Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 36

Hargaan Sadérék-Sadérék Ngora di Sidang

Hargaan Sadérék-Sadérék Ngora di Sidang

”Ka barudak ngora katarik teh ku kakuatanana.”​—SIL. 20:29.

KAWIH 88 Ajar Abdi Jalan Gusti

NU DIBAHAS *

1. Sanajan urang ngolotan, naon nu bisa urang lakukeun?

WAKTU urang ngolotan, bisa jadi urang hariwang lantaran teu bisa ngalakukeun loba hal keur Yéhuwa jiga baheula. Sanajan geus teu kuat jiga baheula, urang masih bisa kénéh ngabagikeun pangalaman jeung hikmat ka nu leuwih ngora. Urang bisa mantuan maranéhna supaya leuwih siap pikeun digunakeun ku organisasi Yéhuwa jeung narima leuwih loba tanggung jawab. Ceuk sadérék sepuh nu geus lila jadi kokolot, ”Mémang abdi téh geus teu ngora deui, geus teu bisa ngalakukeun loba hal jiga baheula. Tapi abdi atoh pisan lantaran di sidang téh aya sadérék-sadérék nu leuwih ngora nu bisa neruskeun tanggung jawab di sidang.”

2. Naon nu bakal dibahas dina artikel ieu?

2 Dina artikel saacanna, urang geus ngabahas kumaha sadérék nu ngora bakal meunang loba mangpaat lamun daék campur gaul jeung sadérék nu sepuh. Dina artikel ieu, urang bakal ngabahas sipat-sipat alus saperti rendah haté, handap asor, ngahargaan bantuan ti batur jeung murah haté. Lamun sadérék nu sepuh boga sipat-sipat ieu, maranéhna bakal leuwih gampang pikeun digawé bareng jeung nu leuwih ngora. Hasilna, sidang bakal narima loba mangpaat.

SING RENDAH HATÉ

3. Dumasar ka Filipi 2:3, 4, jalma nu rendah haté téh siga kumaha, jeung naon mangpaatna lamun urang Kristen boga sipat ieu?

3 Sadérék nu sepuh téh perlu rendah haté lamun hayang mantuan sadérék nu leuwih ngora. Jalma nu rendah haté nganggap batur téh leuwih unggul tibatan manéhna sorangan. (Baca Filipi 2:3, 4.) Sadérék sepuh nu rendah haté téh ngarti yén aya loba cara pikeun ngalakukeun hiji tugas, nu penting mah sajalan jeung prinsip-prinsip Alkitab. Maranéhna teu ngarep cara batur ngalakukeun hiji hal téh kudu sarua siga cara maranéhna baheula. (Pan. 7:10) Sadérék nu sepuh bisa ngabagikeun pangalamanana ka anu leuwih ngora. Tapi maranéhna apal ”panggung dunya ieu keur barobah”, bisa jadi ayeuna malah maranéhna nu kudu diajar hal-hal anu anyar.​—1 Kor. 7:31.

Sadérék sepuh daék nyaritakeun pangalamanana ka batur (Tingali paragrap 4-5) *

4. Kumaha para pangawas wilayah ayeuna nyonto sikep urang Léwi?

4 Sadérék sepuh nu rendah haté téh sadar maranéhna teu bisa ngalakukeun loba hal jiga baheula. Contona, para pangawas wilayah. Waktu maranéhna geus umur 70, maranéhna bakal meunangkeun tugas séjén. Ieu téh tangtu teu gampang, ku lantaran maranéhna resep pisan bisa jadi pangawas wilayah nu ngawula sadérék-sadérék. Jadi sanajan maranéhna geus teu ngora deui, kahayang éta masih kénéh ngagedur dina jero haténa. Tapi maranéhna ngarti, tugas ieu téh leuwih cocog diteruskeun ku nu leuwih ngora. Maranéhna nyonto urang Léwi dina jaman bangsa Israél baheula. Urang Léwi nu umurna geus 50 taun kudu eureun digawé di tabernakel. Sanajan geus kolot, maranéhna bisa tetep bungah teu sual tugas naon waé nu digawékeun. Maranéhna ngalakukeun sabisa-bisana pikeun ngabantu nu leuwih ngora. (Bil. 8:25, 26) Kiwari, para pangawas wilayah anu geus umur 70 taun geus teu bisa deui nganjangan sidang-sidang. Tapi maranéhna bakal ditugaskeun di hiji sidang, jadi maranéhna bisa mantuan jeung nguatkeun sidang éta.

