Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 35

Hargaan Sadérék-Sadérék Sepuh nu Satia

Hargaan Sadérék-Sadérék Sepuh nu Satia

”Huis minangka makuta mulya.”​—SIL. 16:31.

KAWIH 138 Makuta nu Éndah

NU DIBAHAS *

1-2. (a) Dumasar Siloka 16:31, kumaha urang sakuduna ningali sadérék nu sepuh? (b) Pananya-pananya naon nu bakal urang bahas dina artikel ieu?

DI Arkansas, Amerika Serikat, aya taman anu dina taneuhna téh loba permata. Tapi, permata-permatana téh masih katingali jiga batu ku lantaran can dipolés. Jadi, jalma-jalma nu datang ka ditu sok teu engeuh lamun di handap maranéhna téh aya permata. Malah, ku maranéhna ngan diliwat hungkul.

2 Sadérék nu sepuh téh jiga permata tadi. Maranéhna éndah pisan. Firman Allah nyaruakeun huis maranéhna jiga makuta. (Baca Siloka 16:31; 20:29) Tapi, urang bisa jadi teu engeuh sakumaha éndah maranéhna. Lamun sadérék nu ngora bisa ningali sakumaha éndah sadérék nu sepuh, maranéhna bisa meunangkeun hal-hal nu nilaina leuwih luhur tibatan harta banda. Dina artikel ieu, urang bakal ngabahas tilu pananya: Ku naon Yéhuwa nyaruakeun sadérék nu sepuh jiga permata nu éndah? Ku naon maranéhna téh penting keur organisasi Yéhuwa? Urang bisa diajar naon ti maranéhna?

YÉHUWA NYARUAKEUN SADÉRÉK SEPUH NU SATIA JIGA PERMATA NU ÉNDAH

Yéhuwa jeung umat-Na ngahargaan sadérék-sadérék sepuh nu terus satia (Tingali paragrap 3)

3. Dumasar Jabur 92:13-16, ku naon Yéhuwa ngahargaan sadérék-sadérék sepuh nu tetep satia?

3 Yéhuwa téh ngahargaan pisan sadérék-sadérék sepuh nu terus satia. Anjeunna gé apal pisan jiga kumaha maranéhna jeung ngahargaan sipat-sipat alus maranéhna. Anjeunna resep lamun ningali nu sepuh nyarita ka nu ngora ngeunaan palayananana salila ieu. Maranéhna téh geus meunang loba hikmat. (Ayub 12:12, 13; Sil. 1:1-4) Yéhuwa téh bener-bener ngahargaan kasatiaan maranéhna. (Mal. 3:16) Nya pasti dina kahirupanana, maranéhna gé boga masalah. Tapi, maranéhna tetep boga iman nu kuat ka Yéhuwa. Ayeuna gé harepan maranéhna ngeunaan mangsa ka hareup téh jadi leuwih nyata tibatan pas mimiti diajar bebeneran. Salian ti éta, Yéhuwa mikanyaah maranéhna ku sabab ”nepi ka kolotna ge” maranéhna tetep nguarkeun nami Yéhuwa.​—Baca Jabur 92:13-16.

4. Naon nu bisa nguatkeun sadérék-sadérék nu sepuh?

4 Sanajan Sadérék ngolotan, sing yakin Yéhuwa téh terus inget kana naon nu geus Sadérék lakukeun. (Ibr. 6:10) Yéhuwa atoh ningali Sadérék nu sumanget dina dines pangwawaran. Sadérék gé tetep teger nyanghareupan loba masalah, malah bisa jadi aya nu pikasediheun pisan. Sadérék terus nyekel pageuh prinsip-prinsip nu aya dina Alkitab. Sadérék gé terus ngajalankeun tugas-tugas nu aya dina organisasi Yéhuwa sarta ngalatih batur. Sadérék sabisa-bisana nuturkeun loba parobahan nu aya dina organisasi Yéhuwa. Sadérék gé terus ngadukung batur nu hayang sapinuh waktu ngalayanan Yéhuwa. Allah Yéhuwa téh nyaah pisan ka Sadérék ku sabab Sadérék terus satia. Yéhuwa jangji, ”Umat nu satia ku Mantenna hamo ditilar!” (Jab. 37:28) Anjeunna gé jangji ka Sadérék, ”Kami, Allah maraneh bakal terus ngurus, nepi ka maraneh karolot, haruisan.” (Yes. 46:4) Jadi, ulah mikir ku lantaran Sadérék téh geus ngolotan, Sadérék geus teu dibutuhkeun deui di organisasi Yéhuwa. Sadérék téh masih dihargaan pisan!

