Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 27

Nyonto Yéhuwa nu Tabah

Nyonto Yéhuwa nu Tabah

”Lamun maraneh tabah tangtu baris rahayu.”​—LUK. 21:19.

KAWIH 114 ”Sing Salabar”

NU DIBAHAS *

1-2. Kumaha jangji ti Yéhuwa nu dicatet dina Yesaya 65:16, 17 ngabantu urang supaya henteu nyerah?

”ULAH NYERAH!” Éta téh téma kongrés régional taun 2017. Kongrésna ngabahas kumaha supaya urang bisa tabah nyanghareupan masalah-masalah. Kongrésna mémang geus opat taun ka tukang. Tapi nepi ka ayeuna, urang masih kudu tabah sabab urang masih hirup di dunya anu jahat.

2 Masalah naon nu keur disanghareupan ku Sadérék? Na Sadérék ditinggal maot ku kulawarga atawa sobat? Na Sadérék keur gering parah? Na Sadérék beuki ripuh lantaran geus sepuh? Na Sadérék ngalaman musibat alam, kajahatan, jeung panganiayaan? Atawa, na Sadérék sangsara lantaran aya wabah panyakit, jiga COVID-19? Urang pasti ngadago-dago pisan waktu kabéh masalah leungit. Masalah-masalah téh bakal dipopohokeun jeung moal kajadian deui!​—Baca Yesaya 65:16, 17.

3. Ayeuna urang kudu kumaha, jeung ku naon?

3 Mémang, hirup di dunya ayeuna téh hésé. Tapi bisa jadi engké kahareupna kaayaan téh bakal leuwih beurat deui. (Mat. 24:21) Jadi, ti ayeuna urang kudu diajar supaya bisa leuwih tabah. Ku naon? Ceuk Yésus, ”Lamun maraneh tabah tangtu baris rahayu.” (Luk. 21:19) Loba dulur saiman nu tetep tabah najan boga masalah jiga urang. Mun mikirkeun katabahan maranéhna, urang bakal leuwih tabah.

4. Ku naon Yéhuwa téh tuladan panghadéna dina hal katabahan?

4 Saha tuladan panghadéna dina hal katabahan? Allah Yéhuwa. Meureun kadéngéna anéh. Tapi, pék pikirkeun katabahan Yéhuwa. Dunya ieu téh jadi pinuh ku kajahatan lantaran dikawasaan ku si Iblis. Sabenerna, mun hayang mah Yéhuwa bisa ngancurkeun dunya ieu iraha waé. Tapi Mantenna henteu kitu. Yéhuwa tabah jeung sabar ngadagoan nepi ka waktu nu geus ditangtukeun. (Rum 9:22) Ayeuna, hayu urang bahas kumaha Yéhuwa tabah nyanghareupan salapan hal.

YÉHUWA TABAH NYANGHAREUPAN NAON WAÉ?

5. Kumaha nami Allah digogoréng, jeung kumaha parasaan Sadérék kana hal éta?

5 Nami-Na digogoréng. Yéhuwa nganggap nami-Na téh penting jeung hayang kabéh jalma ngahargaanana. (Yes. 42:8) Tapi kira-kira salila 6.000 taun, nami-Na terus digogoréng. (Jab. 74:10, 18, 23) Mimitina téh waktu di Taman Éden. Harita, Iblis (nu hartina ”si Tukang Mitnah”) nuduh, Yéhuwa embung Adam jeung Hawa hirup bagja, jadi Mantenna nahan-nahan hal nu hadé keur maranéhna. (Kaj. 3:1-5) Ti saprak harita, Yéhuwa dituduh nahan-nahan hal anu bener-bener dibutuhkeun ku manusa. Yésus teu resep nami Bapana digogoréng jiga kitu. Ku kituna, Yésus ngajarkeun murid-muridna ngadoa, ”Nun Ama di sawarga. Mugi jenengan Ama nu suci dimulyakeun.”​—Mat. 6:9.

