Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PANGALAMAN HIRUP

”Abdi Diajar Loba Hal ti Batur!”

”Abdi Diajar Loba Hal ti Batur!”

WAKTU umur 20-an, abdi téh jadi tentara Prancis. Hiji waktu, abdi jeung babaturan tentara nu séjén keur aya di pagunungan di Aljazair. Urang cicing di kamp militér di ditu. Harita, urang téh keur perang. Terus, dina hiji peuting anu poék mongkléng, abdi meunang giliran jaga. Abdi cicing di tukangeun tumpukan karung keusik bari nyekel bedil. Éh, ujug-ujug aya sora nu leumpang, beuki lila beuki deukeut. Abdi meni sieun pisan. Abdi embung maéhan batur, tapi abdi ogé embung paéh. Jadi abdi ngomong, ”Duh, Gusti!”

Kajadian dina peuting éta téh ngarobah kahirupan abdi. Ti saprak harita, abdi mulai néangan Allah. Tapi saacan abdi neruskeun caritana, abdi rék nyaritakeun heula pangalaman basa abdi keur leutik kénéh. Éta anu ngabentuk cara pikir jeung haté abdi. Éta ogé ngalantarankeun abdi jadi daék diajar ngeunaan Allah pas abdi geus déwasa.

NU DIAJARKEUN KU SI BAPA

Abdi lahir dina taun 1937 di kota Guesnain. Éta téh kota tambang nu aya di beulah kalér Prancis. Si Bapa téh tukang tambang batu bara. Manéhna ngajarkeun, urang téh kudu getol digawé, terus urang gé kudu adil ka batur. Si Bapa ningali, loba tukang tambang téh miskin. Pagawéanana beurat jeung bahaya, tapi angger wéh digencét kénéh. Jadi, si Bapa ngagabung jeung hiji organisasi anu ngabéla hak-hak para tukang tambang. Si Bapa gé keuheul ningali para pamingpin agama anu marunapék. Maranéhna téh enggeus hirup ngeunah, tapi masih kénéh ménta duit jeung dahareun ka para tukang tambang anu miskin. Saking ku geuleuhna ningali para pamingpin agama, si Bapa teu pernah ngajarkeun agama ka abdi. Malah, urang teu pernah sakali-kali acan ngomongkeun ngeunaan Allah.

Beuki gedé, abdi jadi beuki teu resep mun aya nu teu adil. Terus, abdi gé teu resep mun aya jalma anu jahat ka urang asing anu aya di Prancis. Abdi sorangan mah sok maén bal jeung para pangungsi. Meni resep téh ulin jeung maranéhna! Salian ti éta, si Mamah gé urang Polandia, lain urang Prancis. Nah, abdi hayang jalma téh teu dibéda-bédakeun sarta hayang kabéh jalma bisa akur sanajan bangsana béda.

ABDI MULAI MIKIRKEUN KAHIRUPAN

Basa abdi jadi tentara

Abdi miluan wajib militér dina taun 1957. Éta sababna abdi aya di pagunungan Aljazair. Nah, ayeuna abdi rék neruskeun caritana. Sanggeus ngomong, ”Duh, Gusti!”, abdi paamprok jeung nu leumpang tadi. Éh sihoréng téh éta kaldé, lain musuh! Haté téh meni asa plong pisan. Tapi, lantaran kajadian éta sarta perang nu aya harita, abdi jadi leuwih mikirkeun ngeunaan kahirupan. Ku naon urang dilahirkeun? Na Allah nyaah ka urang? Na engké urang bisa hirup tengtrem salilana?