SADÉRÉK NU SEPUH TÉH PENTING KEUR ORGANISASI YÉHUWA

5. Sadérék nu sepuh téh perlu inget kana hal naon?

5 Yéhuwa masih ngagunakeun sadérék anu sepuh dina organisasi-Na. Sanajan ayeuna tanaga maranéhna meureun teu jiga baheula, maranéhna téh boga loba pangalaman. Urang bakal ngabahas conto dina jaman baheula jeung jaman ayeuna anu ngabuktikeun Yéhuwa masih bisa ngagunakeun sadérék nu sepuh dina rupa-rupa hal.

6-7. Sebutkeun conto tina Alkitab ngeunaan jalma-jalma sepuh nu diberkahan lantaran tetep satia.

6 Dina Alkitab, aya conto ti jalma-jalma nu terus satia ngalayanan Yéhuwa nepi ka kolotna. Misalna, Musa. Manéhna dipilih ku Yéhuwa pikeun jadi nabi jeung pamingpin keur urang Israél waktu umurna 80 taunan. Salian ti éta, aya Daniél. Manéhna tetep digunakeun ku Yéhuwa pikeun jadi nabi sanajan geus umur 90 taunan. Terus, aya ogé Rasul Yahya. Manéhna digunakeun ku Yéhuwa pikeun nulis buku Wahyu waktu umurna geus 90 taunan.

7 Aya ogé jalma-jalma nu satia nu teu pati kasohor. Bisa jadi, jalma-jalma teu pati apal ka maranéhna. Tapi Yéhuwa tetep merhatikeun jeung ngaberkahan lantaran maranéhna satia. Misalna ”jalma bener jeung soléh”, nu ngaranna Siméon. Dina Alkitab, katerangan ngeunaan manéhna téh ngan saeutik. Tapi Yéhuwa tetep merhatikeun jeung méré kahormatan ka manéhna. Manéhna bisa ningali Isa waktu masih orok kénéh. Manéhna gé bisa nyebutkeun ramalan ngeunaan Isa jeung indungna. (Luk. 2:22, 25-35) Perhatikeun ogé conto séjénna, Nabiah Hana. Manéhna téh randa nu umurna geus 84 taun, tapi manéhna ”tara eureun datang ka bait”. Ku lantaran terus datang ka tempat ibadah, Yéhuwa ngaberkahan Hana. Manéhna gé bisa ningali Isa nu masih orok kénéh. Jadi, Siméon jeung Hana téh bener-bener dihargaan pisan ku Yéhuwa.​—Luk. 2:36-38.

Ayeuna Sadérék Lois umurna geus 81 taun, manéhna tetep satia ngajalankeun tugasna (Tingali paragrap 8)

8-9. Naon nu dilakukeun ku sadérék istri pikeun organisasi Yéhuwa, sanajan geus jadi randa?

8 Dina jaman ayeuna, aya pangalaman sadérék sepuh nu bisa dipiconto ku sadérék nu ngora. Hayu perhatikeun pangalaman Sadérék Lois Didur. Manéhna jadi panaratas istiméwa di Kanada basa manéhna umur 21 taun kénéh. Sanggeus éta, manéhna jeung John salakina, meunangkeun tugas kuriling salila sababaraha taun. Terus, maranéhna ngawula di Bétel Kanada salila 20 taun leuwih. Basa Lois umur 58 taun, maranéhna duaan meunang tugas pikeun pindah ka Ukraina. Na tugasna bakal ditarima? Na maranéhna ngarasa geus kolot teuing pikeun pindah ka nagri séjén? Henteu. Maranéhna narima tugas éta. Sadérék John ditugaskeun sabagé Panitia Cabang di ditu. Tujuh taun sanggeusna, John téh ngantunkeun. Tapi Lois milih pikeun tetep ngawula di Ukraina. Ayeuna umur Lois geus 81 taun, tapi manéhna tetep sibuk ngawula di Bétel Ukraina, jeung kulawarga di Bétel téh nyaah pisan ka manéhna.

9 Bisa jadi, para randa jiga Sadérék Lois téh geus teu pati dikenal deui, teu jiga baheula waktu salakina hirup kénéh. Tapi, maranéhna masih kénéh dihargaan ku Yéhuwa. Yéhuwa ngahargaan pisan sadérék-sadérék istri nu geus mangtaun-taun ngadukung salakina jeung tetep satia ngawula Yéhuwa. (1 Tim. 5:3) Salian ti éta, maranéhna gé jadi tuladan keur nu ngora.

