Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 37

”Sakabeh Bangsa ku Kami Bakal Diguling-gulingkeun”

”Sakabeh Bangsa ku Kami Bakal Diguling-gulingkeun”

”Sakabeh bangsa ku Kami bakal diguling-gulingkeun, sarta kakayaanana bakal dibawaan ka dieu.”​—HAG. 2:7.

KAWIH 24 Hayu ka Gunung Yéhuwa

NU DIBAHAS *

1-2. Nabi Hagai méré nyaho nubuat naon?

”NGAN dina sababaraha menit, toko-toko jeung bangunan-bangunan nu geus kolot rarugrug.” ”Jalma-jalma téh sarieuneun pisan, ceuk maranéhna mah éta kajadian ngan dua menit. Tapi ari keur urang mah éta téh lila pisan, asa teu eureun-eureun.” Éta koméntar ti jalma-jalma nu salamet waktu aya lini di Nepal taun 2015. Lamun Sadérék pernah ngalaman kajadian nu pikasieuneun jiga kitu, meureun sanggeusna téh sok kainget terus.

2 Kiwari, urang ngalaman kajadian nu mirip. Tapi nu oyag téh teu ngan hiji kota atawa hiji nagri hungkul. Yéhuwa keur ngoyagkeun sakabéh bangsa nu aya di dunya. Ieu téh geus kajadian salila puluhan taun. Nabi Hagai gé geus méré nyaho nubuat ieu. Manéhna nulis, ”Moal lila deui Kami [Yéhuwa] rek ngoyagkeun langit jeung bumi, daratan jeung laut.”​—Hag. 2:6.

3. Naon bédana lini nu nyaanan jeung kajadian nu dijelaskeun ku Hagai?

3 Kajadian nu dijelaskeun ku Nabi Hagai téh teu ngamaksudkeun lini nyaanan nu ngan ngaruksak hungkul. Tapi, ieu mah aya hasil alusna. Yéhuwa ngabéjaan urang, ”Sakabeh bangsa ku Kami bakal diguling-gulingkeun, sarta kakayaanana bakal dibawaan ka dieu, nepikeun ka ieu Bait Kami bakal pinuh ku barang-barang anu marulya.” (Hag. 2:7) Jadi, naon pangaruh kekecapan ti Nabi Hagai keur jalma-jalma di jaman éta? Naon pangaruhna keur urang ayeuna? Urang bakal ningali jawabanana. Urang gé bakal ngabahas kumaha carana urang bisa miluan pagawéan nu ngoyagkeun bangsa-bangsa ieu.

KEKECAPAN NU NGUATKEUN DINA JAMAN HAGAI

4. Nabi Hagai téh meunang tugas naon ti Yéhuwa?

4 Nabi Hagai dibéré tugas nu penting ku Yéhuwa. Hayu perhatikeun kaayaanana. Katingalina, Hagai téh kaasup ti urang Yahudi nu balik deui ka Yérusalém ti pangbuangan Babilon dina taun 537 SM. Teu lila sanggeus maranéhna nepi ka Yérusalém, maranéhna ngadegkeun deui bait Allah. (Esra 3:8, 10) Hanjakalna teu lila ti harita, maranéhna eureun ngabangun. Maranéhna dihalang-halang jeung disingsieunan ku para musuh di dinya. (Esra 4:4; Hag. 1:1, 2) Jadi dina taun 520 SM, Yéhuwa nugaskeun Hagai pikeun nyumangetan deui urang Yahudi sarta ngajurung maranéhna pikeun ngaréngsékeun bait. *Esra 6:14, 15.

5. Ku naon kekecapan Nabi Hagai nguatkeun urang Yahudi?

5 Tujuan ti kekecapan Nabi Hagai téh nyaéta pikeun nguatkeun iman urang Yahudi ka Yéhuwa. Nabi Hagai ngayakinkeun urang Yahudi nu keur leutik haté. Kieu ceuk manéhna, ”Maraneh teu kudu leutik hate. Teruskeun pigawe, sabab Kami [Yéhuwa] tangtu ngabantu.” (Hag. 2:4) Kekecapan ieu pasti nguatkeun maranéhna. Yéhuwa téh pamingpin ti pasukan malaikat anu kuat jeung loba pisan, jadi urang Yahudi kudu ngandelkeun Anjeunna supaya maranéhna bisa suksés.