6. Ku naon Yéhuwa nungguan sakitu lilana demi ngabuktikeun Mantenna boga hak pikeun maréntah?

6 Hak-Na pikeun maréntah ditentang. Ngan Yéhuwa hungkul nu boga hak pikeun jadi Pangawasa di sawarga jeung di bumi. Terus, cara-Na maréntah ogé pasti nu panghadéna. (Wahyu 4:11) Tapi, si Iblis hayang nyasabkeun para malaikat jeung manusa supaya mikir Allah téh teu boga hak pikeun maréntah. Masalah ieu téh teu bisa diréngsékeun ngan dina sapeuting, butuh waktu pikeun ngabuktikeun Yéhuwa téh mémang boga hak pikeun maréntah. Jadi, sacara bijaksana Yéhuwa méré waktu ka manusa sina ningali sorangan, mun manusa rék maréntah dirina sorangan jeung embung diatur ku Allah, maranéhna bakal gagal. (Yer. 10:23, Terjemahan Dunia Baru [NW]) Ku karana kasabaran Allah, engké masalah ieu bakal dibéréskeun nepi ka tutas. Engké, kabéh bakal ningali Yéhuwa téh mémang boga hak pikeun maréntah, cara-Na maréntah téh mémang nu panghadéna, sarta ngan Karajaana-Na hungkul anu bisa ngawujudkeun kaayaan nu aman jeung tengtrem di bumi.

7. Saha anu barontak ka Yéhuwa, jeung naon anu bakal dilakukeun ku Yéhuwa ka maranéhna?

7 Sababaraha putra-Na barontak. Yéhuwa nyiptakeun para malaikat jeung manusa dina kaayaan anu sampurna. Tapi aya hiji malaikat, nyaéta Sétan (nu hartina ”si Tukang Nangtang”), anu barontak ka Yéhuwa. Geus kitu, manéhna ngajak manusa anu sampurna, nyaéta Adam jeung Hawa, pikeun milu barontak ogé. (Yud. 6) Terus, para malaikat jeung jalma-jalma séjénna pipilueun barontak. Malah, ka dieunakeun urang Israil, bangsa nu dipilih ku Yéhuwa, kalah ka nolak Mantenna jeung nyembah ka allah-allah palsu. (Yes. 63:8, 10) Yéhuwa pasti ngarasa dihianatan. Tapi, Mantenna tabah nungguan waktu nu geus ditangtukeun pikeun ngabinasakeun kabéh anu barontak. Engké, Yéhuwa jeung kabéh anu satia ka Mantenna bakal bagja, sabab moal aya deui anu jahat!

8-9. Sétan nuduh Yéhuwa kumaha, jeung naon anu bisa dilakukeun ku urang?

8 Tuduhan-tuduhan ti si Iblis. Sétan nuduh Ayub jeung hamba-hamba Allah séjénna ibadah ka Yéhuwa téh lantaran maranéhna boga maksud anu mentingkeun diri. (Ayub 1:8-11; 2:3-5) Nepi ka ayeuna, manéhna masih terus nuduh kitu. (Wahyu 12:10) Urang bisa ngabuktikeun tuduhan éta salah. Kumaha carana? Urang kudu tabah waktu aya masalah. Urang gé kudu ngabuktikeun, urang satia ka Yéhuwa téh lantaran urang nyaah ka Mantenna. Engké jiga Ayub, urang bakal diberkahan ku lantaran urang tabah.​—Yak. 5:11.

