Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 15

Diajar tina Omongan Yésus Saacan Anjeunna Maot

Diajar tina Omongan Yésus Saacan Anjeunna Maot

”Tah ieu teh Putra Kami, kaasih Kami, anu kamanah ku Kami. Masing ngagugu ka Anjeunna!”​—MAT. 17:5.

KAWIH 17 ”Kami Daék”

NU DIBAHAS *

1-2. Jelaskeun kumaha kaayaan Yésus waktu anjeunna ngomong saacan maot.

HARITA téh tanggal 14 Nisan, taun 33 M. Sanggeus dituduh ngalakukeun kasalahan, Yésus dihina jeung disiksa ku cara nu kejem. Leungeun jeung sukuna dipaku kana tihang siksaan. Unggal rék napas atawa ngomong, asana téh mani nyeri pisan. Tapi, Yésus tetep ngomong lantaran aya hal penting anu rék ditepikeun.

2 Hayu urang bahas omongan Yésus waktu anjeunna sakarat dina tihang siksaan, jeung tingali urang bisa diajar naon tina omonganana. Hayu urang ”ngagugu ka Anjeunna”!​—Mat. 17:5.

”DUH AMA, HAPUNTEN KALEPATAN IEU JALMI-JALMI”

3. Waktu ngadoa, ”Duh Ama, hapunten kalepatan ieu jalmi-jalmi,” katingalina saha nu keur didoakeun ku Yésus?

3 Yésus ngomong naon? Waktu dipaku dina tihang siksaan, Yésus ngadoa kieu, ”Duh Ama, hapunten kalepatan ieu jalmi-jalmi.” Yésus hayang Yéhuwa ngahampura saha? Perhatikeun kekecapan Yésus saterusna, ”[Maranéhna] teu tarerangeun naon-naon kana kalakuanana.” (Luk. 23:33, 34) Katingalina, Yésus téh ngadoakeun para prajurit Rum anu maku leungeun jeung sukuna. Maranéhna teu nyahoeun Yésus téh sabenerna Putra Allah. Terus, bisa jadi Yésus gé ngadoakeun sababaraha jalma anu satuju anjeunna dipaéhan, tapi ka dieunakeun nunjukkeun iman ka anjeunna. (Ras. 2:36-38) Sabenerna Yésus téh teu layak dihukum pati, tapi anjeunna teu nyalahkeun batur atawa keuheul ka maranéhna. (1 Pet. 2:23) Sabalikna, Yésus ménta Yéhuwa ngahampura jalma-jalma nu nyababkeun anjeunna dipaéhan.

4. Urang diajar naon ti Yésus nu réla ngahampura musuh-musuhna?

4 Urang diajar naon tina omongan Yésus? Jiga Yésus, urang kudu réla ngahampura batur. (Kol. 3:13) Meureun aya jalma-jalma, kaasup kulawarga urang sorangan, nu ngamusuhan urang. Maranéhna jiga kitu téh lantaran teu paham kapercayaan jeung jalan hirup urang. Maranéhna meureun mitnah urang, moyokan urang di hareupeun batur, ngaruksak publikasi urang, atawa malah ngancam rék nyiksa urang. Mun kitu, urang ulah teterusan keuheul ka manéhna. Justru urang bisa ngadoa ka Yéhuwa, ménta supaya maranéhna hiji waktu bisa narima bebeneran ogé. (Mat. 5:44, 45) Mémang ngahampura téh kadang teu gampang, komo deui mun batur bener-bener jahat ka urang. Tapi mun urang teterusan keuheul jeung ngéwa ka maranéhna, urang sorangan nu rugi. Saurang sadérék istri ngomong, ”Abdi paham, ngahampura téh lain hartina abdi nganggap énténg tindakan maranéhna atawa hayang terus dikitu-kitu ku maranéhna. Abdi ngahampura téh supaya henteu teterusan keuheul.” (Jab. 37:8) Mun urang ngahampura, urang téh miceun kakeuheul.​—Epe. 4:31, 32.

