Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 26

Na Sadérék Bisa Mantuan Batur pikeun Jadi Murid?

Na Sadérék Bisa Mantuan Batur pikeun Jadi Murid?

”Allah . . . [mantuan] aranjeun, supaya aranjeun daraek jeung saranggup ngalakonan tujuan pangersa-Na.”​—PIL. 2:13.

KAWIH 64 Bungah dina Mangsa Panén

NU DIBAHAS *

1. Naon nu geus dilakukeun ku Yéhuwa keur Sadérék?

KUMAHA Sadérék bisa jadi saurang Saksi Yéhuwa? Mimitina, Sadérék ngadéngé warta hadé, meureun ti kolot, batur gawé, batur sakola, atawa ti Saksi nu ngawawar ka imah Sadérék. (Mar. 13:10) Geus kitu, saurang sadérék nyadiakeun loba waktu jeung tanaga pikeun ngajarkeun Alkitab ka Sadérék. Salila diajar, Sadérék jadi nyaah ka Yéhuwa jeung bisa ngarasakeun Yéhuwa nyaah ka Sadérék. Yéhuwa geus narik Sadérék kana bebeneran. Ayeuna, Sadérék geus jadi muridna Yésus jeung boga harepan pikeun hirup langgeng. (Yoh. 6:44) Sadérék gé pasti nganuhunkeun pisan ka Yéhuwa sabab Mantenna geus ngagunakeun dulur saiman pikeun ngajarkeun bebeneran ka Sadérék, nepi ka Sadérék bisa jadi salah saurang umat-Na.

2. Urang bakal ngabahas naon dina artikel ieu?

2 Urang geus diajar bebeneran, jadi urang boga kahormatan pikeun ngajak batur leumpang dina jalan anu nungtun kana kahirupan. Aya nu ngarasa ngawawar téh gampang, tapi ari nawarkeun palajaran Alkitab atawa ngajarkeun Alkitab mah hésé. Na Sadérék ogé ngarasa jiga kitu? Dina artikel ieu aya saran-saran anu bisa ngabantu Sadérék. Urang bakal ngabahas naon anu bisa ngajurung urang pikeun ngajar batur. Urang gé bakal ngabahas kumaha carana nyanghareupan tangtangan anu ngalantarankeun urang jadi asa-asa pikeun ngajarkeun Alkitab ka batur. Tapi, saacanna hayu urang bahas heula ku naon urang kudu ngajar batur ogé, teu cukup ngan saukur ngawawar.

YÉSUS MÉRÉ PARÉNTAH PIKEUN NGAWAWAR JEUNG NGAJAR

3. Ku naon urang ngawawar?

3 Basa di bumi, Yésus méré dua paréntah ka murid-muridna. Kahiji, Yésus méré paréntah pikeun ngawawarkeun warta hadé ngeunaan Karajaan Allah. Anjeunna gé méré nyaho cara ngalakukeunana. (Mat. 10:7; Luk. 8:1) Misalna Yésus méré nyaho, murid-muridna kudu kumaha lamun aya nu narima warta hadé jeung kudu kumaha lamun aya anu nolak. (Luk. 9:2-5) Yésus gé méré nyaho, engké murid-muridna bakal ngawawar ka sagala bangsa. Maranéhna bakal ngawawar ka loba jalma jeung di loba tempat. (Mat. 24:14; Ras. 1:8) Maranéhna kudu méré nyaho batur ngeunaan Karajaan Allah jeung naon anu bakal diwujudkeunana, teu sual kumaha réaksi jalma-jalma.

4. Dumasar kana Mateus 28:18-20, naon deui nu kudu urang lakukeun salian ti ngawawarkeun warta Karajaan?

4 Naon hal kadua anu diparéntahkeun ku Yésus ka murid-muridna? Yésus maréntahkeun murid-muridna pikeun ngajar batur ngalakonan sagala hal nu diparéntahkeun ku anjeunna. Tapi, aya nu mikir paréntah éta téh ngan ditujukeun keur urang Kristen dina abad kahiji. Na éta téh bener? Henteu. Katingalina, Yésus méré paréntah éta waktu anjeunna némbongan ka leuwih ti 500 muridna. (1 Kor. 15:6) Harita, Yésus nunjukkeun yén pagawéan penting ieu bakal terus dilakukeun ”nepi ka ahir jaman”. (Baca Mateus 28:18-20.) Terus waktu méré titingalian ka Yohanes, Yésus nunjukkeun yén anjeunna hayang kabéh muridna mantuan batur diajar ngeunaan Yéhuwa.​—Wahyu 22:17.

