Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Artikel Palajaran 31

Na Sadérék Daék Ngadagoan Yéhuwa?

Na Sadérék Daék Ngadagoan Yéhuwa?

”Kaula mah ngaharep ka PANGERAN.”​—MIKA 7:7.

KAWIH 128 Tetep Tabah Nepi ka Panungtungan

NU DIBAHAS *

1-2. Urang bakal ngabahas naon dina artikel ieu?

KUMAHA parasaan Sadérék lamun barang nu dipesen ku Sadérék teu nepi-nepi, padahal Sadérék téh butuh pisan barang éta? Na Sadérék kuciwa? Siloka 13:12 nyebutkeun, ”Estu nalangsa lamun pangharepan [katunda].” Tapi, lamun Sadérék apal ku naon barang éta teu nepi-nepi, meureun Sadérék bakal sabar jeung daék ngadagoanana.

2 Dina artikel ieu, urang bakal ngabahas sababaraha prinsip Alkitab anu bisa ngabantu urang pikeun terus ”ngaharep ka PANGERAN”, maksudna téh sabar ngadagoan Yéhuwa nyieun tindakan. (Mika 7:7) Terus, urang gé bakal ngabahas dua kaayaan waktu urang kudu sabar. Geus kitu, urang bakal ngabahas berkah-berkah nu bakal ditarima ku jalma-jalma anu daék ngadagoan Yéhuwa.

PRINSIP-PRINSIP ALKITAB ANU NGAJARKEUN URANG PIKEUN SABAR

3. Urang diajar naon tina Siloka 13:11?

3 Siloka 13:11 (Terjemahan Dunia Baru) méré nyaho ku naon urang kudu sabar. Ayatna nyebutkeun, ”Harta nu gancang dialana gampang béakna, tapi ari harta nu dialana saeutik-saeutik bakal nambahan lobana.” Naon palajaranana keur urang? Mun saurang jalma ngalakukeun hiji hal ku cara nu ati-ati jeung sabar, hasilna tangtu alus.

4. Urang meunang palajaran naon tina Siloka 4:18?

4 Siloka 4:18 nyebutkeun, ”Lalampahan jelema anu satuhu saibarat srangenge medal, beuki beurang beuki caang.” Ayat ieu téh ngagambarkeun kumaha Yéhuwa ngabantu umat-Na saeutik-saeutik paham kana tujuana-Na. Ayat éta gé bisa ngamaksudkeun yén urang Kristen téh butuh waktu pikeun nyieun kamajuan rohani. Lamun urang leukeun diajar jeung daék ngalarapkeun naséhat anu ditarima tina Firman Allah jeung organisasi-Na, lila-lila sipat-sipat urang jadi beuki mirip jeung sipat-sipat Kristus. Urang gé bakal beuki kenal ka Allah. Perhatikeun ibarat anu digunakeun ku Yésus pikeun ngajelaskeun hal éta.

Jiga pepelakan anu lalaunan tumuwuhna, saurang jalma anu narima warta Karajaan gé butuh waktu pikeun barobah (Tingali paragrap 5)

5. Yésus ngagunakeun ibarat naon pikeun nunjukkeun yén saurang jalma butuh waktu pikeun barobah?

5 Yésus ngibaratkeun warta Karajaan jiga binih anu leutik pisan. Lalaunan, binih éta téh tumuwuh dina haté jalma bener. Ceuk Yésus, ”Binihna jaradi jeung ngagedean. Teu nyahoeun manehna [anu ngawurkeun binihna] mah peta jadina teh kumaha. Pepelakanana ku taneuh disina jadi nepi ka buahanana, sina mentik, sina ngagedean, sina ranggeuyan, sina buahan.” (Mar. 4:27, 28) Naon maksudna? Maksudna, jiga pepelakan anu lalaunan tumuwuhna, saurang jalma anu narima warta Karajaan gé butuh waktu pikeun barobah. Misalna, waktu palajar Alkitab beuki deukeut ka Yéhuwa, manéhna mulai nyieun parobahan anu hadé. (Epe. 4:22-24) Urang kudu inget, anu numuwuhkeun binih éta téh Yéhuwa.​—1 Kor. 3:7.