”MANÉH BAKAL BARENG JEUNG URANG DI PIRDAUS”

5. Naon jangji Yésus ka salah sahiji penjahat anu dihukum pati bareng jeung anjeunna? Sarta, ku naon Yésus bisa ngajangjikeun éta?

5 Yésus ngomong naon? Harita, aya dua penjahat nu dihukum pati bareng jeung Yésus. Mimitina, duanana pipilueun ngahina Yésus. (Mat. 27:44) Tapi ka dieunakeun, salah sahiji ti maranéhna eureun ngahina Yésus. Manéhna sadar yén Yésus mah ”euweuh dosana”. (Luk. 23:40, 41) Malah, manéhna yakin Yésus bakal dihirupkeun deui, sarta engké bakal maréntah sabagé raja. Manéhna ngomong ka Yésus anu keur sakarat, ”Nun Yesus, sing inget ka abdi upami parantos jumeneng Raja.” (Luk. 23:42) Éta jalma bener-bener boga iman ka Yésus! Jadi, Yésus ngomong ka manéhna, ”Urang jangji poé ieu, manéh bakal bareng jeung urang di Pirdaus.” * (Luk. 23:43, Terjemahan Dunia Baru) Perhatikeun, Yésus ngagunakeun kecap ”urang” jeung ”manéh”. Éta nunjukkeun, Yésus sorangan nu méré jangji ka éta penjahat. Yésus bisa méré jangji ieu ka penjahat nu téréh maot téh lantaran anjeunna apal Bapana nu di sawarga gé jembar hampura.​—Jab. 103:8.

6. Urang diajar naon tina omongan Yésus ka penjahat di gigireunana?

6 Urang diajar naon tina omongan Yésus? Yésus téh nyonto Bapana sacara sampurna. (Ibr. 1:3) Yéhuwa téh welas asih jeung réla ngahampura dosa urang, asal urangna bener-bener kaduhung jeung boga iman kana tebusan Yésus Kristus. (1 Yoh. 1:7) Tapi, meureun aya nu ngarasa, manéhna moal bisa dihampura ku Yéhuwa. Lamun Sadérék ngarasa kitu, pék pikirkeun hal ieu: Ngan sababaraha waktu saacan maot, Yésus téh ngahampura penjahat anu kakara boga iman. Komo deui ka urang! Yéhuwa pasti daék ngahampura umat-Na nu satia, anu sabisa-bisa ngajalankeun paréntah-Na!​—Jab. 51:3; 1 Yoh. 2:1, 2.

”ETA TEH PUTRA IBU! . . . ETA TEH INDUNG HIDEP!”

7. Dina Yohanes 19:26, 27, Yésus ngomong naon ka Mariam jeung ka Yohanes? Ku naon anjeunna ngomong kitu?

7 Yésus ngomong naon? (Baca Yohanes 19:26, 27.) Yésus mikirkeun, engké indungna kumaha? Harita, indungna katingalina geus jadi randa. Ari kabutuhan sapopoéna mah meureun bakal diurus ku adi-adina Yésus, tapi kumaha jeung kabutuhan rohanina? Jigana, harita can aya adina Yésus nu jadi murid. Tapi, Yésus boga saurang sobat sakaligus rasul nu satia, nyaéta Yohanes. Yésus nganggap jalma-jalma anu ngalayanan Yéhuwa téh sabagé kulawarga rohanina. (Mat. 12:46-50) Ku kituna, Yésus nitipkeun Mariam ka Yohanes. Yésus percaya, Yohanes bakal ngurus kabutuhan rohani indungna. Yésus ngomong ka Mariam, ”Ibu, eta teh putra ibu!” Terus ka Yohanes ngomong, ”Eta teh indung hidep!” Ti saprak harita, Mariam nganggap Yohanes sabagé anakna sorangan. Yohanes gé ngurus Mariam jiga ka indungna sorangan. Jelas, Yésus téh nyaah pisan ka Mariam, wanita nu geus ngurus anjeunna ti barang lahir nepi ka téréh maot!