6. Waktu kekecapan Nabi Hagai jadi kanyataan, naon hasilna?

6 Yéhuwa nitah Hagai pikeun méré nyaho urang Yahudi yén Yéhuwa bakal ngoyagkeun bangsa-bangsa. Hal ieu nguatkeun urang Yahudi nu keur leutik haté ku sabab kekecapan ieu nunjukkeun yén Yéhuwa bakal ngoyagkeun Persia nu harita jadi pangawasa dunya. Sanggeus Pérsia dioyag-oyag, naon hasilna? Urang Yahudi jadi bisa ngaréngsékeun bait. Geus kitu, jalma-jalma nu lain urang Yahudi gé bakal milu ibadah ka Yéhuwa di bait éta. Jadi, kekecapan Hagai pasti nguatkeun umat Allah harita!​—Jak. 8:9.

PAGAWÉAN NU NGOYAGKEUN DUNYA KIWARI

Na ayeuna Sadérék sabisa-bisana milu dina pagawéan nu ngoyagkeun bangsa-bangsa? (Tingali paragrap 7-8) *

7. Ayeuna urang miluan kana pagawéan naon? Jelaskeun.

7 Naon pangaruhna nubuat Hagai keur urang kiwari? Ayeuna, Yéhuwa sakali deui keur ngoyagkeun bangsa-bangsa. Tapi ayeuna mah urang miluan kana pagawéan ieu. Coba pikirkeun: Dina taun 1914, Yéhuwa ngalantik Isa Al-Masih pikeun jadi Raja di Pamaréntahan Sorga. (Jab. 2:6) Ieu téh lain hal alus keur para pamingpin dunya. Ku naon? Sabab éta nandakeun ”waktu nu ditetepkeun keur bangsa-bangsa” téh geus béak, maksudna waktu di mana euweuh pamaréntahan nu ngawakilan Yéhuwa. (Luk. 21:24) Ku kituna, hususna ti saprak taun 1919, umat Yéhuwa nguarkeun ka jalma-jalma yén Pamaréntahan Allah téh hiji-hijina harepan keur umat manusa. ”Warta hadé ngeunaan Pamaréntahan Allah” geus ngoyagkeun sakuliah dunya.​—Mat. 24:14.

8. Tina Jabur 2:1-3, kumaha tanggapan bangsa-bangsa kana warta hadé nu diuarkeun?

8 Kumaha tanggapan jalma-jalma kana warta ieu? Lolobana mah teu resep. (Baca Jabur 2:1-3.) Bangsa-bangsa ngarasa kaganggu pisan ku ayana warta ieu. Maranéhna embung narima Pangawasa nu dilantik ku Yéhuwa. Maranéhna gé teu nganggap warta ieu sabagé ”warta hadé.” Malahan, aya pamaréntah anu ngalarang kagiatan pangwawaran ieu! Ngakuna mah ngawula Allah, tapi maranéhna embung ngaleupaskeun hak maréntahna ka Allah. Jadi sarua jiga pamaréntah di jaman Isa baheula, pamaréntah kiwari gé nolak Pribadi nu Dilantik ku Yéhuwa ku cara nganiaya urang Kristen.​—Kis. 4:25-28.

9. Kumaha sikep Yéhuwa ka bangsa-bangsa nu nolak Anjeunna?

9 Kumaha sikep Yéhuwa ka bangsa-bangsa nu nolak Anjeunna? Jabur 2:10-12 nyebutkeun, ”Ku sabab kitu, he para raja, masing daek ngarti, kitu keneh anu nyarekel kakawasaan, tarima ieu pepeling! Sing ibadah ka PANGERAN, kalawan sieun, geura sumujud ka Mantenna bari gumeter. Sabab lamun teu kitu tangtu Mantenna bendu; aranjeun tangtu tiwas. Bagja sing saha anu nyalindung ka Mantenna!” Ayeuna Yéhuwa masih kénéh méré kasempetan ka jalma-jalma nu nentang. Maranéhna masih bisa barobah jeung mihak ka Pamaréntahan Yéhuwa. Tapi, waktuna geus téréh béak sarta urang hirup ”dina ahir jaman”. (2 Tim. 3:1; Yes. 61:2) Jadi jalma-jalma kudu geura nyaho kana bebeneran jeung milih pikeun ngalalayanan Yéhuwa.