6-7. Urang meunang palajaran naon tina carana Yéhuwa nyiptakeun bumi?

6 Waktu ngalakukeun hiji hal, Yéhuwa téh sabar jeung teu gurunggusuh. Tapi, Mantenna nyadiakeun waktu nu cukup pikeun ngaréngsékeun pagawéana-Na. Mantenna jiga kitu téh supaya nami-Na dimulyakeun sarta supaya batur gé bisa ngarasakeun mangpaatna. Misalna, perhatikeun kumaha Yéhuwa nyiapkeun bumi ku cara nu taliti supaya bisa dicicingan ku manusa.

7 Alkitab ngajelaskeun kumaha Yéhuwa nyiptakeun bumi. Mantenna téh ”nangtukeun legana” bumi, masang ’tihang-tihang anu nanggeuyna’, sarta ’masangkeun batu juruna’. (Ayub 38:5, 6) Malah, Yéhuwa gé nyadiakeun waktu pikeun mariksa hasil gawé-Na. (Kaj. 1:10, 12) Na Sadérék bisa ngabayangkeun kumaha parasaan para malaikat waktu ningali hasil ciptaan Yéhuwa? Ceuk Alkitab, para malaikat ”sarurak bungah”. (Ayub 38:7) Jadi, naon palajaranana? Yéhuwa butuh waktu mangrébu-rébu taun pikeun ngaréngsékeun pagawéana-Na. Tapi waktu ningali hasil gawé-Na, Mantenna ngomong éta kabéh téh ”pohara kamanah-Na”.​—Kaj. 1:31.

8. Ayeuna, naon anu bakal urang bahas?

8 Conto-conto nu geus dibahas nunjukkeun yén dina Alkitab téh aya loba prinsip anu ngajarkeun ku naon urang kudu sabar. Ayeuna, hayu urang bahas dina dua kaayaan naon urang kudu sabar ngadagoan Yéhuwa nyieun tindakan.

DINA KAAYAAN NAON URANG KUDU SABAR NGADAGOAN YÉHUWA?

9. Dina kaayaan naon urang kudu sabar ngadagoan Yéhuwa?

9 Urang kudu sabar ngadagoan Yéhuwa ngajawab doa-doa urang. Waktu urang ngadoa ménta kakuatan pikeun nyanghareupan tangtangan atawa supaya bisa ngalawan kalemahan pribadi, kadang bisa waé urang ngarasa yén doa urang téh teu dijawab-jawab. Ku naon Yéhuwa teu langsung ngajawab kabéh doa urang?

10. Ku naon urang kudu sabar ngadagoan Yéhuwa ngajawab doa-doa urang?

10 Yéhuwa bener-bener ngadéngékeun doa-doa urang. (Jab. 65:3) Keur Yéhuwa mah doa urang nu sapinuh haté téh jadi bukti yén urang boga iman ka Mantenna. (Ibr. 11:6) Yéhuwa hayang urang sabisa-bisa nyieun tindakan anu sajalan jeung doa-doa urang sarta sajalan jeung kahayang Mantenna. (1 Yoh. 3:22) Jadi, waktu urang ménta tulung ka Yéhuwa pikeun miceun kabiasaan goréng, urang kudu sabar jeung sabisa-bisa nyieun parobahan. Ceuk Yésus, meureun aya doa urang anu moal langsung dijawab. Jadi, anjeunna méré naséhat, ”Kudu menta, tangtu bakal nampa, kudu neangan, tangtu bakal manggih, kudu ngetrokan, tangtu bakal dibuka pantona. Sabab nu menta tangtu dibere, nu neangan tangtu manggih, nu ngetrok panto tangtu dipangmukakeun.” (Mat. 7:7, 8) Mun urang nuturkeun naséhat ti Yésus jeung terus ngadoa, urang bisa yakin Bapa urang nu di sawarga bakal ngadéngékeun jeung ngajawab doa-doa urang.​—Kol. 4:2.

