Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Artikel Palajaran 30

Hargaan Kahormatan pikeun Jadi Kulawargana Yéhuwa

Hargaan Kahormatan pikeun Jadi Kulawargana Yéhuwa

”Dipidamelna ku Gusti meh nyaruaan Gusti ku manten, dimakutaan ku kamulyaan sareng kahormatan.”​—JAB. 8:6.

KAWIH 123 Satia jeung Tunduk ka Aturan Yéhuwa

NU DIBAHAS *

1. Mun urang merhatikeun ciptaan Yéhuwa, bisa jadi urang mikir kumaha?

LAMUN urang merhatikeun jagat raya anu diciptakeun ku Yéhuwa, meureun urang ngarasakeun naon anu dirasakeun ku Daud. Manéhna ngadoa kieu, ”Ana abdi narawang langit, damelan Gusti, bulan sareng bentang-bentang kenging Gusti merenahkeun, manusa teh naon, ku Gusti dugi ka dipikaemut; naon manusa teh, ku Gusti dugi ka dipirosea?” (Jab. 8:4, 5) Jiga Daud, meureun urang ngarasa leutik mun dibandingkeun jeung jagat raya anu diciptakeun ku Yéhuwa. Terus, meureun urang gé ngarasa héran, naha urang bet diperhatikeun ku Yéhuwa? Tapi urang bakal ningali, Yéhuwa téh merhatikeun manusa nu mimiti, nyaéta Adam jeung Hawa, sarta ngajadikeun maranéhna kulawarga-Na.

2. Yéhuwa méré tugas naon ka Adam jeung Hawa?

2 Adam jeung Hawa téh barudak-Na Yéhuwa anu mimiti hirup di bumi. Yéhuwa téh Bapa maranéhna di sawarga nu nyaahan. Mantenna hayang Adam jeung Hawa ngajalankeun tugas sabagé barudak-Na. Allah ngomong, ”Masing loba anak, turunan maraneh sing nepi ka minuhan ieu bumi sarta murba ka eta.” (Kaj. 1:28) Mantenna hayang Adam jeung Hawa boga barudak jeung ngurus bumi. Mun maranéhna ngajalankeun tugasna, Adam jeung Hawa sarta turunanana bakal salilana jadi kulawargana Allah.

3. Kumaha Adam jeung Hawa dibéré kahormatan pikeun jadi kulawarga Yéhuwa?

3 Adam jeung Hawa geus dibéré kahormatan pikeun jadi kulawargana Yéhuwa. Dina Jabur 8:6, Daud nulis kieu ngeunaan manusa, ”Dipidamelna ku Gusti meh nyaruaan Gusti [atawa para malaikat, Terjemahan Dunia Baru] ku manten, dimakutaan ku kamulyaan sareng kahormatan.” Mémang, manusa téh henteu dibéré kakuatan, kapinteran, jeung kasanggupan jiga para malaikat. (Jab. 103:20) Tapi, manusa téh ”meh nyaruaan” para malaikat anu perkasa. Bayangkeun hal éta! Adam jeung Hawa geus dibéré kahirupan anu luar biasa ku Yéhuwa.

4. Lantaran teu taat ka Yéhuwa, Adam jeung Hawa jadi kumaha? Jeung, naon nu bakal dibahas dina artikel ieu?

 4 Hanjakalna, Adam jeung Hawa teu taat ka Yéhuwa, jadi wéh maranéhna teu bisa jadi kulawarga Yéhuwa deui. Turunan maranéhna gé ngarasakeun balukarna. Urang bakal ngabahas éta dina artikel ieu. Tapi, tujuan Yéhuwa téh teu barobah. Mantenna hayang manusa anu satia salilana jadi barudak-Na. Hayu urang bahas kumaha Yéhuwa nunjukkeun yén Mantenna nganggap urang téh penting. Urang gé bakal ngabahas naon anu kudu urang lakukeun pikeun nunjukkeun yén urang hayang jadi kulawargana Yéhuwa. Terus, urang bakal ngabahas berkah naon waé anu salilana bakal dirasakeun ku barudakna Yéhuwa nu hirup di bumi.

KUMAHA YÉHUWA NGAHARGAAN MANUSA?