TANGGAPAN ALUS TI JALMA-JALMA

10. Naon hasil alus tina dioyagna bangsa-bangsa nu dijelaskeun dina Hagai 2:7-9?

10 Siga nu disebutkeun Hagai, bakal aya ogé jalma-jalma nu boga tanggapan alus kana warta ieu. Manéhna nyebutkeun sanggeus Yéhuwa ngoyagkeun bangsa-bangsa, ”kakayaanana [jalma-jalma nu rendah haté] bakal dibawaan” pikeun ibadah ka Yéhuwa. * (Baca Hagai 2:7-9.) Yésaya jeung Mika méré nyaho nubuat éta téh bakal ngawujud ”dina ahir jaman.”​—Yes. 2:2-4, NW; Mika 4:1, 2, NW.

11. Naon pangaruh warta ngeunaan Pamaréntahan Allah ka saurang sadérék?

11 Perhatikeun kumaha warta nu ngoyagkeun dunya ieu mangaruhan Sadérék Ken, nu ngawula di kantor pusat. Manéhna masih inget kénéh basa ngadéngé warta ngeunaan Pamaréntahan Allah 40 taun ka tukang. Ceuk manéhna, ”Pas mimiti ngadéngé bebeneran tina Firman Allah, urang bungah pisan ku lantaran ngarti ayeuna téh urang hirup dina ahir jaman. Urang gé sadar, supaya jadi jalma nu dipikaresep ku Allah jeung meunangkeun hirup langgeng, urang teu meunang jadi bagian ti dunya ieu deui jeung kudu mihak ka Yéhuwa. Jadi urang bener-bener ngadoakeun hal ieu. Terus urang eureun ngadukung dunya ieu jeung mihak ka Pamaréntahan Allah, tempat nu paling aman nu moal bisa oyag.”

12. Dina ahir jaman ieu, kumaha bait rohani Yéhuwa dipinuhan ku ”kakayaan ti bangsa-bangsa”?

12 Yéhuwa terus ngaberkahan umat-Na. Dina ahir jaman ieu, urang ningali jumlah jalma nu ibadah ka Yéhuwa téh nambahanana meni loba pisan. Baheula dina taun 1914, jumlah urang ngan sababaraha rébu jalma. Tapi ayeuna geus aya dalapan juta leuwih, malah unggal taunna aya jutaan jalma nu milu hadir ka acara Pangéling-ngéling. Ku kituna, buruan bait rohani Yéhuwa nu aya di bumi, atawa pangaturan keur ibadah nu murni, jadi dipinuhan ku ”kakayaan ti bangsa-bangsa.” Waktu jalma-jalma ieu maké kapribadian anyar, nami Yéhuwa téh dimulyakeun.—Éf. 4:22-24.

Umat Allah di sakuliah dunya resep ngabagikeun warta ngeunaan Pamaréntahan Allah (Tingali paragrap 13)

13. Nubuat naon deui nu jadi kanyataan liwat kamajuan ieu? (Tingali gambar dina sampul hareup.)

13 Nubuat-nubuat séjén gé jadi kanyataan liwat kamajuan ieu, misalna di Yesaya 60:22. Ayatna nyebutkeun, ”Kulawarga anu pangsaeutikna jeung anu panghandapna ge bakal jadi loba jeung kuat lir hiji bangsa. Lamun geus nitih kana wanci nu mustari, hal eta bakal gancang dilaksanakeun ku Kami. Kami teh PANGERAN!” Ayeuna jalma nu nyembah Yéhuwa téh beuki ngalobaan, jadi aya loba hal alus nu bisa dilakukeun. ”Kakayaan” atawa jalma-jalma ieu boga rupa-rupa kasanggupan. Maranéhna gé sumanget pisan nguarkeun ”warta hadé ngeunaan Pamaréntahan Allah”. Ku kituna, siga nu dijelaskeun ku Yésaya, nubuat ngeunaan ”bangsa-bangsa bakal milu ngarawatan” ka umat Allah téh bener-bener ngawujud. (Yes. 60:5, 16) Ku bantuan ti jalma-jalma ieu, kagiatan pangwawaran téh ayeuna aya di 240 nagri jeung publikasi gé dicitak dina leuwih ti 1.000 basa.

