naon Gina bisa tetep teger? Ceuk manéhna, ”Waktu si Mamah ngalarang abdi, poé éta téh abdi kakara bérés maca sakabéh eusi Alkitab. Abdi yakin pisan éta téh bebeneran. Abdi gé ngarasa akrab jeung Yéhuwa. Abdi sering ngadoa ka Yéhuwa, Mantenna gé ngadéngékeun doa abdi. Pas abdi keur cicing di imah nu eusina barudak baong kabéh, saurang sadérék istri pernah ngondang abdi ka imahna. Di ditu, abdi duaan diajar Alkitab babarengan. Dina kaayaan anu susah éta, abdi ngarasa dikuatkeun mun panggih jeung dulur-dulur saiman. Maranéhna nganggap abdi jiga anggota kulawargana sorangan. Keur abdi mah, jelas pisan Yéhuwa téh leuwih kuat tibatan saha waé anu ngéwa ka urang.”

10. Urang bisa yakin Yéhuwa bakal kumaha ka urang?

10 Rasul Paulus nulis, ”Moal aya nu bisa megatkeun asih-Na Allah ka urang sakumaha anu geus diterapkeun ka urang, ku jalan Kristus Yesus Gusti urang.” (Rum 8:38, 39) Saupama urang kudu nepi ka ngalaman kasusah, Yéhuwa bakal terus nyarengan urang pikeun nengtremkeun jeung nguatkeun urang. Jiga ka Gina, Yéhuwa gé bakal nulungan urang liwat dulur-dulur saiman.

TEGER SABAB NYAAH KA DULUR SAIMAN

11. Kumaha kanyaah anu dijelaskeun ku Yésus dina Yohanes 15:12, 13 bisa ngabantu murid-muridna? Béré conto.

11 Dina peuting saacan Yésus maot, anjeunna ngingetan murid-muridna supaya silih pikanyaah. (Baca Yohanes 15:12, 13.) Anjeunna apal mun murid-murid silih pikanyaah, maranéhna bisa tetep ngahiji jeung tetep teger najan dipikangéwa ku dunya ieu. Perhatikeun naon nu kaalaman ku sidang di Tésalonika. Ti saprak ieu sidang diadegkeun, sadérék-sadérék di ditu téh teterusan dikaniaya. Najan kitu, maranéhna bisa tetep satia jeung silih pikanyaah. Ieu téh tuladan nu alus keur urang. (1 Tes. 1:3, 6, 7) Paulus ngajurung maranéhna pikeun terus silih pikanyaah, malah kudu ”leuwih ti kitu”. (1 Tes. 4:9, 10) Mun maranéhna silih pikanyaah, maranéhna bisa nguatkeun anu lemah jeung nu leutik haté. (1 Tes. 5:14) Dulur-dulur saiman di ditu nuturkeun naséhat ti Paulus. Éta kabukti tina surat Paulus anu kadua, nu ditulis kira-kira sataun sanggeusna. Ceuk Paulus, maranéhna téh ”mingkin silih pikanyaah”. (2 Tes. 1:3-5) Lantaran silih pikanyaah, maranéhna bisa tetep teger waktu nyanghareupan kasusah jeung waktu dikaniaya.

Kanyaah ti dulur-dulur saiman ngabantu urang teger waktu dipikangéwa (Tingali paragrap 12) *

12. Waktu aya perang, kumaha dulur-dulur saiman bisa silih pikanyaah?

12 Pék perhatikeun pangalaman Danilo, nu disebutkeun dina awal artikel. Basa aya perang di kotana, Danilo jeung pamajikanana tetep masamoan, ngawawar sabisa-bisana, jeung méré kadaharan ka dulur-dulur saiman. Tapi dina hiji waktu, Danilo didatangan ku sababaraha tentara. Ceuk Danilo, ”Maranéhna hayang abdi eureun jadi Saksi. Waktu abdi nolak, maranéhna nenggeulan abdi jeung némbak ka luhureun sirah abdi pikeun nyingsieunan abdi. Saacan balik, maranéhna ngancam rék datang deui pikeun merkosa pamajikan abdi. Tapi, dulur-dulur saiman buru-buru nulungan. Maranéhna ngageugeuwat abdi duaan pikeun pindah ka kota séjén maké karéta. Abdi moal poho kana kanyaah maranéhna. Waktu nepi di luar kota, dulur-dulur saiman di ditu méré kadaharan sarta mantuan abdi néangan pagawéan jeung imah. Ku kituna, abdi duaan gé bisa nulungan dulur-dulur saiman anu ngungsi ka ditu lantaran aya perang.” Pangalaman ieu nunjukkeun, mun urang silih pikanyaah jeung dulur-dulur saiman, urang bisa tetep teger najan dipikangéwa.

