Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 24

Sadérék Bisa Leupas tina Jiret Sétan!

Sadérék Bisa Leupas tina Jiret Sétan!

”Leupas tina cangkereman Iblis.”​—2 TIM. 2:26.

KAWIH 36 Jaga Haté Urang

NU DIBAHAS *

1. Naon sasaruaanana Sétan jeung tukang moro?

TUKANG moro téh hayang néwak atawa maéhan sato anu diborona. Manéhna ngagunakeun rupa-rupa jiret. Alkitab nyebutkeun sababaraha jiretna. (Ayub 18:8-10) Naon nu dilakukeun ku tukang moro supaya bisa néwak sato? Manéhna merhatikeun heula satona, ka mana satona indit, naon nu dipikaresep ku éta sato, jeung naon jiret anu paling matih. Nah, Sétan téh jiga tukang moro. Manéhna merhatikeun urang, ka mana urang indit, jeung naon nu dipikaresep ku urang. Terus, Sétan ngagunakeun jiret anu teu disangka-sangka ku urang! Tapi, Alkitab méré nyaho, saupama urang kajiret ku Sétan, urang masih bisa ngaleupaskeun diri. Alkitab gé méré nyaho kumaha carana supaya urang teu kajiret.

Sipat sombong jeung sarakah téh jiret ti Sétan anu paling matih (Tingali paragrap 2) *

2. Naon dua jiret anu paling matih anu digunakeun ku Sétan?

2 Sétan boga loba jiret nu matih pisan, dua di antarana téh nyaéta sipat sombong jeung sarakah. * Salila rébuan taun, dua sipat ieu geus nyababkeun loba jalma kajiret. Sétan téh jiga tukang néwak manuk, manéhna mikat mangsana ngarah kajiret ku jaringna. (Yer. 5:26) Tapi, urang bisa lolos tina jiretna. Ku naon? Sabab Yéhuwa geus méré nyaho cara naon waé anu digunakeun ku Sétan pikeun ngajiret jalma-jalma.​—2 Kor. 2:11.

Urang bisa diajar tina kisah jalma-jalma pikeun nyingkahan jiret Sétan (Tingali paragrap 3) *

3. Ku naon Yéhuwa ngasupkeun kisah sababaraha jalma kana Alkitab?

3 Yéhuwa ngajarkeun yén sipat sombong jeung sarakah téh bahaya pisan. Yéhuwa méré nyaho urang naon nu kaalaman ku jalma-jalma anu sombong jeung sarakah. Tujuanana supaya urang teu ngalakukeun kasalahan jiga maranéhna. Bari ngabahas kisah-kisah éta, urang bakal ningali, Sétan téh bisa ngajiret sababaraha hamba Yéhuwa anu geus mangtaun-taun ngalayanan Mantenna. Tapi, na éta hartina urang moal bisa lolos tina jiretna Sétan? Teu kitu. Yéhuwa ngasupkeun kisah maranéhna dina Alkitab pikeun ”mepelingan ka urang”. (1 Kor. 10:11) Mantenna apal, urang bisa diajar tina kisah-kisah éta jeung lolos tina jiretna Sétan.

SIPAT SOMBONG TÉH JIRET

Tingali paragrap 4

4. Lamun sombong, urang bakal kumaha?

4 Sétan hayang urang jadi jelema nu sombong. Lamun urang sombong, urang téh bakal jiga manéhna sarta moal bisa hirup langgeng. (Sil. 16:18) Ku kituna, Paulus ngingetan, jalma nu ’gumede teh bakal tigubrag, saperti Iblis’. (1 Tim. 3:6, 7) Saha waé bisa jadi sombong, boh nu anyar boh nu geus lila ngalayanan Yéhuwa.