Ka dieunakeun pas keur libur, abdi balik ka imah. Abdi panggih jeung Saksi-Saksi Yéhuwa. Manéhna méré Alkitab ka abdi. Ieu téh Alkitab Katolik Prancis. Waktu balik deui ka Aljazair, abdi mulai maca Alkitab. Aya hiji ayat anu keuna kana haté, nyaéta Wahyu 21:3, 4. Ayatna nyebutkeun, ”Tempat Allah ayeuna geus ngahiji jeung manusa! Mantenna bakal nyusutan cipanon maranehna. Paeh, kasedih, piceurikeun, kanyeri moal aya-aya deui. Sakur nu heubeul geus sirna.” Abdi reuwas maca ayat éta. Abdi mikir, ’Nu disebutkeun dina ayat ieu téh bener kitu?’ Harita, abdi ampir teu nyaho nanaon ngeunaan Allah jeung Alkitab.

Abdi bérés wajib militér dina taun 1959. Sanggeusna, abdi panggih jeung saurang Saksi nu ngaranna François. Manéhna téh ngajarkeun Alkitab ka abdi. Misalna, manéhna ngajarkeun Allah téh boga nami, nyaéta Yéhuwa. (Jab. 83:18, Terjemahan Dunia Baru) Terus, manéhna gé ngajelaskeun engké kaayaan di bumi bakal barobah jadi pirdaus. Moal aya nu teu adil deui, terus kekecapan dina Wahyu 21:3, 4 gé bakal jadi kanyataan.

Kabéh nu diajarkeun téh asup akal jeung keuna kana haté. Tapi, abdi gé jadi keuheul pisan ka para pamingpin agama. Abdi hayang ngontrog maranéhna sabab anu diajarkeun ku maranéhna téh lain tina Alkitab. Katingalina, abdi masih kababawa ku pamikiran si Bapa. Abdi teu sabaran, hayangna mah mun aya masalah téh geura diurus!

François jeung saurang Saksi séjén nenangkeun abdi. Maranéhna ngajelaskeun, hal nu dilakukeun ku urang Kristen téh lain ngahakiman batur, tapi méré harepan ka jalma-jalma liwat warta hadé Karajaan Allah. Baheula, éta nu dilakukeun ku Yésus. Yésus gé nitah murid-muridna pikeun ngalakukeun anu sarua. (Mat. 24:14; Luk. 4:43) Terus abdi gé diajar, ngomong téh kudu bageur jeung bijaksana, sanajan kapercayaan batur béda jeung abdi. Ceuk Alkitab, ”Abdina Gusti mah ulah pasea, ka itu ka ieu kudu someah.”​—2 Tim. 2:24.

Lila-lila abdi barobah, terus ahirna abdi dibaptis jadi Saksi Yéhuwa dina kongrés wilayah taun 1959. Di ditu, abdi panggih jeung saurang sadérék istri nu ngaranna Angèle. Abdi téh bogoh ka manéhna, jadi abdi sok datang ka sidang manéhna. Terus, urang duaan nikah dina taun 1960. Manéhna téh pamajikan nu hébat pisan jeung bageur. Manéhna bener-bener hadiah ti Yéhuwa!​—Sil. 19:14.

Pas urang duaan nikah

DIAJAR LOBA HAL TI SADÉRÉK-SADÉRÉK NU BIJAKSANA JEUNG PANGALAMAN

Salila mangtaun-taun, abdi diajar loba hal ti sadérék-sadérék anu bijaksana jeung boga loba pangalaman. Intina mah kieu: Supaya bisa suksés ngajalankeun tugas, urang kudu rendah haté jeung ngalarapkeun naséhat nu aya dina Siloka 15:22. Eusina téh, ”Kudu getol tatanya heula, tangtu hasil nya maksud.”

Taun 1965, waktu jadi pangawas wilayah di Prancis

Dina taun 1964, abdi ngarasakeun naséhat ieu téh bener pisan. Dina taun éta, abdi mulai ngalayanan jadi pangawas wilayah. Abdi datang ka sidang-sidang pikeun nguatkeun sadérék-sadérék sarta ngabantu maranéhna supaya beuki deukeut jeung Yéhuwa. Harita, abdi masih umur 27 taun sarta kurang pangalaman. Jadi, abdi sok nyieun salah. Tapi, abdi diajar tina kasalahan abdi. Terus nu pangpentingna, abdi gé diajar ti sadérék-sadérék anu geus pangalaman.