5. Sadérék diajar naon ti Dan jeung Katie?

5 Hayu tingali conto Sadérék Dan, nu geus jadi pangawas wilayah salila 23 taun. Pas manéhna geus umur 70 taun, manéhna jeung pamajikanana Katie, mutuskeun jadi panaratas istiméwa. Kumaha maranéhna bisa tetep bungah sanajan kaayaanana barobah? Sadérék Dan nyarita ayeuna manéhna téh jadi leuwih sibuk tibatan saacanna. Manéhna ngurus loba tugas di sidang, mantuan batur supaya bisa jadi palayan sidang, jeung ngalatih batur pikeun ngawawar di daérah métropolitan jeung di panjara. Jadi sadérék nu sepuh bisa mantuan batur, teu sual Sadérék téh palayan sapinuh waktu atawa lain. Kumaha carana? Sadérék bisa nyaluyukeun diri jeung kaayaan nu anyar, tetepkeun tujuan nu anyar, jeung pikirkeun naon nu bisa dilakukeun tibatan mikirkeun naon nu teu bisa dilakukeun.

SING HANDAP ASOR

6. Sikep handap asor téh bisa diibaratkeun siga kumaha?

6 Jalma nu handap asor téh apal kana kasanggupanana. (Sil. 11:2) Jadi lamun manéhna teu sanggup, manéhna moal maksakeun diri. Ku kituna manéhna bakal tetep senang jeung terus digawé. Sikep handap asor bisa diibaratkeun siga jalma nu keur nyetir mobil di tanjakan. Nu nyetir kudu nurunkeun gigi mobilna supaya bisa terus jalan. Mémang mobilna jadi leuwih laun, tapi bakal terus maju. Jalma nu handap asor gé nyaho iraha kudu nurunkeun gigi, jadi manéhna bisa terus ngawula Yéhuwa jeung mantuan batur.​—Flp. 4:5.

7. Naon buktina Barsilai téh handap asor?

7 Perhatikeun conto ti Barsilai. Waktu umurna 80 taun, manéhna ditawaran ku Raja Daud pikeun digawé di istana. Tapi, ku lantaran Barsilai handap asor, manéhna nolak tawaran ti Raja. Manéhna téh sadar geus teu ngora deui, jadi manéhna geus teu bisa deui ngalakukeun saloba baheula. Barsilai ogé méré saran supaya Kimham anu leuwih ngora ti manéhna pikeun digawé di istana. (2 Sam. 19:35-37) Jiga Barsilai, sadérék nu sepuh téh bungah lamun bisa méré kasempetan ka nu leuwih ngora pikeun neruskeun pagawéanana.

Raja Daud ngadukung putusan Allah nu milih putrana pikeun ngabangun bait (Tingali paragrap 8)

8. Waktu rék ngabangun bait, naon buktina Raja Daud téh handap asor?

8 Raja Daud gé conto ti saurang jalma nu handap asor. Manéhna téh hayang pisan ngabangun bait keur Yéhuwa. Tapi ceuk Yéhuwa bait téh bakal dibangun ku Sulaéman nu ngora kénéh. Najan kitu, Daud tetep ngadukung putusan Yéhuwa jeung proyék éta sabisa-bisana. (1 Bab. 17:4; 22:5) Mémang Sulaéman téh ”ngora keneh jeung tacan rea pangalaman”. (1 Bab. 29:1) Tapi Daud teu ngarasa manéhna sorangan nu leuwih cocog pikeun ngagawékeun proyék éta. Daud nyaho nu pangpentingna téh bantuan ti Yéhuwa, lain umur atawa pangalaman ti jalma nu mingpin proyék éta. Sarua jiga Daud, para sadérék nu sepuh gé tetep ngalakukeun sabisa-bisana keur Yéhuwa sanajan tugasna barobah. Maranéhna yakin Yéhuwa gé bakal ngaberkahan sadérék-sadérék ngora nu neruskeun tugas maranéhna.