10. Caritakeun tuladan Sadérék Tony.

10 Sadérék sepuh nu dirawat di imah atawa di panti jompo ogé dihargaan ku Yéhuwa. Misalna, Sadérék Tony nu ayeuna cicing di panti jompo. Dina Agustus 1942, manéhna dibaptis di Pennsylvania, Amerika Serikat. Harita umurna 20 taun kénéh. Sanggeus dibaptis, manéhna dititah wajib militér. Tapi lantaran nolak, manéhna dipanjara salila dua satengah taun. Manéhna jeung Hilda pamajikanana ngagedékeun dua budakna jeung ngajarkeun bebeneran ka maranéhna. Salila mangtaun-taun, Tony ngawula sabagé pangawas umum * di tilu sidang. Manéhna gé ngawula sabagé pangawas kongrés wilayah. Tony gé sok datang ka panjara, terus ngayakeun pasamoan jeung ngajarkeun Alkitab. Sanajan umurna geus 98 taun, manéhna tetep getol ngalayanan Yéhuwa. Tony terus méré nu panghadéna keur Yéhuwa jeung terus ngadukung sadérék-sadérék di sidang!

11. Kumaha carana urang ngahargaan sadérék-sadérék sepuh nu dirawat di imah atawa di panti jompo?

11 Kumaha carana urang ngahargaan sadérék sepuh nu dirawat di imah atawa di panti jompo? Para kokolot sabisa-bisana ngabantu maranéhna pikeun miluan kagiatan di sidang, jiga pasamoan jeung pangwawaran. Urang gé bisa ngalongok atawa video call maranéhna. Terus, urang gé hayang leuwih merhatikeun sadérék-sadérék sepuh nu cicingna jauh ti sidangna. Urang ulah nepi ka mopohokeun maranéhna. Waktu ngobrol jeung maranéhna, bisa jadi aya nu ngarasa henteu gampang atawa henteu ngeunah lamun nyaritakeun ngeunaan dirina sorangan. Tapi urang bisa tatanya jeung ngadéngékeun pangalaman maranéhna di organisasi Yéhuwa, urang pasti bisa diajar loba hal ti maranéhna.

12. Bisa jadi sadérék di sidang urang téh boga pangalaman nu jiga kumaha?

12 Bisa jadi, di sidang urang téh aya sadérék-sadérék sepuh anu boga pangalaman alus. Aya conto ti sadérék istri nu ngaranna Harriette. Manéhna geus puluhan taun ngalayanan Yéhuwa jeung ngagabung di hiji sidang di New Jersey, Amerika Serikat. Tapi ka dieunakeun, manéhna kudu pindah ka imah budakna. Di sidang anyarna, sadérék-sadérék téh nyadiakeun waktu supaya bisa leuwih kenal ka Harriette. Sanggeus ngobrol, maranéhna sadar yén Harriette téh boga iman nu luar biasa. Harriette nyaritakeun pangalamanana basa mimiti kenal bebeneran taun 1920-an. Harita Harriette téh sok mamawa sikat gigi lamun keur ngawawar. Jadi mun manéhna ditéwak, manéhna téh geus siap. Dina taun 1933, manéhna pernah dipanjara dua kali salila saminggu. Tapi waktu Harriette dipanjara, salakina nu lain saksi téh ngadukung manéhna jeung daék ngurus tilu barudakna. Jadi, sadérék sepuh nu satia jiga Harriette téh kudu dihargaan pisan!

13. Urang bisa diajar ngeunaan naon waé ti sadérék-sadérék sepuh?

13 Sadérék-sadérék sepuh téh dianggap penting ku Yéhuwa jeung organisasi-Na. Maranéhna geus ningali kumaha carana Yéhuwa ngaberkahan organisasi-Na jeung ngarasakeun sorangan berkahna. Maranéhna gé diajar tina kasalahan-kasalahanana baheula. Jadi urang bisa diajar tina pangalaman-pangalaman maranéhna. Jeung, ucapan-ucapan maranéhna téh bisa jadi hikmat keur urang. (Sil. 18:4) Lamun urang nyadiakeun waktu pikeun kenal ka maranéhna, iman urang bakal jadi leuwih kuat jeung aya loba hal nu bisa dipiconto ku urang!