WAKTUNA NYIEUN PILIHAN

14. Kabéh jalma kudu nyieun pilihan naon?

14 Dina ahir jaman ieu, sakabéh bangsa téh keur dioyag-oyag. Kajadian ieu maksa jalma-jalma pikeun nyieun pilihan: Na maranéhna bakal mihak ka Pamaréntahan Allah atawa bakal tetep ngandelkeun pamaréntahan di dunya ieu? Sakabéh jalma kudu nangtukeun pilihanana. Ayeuna mémang umat Yéhuwa tunduk ka pamaréntahan di nagarana, tapi maranéhna mah teu pipilueun dina urusan pulitik. (Rm. 13:1-7) Maranéhna apal ngan Pamaréntahan Allah nu bisa ngaréngsékeun sakabéh masalah manusa. Pamaréntahan ieu téh lain bagian ti dunya ieu.​—Yah. 18:36, 37.

15. Dumasar buku Wahyu kumaha umat Allah bakal diuji?

15 Buku Wahyu ngajelaskeun yén dina ahir jaman umat Allah bakal diuji kasatiaanana. Tangtangan ieu bakal leuwih hésé tibatan nu saacanna. Sistim pulitik dunya ieu bakal maksa urang pikeun ngabdi ngan ka maranéhna, lamun henteu urang bakal dikaniaya. (Why. 13:12, 15) Maranéhna bakal ”maksa kabéh jalma sangkan narima tanda dina leungeun katuhu atawa dina tarangna. Teu sual maranéhna téh jalma biasa atawa jalma penting, jalma beunghar atawa jalma miskin, sarta jalma merdéka atawa palayan.” (Why. 13:16) Di jaman baheula, saurang palayan bakal dibéré tanda pikeun nyirikeun saha dununganana. Kitu ogé, di jaman kiwari kabéh jalma kudu nunjukkeun tanda dina leungeun atawa tarangna. Éta bakal kaciri tina laku lampah jeung cara pikirna. Jalma-jalma bakal nyirikeun yén maranéhna téh ngadukung jeung milikna sistim pulitik dunya ieu.

16. Ku naon ti ayeuna kénéh urang kudu ngajaga kasatiaan urang ka Yéhuwa?

16 Na urang daék narima tanda éta jeung ngadukung sistim pulitik dunya ieu? Jalma-jalma nu nolak bakal nyanghareupan kaayaan nu hésé jeung pibahayaeun. Buku Wahyu nyebutkeun, ”Euweuh nu bisa meuli atawa ngajual salian ti jalma nu boga tanda.” (Why. 13:17) Tapi umat Allah mah nyaho jalma-jalma nu boga tanda éta bakal dikumahakeun. Éta geus dijelaskeun ku Wahyu 14:9, 10. Umat Allah mah moal narima tanda éta, tapi bakal nulis dina leungeunna, ”Kuring kagungan PANGERAN.” (Yes. 44:5) Jadi ti ayeuna kénéh, urang kudu ngajaga kasatiaan urang ka Yéhuwa. Ku kituna, Yéhuwa gé daék ngakukeun urang sabagé milik Anjeunna!

YÉHUWA NGOYAGKEUN PIKEUN NU PANGAHIRNA

17. Naon nu kudu urang inget ngeunaan kasabaran Yéhuwa?

17 Salila ahir jaman ieu, Yéhuwa téh terus sabar. Anjeunna teu hayang saurang-urang acan dibinasakeun. (2 Pét. 3:9) Anjeunna méré kasempetan ka jalma-jalma pikeun tobat jeung ngalalayanan Anjeunna. Tapi Yéhuwa téh moal sabar salilana. Jalma-jalma nu masih kénéh nolak, bakal ngalaman kajadian jiga Piraon di jaman Musa baheula. Harita Yéhuwa ngomong ka Piraon, ”Upama Kami geus ngangkat leungeun ngagebug maneh jeung rahayat maneh ku hiji kasakit, maneh tangtu tumpur lebur. Tapi maneh kudu nyaksian kakawasaan Kami, sangkan Kami kamashur ka sakuliah jagat. Ku sabab kitu maneh rek dibere keneh hirup.” (Bud. 9:15, 16) Engkéna sakabéh bangsa bakal sadar ngan Yéhuwa hiji-hijina Allah nu sajati. (Yeh. 38:23) Naon nu bakal kajadian?