5. Ibarat naon anu digunakeun ku Paulus dina 1 Korinta 3:6-9 pikeun ngajelaskeun hubunganana ngawawar jeung ngajar?

5 Rasul Paulus nyaruakeun pagawéan ngajadikeun murid siga ngurus pepelakan. Jadi, teu cukup ngan saukur melak binih hungkul. Manéhna ngingetan urang Korinta, ”Sim kuring anu melakeunana, Apolos anu nyiramanana, . . . ari aranjeun minangka lahan kagungan Allah.” (Baca 1 Korinta 3:6-9.) Sabagé pagawé di ”lahan kagungan Allah”, tugas urang teu ngan saukur melak binih hungkul, maksudna lain ngawawar hungkul. Urang ogé kudu nyiramanana, maksudna urang kudu ngajarkeun bebeneran. (Yoh. 4:35) Tapi, urang apal nu numuwuhkeunana mah Yéhuwa. Maksudna, Yéhuwa nu narik jalma-jalma ka Mantenna.

6. Waktu ngajar batur, urang kudu kumaha?

6 Urang téh néangan jalma-jalma ”anu boga sikep nu bener pikeun meunangkeun hirup langgeng”. (Ras. 13:48, Terjemahan Dunia Baru) Supaya maranéhna bisa jadi murid, urang kudu mantuan maranéhna pikeun (1) ngarti, (2) percaya, jeung (3) ngajalankeun naon anu geus diajarkeun tina Alkitab. (Yoh. 17:3; Kol. 2:6, 7; 1 Tes. 2:13) Kabéh anggota sidang bisa mantuan palajar Alkitab. Maranéhna bisa nunjukkeun kanyaah jeung nyambut palajar anu datang ka pasamoan. (Yoh. 13:35) Saurang guru Alkitab bisa jadi kudu nyadiakeun loba waktu jeung tanaga pikeun mantuan palajarna miceun kapercayaan jeung kabiasaan anu geus nanceb kuat ibarat ”benteng-benteng”. (2 Kor. 10:4, 5) Bisa jadi, butuh mangbulan-bulan pikeun mantuan palajar nyieun parobahan jiga kitu jeung dibaptis. Tapi, upaya urang moal cumah.

KANYAAH NGAJURUNG URANG PIKEUN NGABANTU BATUR JADI MURID

7. Ku naon urang daék ngawawar jeung ngajar batur?

7 Ku naon urang daék ngawawar jeung ngabantu batur jadi murid? Kahiji, lantaran urang nyaah ka Yéhuwa. Sadérék nunjukkeun kanyaah ka Yéhuwa ku cara sabisa-bisa nuturkeun paréntah-Na pikeun ngawawar jeung ngajar. (1 Yoh. 5:3) Pék pikirkeun: Lantaran nyaah ka Yéhuwa, Sadérék daék ngawawar. Tapi, na nuturkeun paréntah ieu téh gampang? Jigana mah henteu. Waktu mimiti pisan ngawawar ka hiji imah, na Sadérék geumpeur? Pasti. Tapi Sadérék apal, Yésus hayang Sadérék ngalakukeun pagawéan ieu, jadi Sadérék daék ngalakukeunana. Beuki sering Sadérék ngawawar, Sadérék bakal ngarasa ngawawar téh jadi beuki gampang. Tapi, kumaha jeung ngajarkeun Alkitab ka batur? Meureun Sadérék gé geumpeur mun kudu nawarkeun palajaran Alkitab ka batur. Mun kitu, pék ngadoa ka Yéhuwa jeung ménta bantuan ka Mantenna supaya Sadérék teu geumpeur jeung wani nawarkeun palajaran Alkitab. Engké, Sadérék bakal jadi leuwih hayang ngabantu batur jadi murid.