Ku cara naon waé Yéhuwa ngahargaan urang? (Tingali paragrap 5-11) *

5. Kumaha carana nunjukkeun rasa sukur urang ka Yéhuwa lantaran geus diciptakeun mirip jeung Mantenna?

5 Yéhuwa nyiptakeun urang mirip jeung Mantenna. (Kaj. 1:26, 27) Lantaran mirip jeung Yéhuwa, urang jadi boga sipat-sipat saperti Mantenna, misalna kanyaah, welas asih, satia, jeung suka kana hal-hal anu bener. (Jab. 86:15; 145:17) Waktu urang némbongkeun sipat-sipat éta, urang téh ngamulyakeun Yéhuwa jeung nunjukkeun rasa sukur urang. (1 Pet. 1:14-16) Lamun urang nyenangkeun haté Bapa urang di sawarga, urangna gé bakal bagja. Terus lantaran urang boga sipat-sipat saperti Yéhuwa, urang bisa jadi jelema anu dipiharep ku Mantenna pikeun jadi kulawarga-Na.

6. Waktu nyiptakeun bumi, kumaha Yéhuwa nunjukkeun yén Mantenna ngahargaan manusa?

6 Yéhuwa nyiapkeun imah nu istiméwa keur urang. Jauh saacan nyiptakeun manusa nu mimiti, Yéhuwa nyiapkeun bumi keur dicicingan ku manusa. (Ayub 38:4-6; Yer. 10:12) Lantaran bageur jeung béréhan, Mantenna nyiptakeun loba hal supaya manusa bisa bagja. (Jab. 104:14, 15, 24) Sababaraha kali, ciptaana-Na téh ku Yéhuwa ”ditilik sarta kamanah”. (Kaj. 1:10, 1231) Mantenna ngahargaan manusa ku cara méré kahormatan ka manusa pikeun ngawasaan sakabéh ciptaana-Na anu aya di bumi. (Jab. 8:7) Yéhuwa hayang manusa nu sampurna salilana ngurus ciptaana-Na. Na Sadérék sering mikirkeun hal éta sarta nganuhunkeun ka Yéhuwa?

7. Kumaha Yosua 24:15 nunjukkeun yén manusa téh boga kabébasan pikeun milih?

7 Yéhuwa geus méré kabébasan pikeun milih ka urang. Urang bisa milih rék ngalakukeun naon dina kahirupan. (Baca Yosua 24:15.) Allah senang lamun urang milih pikeun ngawula Mantenna. (Jab. 84:12; Sil. 27:11) Urang gé bisa milih pikeun ngalakukeun hal-hal hadé séjénna dina kahirupan. Perhatikeun kumaha Yésus ngagunakeun kabébasanana pikeun milih.

8. Béré conto kumaha Yésus ngagunakeun kabébasanana pikeun milih.

8 Urang bisa nuturkeun tuladan Yésus ku cara ngutamakeun kapentingan batur. Sakali waktu, Yésus jeung rasul-rasulna téh capé pisan, terus maranéhna indit ka tempat anu sepi pikeun istirahat. Tapi, maranéhna teu bisa istirahat. Gorombolan jalma nyampeurkeun maranéhna sarta hayang diajar ku Yésus. Yésus teu keuheul ka jalma-jalma éta, justru ngarasa karunya. Naon anu Yésus lakukeun? ”Prak bae ku Anjeunna diwulang rupa-rupa hal.” (Mar. 6:30-34) Mun urang nyonto Yésus ku cara réla ngorbankeun tanaga jeung waktu demi mantuan batur, urang téh ngamulyakeun Bapa urang nu di sawarga. (Mat. 5:14-16) Urang gé nunjukkeun yén urang hayang jadi kulawargana Yéhuwa.