9 Sétan ogé ngagunakeun para pamingpin agama palsu pikeun ngajarkeun yén Yéhuwa téh kejem jeung nyababkeun manusa sangsara. Malah, aya nu ngomong mun budak leutik maot, manéhna téh dipanggil ku Allah pikeun dijadikeun malaikat di sawarga. Meni teungteuingeun pisan! Urang mah nyaho nu sabenerna. Mun urang gering parah atawa aya nu maot, urang moal nyalahkeun Allah. Justru, urang percaya engké Allah bakal nyageurkeun nu garering jeung ngahirupkeun deui nu maraot. Jadi, urang bisa méré nyaho saha waé anu daék ngadéngékeun yén Yéhuwa téh Allah anu nyaah ka manusa. Ku kituna, engké Yéhuwa bisa méré jawaban ka anu nyela ka Mantenna.​—Sil. 27:11.

10. Jabur 22:24, 25 méré nyaho naon ngeunaan Yéhuwa?

10 Umat-Na sangsara. Yéhuwa téh Allah anu nyaahan. Jadi waktu urang sangsara, misalna gara-gara panganiayaan, panyakit, atawa kateusampurnaan, Mantenna sedih pisan. (Baca Jabur 22:24, 25.) Yéhuwa ngarti naon nu urang rasakeun. Mantenna hayang jeung bakal nyingkirkeun kasusah urang. (Bandingkeun Budalan 3:7, 8; Yesaya 63:9.) ”Mantenna bakal nyusutan cipanon [urang]. Paeh, kasedih, piceurikeun, kanyeri, moal aya-aya deui.” (Wahyu 21:4) Urang pasti ngadago-dago pisan éta kabéh kajadian.

11. Kumaha parasaan Yéhuwa ka hamba-hamba-Na nu satia nu geus maot?

11 Ditinggal maot ku sobat-sobat-Na. Kumaha parasaan Yéhuwa ka hamba-hamba-Na nu satia nu geus maot? Mantenna pasti hayang pisan panggih deui jeung maranéhna! (Ayub 14:15) Bayangkeun sakumaha sonona Yéhuwa ka Ibrahim, sobat-Na. (Yak. 2:23) Yéhuwa gé pasti hayang panggih deui jeung Musa, anu geus ngobrol ”papayun-payun” jeung Mantenna. (Bud. 33:11) Terus, Yéhuwa pasti hayang ngadéngékeun deui Daud jeung jalma-jalma anu nulis Jabur ngawihkeun lagu-lagu pujian! (Jab. 104:33) Ayeuna, maranéhna mémang geus maot, tapi ”di Allah mah kabeh oge hirup”. (Luk. 20:38) Yéhuwa teu pernah mopohokeun maranéhna. Mantenna inget kabéh hal ngeunaan maranéhna. (Yes. 49:15) Engké dina waktuna, Yéhuwa bakal ngahirupkeun deui maranéhna. Mantenna bakal bisa ngadéngékeun doa maranéhna nu sapinuh haté jeung bakal narima ibadah maranéhna. Lamun Sadérék ditinggal maot ku kulawarga atawa sobat Sadérék, mugia hal ieu bisa ngalilipur Sadérék.

12. Dina ahir jaman ieu, hal naon anu nyababkeun Yéhuwa sedih?

12 Jalma nu jahat nindes sasamana. Waktu aya nu barontak di Éden, Yéhuwa apal, saacan dibenerkeun ku Mantenna mah, kaayaan téh bakal beuki parah. Yéhuwa ngéwa pisan kana kajahatan, kateuadilan, jeung kakerasan nu aya di dunya ieu. Mantenna prihatin pisan ka jalma-jalma anu babari ditindes sarta anu lemah jeung teu bisa ngalindungan dirina sorangan, jiga yatim pahatu atawa randa. (Jak. 7:9, 10) Yéhuwa sedih pisan waktu ningali umat-Na ditindes jeung dipanjarakeun. Sing yakin, Yéhuwa nyaah ka jalma-jalma anu tabah jiga Mantenna.