9. Kumaha saurang anggota Panitia Cabang némbongkeun sikep handap asor?

9 Dina jaman ayeuna ogé, aya conto ti Sadérék Shigeo, nu némbongkeun sikep handap asor. Dina 1976, manéhna ditugaskeun jadi anggota Panitia Cabang basa umurna 30 taun. Dina 2004, manéhna meunang tugas sabagé koordinator Panitia Cabang. Tapi sanggeus beuki kolot, manéhna sadar awakna téh geus teu sakuat baheula. Ayeuna mah manéhna butuh waktu leuwih lila pikeun ngalakukeun hiji tugas. Jadi manéhna ngadoa sarta mikirkeun mangpaatna lamun aya sadérék nu leuwih ngora nu ngagantikeun tugas manéhna. Sanajan teu jadi koordinator deui, Shigeo tetep sibuk ngawula sabagé anggota Panitia Cabang. Sarua siga Barsilai, Raja Daud, jeung Shigeo, jalma nu rendah haté jeung handap asor téh bakal leuwih mikirkeun kaunggulan ti sadérék nu leuwih ngora, lain pangalaman maranéhna nu tacan loba. Manéhna ogé bakal nganggap sadérék nu leuwih ngora sabagé batur gawé lainna saingan.​—Sil. 20:29.

SING HARGAAN BANTUAN TI BATUR

10. Kumaha sakuduna sikep sadérék nu sepuh ka nu leuwih ngora?

10 Sadérék nu sepuh perlu ngahargaan pisan bantuan ti nu leuwih ngora. Sadérék nu leuwih ngora téh mangrupa kurnia ti Yéhuwa. Sanggeus tanagana beuki ngurangan, sadérék nu sepuh bakal nganuhunkeun pisan ku lantaran di sidang téh aya nu leuwih ngora. Sadérék nu ngora téh daék ngagunakeun kakuatanana pikeun digawé jeung ngawula di sidang.

11. Kumaha Rut 4:13-16 ngagambarkeun berkah nu bisa ditarima lamun sadérék nu sepuh daék narima bantuan?

11 Dina Alkitab aya tuladan nu alus ti Naomi nu daék narima bantuan ti nu leuwih ngora. Sanggeus putrana maot, Naomi nitah minantuna nyaéta Rut, pikeun balik ka kulawargana. Tapi Rut téh keukeuh hayang terus maturan Naomi balik deui ka Bétléhém. Ahirna, Naomi narima bantuan ti Rut. (Rut 1:7, 8, 18) Putusan ieu mawa berkah keur maranéhna! (Baca Rut 4:13-16.) Sadérék sepuh nu rendah haté bisa nyonto tuladan ti Naomi.

12. Naon nu nunjukkeun Paulus téh ngahargaan bantuan ti batur?

12 Rasul Paulus gé ngahargaan bantuan ti batur. Misalna, Paulus nganuhunkeun ka urang Kristen di Pilipi nu ngirim bantuan keur manéhna. (Flp. 4:16) Manéhna gé ngahargaan Timotius anu sok mantuan manéhna. (Flp. 2:19-22) Salian ti éta, Paulus muji sukur ka Allah lantaran basa manéhna dikirim ka Roma sabagé tahanan, aya dulur-dulur nu datang pikeun nguatkeun manéhna. (Kis. 28:15) Sabenerna Paulus téh jelema anu sumanget pisan. Manéhna geus iinditan rébuan kilométer pikeun ngawawar jeung nguatkeun sidang-sidang. Tapi Paulus teu ngarasa geus teu butuh bantuan deui, malah manéhna rendah haté jeung narima bantuan ti batur.

13. Kumaha carana sadérék nu sepuh bisa ngahargaan sadérék nu leuwih ngora?

13 Aya loba cara sadérék nu sepuh bisa ngahargaan sadérék nu leuwih ngora. Ulah nolak lamun maranéhna nawarkeun bantuan pikeun nganteur-nganteur, balanja, atawa nu séjénna. Sing inget, bantuan ti maranéhna téh bukti kanyaah ti Yéhuwa. Malah, Sadérék bisa akrab jeung maranéhna. Terus bantu maranéhna supaya nyobat jeung Yéhuwa. Béré nyaho yén Sadérék téh bungah waktu ningali maranéhna ngalakukeun loba hal keur sidang. Sadiakeun waktu keur nyaritakeun pangalaman sadérék ka maranéhna. Ku kituna, Sadérék bakal ”muji sukur” ka Yéhuwa ku lantaran aya sadérék-sadérék nu leuwih ngora di sidang.​—Kol. 3:15; Yah. 6:44; 1 Tés. 5:18.

SING MURAH HATÉ

14. Kumaha Raja Daud némbongkeun sikep murah haté?

14 Urang kabéh, kaasup nu sepuh, bisa nyonto tuladan ti Raja Daud nu murah haté. Waktu aya proyék ngabangun bait, manéhna méré sumbangan anu loba pisan ti hartana sorangan. (1 Bab. 22:11-16; 29:3, 4) Daud réla ngalakukeun ieu, padahal nu rék ngawangun bait éta téh putrana nyaéta Sulaéman. Jadi sanajan urang teu kuat deui, urang masih bisa ngadukung proyék pangwangunan ku cara méré sumbangan nu cocog jeung kasanggupan urang. Urang gé bisa ngabantu sadérék nu leuwih ngora diajar tina pangalaman nu urang boga salila mangtaun-taun.