TEGER SABAB NYAAH KA MUSUH

13. Kumaha roh suci bisa mantuan urang pikeun terus ngalayanan Yéhuwa najan dipikangéwa ku batur?

13 Yésus ngajarkeun murid-muridna pikeun nyaah ka musuh-musuh. (Mat. 5:44, 45) Ieu téh teu gampang. Tapi, urang bisa ngalakukeunana ku bantuan roh suci Yéhuwa. Buah padamelan roh téh kaasup nyaahan, sabar, hadé ka batur, lemah lembut, jeung nahan napsu. (Gal. 5:22, 23) Sipat-sipat ieu bisa ngabantu urang tetep teger najan dipikangéwa. Loba jalma jadi teu ngéwa deui ka urang lantaran salaki, pamajikan, barudak, atawa tatanggana anu Saksi nunjukkeun sipat-sipat éta. Malah mah, loba anu jadi dulur saiman urang. Jadi, lamun Sadérék ngarasa hésé pikeun mikanyaah jalma nu ngéwa ka Sadérék lantaran Sadérék ngawula Yéhuwa, pék ngadoa ménta roh suci. (Luk. 11:13) Sarta sing yakin, urang moal pernah rugi mun taat ka Allah!​—Sil. 3:5-7.

14-15. Kumaha Rum 12:17-21 bisa ngabantu Yasmin pikeun nunjukkeun kanyaah najan salakina téga ka manéhna?

14 Perhatikeun pangalaman Yasmin anu cicing di Timur Tengah. Waktu Yasmin jadi Saksi Yéhuwa, salakina mikir yén manéhna téh geus dibobodo. Salakina hayang Yasmin eureun ngawula Yéhuwa. Jadi, manéhna ngahina Yasmin. Geus kitu, manéhna ménta kulawarga, pamingpin agama, jeung dukun pikeun ngancam sarta nuduh Yasmin geus ngancurkeun kulawargana. Malah, manéhna gé nepi ka gogorowokan ngahina dulur-dulur saiman waktu keur masamoan! Yasmin osok ceurik ningali kalakuan salakina anu teungteuingeun.

15 Di Balé Karajaan, dulur-dulur saiman ngalilipur jeung nguatkeun Yasmin. Para kokolot ngajurung Yasmin pikeun ngalarapkeun kekecapan dina Rum 12:17-21. (Baca.) Ceuk Yasmin, ”Éta téh hésé pisan. Tapi abdi ménta tulung ka Yéhuwa. Abdi gé sabisa-bisana nuturkeun naséhat tina Alkitab. Jadi, waktu salaki abdi ngahaja ngotoran dapur, ku abdi dibersihan. Waktu manéhna ngahina abdi, ku abdi dibageuran. Terus waktu manéhna gering, ku abdi tetep dirawat.”

Mun urang terus mikanyaah jalma-jalma nu ngéwa ka urang, bisa waé maranéhna barobah (Tingali paragrap 16-17) *

16-17. Sadérék diajar naon tina tuladan Yasmin?

16 Upaya Yasmin pikeun terus nunjukkeun kanyaah ka salakina téh henteu cumah. Ceuk Yasmin, ”Salaki abdi geus leuwih percaya ka abdi, lantaran manéhna apal abdi mah tara ngabohong. Manéhna gé geus daék ngadéngékeun abdi waktu urang duaan ngobrolkeun ngeunaan agama. Terus, urang duaan satuju pikeun ngupayakeun karukunan di imah. Malah, ayeuna salaki abdi osok ngajurung abdi masamoan. Hubungan abdi jeung salaki téh jadi beuki harmonis. Kaayaan di imah gé jadi tengtrem. Nya mudah-mudahan, kahareupna salaki abdi daék narima bebeneran jeung ngawula Yéhuwa ogé.”