5. Dumasar Pandita 7:16, 20, jalma anu sombong téh jiga kumaha?

5 Jalma nu sombong téh mentingkeun diri. Sétan hayang urang leuwih mikirkeun diri urang sorangan tibatan mikirkeun Yéhuwa, utamana pas urang keur aya masalah. Misalna, pas aya nu mitnah atawa teu adil ka urang, Sétan hayang urang ambek ka Yéhuwa atawa ka organisasi-Na. Terus manéhna gé hayang urang mikir, cara nu panghadéna pikeun ngaréngsékeun masalah téh, nya ngagunakeun cara urang sorangan, lainna nuturkeun pituduh ti Yéhuwa nu aya dina Firman-Na.​—Baca Pandita 7:16, 20.

6. Sadérék diajar naon tina pangalaman saurang sadérék istri ti Belanda?

6 Perhatikeun pangalaman sadérék istri ti Belanda. Manéhna téh keuheul pisan ka dulur-dulur saiman anu nyieun salah. Manéhna ngarasa geus teu tahan deui. Ceuk manéhna, ”Abdi ngarasa euweuh batur, tapi abdi gé teu bisa ngahampura maranéhna. Abdi ngomong ka salaki, urang kudu pindah sidang.” Teu lila, manéhna nongton acara JW Broadcasting® bulan Maret 2016. Di ditu dibahas, urang kudu kumaha lamun ningali kakurangan batur. Manéhna nyarita, ”Abdi kudu rendah haté jeung sadar abdi gé sok nyieun salah. Abdi teu bisa ngarobah dulur-dulur saiman. Abdi kudu mikirkeun Yéhuwa sarta percaya cara Mantenna téh anu paling bener.” Jadi, palajaranana: Lamun urang keur boga masalah, urang kudu terus mikirkeun Yéhuwa. Pék pénta bantuan Yéhuwa supaya urang bisa mandang dulur-dulur saiman jiga cara Mantenna mandang maranéhna. Yéhuwa téh apal maranéhna boga salah, tapi Yéhuwa daék ngahampura maranéhna. Yéhuwa gé hayang urang ngahampura maranéhna.​—1 Yoh. 4:20.

Tingali paragrap 7

7. Naon nu kaalaman ku Raja Usia?

7 Lantaran sombong, Raja Usia ti Yuda embung ngadéngékeun naséhat jeung jadi lancang. Sabenerna mah, manéhna téh geus ngalakukeun loba hal anu hébat. Usia unggul dina loba perang, ngawangun loba kota, jeung boga loba lahan pertanian. Manéhna ”ku Allah diberkahan”. (2 Bab. 26:3-7, 10) Tapi ceuk Alkitab, ”Sanggeusna jadi tohaga, Raja Usia jadi takabur, ngalantarankeun anjeunna cilaka.” Yéhuwa geus méré nyaho, anu bisa ngukus dupa di bait téh ngan para imam hungkul. Tapi, Raja Usia lancang. Manéhna kalah ka wawanianan ngukus dupa di bait. Yéhuwa teu resep jeung ngahukum manéhna ku panyakit lépra. Nepi ka maot, manéhna teu cageur-cageur.​—2 Bab. 26:16-21.

8. Sajalan jeung 1 Korinta 4:6, 7, kumaha supaya urang teu sombong?

8 Na urang gé bisa jadi sombong jeung ngalakukeun dosa jiga Raja Usia? Perhatikeun pangalaman José. Manéhna téh saurang pangusaha anu suksés. Manéhna gé ngawula sabagé kokolot sarta dihormat ku dulur-dulur saiman. Terus, manéhna gé osok nepikeun hutbah dina kongrés-kongrés. Geus kitu, para pangawas wilayah gé osok ménta saran ti manéhna. Tapi ceuk José, ”Abdi ngan ngandelkeun pangabisa jeung pangalaman abdi. Abdi teu ngandelkeun Yéhuwa. Abdi ngarasa diri hébat, jadi abdi teu paduli kana pépéling jeung naséhat ti Yéhuwa.” Ahirna, manéhna ngalakukeun dosa sérius jeung dipecat. Tapi sababaraha taun kamari, manéhna geus ditarima deui di sidang. Manéhna ngomong, ”Yéhuwa geus ngajar abdi, anu pangpentingna téh lain naon tanggung jawab urang di sidang, tapi na urang ngajalankeun paréntah ti Yéhuwa atawa henteu.” Jadi urang kudu inget, kabéh pangabisa jeung tanggung jawab urang di sidang téh asalna ti Yéhuwa. (Baca 1 Korinta 4:6, 7.) Mun urang sombong mah, Yéhuwa moal ngagunakeun urang deui.