Abdi jadi inget kana hiji kajadian. Abdi ngadatangan salah sahiji sidang di Paris. Terus sanggeusna, aya saurang sadérék nu geus pangalaman nanya ka abdi, bisa teu ngobrol duaan jeung abdi. Terus ceuk abdi, ”Nya, mangga.”

Manéhna nanya, ”Louis, biasana saha nu dipariksa ku dokter? Nu gering atawa nu séhat?”

Ceuk abdi, ”Nya, nu gering atuh.”

Terus manéhna ngomong, ”Enya, bener. Tapi mun diperhatikeun, jigana manéh téh leuwih sering gaul jeung jalma-jalma nu séhat jeung kuat sacara rohani nya, misalna jeung pangawas sidang. Padahal, di sidang téh aya sadérék-sadérék anu anyar, aya ogé anu leutik haté, jeung nu éraan. Pasti maranéhna resep mun manéh bisa nyadiakeun waktu keur maranéhna. Nya, meureun manéh bisa dahar bareng di imah maranéhna.”

Abdi nganuhunkeun pisan ka sadérék éta lantaran manéhna méré naséhat anu alus. Abdi kageuing lantaran manéhna nyaah ka domba-domba Yéhuwa. Mémang sih, abdi géngsi. Tapi, abdi langsung nuturkeun naséhatna. Abdi nganuhunkeun ka Yéhuwa lantaran aya sadérék-sadérék anu jiga kitu.

Dina taun 1969 jeung 1973, aya kongrés internasional di Colombes, Paris. Dua kali abdi ditugaskeun jadi pangawas di Departemen Penyediaan Makanan. Nah, dina taun 1973 mah, abdi téh kudu ngurus kadaharan kira-kira keur 60.000 jalma salila lima poé! Abdi téh asa teu sanggup! Tapi abdi inget naséhat dina Siloka 15:22. Jadi, abdi tatanya ka sadérék-sadérék nu ahli dina widang ieu. Maranéhna téh aya nu tukang daging, aya nu patani, anu nu tukang masak, jeung aya ogé nu sok balanja keur pangabutuh.

Dina taun 1973, abdi jeung pamajikan diondang pikeun ngalayanan di Bétel di Prancis. Tugas anu mimiti dibikeun ka abdi téh meni hésé pisan. Abdi kudu ngirim buku-buku jeung majalah-majalah ka nagri Kamerun, di Afrika. Padahal, harita di Kamerun téh kagiatan urang dilarang, ti taun 1970 nepi ka 1993. Jadi, abdi ngarasa teu sanggup. Terus, aya saurang pangawas cabang anu merhatikeun abdi. Jigana, manéhna engeuh abdi téh hariwang. Jadi manéhna ngomong kieu, ”Dulur-dulur saiman urang di Kamerun téh butuh pisan dahareun rohani. Hayu urang béré dahar maranéhna!” Jadi, éta nu dilakukeun ku urang.

Taun 1973, dina acara husus di Nigeria, bareng jeung para Saksi ti Kamerun

Abdi sababaraha kali indit ka nagri-nagri di deukeut Kamerun supaya bisa papanggih jeung para kokolot ti Kamerun. Maranéhna téh jalma-jalma anu wanian jeung bijaksana. Maranéhna ngabantu abdi pikeun néangan cara supaya majalah-majalah jeung buku-buku bisa terus dikirimkeun ka Kamerun. Yéhuwa ngaberkahan upaya urang kabéh. Buktina, salila kira-kira 20 taun, sadérék-sadérék di ditu teu pernah teu boga majalah Warta Hadé jeung jurnal bulanan nu ka dieunakeun disebut Pelayanan Kerajaan Kita.