9. Yéhuwa geus méré kurnia naon ka manusa?

9 Yéhuwa téh geus méré manusa kasanggupan pikeun boga anak, sakaligus tanggung jawab pikeun ngajar anakna supaya nyaah jeung ngawula Mantenna. Lamun Sadérék boga anak, na Sadérék nganuhunkeun kana kurnia ieu? Najan para malaikat dibéré loba kasanggupan anu luar biasa ku Yéhuwa, maranéhna henteu dibéré kasanggupan pikeun boga anak. Ku kituna, lamun Sadérék boga anak, Sadérék kuduna nganuhunkeun kana hal ieu. Sadérék téh geus dipercaya pikeun ngajalankeun tugas nu penting, nyaéta ngagedékeun anak ”make pranata jeung pangajaran-pangajaran” ti Yéhuwa. (Epe. 6:4; Pam. 6:5-7; Jab. 127:3) Pikeun mantuan Sadérék ngagedékeun anak, organisasi Allah téh geus nyadiakeun loba publikasi, vidéo, musik, jeung artikel-artikel dina situs Internét. Éta kabéh téh dumasar kana Alkitab. Jadi, jelas Bapa urang di sawarga sarta Putra-Na téh nyaah ka barudak ngora. (Luk. 18:15-17) Lamun Sadérék ngandelkeun Yéhuwa sarta ngupayakeun sabisa-bisana pikeun ngurus anak Sadérék, Yéhuwa bakal senang. Terus, Sadérék gé bisa mantuan anak Sadérék boga harepan pikeun jadi kulawargana Yéhuwa salilana!

10-11. Lantaran Yéhuwa nyadiakeun tebusan, urang jadi bisa kumaha?

10 Yéhuwa ngurbankeun Putra-Na nu paling dipikanyaah supaya manusa bisa jadi kulawarga-Na deui. Jiga nu geus disebutkeun dina  paragrap 4, Adam jeung Hawa teu bisa jadi kulawarga Yéhuwa deui, turunanana gé kitu. (Rum 5:12) Adam jeung Hawa geus milih pikeun teu taat ka Yéhuwa, jadi maranéhna geus teu dianggap kulawarga deui ku Yéhuwa. Ari turunanana kumaha? Yéhuwa nyaah ka manusa, jadi Yéhuwa ngatur supaya jalma-jalma anu taat ka Mantenna bisa jadi kulawarga-Na deui. Supaya bisa kitu, Yéhuwa ngorbankeun Putra tunggal-Na, nyaéta Yésus Kristus. (Yoh. 3:16; Rum 5:19) Hasilna, 144.000 jalma anu taat ka Yéhuwa bisa diangkat jadi putra-putra-Na.​—Rum 8:15-17; Wahyu 14:1.

11 Terus, aya jutaan jalma séjén anu satia ngajalankeun kahayang Allah. Maranéhna boga harepan pikeun jadi kulawargana Allah sanggeus ujian pangahirna dina panungtungan sarébu taun. (Jab. 25:14; Rum 8:20, 21) Lantaran boga harepan éta, ti ayeuna kénéh maranéhna geus manggil ”Ama” ka Yéhuwa, Nu Nyipta. (Mat. 6:9) Salian ti éta, jalma-jalma nu dihirupkeun deui tina maot gé bakal dibéré kasempetan pikeun diajar ngeunaan kahayang Yéhuwa. Jalma-jalma anu daék nuturkeun kahayang Allah bakal bisa jadi kulawarga-Na ogé.

12. Urang bakal ngabahas pananya naon?

12 Jiga nu geus dibahas, Yéhuwa geus ngahargaan manusa ku loba cara. Yéhuwa geus ngangkat jalma-jalma nu diistrénan pikeun jadi putra-putra-Na. Yéhuwa gé méré harepan ka ”jelema kacida lobana” pikeun jadi putra-putra-Na di dunya anyar. (Wahyu 7:9) Ayeuna, naon anu bisa urang lakukeun pikeun nunjukkeun ka Yéhuwa yén urang hayang jadi kulawarga-Na salilana?