SIPAT SARAKAH TÉH JIRET

Tingali paragrap 9

9. Lantaran sarakah, Sétan jeung Hawa jadi kumaha?

9 Mun urang ngomongkeun sipat sarakah, urang meureun langsung kapikir ka Sétan si Iblis. Manéhna téh baheulana malaikatna Yéhuwa. Jadi, pasti Sétan boga loba tugas anu istiméwa. Tapi, Sétan ngarasa teu puas. Manéhna hayang disembah, padahal hiji-hijina Pribadi anu layak disembah téh ngan Yéhuwa hungkul. Terus, Sétan hayang jalma-jalma téh jiga manéhna. Jadi, Sétan mangaruhan jalma-jalma supaya ngarasa teu puas kana hal-hal anu geus dipiboga ku maranéhna. Mimitina pisan Sétan ngalakukeun hal éta téh waktu manéhna ngagoda Hawa. Yéhuwa geus méré loba dahareun keur Hawa jeung salakina. Maranéhna bisa ngadahar buah ti ”tangkal nu mana bae” nu aya di Taman Éden, ngan hiji tangkal anu teu meunang didahar buahna. (Kaj. 2:16) Tapi, Sétan nipu Hawa. Hawa jadi hayang ngadahar buah tina tangkal anu dilarang ku Yéhuwa. Ku sabab éta, Hawa nyieun dosa jeung ahirna maot.​—Kaj. 3:6, 19.

Tingali paragrap 10

10. Lantaran sarakah, Raja Daud jadi kumaha?

10 Raja Daud téh geus dibéré loba berkah ku Yéhuwa. Manéhna nepi ka ”teu tiasa nyebatkeun bilanganana, ku seueur-seueurna”. (Jab. 40:6) Daud dibéré kabeungharan, kadudukan, jeung kaunggulan ti musuh-musuhna. Tapi, sakali waktu manéhna jadi sarakah jeung poho kana kabéh berkah éta. Harita, Raja Daud téh geus boga sababaraha selir. Tapi angger wéh, manéhna masih mikahayang pamajikan batur, nyaéta Batséba. Batséba téh pamajikanana Uria, urang Hét. Daud jinah jeung Batséba, geus kitu Batséba ngandung. Jadi, Daud ngatur supaya Uria maot. Kalakuanana téh meni kacida! (2 Sam. 11:2-15) Ku naon Daud bisa kitu? Na Daud mikir Yéhuwa moal ningali anu dilakukeun ku manéhna? Sabenerna, Daud téh geus lila ngalayanan Yéhuwa, tapi manéhna jadi sarakah. Balukarna, manéhna jadi meunang loba kasusah. Untungna, ka dieunakeun Daud tobat. Daud pasti bungah pisan sabab Yéhuwa daék ngahampura manéhna.​—2 Sam. 12:7-13.

11. Dumasar Epesus 5:3, 4, kumaha carana supaya urang supaya teu sarakah?

11 Naon palajaranana keur urang? Urang bisa nyingkirkeun sipat sarakah mun urang muji sukur ka Yéhuwa pikeun berkah-berkah anu geus urang tarima. (Baca Epesus 5:3, 4.) Urang kudu ngarasa puas kana sagala hal anu geus dipiboga ku urang. Waktu urang ngajarkeun Alkitab ka batur, meureun urang ménta manéhna pikeun mikirkeun hiji berkah anu dibikeun ku Yéhuwa jeung ngucap sukur pikeun hal éta. Mun unggal poé manéhna ngalakukeun hal éta, dina saminggu sahenteuna manéhna bisa muji sukur pikeun tujuh berkah anu béda-béda. (1 Tes. 5:18) Tapi, na urang gé ngalakukeun hal nu sarua? Mun urang mikirkeun berkah-berkah nu urang tarima, urang bakal muji sukur ka Yéhuwa. Mun urang muji sukur, urang bakal ngarasa puas. Mun urang ngarasa puas, urang moal sarakah.