8. Urang diajar naon tina omongan Yésus ka Mariam jeung Yohanes?

8 Urang diajar naon tina omongan Yésus? Hubungan urang jeung dulur-dulur saiman bisa leuwih kuat tibatan hubungan jeung kulawarga jasmani. Meureun urang dimusuhan atawa teu diaku deui ku anggota kulawarga urang. Tapi Yésus jangji, lamun urang terus satia ka Yéhuwa jeung organisasi-Na, urang bakal narima gantina ”saratus kalieun”. (Mar. 10:29, 30) Loba dulur saiman anu nyaah ka urang jeung bisa dianggap sabagé anak, indung, atawa bapa sorangan. Kumaha parasaan Sadérék jadi bagian tina kulawarga rohani anu ngahiji ku lantaran boga iman sarta nyaah ka Yéhuwa jeung sasama?​—Kol. 3:14; 1 Pet. 2:17.

”ALLAH SIM KURING, KU NAON NU MAWI NGANTUNKEUN?”

9. Omongan Yésus dina Mateus 27:46 nunjukkeun naon?

9 Yésus ngomong naon? Pas téréh maot, Yésus ngomong, ”Nun Allah sim kuring, Allah sim kuring, ku naon nu mawi ngantunkeun?” (Mat. 27:46) Alkitab teu ngajelaskeun ku naon Yésus ngomong kitu. Tapi, perhatikeun naon anu ditunjukkeun ku omonganana. Nu pasti mah, ku ngomong kitu Yésus téh keur ngalaksanakeun ramalan nu aya dina Jabur 22:2. * Kekecapanana gé nunjukkeun, harita Yéhuwa henteu ngalindungan Putra-Na. (Ayub 1:10) Yésus ngarti, Bapana téh ngantep musuh-musuh nguji anjeunna supaya anjeunna bisa ngabuktikeun kasatiaanana nepi ka maot. Saacanna, teu aya manusa nu pernah diuji jiga kitu. Salian ti éta, kekecapanana gé nunjukkeun, sabenerna anjeunna téh teu boga salah nanaon jeung teu layak dihukum pati.

10. Urang bisa diajar naon tina omongan Yésus ka Bapana?

10 Urang bisa diajar naon tina omongan Yésus? Tong ngarepkeun Yéhuwa bakal teterusan ngalindungan urang tina masalah anu nguji iman urang. Jiga Yésus baheula, urang gé kudu siap ngabuktikeun kasatiaan urang ka Yéhuwa. Malah mun nepi ka kudu maot gé, urang sakuduna siap. (Mat. 16:24, 25) Tapi urang bisa yakin, Yéhuwa moal ngantep urang meunang ujian anu teu bisa disanghareupan ku urang. (1 Kor. 10:13) Terus jiga Yésus, urang gé bisa waé dipikangéwa ku batur padahal urang teu salah nanaon. (1 Pet. 2:19, 20) Maranéhna jiga kitu téh lantaran urang lain bagian ti dunya jeung lantaran urang ngawartakeun bebeneran. (Yoh. 17:14; 1 Pet. 4:15, 16) Yésus paham ku naon Yéhuwa ngantep anjeunna sangsara. Tapi waktu meunang ujian, kadang aya umat Yéhuwa nu mikir kieu, ’Ku naon Yéhuwa ngantep abdi ngalaman hal jiga kieu?’ (Hab. 1:3) Najan aya nu mikir jiga kitu, Yéhuwa mah teu ambek. Yéhuwa welas asih sarta sabar, jadi Mantenna paham hamba-Na mikir kitu téh lain lantaran teu boga iman. Justru maranéhna kudu dikuatkeun ku Mantenna.​—2 Kor. 1:3, 4.

”KAMI HALABHAB!”