Taun 1977, abdi jeung Angèle ka Nigeria bareng jeung para pangawas wilayah ti Kamerun sarta pamajikan maranéhna

DIAJAR LOBA HAL TI PAMAJIKAN NU BAGEUR

Ti mimiti bobogohan, abdi téh merhatikeun sipat-sipat alus Angèle. Manéhna téh jelema nu rohani. Éta katingali leuwih jelas deui pas urang duaan nikah. Misalna, sanggeus pésta kawin, peutingna manéhna ménta abdi ngadoa supaya urang duaan bisa ngalayanan Yéhuwa sabisa-bisana. Terus, Yéhuwa ngajawab doa urang.

Angèle gé ngabantu abdi supaya leuwih ngandelkeun Yéhuwa. Misalna kieu, pas urang diondang ka Bétel téa dina taun 1973, mimitina abdi teu pati yakin sabab abdi resep pisan jadi pangawas wilayah. Tapi Angèle ngingetan, urang téh geus ngabaktikeun hirup urang keur Yéhuwa. Jadi, kuduna urang daék atuh ngajalankeun tugas naon waé ti organisasi. (Ibr. 13:17) Abdi teu bisa ngomong nanaon. Ahirna, urang duaan indit ka Bétel. Angèle téh pamajikan anu bijaksana, asup akal, jeung bener-bener nyaah ka Yéhuwa. Lantaran sipat-sipatna éta, perkawinan urang duaan beuki kuat. Urang gé bisa nyieun putusan-putusan nu alus dina kahirupan.

Bareng jeung Angèle di taman nu aya di Bétel, Prancis

Urang duaan geus sepuh. Tapi, nepi ka ayeuna Angèle téh masih jadi pamajikan anu bageur jeung ngadukung abdi. Misalna, kalolobaan sakola di organisasi téh diayakeunana dina basa Inggris. Jadi, Angèle jeung abdi bener-bener upaya ngarah bisa beuki lancar basa Inggris. Misalna, urang duaan ngagabung jeung sidang basa Inggris, padahal urang duaan geus 70 taun leuwih. Abdi téh boga tanggung jawab sabagé Panitia Cabang Prancis, jadi diajar basa séjén téh teu gampang. Tapi, Angèle jeung abdi silih bantu. Ayeuna urang geus umur 80-an. Nepi ka ayeuna, urang nyiapkeun bahan pasamoan dina dua basa, nyaéta basa Inggris jeung basa Prancis. Urang gé sabisa-bisa upaya ngarah sering méré koméntar jeung dines. Yéhuwa ngaberkahan upaya urang pikeun diajar basa Inggris.

Dina taun 2017, urang dibéré hadiah nu luar biasa ku Yéhuwa. Urang duaan diondang ka Sekolah bagi Panitia Cabang dan Istri nu diayakeun di Pusat Pendidikan Menara Pengawal di Patterson, New York.

Yéhuwa téh bener-bener Guru anu paling agung. (Yes. 30:20) Jadi, teu héran lamun kabéh umat-Na, boh nu ngora boh nu kolot, meunang pendidikan anu pangalusna. (Pam. 4:5-8) Abdi gé merhatikeun, barudak ngora nu daék diajar ku Yéhuwa jeung ku sadérék-sadérék anu leuwih pangalaman biasana bakal terus satia nepi ka déwasa. Urang inget Siloka 9:9 nyebutkeun, ”Keur nu bijaksana mah nasehat urang teh matak nambahan kabijaksanaanana. Naon bae anu diomongkeun ka jelema bener, tangtu matak nambahan kanyahona.”

Kadang, abdi sok inget deui kana kajadian kira-kira 60 taun katukang, nu di pagunungan Aljazair téa. Harita, abdi teu nyangka kahirupan abdi bakal bagja jiga kieu. Abdi diajar loba hal ti batur. Terus, abdi jeung Angèle dibéré kahirupan anu bener-bener bagja ku Yéhuwa. Jadi, urang duaan boga tékad pikeun terus diajar ti Bapa urang di sawarga jeung ti sadérék-sadérék nu bijaksana sarta leuwih pangalaman.