Bari ngadagoan Yéhuwa nyieun tindakan, urang kudu terus ngadoa jeung percaya ka Mantenna (Tingali paragrap 11) *

11. Kumaha Ibrani 4:16 bisa ngabantu urang pikeun tetep sabar waktu aya doa urang anu henteu langsung dijawab?

11 Meureun, aya doa-doa urang anu katingalina can dijawab-jawab kénéh. Tapi Yéhuwa jangji, Mantenna pasti bakal ngajawab doa urang ”samangsa urang perlu”, maksudna téh nyaéta dina waktu anu cocog. (Baca Ibrani 4:16.) Jadi, lamun aya doa-doa urang anu nepi ka ayeuna can dijawab kénéh, ulah nyalahkeun Yéhuwa. Misalna, loba jalma geus mangtaun-taun ngadoa supaya Karajaan Allah geura datang pikeun ngabinasakeun dunya anu jahat ieu. Yésus gé méré naséhat ka urang pikeun ngadoakeun hal éta. (Mat. 6:10) Tapi, tangtu lebar pisan pan lamun aya anu jadi kaleungitan iman gara-gara ahir dunya can datang-datang kénéh, sakumaha anu diarep-arep ku manéhna! (Hab. 2:3, Mat. 24:44) Urang kudu terus sabar ngadagoan Yéhuwa bari ngadoa sarta percaya ka Mantenna. Ahir dunya ieu téh moal telat datangna sabab Yéhuwa geus nangtukeun ”iraha poena, iraha jamna”. Éta téh pasti waktu anu pangcocogna.​—Mat. 24:36; 2 Pet. 3:15.

Tina tuladan Yusup, urang diajar naon ngeunaan kasabaran? (Tingali paragrap 12-14)

12. Dina kaayaan naon deui urang kudu sabar?

12 Urang kudu sabar waktu aya kateuadilan. Jalma-jalma téh sok teu adil ka batur anu béda jinis kelamin, sélér, kabudayaan, atawa bangsana. Terus, aya ogé anu teu adil ka jalma anu cacad atawa boga gangguan méntal. Saksi-Saksi Yéhuwa ogé sok ngalaman kateuadilan lantaran kapercayaan maranéhna. Lamun urang ngalaman hal-hal jiga kitu, urang kudu inget kekecapan Yésus. Ceuk Yésus, ”Sing saha anu tabah nepi ka panungtungan bakal dirahayukeun.” (Mat. 24:13) Tapi, kumaha lamun urang ningali di sidang aya jalma nu ngalakukeun dosa gedé? Mun kokolot geus apal masalahna, na urang bakal sabar jeung percaya yén maranéhna bakal ngaréngsékeun masalahna ngagunakeun cara Yéhuwa? Naon anu kudu dilakukeun ku para kokolot lamun aya anggota sidang anu ngalakukeun dosa gedé?