11. Ku naon Yésus ngucapkeun kekecapan anu dicatet dina Yohanes 19:28?

11 Yésus ngomong naon? (Baca Yohanes 19:28.) Ku naon Yésus ngomong, ”Kami halabhab”? Anjeunna ngomong kitu ”sangkan laksana anu kaungel dina Kitab Suci”, nyaéta ramalan anu dicatet dina Jabur 22:16. Eusina, ”Tikoro garing sakesat lebu, letah rapet kana lalangit.” Yésus pasti halabhab pisan sanggeus dikaniaya sakitu hébatna, bari kudu nahan kanyeri lantaran dipaku dina tihang siksaan. Jadi, anjeunna ménta nginum.

12. Urang bisa diajar naon tina omongan Yésus, ”Kami halabhab”?

12 Urang diajar naon tina omongan Yésus? Yésus teu éra ngungkabkeun parasaanana, da éta téh lain hartina anjeunna lemah. Urang gé kuduna kitu. Biasana, urang téh sok éra mun kudu ménta bantuan ka batur. Tapi mun urang bener-bener butuh, ulah asa-asa ménta tulung. Misalna, mun urang keur gering atawa geus sepuh, bisa jadi urang téh teu bisa indit sorangan ka pasar atawa ka dokter. Tah mun kitu, ulah asa-asa ménta anteur ka batur. Atawa lamun urang keur leutik haté, terus hayang nyarita, meureun urang perlu ménta tulung ka kokolot atawa dulur saiman. Maranéhna téh bisa ngalilipur urang supaya urang bungah deui. (Sil. 12:25) Ulah poho, dulur-dulur saiman téh nyaah ka urang. Maranéhna hayang nulungan urang waktu urang keur aya ”dina kasusah”. (Sil. 17:17) Tapi, maranéhna téh teu bisa maca pikiran urang. Maranéhna moal nyaho urang butuh bantuan lamun urangna henteu ngomong.

”GEUS TUTAS!”

13. Ku cara terus satia nepi ka maot, Yésus sabenerna ngalakukeun naon?

13 Yésus ngomong naon? Kira-kira jam tilu soré tanggal 14 Nisan, Yésus ngomong, ”Geus tutas!” (Yoh. 19:30) Sakeudeung deui Yésus bakal maot, tapi anjeunna geus ngalakukeun kabéh kahayang Yéhuwa. Ku cara terus satia nepi ka maot, Yésus téh sabenerna ngalakukeun sababaraha hal. Kahiji, anjeunna ngabuktikeun Sétan téh tukang bohong. Yésus nunjukkeun, jalma nu sampurna bisa terus satia, teu sual naon waé gogoda ti Sétan. Kadua, Yésus masrahkeun kahirupanana pikeun jadi tebusan. Ku kituna, manusa nu teu sampurna bisa nyobat jeung Yéhuwa sarta boga harepan pikeun hirup langgeng. Katilu, Yésus ngabuktikeun Yéhuwa layak pikeun maréntah. Yésus gé mersihan nami Yéhuwa tina sagala tuduhan.

14. Naon tékad urang unggal poéna? Jelaskeun.

14 Urang diajar naon tina omongan Yésus? Urang kudu sabisa-bisa tetep satia unggal poéna. Pikirkeun koméntar ti Sadérék Maxwell Friend, saurang instruktur dina Sekolah Alkitab Gilead Menara Pengawal. Dina kongrés internasional, Sadérék Maxwell nepikeun hutbah ngeunaan kasatiaan. Ceuk manéhna, ”Ulah ngaengké-engké naon nu bisa dilakukeun atawa diomongkeun dina poé ieu. Urang teu apal pan isukan masih kénéh hirup atawa henteu. Jadikeun unggal poéna sabagé kasempetan pangahirna pikeun nunjukkeun yén Sadérék téh layak pikeun meunangkeun hirup langgeng.” Jadi, hayu urang anggap unggal poé téh sabagé kasempetan pikeun nunjukkeun yén urang satia. Ku kituna, saupama urang maot gé, urang bisa ngomong, ”Yéhuwa, abdi geus sabisa-bisa pikeun tetep satia, pikeun ngabuktikeun Sétan téh tukang bohong, jeung pikeun nyucikeun nami Bapa sarta ngadukung pamaréntahan Bapa!”