13. Dina pandangan Yéhuwa, ku naon manusa beuki bejad? Jeung naon nu bakal dilakukeun ku Mantenna?

13 Kalakuan manusa beuki bejad. Manusa téh diciptakeun sarupa jeung Allah. Tapi, Sétan ngarendahkeun martabat manusa ku cara nyieun manusa ngalakukeun hal-hal anu cabul. Dina jaman Nuh, waktu Yéhuwa ningali ”manusa di dunya geus sakitu jarahatna, . . . Mantenna ngaraos hanjakal geus ngadamel sarta merenahkeun maranehna di bumi”. (Kaj. 6:5, 6, 11) Na ayeuna kaayaan téh jadi leuwih leuheung? Jelas-jelas henteu! Sétan beuki senang sabab ningali ayeuna jalma-jalma geus teu boga kaéra waktu ngalakukeun hal-hal cabul. Malah, ngalakukeun hal cabul ka sasama jinis gé teu éra! (Epe. 4:18, 19) Komo mun aya umat Yéhuwa anu ngalakukeun dosa sérius, Sétan senang pisan. Tapi, dina waktuna Yéhuwa bakal ngabasmi jalma-jalma nu kalakuanana cabul pikeun nunjukkeun sakumaha geuleuhna Mantenna kana kalakuan cabul.

14. Naon nu dilakukeun ku manusa ka ciptaan Yéhuwa?

14 Bumi diruksak. Geus mah jahat ka sasamana, manusa téh teu ngurus bumi jeung sasatoan sakumaha nu diparéntahkeun ku Yéhuwa. (Pan. 8:9; Kaj. 1:28) Sababaraha ahli nyebutkeun, lantaran naon anu dilakukeun ku manusa, leuwih ti sajuta jinis sasatoan jeung tutuwuhan bisa musna dina sababaraha taun kahareup. Jadi, teu héran mun loba nu hariwang ningali kaayaan bumi! Tapi untungna Yéhuwa jangji, Mantenna bakal ”ngabasmi maranehna, anu ngaruksak sakuliah bumi” jeung ngarobah bumi jadi pirdaus.​—Wahyu 11:18; Yes. 35:1.

URANG DIAJAR NAON TINA KATABAHAN YÉHUWA?

15-16. Ku naon urang sakuduna tabah jiga Yéhuwa? Béré ibaratna.

15 Pikirkeun sakumaha tabahna Bapa urang di sawarga nyanghareupan rupa-rupa masalah salila rébuan taun ieu. (Tingali kotak ” Yéhuwa Tabah Nyanghareupan Naon Waé?”) Sabenerna, Yéhuwa bisa ngancurkeun dunya nu jahat ieu iraha waé, tapi untungna Mantenna sabar. Éta téh berkah keur urang. Ibaratna kieu: Sapasang salaki pamajikan dibéjaan, jabang bayina boga masalah kaséhatan nu sérius. Saupama lahir gé, éta orok bakal ripuh jeung gancang maot. Tapi najan geus nyaho risikona, salaki pamajikan éta tetep senang waktu si orok lahir. Maranéhna ngabélaan nyanghareupan rupa-rupa kasusah, supaya si orok bisa tetep hirup. Ku naon? Sabab maranéhna nyaah ka éta orok.

16 Manusa ogé kitu. Waktu dilahirkeun, kabéh turunan Adam jeung Hawa téh henteu sampurna. Tapi, Yéhuwa tetep nyaah jeung merhatikeun maranéhna. (1 Yoh. 4:19) Terus, Yéhuwa mah béda jeung salaki pamajikan dina ibarat tadi anu ngan bisa pasrah. Yéhuwa mah bisa nyingkirkeun sagala kasangsaraan barudakna. Yéhuwa geus nangtukeun iraha Mantenna bakal nyingkirkeun sagala hal anu nyababkeun manusa sangsara. (Mat. 24:36) Jadi, sakuduna kanyaah Yéhuwa ieu ngagerakkeun urang pikeun terus tabah nepi ka kabéh kasangsaraan urang leungit.