13. Waktu di sidang aya nu ngalakukeun dosa gedé, Yéhuwa hayang para kokolot ngalakukeun naon?

13 Waktu para kokolot apal di sidang téh aya nu ngalakukeun dosa gedé, maranéhna langsung ngadoa ménta ”kabijaksanaan nu ti sawarga” supaya apal kumaha pandangan Yéhuwa kana masalah éta. (Yak. 3:17) Maranéhna hayang ngabantu jalma éta, supaya mun bisa mah balik ”ka nu bener deui”. (Yak. 5:19, 20) Maranéhna ogé ngupayakeun sabisa-bisa pikeun ngalindungan sidang jeung ngalilipur sadérék-sadérék anu dinyenyeri ku jalma éta. (2 Kor. 1:3, 4) Waktu para kokolot rék ngurus masalahna, maranéhna mariksa heula kumaha kaayaan anu sabenerna. Tangtu ieu téh ngabutuhkeun loba waktu. Terus maranéhna ngadoa, méré naséhat tina Kitab Suci, sarta méré disiplin anu cocog. (Yer. 30:11) Sanajan masalahna téh kudu geura diréngsékeun, para kokolot teu rurusuhan waktu nyieun putusan. Lamun masalahna diurus luyu jeung pituduh Yéhuwa, kabéh anggota sidang bakal ngarasakeun berkahna. Tapi najan masalahna geus bérés, bisa waé di sidang masih aya nu nyeri haté. Saupama éta nu kaalaman ku Sadérék, naon anu bisa ngabantu Sadérék supaya teu nyeri haté teuing?

14. Kisah Alkitab mana nu bisa ngabantu Sadérék supaya tetep sabar waktu aya dulur saiman anu nganyenyeri haté Sadérék?

14 Na Sadérék pernah dinyenyeri ku batur atawa dulur saiman? Mun pernah, Sadérék bisa diajar ti hamba-hamba Allah dina jaman baheula nu sabar ngadagoan Yéhuwa ngaréngsékeun masalah maranéhna. Misalna, Yusup. Baheula, lanceuk-lanceukna Yusup jahat ka manéhna. Tapi, Yusup henteu teterusan mikirkeun masalah éta. Sabalikna, Yusup sabar bari terus ngutamakeun palayananana ka Yéhuwa. Hasilna, Yéhuwa ngaberkahan manéhna. (Kaj. 39:21) Yusup jadi bisa ngahampura jalma-jalma anu geus nganyenyeri haté manéhna sarta sadar yén Yéhuwa téh geus ngaberkahan manéhna. (Kaj. 45:5) Jiga Yusup, urang bisa tengtrem lamun ngadeukeut ka Yéhuwa jeung masrahkeun masalah urang ka Mantenna.​—Jab. 7:18; 73:28.

15. Naon anu ngabantu saurang sadérék istri tetep sabar waktu ngalaman kateuadilan?

15 Meureun, urang mah teu ngalaman kateuadilan anu dirasakeun ku Yusup. Tapi angger wéh, mun aya nu ngarugikeun urang, urang bisa nyeri haté pisan. Waktu urang aya masalah jeung batur, kaasup jeung jalma nu teu ngawula ka Yéhuwa, urang bisa meunang mangpaat mun nuturkeun prinsip-prinsip dina Alkitab. (Pil. 2:3, 4) Misalna, perhatikeun pangalaman saurang sadérék istri. Manéhna téh nyeri haté sabab digogoréng ku batur gawéna. Tapi, sadérék istri ieu henteu rurusuhan nyieun tindakan. Manéhna nuturkeun tuladan Yésus. Waktu Yésus dihina ku batur, anjeunna teu ngabales. (1 Pet. 2:21, 23) Sanggeus mikirkeun hal éta, sadérék istri ieu milih pikeun ngabaékeun masalahna. Ka dieunakeun, manéhna apal batur gawéna téh keur gering parah jeung strés pisan. Manéhna jadi ngarti, batur gawéna téh teu maksud ngomong jiga kitu. Manéhna bungah sabab tetep sabar najan ngalaman kateuadilan. Manéhna gé jadi tengtrem.

16. Naon nu bisa ngalilipur Sadérék waktu ngalaman kateuadilan? (1 Petrus 3:12)

16 Lamun Sadérék ngalaman kateuadilan atawa pernah dinyenyeri ku batur, Sadérék kudu inget yén Yéhuwa téh raket ”ka jalma nu remuk hate”. (Jab. 34:19) Mantenna bungah lamun Sadérék sabar jeung masrahkeun kasusah ka Mantenna. (Jab. 55:23) Mantenna téh Hakim sakuliah bumi nu ningali sakabéh hal. (Baca 1 Petrus 3:12.) Mun Sadérék keur nyanghareupan kasusah jeung ngarasa euweuh jalan kaluarna, na Sadérék daék sabar ngadagoan Mantenna nyieun tindakan?