”KA PANANGAN AMA, ABDI MASRAHKEUN NYAWA ABDI!”

15. Dumasar Lukas 23:46, Yésus yakin kana hal naon?

15 Yésus ngomong naon? (Baca Lukas 23:46.) Yésus percaya kahirupanana engké bakal diurus ku Yéhuwa. Anjeunna gé yakin, Bapana moal mopohokeun anjeunna. Jadi Yésus ngomong, ”Nun Ama, ka panangan Ama, abdi masrahkeun nyawa abdi.”

16. Urang diajar naon tina pangalaman Joshua?

16 Urang diajar naon tina omongan Yésus? Urang kudu terus satia ka Yéhuwa sanajan nyawa urang kaancam. Supaya bisa kitu, urang ”kudu temen ngandel ka PANGERAN”. (Sil. 3:5) Perhatikeun pangalaman Joshua. Joshua téh saurang Saksi umur 15 taun nu boga panyakit anu parah. Manéhna nolak parawatan anu ngalanggar hukum Allah. Teu lila saacan maot, Joshua ngomong kieu ka indungna: ”Mah, Yéhuwa pasti ngurus abdi. . . . Abdi yakin Yéhuwa bakal ngahirupkeun abdi deui. Yéhuwa bisa maca haté abdi. Abdi bener-bener nyaah ka Mantenna.” Urang masing-masing bisa mikirkeun: ’Mun aya kaayaan nu ngancam nyawa jeung nguji iman abdi, na abdi yakin Yéhuwa bakal ngurus jeung inget ka abdi?’

17-18. Urang geus diajar naon waé? (Tingali ogé kotak ” Palajaran tina Omongan Yésus Saacan Anjeunna Maot”.)

17 Urang geus diajar loba hal penting tina omongan Yésus saacan anjeunna maot. Urang geus diajar, urang téh kudu ngahampura batur sarta yakin Yéhuwa gé bakal ngahampura urang. Terus, urang téh geus dibéré kahormatan pikeun jadi bagian tina kulawarga Yéhuwa. Dulur-dulur saiman téh siap ngabantu urang iraha waé, jadi ulah asa-asa ménta bantuan ka maranéhna. Yéhuwa pasti ngabantu urang teger nyanghareupan sagala kasusah. Salian ti éta, urang geus diajar sakumaha pentingna nganggap unggal poé sabagé kasempetan pangahirna pikeun ngabuktikeun kasatiaan urang. Jeung lamun urang nepi ka maot, Yéhuwa pasti ngahirupkeun urang deui.

18 Nya, omongan Yésus waktu anjeunna sakarat dina tihang siksaan téh ngajarkeun loba hal ka urang. Lamun urang ngalarapkeun éta kabéh, urang téh nurut ka Yéhuwa nu méré paréntah, ”Masing ngagugu ka Anjeunna!”​—Mat. 17:5.

KAWIH 126 Waspada, Sing Pengkuh, tur Kuat!

^ par. 5 Dina Mateus 17:5, Yéhuwa ménta urang pikeun ngadéngékeun Putra-Na. Dina artikel ieu, urang bakal ngabahas sababaraha palajaran penting tina omongan Yésus waktu anjeunna sakarat dina tihang siksaan.

^ par. 5 Yésus teu ngomong éta penjahat bakal ka sawarga, tapi manéhna bakal dihirupkeun deui di Pirdaus nu aya di bumi.

^ par. 9 Bisa jadi aya sababaraha alesan ku naon Yésus ngutip Jabur 22:2. Tingali ”Pananya ti Nu Maca” dina édisi ieu.