8. Dumasar kana Markus 6:34, naon deui anu ngajurung urang pikeun ngajar batur?

8 Kadua, kanyaah ka sasama ngajurung urang pikeun ngajarkeun bebeneran. Hiji waktu, Yésus jeung murid-muridna kacapéan lantaran geus ngawawar sapoéeun. Maranéhna hayang istirahat. Tapi, aya gorombolan jalma nu nyampeurkeun maranéhna. Lantaran karunya, Yésus ngajarkeun ”rupa-rupa hal”. (Baca Markus 6:34.) Ku naon Yésus daék ngajar maranéhna? Yésus apal kumaha parasaan jalma-jalma éta. Maranéhna téh meni nalangsa sarta butuh harepan, jadi Yésus hayang mantuan maranéhna. Jalma-jalma dina jaman ayeuna gé sarua. Katingalina mah bagja, tapi sabenerna maranéhna boga loba masalah jeung butuh harepan. Maranéhna téh ibarat domba anu nyasab jeung teu boga pangangon. Rasul Paulus nyebutkeun jalma-jalma éta téh teu kenal ka Allah jeung teu boga harepan. (Epe. 2:12) Maranéhna aya dina jalan anu ”brasna kana picilakaeun”! (Mat. 7:13, Sunda Formal) Mun urang mikirkeun kaayaan rohani maranéhna, urang bakal kajurung pikeun mantuan maranéhna, lantaran urang nyaah jeung karunya ka maranéhna. Cara panghadéna pikeun mantuan maranéhna téh nyaéta ku ngajarkeun Alkitab.

9. Dumasar kana Pilipi 2:13, kumaha carana Yéhuwa mantuan Sadérék?

9 Meureun Sadérék asa-asa pikeun nawarkeun palajaran Alkitab. Sadérék sieun mun engké boga palajar Alkitab, Sadérék kudu nyadiakeun loba waktu pikeun persiapan jeung mandu palajaran Alkitab. Lamun kitu, pék caritakeun parasaan Sadérék ka Yéhuwa. Pénta bantuan Mantenna supaya Sadérék boga kahayang pikeun mantuan batur. (Baca Pilipi 2:13.) Yohanes ngayakinkeun urang, Yéhuwa bakal ngajawab doa urang lamun éta sajalan jeung kahayang-Na. (1 Yoh. 5:14, 15) Jadi, sing yakin Yéhuwa bakal méré kahayang ka Sadérék pikeun mantuan batur jadi murid.

CARANA NYANGHAREUPAN TANGTANGAN

10-11. Naon nu bisa ngahalangan urang pikeun ngajarkeun Alkitab ka batur?

10 Urang pasti nganggap tugas pikeun ngajar batur téh sabagé hal anu penting, jadi urang hayang sabisa-bisa ngajalankeun tugas ieu. Tapi, meureun urang nyanghareupan tangtangan. Ayeuna, hayu urang bahas sababaraha tangtangan anu bisa waé kaalaman ku urang jeung kumaha carana nyanghareupan tangtangan-tangtangan éta.

11 Meureun urang ngarasa kaayaan urang kawates. Misalna, aya sababaraha pawarta nu geus kolot atawa boga masalah kaséhatan. Na kaayaan Sadérék gé jiga kitu? Mun enya, perhatikeun salah sahiji hikmah tina pandémi COVID-19. Salila pandémi, urang diajar pikeun mandu palajaran Alkitab ngagunakeun telepon atawa alat éléktronik séjénna. Jadi, urang bisa ngajarkeun Alkitab ka batur ti imah urang sorangan! Terus, aya hikmah séjénna. Urang jadi bisa ngajarkeun Alkitab ka batur dina waktu nu teu biasa. Sok aya nu daék diajar Alkitab, tapi maranéhna ngan bisa subuh-subuh atawa peuting-peuting. Na Sadérék daék ngupayakeun supaya bisa ngajarkeun Alkitab dina jam-jam sakitu? Baheula, Yésus ngajar Nikodémus peuting-peuting sabab Nikodémus bisana wayah kitu.​—Yoh. 3:1, 2.