Tingali paragrap 12

12. Lantaran sarakah, Yudas Iskariot ngalakukeun naon?

12 Lantaran sarakah, Yudas Iskariot ngalakukeun hal nu goréng pisan jeung ngahianat ka Yésus. Padahal, baheulana manéhna teu kitu. (Luk. 6:13, 16) Yudas téh geus dipilih sabagé saurang rasul. Terus manéhna gé bisa dipercaya, buktina manéhna dipilih pikeun ngurus duit. Duitna téh dipaké pikeun biaya pangwawaran Yésus jeung para rasul. Ari ayeuna mah, éta téh jiga sumbangan keur kagiatan di sakuliah dunya. Tapi sanggeus sababaraha lila, Yudas mulai maok, padahal manéhna geus sering ngadéngé Yésus ngajar batur, ulah jadi jelema anu sarakah. (Mar. 7:22, 23; Luk. 11:39, Sunda Formal; Luk. 12:15) Tapi, Yudas ngabaékeun paringetan éta.

13. Iraha sipat sarakah Yudas beuki katingali?

13 Sipat sarakah Yudas beuki katingali dina kajadian teu lila saacan Yésus maot. Yésus jeung murid-muridna, kaasup Marta jeung Maria, keur dahar di imahna Simon, nu pernah keuna ku lépra. Waktu keur dahar, Maria nyampeurkeun Yésus, terus ngucurkeun minyak seungit anu mahal kana sirahna Yésus. Yudas jeung murid-murid séjénna teu resep ningali hal éta. Murid-murid séjén ngarasa, mendingan duitna disumbangkeun keur nu miskin. Tapi, Yudas mah teu resep téh lantaran niatna béda. ”Yudas teh bangsat.” Manéhna hayang maok duit tina kotak duit. Malah ka dieunakeun, ku lantaran sarakah, Yudas ngahianat ka Yésus jeung ngajual anjeunna ku harga saurang badéga.​—Yoh. 12:2-6; Mat.26:6-16; Luk. 22:3-6.

14. Kumaha sapasang salaki pamajikan ngajalankeun naséhat dina Lukas 16:13?

14 Yésus ngingetan murid-muridna kana hal ieu, ”Moal bisa maraneh ngawula ka Allah ongkoh, ngawula kana duit ongkoh.” (Baca Lukas 16:13.) Nepi ka ayeuna, naséhat éta téh masih aya mangpaatna. Misalna, perhatikeun pangalaman salaki pamajikan ti Rumania. Maranéhna téh ditawaran pagawéan di luar nagri. Maranéhna ngomong, ”Harita, urang téh boga loba hutang ka bank. Jadi urang mikir, ieu téh pasti berkah ti Yéhuwa.” Tapi, sabenerna éta téh jiret. Mun pagawéan éta ditarima, maranéhna moal boga loba waktu pikeun palayanan. Terus, maranéhna maca artikel ”Pertahankan Loyalitas dengan Kebulatan Hati” dina Menara Pengawal 15 Agustus 2008. Sanggeusna, kakara maranéhna nyieun putusan. Maranéhna ngomong, ”Lamun urang pindah ka luar nagri pédah hayang meunang leuwih loba duit, engké urang moal ngutamakeun Yéhuwa deui. Terus, sosobatan urang jeung Yéhuwa bisa ruksak.” Jadi, pagawéan éta ku maranéhna ditolak. Terus kumaha? Si salaki meunang pagawéan anu gajihna cukup pikeun pangabutuh sapopoé, jadi maranéhna teu kudu ka luar nagri. Pamajikanana ngomong, ”Yéhuwa pasti bisa nulungan hamba-hamba-Na.” Maranéhna bungah lantaran anu dijadikeun Dunungan ku maranéhna téh Yéhuwa, lainna duit.