17 Tina pangalaman Yasmin, urang ningali yén urang bisa tawekal dina sagala cocoba, boga harepan, sarta tetep teger mun urang boga kanyaah. (1 Kor. 13:4, 7) Mun urang terus mikanyaah jalma-jalma nu ngéwa ka urang, bisa waé maranéhna barobah. Pangpangna mah, éta téh nyenangkeun Yéhuwa. Tapi saupama batur tetep mikangéwa urang, kumaha urang bisa tetep bagja?

BAGJA NAJAN DIPIKAGEULEUH

18. Ku naon urang bisa tetap bagja sanajan dipikangéwa?

18 Yésus ngomong, ”Bagja maranéh lamun . . . jalma-jalma pada mikageuleuh.” (Luk. 6:22) Urang mémang teu hayang dipikageuleuh. Terus mun bisa mah, urang gé embung dikaniaya lantaran ngabéla iman. Jadi, ku naon Yésus ngomong yén urang bisa bagja najan dipikageuleuh? Perhatikeun tilu alesan ieu. Kahiji, mun urang tetep satia, urang bakal dipikaresep ku Allah. (1 Pet. 4:13, 14) Kadua, iman urang bakal beuki kuat jeung ”pangajina” leuwih luhur lantaran geus diuji. (1 Pet. 1:7) Katilu, urang bakal narima berkah anu luar biasa, nyaéta kahirupan nu langgeng.​—Rum 2:6, 7.

19. Ku naon para rasul ngarasa bagja sanggeus dipecutan?

19 Teu lila sanggeus Yésus dihirupkeun deui, para rasul ngarasakeun kabagjaan anu dicaritakeun ku Yésus. Sanggeus dipecutan jeung dititah eureun ngawawar, maranéhna kalah ka bagja. Ku naon? Lantaran maranéhna ”ngaraos geus dilayakkeun ku Allah kenging panghina ku karana jenengan Yesus”. (Ras. 5:40-42) Maranéhna henteu sieun dipikangéwa ku musuh-musuh, ku sabab maranéhna nyaah pisan ka Dununganana. Ku kituna, maranéhna ”teu eureun-eureun” ngawawarkeun warta hadé. Ayeuna gé, loba dulur saiman urang anu terus ngawula Yéhuwa sanajan aya tangtangan. Maranéhna yakin, Yéhuwa moal mopohokeun naon anu geus dipigawé ku maranéhna sarta kanyaah maranéhna ka Mantenna.​—Ibr. 6:10.

20. Naon nu bakal dibahas dina artikel saterusna?

20 Saacan dunya Sétan diancurkeun, urang bakal terus dipikangéwa ku jalma-jalma. (Yoh. 15:19) Tapi, ulah sieun. Dina artikel saterusna, urang bakal ningali kumaha urang ”dikuatkeun” jeung ”diraksa” ku Yéhuwa. (2 Tes. 3:3) Jadi, hayu urang terus nyaah ka Yéhuwa, ka dulur-dulur saiman, sarta ka jalma-jalma anu mikangéwa urang. Mun urang nuturkeun naséhat ieu, urang bakal tetep ngahiji jeung dulur-dulur saiman. Iman urang gé bakal beuki kuat. Terus, urang gé bakal ngamulyakeun Yéhuwa jeung ngabuktikeun yén kanyaah bisa ngéléhkeun kangéwa.

KAWIH 106 Mekarkeun Kanyaah

^ par. 5 Dina artikel ieu, urang bakal ningali kumaha kanyaah ka Yéhuwa, ka dulur saiman, jeung ka musuh bisa ngabantu urang teger sanajan dipikangéwa ku dunya ieu. Urang gé bakal ningali ku naon Yésus ngomong yén urang bisa bagja najan dipikangéwa.

^ par. 1 Ngaran-ngaran geus diganti.

^ par. 58 KATERANGAN GAMBAR: Sanggeus Danilo diancam ku tentara, dulur-dulur saiman langsung nulungan manéhna jeung pamajikanana pikeun pindah ka luar kota. Sadérék-sadérék di luar kota nyambut jeung nulungan maranéhna.

^ par. 60 KATERANGAN GAMBAR: Yasmin meunang tangtangan ti salakina. Tapi, para kokolot méré naséhat nu alus. Manéhna tetep bageur sarta ngurus salakina waktu keur gering.