12. Tilu hal naon anu bisa ngabantu urang jadi leuwih yakin yén urang bisa jadi guru anu hadé?

12 Meureun urang teu percaya diri kana kamampuh urang pikeun mandu palajaran Alkitab. Meureun urang ngarasa, urang kudu boga leuwih loba pamahaman jeung katarampilan saacan mulai mandu palajaran Alkitab. Mun Sadérék ngarasa jiga kitu, perhatikeun tilu hal anu bisa ngabantu Sadérék jadi leuwih percaya diri. Kahiji, Yéhuwa nganggap Sadérék sanggup pikeun ngajar batur. (2 Kor. 3:5) Kadua, anu méré paréntah pikeun ngajar batur téh Yésus, nu boga ”kakawasaan di sawarga jeung di bumi”. (Mat. 28:18) Éta nunjukkeun yén anjeunna percaya ka urang. Katilu, Sadérék bisa ménta bantuan Yéhuwa jeung dulur-dulur saiman. Baheula, Yéhuwa mantuan Yésus, jadi Yésus nyaho naon anu kudu diomongkeun. Yéhuwa gé bisa mantuan Sadérék ku cara nu sarua. (Yoh. 8:28; 12:49) Salian ti éta, Sadérék bisa ménta bantuan pangawas kelompok dines lapangan, panaratas, atawa pawarta nu tarampil pikeun mantuan Sadérék mandu palajaran Alkitab. Salah sahiji cara supaya Sadérék bisa jadi guru Alkitab nu leuwih hadé téh, nyaéta miluan mandu palajaran Alkitab jeung maranéhna.

13. Ku naon urang perlu ngarobah cara ngajar urang?

13 Meureun urang ngarasa hésé pikeun nuturkeun cara ngajar nu anyar jeung maké pakakas ngajar anu anyar. Ayeuna, cara ngajar urang téh geus barobah. Buku utama nu dipaké pikeun ngajarkeun Alkitab téh nyaéta buku Hirup Bagja Salilana! Jadi, cara urang persiapan jeung cara urang ngajar batur gé béda ti nu enggeus-enggeus. Paragrap-paragrap anu dibacana téh leuwih saeutik, ayeuna mah urang leuwih loba diskusi. Terus, urang ogé leuwih sering ngagunakeun vidéo, bahan-bahan anu aya dina situs Internét urang, sarta JW Library®. Mun Sadérék ngarasa can bisa ngagunakeun pakakas-pakakas ieu, pék pénta bantuan dulur saiman. Urang bakal bisa mun geus biasa. Mémang, teu gampang ngarobah cara ngajar urang. Tapi, ku bantuan Yéhuwa jeung dulur-dulur saiman, lila-lila urang bakal bisa. Engké, ngajar batur gé bakal leuwih pikaresepeun. Saurang panaratas ngomong, cara ngajar nu anyar ieu téh ”leuwih pikaresepeun, boh keur nu ngajarna boh keur nu diajarna”.

14. Mun jalma-jalma di daérah urang teu minat kana warta hadé, urang kudu inget kana hal naon? Jeung, kumaha 1 Korinta 3:6, 7 bisa ngagedékeun haté urang?

14 Di daérah urang, meureun ngamimitian palajaran Alkitab téh hésé. Jalma-jalma katingalina teu minat, malah aya nu nolak warta urang. Kumaha carana supaya urang tetep boga pikiran anu positif? Sing inget, dunya ieu téh pinuh ku masalah, jadi kaayaan jalma bisa gancang barobah. Nu tadina teu minat kana warta urang bisa waé jadi ngarasa butuh bingbingan ti Allah. (Mat. 5:3) Terus, aya nu tadina embung narima bacaan ti urang, tapi ka dieunakeun jadi daék diajar Alkitab. Urang apal anu boga lahan téh Yéhuwa. (Mat. 9:38) Allah hayang urang terus melak binih jeung nyiramanana, engké nu bakal ngajadikeunana mah Mantenna. (1 Kor. 3:6, 7) Urang gé pasti jadi gedé haté, sabab apal sanajan ayeuna urang teu boga palajar Alkitab, Yéhuwa bakal tetep ngaberkahan urang. Nu ditingali ku Yéhuwa mah upaya urang, lain hasilna! *