15. Hal penting naon nu diajarkeun ku Rasul Paulus ka Timotius?

15 Pikirkeun tuladan Rasul Paulus nu murah haté. Manéhna ngajak Timotius pikeun milu dina perjalanan utusan injilna. Paulus teu nahan diri pikeun ngalatih Timotius nu leuwih ngora. Manéhna gé ngajarkeun Timotius carana ngawawar jeung ngajar batur. (Kis. 16:1-3) Palatihan ti Paulus téh ngabantu Timotius jadi beuki tarampil dina nguarkeun warta hadé. (1 Kor. 4:17) Sanggeusna, Timotius niru cara Paulus pikeun ngalatih batur.

16. Naon alesanana Shigeo daék ngalatih batur?

16 Sadérék nu sepuh ogé moal nahan diri pikeun ngalatih nu leuwih ngora. Maranéhna ogé moal hariwang lamun engkéna tugas maranéhna di sidang digantikeun ku nu leuwih ngora. Contona Shigeo nu tadi dicaritakeun. Salila mangtaun-taun, manéhna ngalatih anggota Panitia Cabang nu leuwih ngora. Shigeo ngalakukeun kitu téh ku lantaran hayang kagiatan Karajaan di nagri tempat tugasna jadi leuwih maju. Jadi pas Shigeo teu sanggup deui jadi koordinator, sadérék nu geus dilatih téh siap ngagantikeunana. Geus kitu, Shigeo daék ngabagikeun pangalamanana sabagé anggota Panitia Cabang salila 45 taun leuwih ka nu leuwih ngora. Pasti sadérék-sadérék nu siga Shigeo téh jadi berkah keur umat Allah!

17. Naon nu bisa dibagikeun ku sadérék nu sepuh? (Luk. 6:38)

17 Sadérék nu sepuh, Sadérék téh némbongkeun yén kahirupan panghadéna téh nyaéta lamun terus boga iman jeung satia ngawula Yéhuwa. Sadérék gé ngabuktikeun yén diajar jeung ngalarapkeun prinsip Alkitab téh mawa loba mangpaat dina kahirupan. Mémang, Sadérék boga loba pangalaman. Tapi bisa jadi ayeuna aya sababaraha parobahan, jadi Sadérék kudu diajar hal-hal nu anyar. Lamun Sadérék kakara dibaptis, Sadérék gé bisa ngabantu batur ku cara nyaritakeun kumaha bungahna bisa wanoh ka Yéhuwa. Lamun Sadérék resep ”barangbéré” atawa daék ngabagikeun pangalaman jeung hikmat, sadérék nu leuwih ngora pasti bakal ngahargaanana sarta Yéhuwa gé bakal ngaberkahan Sadérék.​—Baca Lukas 6:38.

18. Naon mangpaatna lamun sadérék nu sepuh daék nyobat jeung nu ngora?

18 Lamun sadérék nu sepuh daék nyobat jeung sadérék nu leuwih ngora, maranéhna bisa silih kuatkeun. (Rm. 1:12) Salian ti éta, unggal jalma téh boga kaunggulanana sorangan. Salila hirupna, sadérék nu sepuh geus boga loba pangalaman jeung hikmat. Ari nu ngora, boga awak nu kuat kénéh. Jadi waktu nu sepuh jeung nu leuwih ngora daék silih bantu, maranéhna bisa ngamulyakeun Bapa di sorga jeung mawa berkah keur sidang.

KAWIH 90 Sing Silih Hatéan

^ par. 5 Urang resep pisan ningali budak ngora di sidang nu sabisa-bisana ngadukung organisasi Yéhuwa. Keur Sadérék nu sepuh, teu sual naon budaya jeung pangalaman nu dipiboga, Sadérék bisa ngadukung nu leuwih ngora supaya ngalakukeun nu panghadéna pikeun ngawula Yéhuwa.

^ par. 55 KATERANGAN GAMBAR: Waktu pangawas wilayah umurna geus 70 taun, manéhna jeung pamajikanana bakal narima tugas anyar. Maranéhna téh boga pangalaman alus salila mangtaun-taun, jadi maranéhna bisa ngalatih sadérék-sadérék di sidangna anu anyar.