BERKAH ANU LANGGENG KEUR JALMA-JALMA NU SABAR NGADAGOAN YÉHUWA

17. Naon anu dijangjikeun ku Yéhuwa dina Yesaya 30:18?

17 Sakeudeung deui, Bapa urang di sawarga bakal ngaberkahan urang liwat Karajaana-Na. Ceuk Yesaya 30:18, ”Sangkilang kitu ge maraneh mo burung dihampura ku PANGERAN, mo burung diajeng-ajeng jeung dipikawelas, da Mantenna mah dina sagala perkara bener sapapanjangna. Bagja sakur anu nyalindung ka PANGERAN.” Kabéh anu ngaharep ka Yéhuwa bakal narima loba berkah, boh ayeuna boh engké di dunya anyar.

18. Berkah naon anu bakal urang tarima?

18 Engké waktu umat Allah hirup di dunya anyar, maranéhna geus moal boga masalah deui. Kateuadilan jeung kanyeri gé bakal leungit. (Wahyu 21:4) Terus, urang geus teu kudu hariwang kumaha carana minuhan kabutuhan sapopoé, sabab sagalana geus disadiakeun ku Yéhuwa. (Jab. 72:16; Yes. 54:13) Éta téh berkah anu luar biasa pisan!

19. Ayeuna, Yéhuwa keur urang nyiapkeun urang pikeun naon?

19 Ayeuna, Yéhuwa keur nyiapkeun urang pikeun jadi rahayat tina Karajaana-Na. Mantenna ngabantu urang nyingkahan kabiasaan-kabiasaan goréng jeung ngamekarkeun sipat-sipat alus anu nyenangkeun haté Yéhuwa. Ulah leutik haté jeung ulah nyerah. Moal lila deui kahirupan urang bakal leuwih bagja! Bari neuteup mangsa ka hareup anu éndah, hayu urang sabar ngadagoan Yéhuwa ngalaksanakeun sakabéh tujuana-Na!

KAWIH 118 ’Kuatkeun Iman Abdi’

^ par. 5 Na Sadérék pernah ngadéngé dulur saiman anu geus lila ngalayanan Yéhuwa ngomong, ’Asa teu nyangka, nepi ka abdi umur sakieu, dunya nu jahat ieu can diancurkeun kénéh waé’? Urang kabéh hayang Yéhuwa ngancurkeun dunya nu jahat ieu, komo deui ayeuna kaayaan téh beuki susah. Tapi, urang kudu sabar. Dina artikel ieu, urang bakal ningali sababaraha prinsip Alkitab nu bisa ngabantu urang sabar pikeun ngadagoan Yéhuwa nyieun tindakan. Urang gé bakal ngabahas dina dua kaayaan naon urang kudu sabar. Terus, urang bakal ngabahas berkah naon waé anu geus dijangjikeun ku Yéhuwa keur jalma-jalma anu daék ngadagoan Mantenna.

^ par. 56 KATERANGAN GAMBAR: Ti leuleutik, saurang sadérék istri geus rutin ngadoa. Mun keur sedih, manéhna diajarkeun pikeun ngadoa. Pas geus rumaja, manéhna mulai naratas jeung sering ngadoa ménta Yéhuwa ngaberkahan palayananana. Sababaraha taun sanggeusna, waktu salakina keur gering parah, manéhna ngadoa ka Yéhuwa supaya bisa tabah nyanghareupan kaayaan. Ayeuna, manéhna geus jadi randa. Manéhna terus ngadoa ka Yéhuwa jeung percaya Mantenna bakal ngajawab doa-doana. Éta nu terus dilakukeun ku manéhna saumur hirup.