BUNGAHNA NGAJADIKEUN MURID

Pangwawaran jeung pangajaran urang bisa ngarobah kahirupan saurang jalma (Tingali paragrap 15-17) *

15. Kumaha parasaan Yéhuwa lamun aya jalma anu daék narima bebeneran Alkitab jeung ngajalankeun pangajaranana?

15 Yéhuwa bungah lamun aya jalma anu percaya kana bebeneran Alkitab sarta ngabagikeunana ka batur. (Sil. 23:15, 16) Mun ningali hasil pagawéan umat-Na dina jaman ayeuna, Yéhuwa pasti bungah pisan! Misalna, sanajan aya pandémi di sakuliah dunya, salila taun dines 2020 aya 7.705.765 jalma anu diajar Alkitab. Di antarana, aya 241.994 jalma anu ngabaktikeun diri ka Yéhuwa jeung dibaptis. Murid-murid anyar ieu engkéna bakal mandu palajaran Alkitab sarta mantuan nu séjénna jadi murid Yésus. (Luk. 6:40) Nya, urang bisa nyenangkeun haté Yéhuwa lamun urang ngabantu batur pikeun jadi murid Yésus.

16. Naon anu bisa diupayakeun ku urang?

16 Ngabantu batur pikeun jadi murid Yésus téh mémang butuh upaya. Tapi ku bantuan Yéhuwa, urang bisa mantuan jalma-jalma pikeun nyaah ka Bapa urang di sawarga. Pék gunakeun unggal kasempetan pikeun nawarkeun palajaran Alkitab ka saha waé anu dipanggihan ku urang. Bisa waé hasilna teu disangka-sangka. Sing yakin, Yéhuwa pasti ngaberkahan upaya urang.

17. Mun bisa mandu palajaran Alkitab, urang bakal ngarasa kumaha?

17 Urang dibéré kahormatan nu luar biasa pikeun ngawawar jeung ngajarkeun bebeneran! Urang bener-bener bungah waktu ngajalankeun tugas ieu. Baheula, Rasul Paulus ngabantu loba jalma di Tésalonika pikeun jadi murid. Manéhna ngomong, ”Nya aranjeun anu bisa ngabungahkeun hate jeung ngagedekeun harepan sim kuring, jeung anu bisa diagulkeun ku sim kuring ka payuneun Yesus Gusti urang, engke ari Anjeunna geus sumping. Enyaan sim kuring kacida bungahna jeung agulna ku aranjeun teh!” (1 Tes. 2:19, 20; Ras. 17:1-4) Kiwari gé, loba nu ngarasa jiga kitu. Saurang sadérék istri nu ngaranna Stéphanie, jeung salakina, geus ngabantu loba jalma pikeun dibaptis. Manéhna ngomong, ”Nya, kabungah panggedéna téh mun urang bisa ngabantu jalma-jalma pikeun ngabaktikeun diri ka Yéhuwa.”

KAWIH 57 Ngawawar ka Sagala Jalma

^ par. 5 Yéhuwa téh geus méré urang kahormatan pikeun ngawawar. Mantenna gé méré urang kahormatan pikeun ngajar batur ngalakonan sagala hal anu diparéntahkeun ku Yésus. Naon anu ngajurung urang pikeun ngajar batur? Naon waé tangtangan dina ngawawar jeung ngajar? Kumaha urang bisa nyanghareupan tangtangan-tangtangan éta? Dina artikel ieu, urang bakal ngabahas pananya-pananya éta.

^ par. 14 Pikeun ningali kumaha kabéh anggota sidang bisa mantuan palajar Alkitab jadi murid, baca artikel ”Hayu Babarengan Mantuan Palajar Nepi ka Dibaptis” dina Warta Hadé Maret 2021.

^ par. 53 KATERANGAN GAMBAR: Palajaran Alkitab bisa ngarobah kahirupan saurang jalma: Baheula, manéhna teu boga tujuan hirup jeung teu kenal ka Yéhuwa. Geus kitu, aya Saksi ngawawar, terus manéhna daék diajar Alkitab. Lila-lila, manéhna jadi hayang ngabaktikeun diri jeung dibaptis. Ahirna, manéhna gé bisa ngajarkeun Alkitab ka batur. Maranéhna kabéh hirup bagja di Pirdaus.