17. Kumaha katerangan ngeunaan Yésus nu dicatet dina Ibrani 12:2, 3 ngabantu urang pikeun tabah?

17 Yéhuwa téh tuladan anu sampurna dina hal katabahan. Yésus nyonto katabahan Bapana. Waktu hirup di bumi, Yésus dihina, direndahkeun, jeung dipaéhan dina tihang demi urang. (Baca Ibrani 12:2, 3 tina catetan handap.) * Yésus bisa tabah sabab ningali katabahan Yéhuwa. Urang gé bisa kitu.

18. Kumaha 2 Petrus 3:9 ngabantu urang ngarti hasil tina kasabaran Yéhuwa?

18 Baca 2 Petrus 3:9. Yéhuwa téh apal iraha waktu nu pangcocogna pikeun ngancurkeun dunya nu jahat ieu. Salila ieu Yéhuwa geus sabar, jadi loba jalma bisa kenal ka Mantenna. Ayeuna aya jalma kacida lobana, anu jumlahna jutaan, nu keur ibadah jeung ngamulyakeun Mantenna. Maranéhna nganuhunkeun sabab Yéhuwa geus sabar ngadagoan maranéhna lahir, diajar pikeun nyaah ka Mantenna, sarta pikeun ngabaktikeun diri ka Mantenna. Yéhuwa milih pikeun tabah. Éta téh putusan anu bijaksana pisan. Ku lantaran Mantenna tabah, ayeuna aya jutaan jalma anu bisa tabah ogé nepi ka ahir!

19. Naon anu sakuduna jadi tékad urang, jeung berkah naon nu bakal urang tarima?

19 Ti Yéhuwa, urang bisa diajar kumaha carana tabah bari tetep suka bungah. Najan Sétan nyababkeun loba kasedih jeung kasangsaraan, Yéhuwa tetep jadi ”Allah anu bagja”. (1 Tim. 1:11, NW) Urang gé bisa tetep suka bungah bari ngadagoan Yéhuwa nyucikeun nami-Na, neguhkeun hak-Na pikeun maréntah, nyingkirkeun kabéh kajahatan, jeung nyingkirkeun kabéh masalah urang. Jadi, urang kudu boga tékad pikeun terus tabah. Terus sing inget, salila ieu Yéhuwa geus tabah. Mun urang tabah, urang bakal ngarasakeun kekecapan ieu téh bener, ”[Bagja] jelema anu tabah ku gogoda, sabab sanggeusna tamat nahan eta gogoda, manehna bakal nampa ganjaran nya eta hirup anu sajati sakumaha jangji Allah ka sakur anu nyaah ka Mantenna.”​—Yak. 1:12.

KAWIH 139 Pék Bayangkeun Hirup di Dunya Anyar

^ par. 5 Urang kabéh pasti boga masalah. Tapi, kadang aya masalah nu moal bisa diréngsékeun. Jadi daék teu daék urang kudu tabah nyanghareupanana. Tapi urang teu sorangan. Yéhuwa gé nyanghareupan loba masalah. Dina artikel ieu, urang bakal ngabahas salapan di antarana. Terus, urang bakal ningali naon hasil tina katabahan Yéhuwa jeung naon palajaranana.

^ par. 17 Ibrani 12: 2, 3 (NW): ”Bari terus neuteup Isa, Pamingpin Utama iman urang, jeung nu Nyampurnakeun iman urang. Manéhna tabah dina tihang siksaan jeung teu ngarasa éra lantaran inget kana kabagjaan nu aya di hareupeun manéhna, ayeuna manéhna diuk di katuhueun tahta Allah. Manéhna gé tabah nyanghareupan jalma-jalma dosa nu nentang manéhna ku omongan kasar, nu sabenerna ngarugikeun maranéhna sorangan. Perhatikeun bener-bener conto manéhna supaya aranjeun teu jadi lungsé jeung nyerah.”