SINGKAHAN JIRET-JIRETNA SÉTAN

15. Ku naon urang pasti bisa leupas tina jiretna Sétan?

15 Terus, kumaha mun urang ngarasa urang geus sombong atawa sarakah? Urang bisa barobah! Paulus ngomong, jalma nu jadi ”korbanna” Sétan bisa leupas tina jiretna. (2 Tim. 2:26) Éta nu dilakukeun ku Daud. Waktu dipapatahan ku Natan, Daud daék ngadéngékeun. Manéhna gé daék tobat jeung teu sarakah deui. Terus, Daud gé bisa nyobat deui jeung Yéhuwa. Sing inget, Yéhuwa leuwih kuat tibatan Sétan. Jadi mun urang daék narima bantuan ti Yéhuwa, urang pasti bisa leupas tina kabéh jiretna Sétan.

16. Kumaha urang bisa nyingkahan jiret Sétan?

16 Tapi, nya tibatan ngaleupaskeun diri tina jiretna Sétan, leuwih mending urang nyingkahan jiretna! Urang bisa nyingkahan jiretna Sétan ngan ku bantuan Yéhuwa hungkul. Ulah percaya diri teuing! Ulah ngarasa urang mah moal jadi jelema anu sombong atawa sarakah. Hamba-hamba Yéhuwa anu geus lila ngalayanan Yéhuwa gé bisa jadi sombong atawa sarakah. Jadi, pék ngadoa unggal poé ka Yéhuwa, ménta bantuana-Na pikeun mariksa lamun aya pikiran atawa tindakan urang nu salah. (Jab. 139:23, 24) Usahakeun sabisa-bisa ulah jadi jalma nu sombong jeung sarakah!

17. Moal lila deui, naon anu bakal kaalaman ku si Iblis, musuh urang?

17 Sétan geus jadi tukang moro salila rébuan taun. Tapi moal lila deui, manéhna bakal diranté jeung dibinasakeun. (Wahyu 20:1-3, 10) Urang pasti ngadagoan pisan hal éta. Tapi nepi ka waktuna engké, urang kudu terus waspada kana jiret-jiretna Sétan. Urang gé kudu bener-bener upaya supaya teu jadi jalma nu sombong atawa sarakah. ”Iblis kudu dilawan, tangtu kabur ti [urang].”​—Yak. 4:7.

KAWIH 127 Jadi Jalma nu Kamanah ku Ama

^ par. 5 Sétan téh ibarat tukang moro anu jago. Teu sual geus sabaraha lila urang ngalayanan Yéhuwa, manéhna hayang ngajiret urang. Dina artikel ieu, urang bakal ngabahas kumaha Sétan ngamangpaatkeun sipat sombong jeung sarakah pikeun ngaruksak sosobatan urang jeung Yéhuwa. Terus, urang gé bakal ngabahas sababaraha jalma nu geus kajiret ku lantaran sipat sombong jeung sarakahna. Geus kitu, urang bakal ngabahas kumaha carana supaya urang teu kajiret.

^ par. 2 KATERANGAN TAMBAHAN: Artikel ieu bakal ngabahas sipat sombong, nyaéta ngarasa diri leuwih punjul ti batur, sarta sipat sarakah kana duit, kawasa, séks, jeung hal-hal séjénna.

^ par. 53 KATERANGAN GAMBAR: Saurang sadérék nu sombong embung ngadéngékeun pituduh nu alus. Saurang sadérék istri hayang meuli leuwih loba barang, padahal manéhna geus balanja loba.

^ par. 55 KATERANGAN GAMBAR: Sipat sombong geus ngarobah putra rohani Allah jeung Raja Usia. Lantaran sarakah, Hawa ngadahar buah tina tangkal nu dilarang, Daud jinah jeung Batséba, sarta Yudas maok duit.