TUNJUKKEUN KA YÉHUWA YÉN SADÉRÉK HAYANG JADI KULAWARGANA

13. Kumaha carana supaya urang bisa jadi bagian ti kulawargana Allah? (Markus 12:30)

13 Tunjukkeun kanyaah ka Yéhuwa ku cara ngawula Mantenna sapinuh haté. (Baca Markus 12:30.) Yéhuwa méré loba kurnia ka urang. Salah sahiji kurnia panggedéna téh nyaéta kasanggupan pikeun ngawula Mantenna. Urang nunjukkeun yén urang nyaah ka Yéhuwa ku cara ”nurut kana parentah Mantenna”. (1 Yoh. 5:3) Yésus méré nyaho salah sahiji paréntah ti Yéhuwa, nyaéta urang kudu ngajadikeun murid jeung ngabaptis jalma-jalma. (Mat. 28:19) Anjeunna gé maréntahkeun urang sangkan silih pikanyaah. (Yoh. 13:35) Nu taat kana paréntah Yéhuwa bakal bisa jadi bagian ti kulawarga-Na nu aya di sakuliah dunya.​—Jab. 15:1, 2.

14. Kumaha urang ngabuktikeun yén urang nyaah ka batur? (Mateus 9:36-38; Rum 12:10)

14 Kudu silih pikanyaah. Kanyaah téh sipat Yéhuwa nu utama. (1 Yoh. 4:8) Saacan urang kenal ka Yéhuwa gé, Mantenna geus nyaah ka urang. (1 Yoh. 4:9, 10) Urang bisa nyonto Mantenna ku cara mikanyaah batur. (Epe. 5:1) Salah sahiji cara panghadéna pikeun nunjukkeun urang nyaah ka batur téh nyaéta mantuan jalma-jalma pikeun diajar ngeunaan Yéhuwa, meungpeung masih aya kénéh waktu. (Baca Mateus 9:36-38.) Ku kituna, maranéhna bisa boga kasempetan pikeun jadi kulawarga Yéhuwa ogé. Terus lamun saurang jalma geus dibaptis, urang gé kudu tetep nyaah jeung ngahargaan manéhna. (1 Yoh. 4:20, 21) Kumaha carana? Misalna, urang kudu percaya ka manéhna. Terus mun urang teu ngarti ku naon manéhna ngalakukeun hiji hal, urang moal mikir manéhna téh boga niat goréng atawa mentingkeun diri. Justru, urang bakal ngahargaan manéhna jeung nganggap manéhna téh leuwih hadé tibatan urang.​—Baca Rum 12:10; Pil. 2:3.

15. Ka saha urang kudu bageur jeung welas asih?

15 Kudu bageur jeung welas asih ka kabéh jalma. Lamun urang hayang salilana jadi kulawargana Yéhuwa, urang kudu ngalarapkeun Firman Allah. Misalna, Yésus ngajarkeun urang kudu bageur jeung welas asih ka kabéh jalma, kaasup ka musuh urang. (Luk. 6:32-36) Tapi kadang, meureun urang ngarasa éta téh teu gampang. Lamun kitu, urang kudu diajar pikeun mikir jeung nyieun tindakan jiga Yésus. Mun urang sabisa-bisa taat ka Yéhuwa sarta nuturkeun tuladan Yésus, urang nunjukkeun ka Bapa urang di sawarga yén urang hayang salilana jadi kulawarga-Na.

16. Kumaha urang bisa ngajaga ngaran kulawargana Yéhuwa?

16 Kudu ngajaga ngaran kulawargana Yéhuwa. Dina kulawarga, geus biasa mun saurang adi nurutan kalakuan lanceukna. Lamun lanceukna ngajalankeun prinsip Alkitab, manéhna bisa jadi tuladan nu hadé keur adina. Tapi lamun lanceukna ngalakukeun hal anu goréng, adina gé bisa nurutan. Kitu ogé dina kulawargana Yéhuwa. Lamun aya dulur saiman anu jadi murtad atawa ngalakukeun hal-hal cabul jeung hal goréng séjénna, éta bisa diturutan ku nu séjén. Nah, nu kitu téh ngagogoréng ngaran kulawargana Yéhuwa. (1 Tes. 4:3-8) Jadi, urang kuduna henteu nuturkeun conto goréng atawa ngalakukeun naon waé anu bisa ngaruksak hubungan urang jeung Bapa di sawarga.