DIAJAR LOBA HAL TI SADÉRÉK-SADÉRÉK NU SEPUH

Sarua jiga Élisa nu bisa diajar loba hal ti Élia, nu leuwih ngora gé bisa diajar ti pangalaman sadérék sepuh nu geus lila ngawula Yéhuwa (Tingali paragrap 14-15)

14. Nurutkeun Pamindo 32:7 naon nu bisa dilakukeun ku sadérék nu ngora?

14 Pék ajak ngobrol sadérék-sadérék nu sepuh. (Baca Pamindo 32:7.) Nya mémang, panon maranéhna téh geus teu awas, leumpangna gé hésé, ngomongna gé jadi leuwih laun. Tapi najan kitu, maranéhna téh terus sumanget ngalayanan Yéhuwa jeung nyieun ”ngaran seungit” di hareupeun Yéhuwa. (Pan. 7:1) Sing inget ku naon Yéhuwa téh ngahargaan maranéhna. Ku kituna, urang ogé kudu ngahargaan maranéhna. Urang bisa nyonto Élisa, manéhna téh tetep hayang maturan Élia nepi ka ahir. Malah, manéhna nepi ka tilu kali ngomong, ”Abdi moal ngantunkeun Ama.”​—2 Rja. 2:2, 4, 6.

15. Naon waé nu bisa ditanyakeun ka sadérék nu sepuh?

15 Tunjukkeun perhatian ka sadérék nu sepuh ku cara nanyakeun pangalamanana. (Sil. 1:5; 20:5; 1 Tim. 5:1, 2) Urang bisa nanya kieu, ”Baheula, naon nu ngayakinkeun Sadérék kana bebeneran?” ”Naon waé nu ngabantu Sadérék jadi leuwih deukeut jeung Yéhuwa?” ”Kumaha carana Sadérék bisa tetep bagja dina ngalayanan Yéhuwa?” (1 Tim. 6:6-8) Pék déngékeun waktu maranéhna keur nyarita.

16. Naon mangpaatna lamun sadérék nu ngora campur gaul jeung sadérék nu sepuh?

16 Waktu sadérék nu ngora campur gaul jeung sadérék nu sepuh, maranéhna bisa silih kuatkeun. (Rm. 1:12) Sadérék nu ngora bakal leuwih yakin yén Allah Yéhuwa téh nyaah pisan ka umat-Na nu satia. Sadérék nu sepuh gé bakal ngarasa leuwih dipikanyaah deui. Maranéhna gé bakal resep lamun nyaritakeun kumaha Allah Yéhuwa téh geus ngaberkahan maranéhna.

17. Ku naon keur Yéhuwa mah, sadérék-sadérék sepuh nu satia téh kageulisanana beuki nambahan?

17 Lamun urang ngolotan, biasana urang téh geus teu kasép jeung teu geulis deui. Tapi keur Yéhuwa mah lamun urang terus satia, kageulisan urang justru beuki nambahan. (1 Tés. 1:2, 3) Ku naon bisa kitu? Ku sabab geus mangtaun-taun kawasa suci ti Allah téh ngabantu maranéhna supaya boga sipat-sipat nu hadé. Jadi lamun urang leuwih kenal ka sadérék-sadérék nu sepuh, ngahargaan maranéhna, jeung diajar loba hal ti maranéhna, urang bakal sadar maranéhna téh permata nu éndah pisan!

18. Naon nu bakal dibahas dina artikel saterusna?

18 Sidang bakal leuwih kuat mun urang silih hargaan. Jadi, lain sadérék-sadérék ngora hungkul nu perlu ngahargaan nu sepuh téh. Tapi, sadérék-sadérék sepuh gé perlu ngahargaan nu ngora. Di artikel saterusna, urang bakal ngabahas kumaha carana sadérék-sadérék nu sepuh bisa ngahargaan sadérék-sadérék nu ngora.

KAWIH 144 Teuteup Pahala!

^ par. 5 Sadérék nu sepuh téh jiga permata nu éndah pisan. Artikel ieu bakal ngajurung urang pikeun leuwih ngahargaan maranéhna. Terus, urang gé bakal ngabahas kumaha urang bisa diajar tina pangalaman sarta hikmat maranéhna. Artikel ieu ogé bakal ngayakinkeun nu sepuh yén maranéhna téh penting jeung dihargaan ku organisasi Allah.

^ par. 10 Ayeuna disebut koordinator badan kokolot