17. Pikiran jiga kumaha nu kudu urang singkirkeun, jeung ku naon?

17 Kudu percaya ka Yéhuwa, lainna kana harta banda. Yéhuwa jangji bakal nyadiakeun kadaharan, pakéan, jeung panyicingan keur urang, lamun urangna ngutamakeun kapentingan Karajaan jeung nuturkeun patokan hirup ti Mantenna. (Jab. 55:23; Mat. 6:33) Lamun urang percaya ka Yéhuwa, urang moal mikir harta banda téh bisa ngalindungan urang atawa méré kabagjaan ka urang. Urang apal, urang bisa bener-bener tengtrem lamun ngajalankeun kahayang Mantenna. (Pil. 4:6, 7) Najan urang bisa meuli leuwih loba barang, urang kudu mikirkeun, na urang boga waktu jeung tanaga pikeun ngagunakeun jeung ngurus barang-barang éta? Na urang jadi leuwih mentingkeun barang-barang éta? Urang kudu inget, sabagé kulawargana Yéhuwa, urang téh dibéré tugas. Jadi, urang teu meunang kasimpangkeun. Urang gé pasti embung jiga lalaki ngora anu leuwih mentingkeun harta banda nepi ka embung jadi muridna Yésus. Manéhna kaleungitan kasempetan pikeun ngawula Yéhuwa sarta diangkat jadi putra-Na!​—Mar. 10:17-22.

NU BAKAL DIRASAKEUN SALILANA KU BARUDAKNA YÉHUWA

18. Jalma-jalma nu nurut ka Yéhuwa bakal meunang kurnia jeung berkah naon?

18 Jalma-jalma anu nurut ka Yéhuwa bakal meunang kahormatan pikeun ibadah jeung mikanyaah Mantenna salilana! Anu boga harepan hirup di bumi bakal bagja sabab bisa ngurus planét ieu anu dirancang ku Yéhuwa pikeun jadi imah maranéhna. Teu lila deui, Karajaan Allah bakal nyieun bumi jeung sagala eusina alus deui, jiga basa mimiti diciptakeun. Engké, Yésus gé bakal nyingkirkeun kabéh masalah anu disababkeun ku putusan Adam jeung Hawa. Terus, Yéhuwa bakal ngahirupkeun deui jutaan jalma. Maranéhna bisa hirup langgeng di bumi nu geus dirobah jadi pirdaus. (Luk. 23:42, 43) Maranéhna bakal bener-bener bagja. Mun jalma-jalma beuki sampurna, maranéhna bakal bisa némbongkeun ”kamulyaan sareng kahormatan”, jiga nu ditulis ku Daud.​—Jab. 8:6.

19. Naon anu kudu terus urang pikirkeun?

19 Lamun Sadérék bagian tina ”jelema kacida lobana”, Sadérék gé boga harepan anu éndah. Yéhuwa nyaah ka Sadérék. Mantenna gé hayang Sadérék jadi kulawarga-Na. Jadi, pék sabisa-bisa senangkeun Mantenna. Unggal poé, pikirkeun harepan Sadérék. Hargaan kahormatan pikeun ngawula Yéhuwa jeung ngamulyakeun Mantenna salilana!

KAWIH 107 Tuladan Asih ti Allah

^ par. 5 Supaya kulawarga bisa bagja, unggal anggota kulawarga kudu ngajalankeun tugasna masing-masing jeung silih bantu. Nu jadi bapa kudu mingpin kulawargana ku cara nu pinuh kanyaah, nu jadi indung kudu ngadukung salakina, nu jadi budak kudu nurut ka kolotna. Nah, kulawarga Yéhuwa gé jiga kitu. Allah boga tujuan keur urang. Lamun urang nuturkeun tujuan Mantenna, urang bisa jadi kulawarga-Na salilana.

^ par. 55 KATERANGAN GAMBAR: Lantaran diciptakeun mirip jeung Allah, salaki pamajikan ieu bisa nyaah jeung welas asih ka batur hirup sarta ka barudakna. Salaki pamajikan ieu nyaah ka Yéhuwa. Maranéhna boga kasempetan pikeun ngagedékeun sarta ngajar barudakna pikeun nyaah jeung ngawula Yéhuwa. Salaki pamajikan ieu nyetélkeun vidéo jang ngajelaskeun ku naon Yéhuwa ngorbankeun Yésus pikeun jadi tebusan. Maranéhna gé ngajar barudakna, engké di Pirdaus, urang bakal salilana ngurus bumi jeung sasatoan.