18. (a) Jiga nu dijelaskeun dina Hagai 2:6, 20-22 naon deui nu bakal dioyag-oyag téh? (b) Ku naon urang bisa ngarti kekecapan Hagai téh bakal ngawujud dina mangsa ka hareup?

18 Baca Hagai 2:6, 20-22. Ratusan taun sanggeus jamanna Hagai, Rasul Paulus nulis ka urang Kristen Ibrani yén kekecapan éta téh bakal ngawujud ogé dina mangsa ka hareup. Paulus nulis, ”Anjeunna jangji, ’Sakali deui Kuring rék ngoyagkeun, lain bumi hungkul, tapi ogé langit.’ Kekecapan ’sakali deui’ nuduhkeun yén Allah bakal nyingkirkeun hal-hal nu oyag, nu lain jieunan Anjeunna, supaya hal-hal nu teu oyag bisa tetep aya.” (Ibr. 12:26, 27) Naon nu dioyag-oyag dina ayat ieu téh béda jeung nu disebutkeun dina Hagai 2:7. Ayat ieu ngamaksudkeun dimusnakeunana jalma-jalma nu siga Piraon, nu embung ngakukeun hak Yéhuwa pikeun maréntah.

19. Naon nu moal oyag, jeung kumaha urang bisa nyaho?

19 Naon nu moal oyag jeung bakal tetep aya? Paulus neruskeun deui, ”Lantaran urang bakal narima Pamaréntahan nu teu bisa oyag, mugia urang terus narima welas asih nu taya bandingna nu bisa ngabantu urang ngajalankeun palayanan suci nu dipikaresep ku Allah, dibarengan ku rasa hormat jeung tajub.” (Ibr. 12:28) Jadi, sanggeus Allah bérés ngoyagkeun kabéhanana, ngan Pamaréntahan Allah nu bakal tetep aya jeung ngadeg salalanggengna!​—Jab. 110:5, 6; Dan. 2:44.

20. Naon nu kudu diputuskeun ku unggal jalma, jeung kumaha urang bisa mantuan maranéhna?

20 Ayeuna waktuna téh geus beuki singget! Jalma-jalma kudu mutuskeun: Rék terus ngadukung dunya ieu tapi engké bakal dimusnakeun, atawa rék ngalalayanan Yéhuwa jeung ngarobah cara hirupna engké bisa meunang hirup langgeng. (Ibr. 12:25) Urang bisa mantuan jalma-jalma pikeun mutuskeun hal ieu ku cara terus nguarkeun warta hadé. Mugia aya leuwih loba jalma deui nu mihak ka Pamaréntahan Allah. Mugia urang gé terus inget ka kekecapan Juragan Isa, ”Warta hadé ngeunaan Pamaréntahan Allah bakal diuarkeun ka sakuliah dunya supaya kadéngé ku kabéh bangsa, geus kitu kakara ahir éta datang.”​—Mat. 24:14.

KAWIH 40 Abdi Milik Saha?

^ par. 5 Artikel ieu bakal ngabahas parobahan pamahaman ngeunaan Hagai 2:7. Urang bakal ngabahas kumaha urang bisa miluan pagawéan nu ngoyagkeun bangsa-bangsa. Urang gé bakal ningali kumaha tanggapan jalma-jalma ngeunaan pagawéan ieu. Tanggapanana téh aya nu alus aya nu goréng.

^ par. 4 Urang nyaho Hagai suksés ngajalankeun tugasna, buktina bait téh réngsé dibangun dina taun 515 SM.

^ par. 10 Ieu téh parobahan pamahaman nu anyar. Saacanna, urang nyebutkeun jalma-jalma nu rendah haté téh milu ibadah ka Yéhuwa lain ku lantaran dioyagna bangsa-bangsa. Tingali ”Pertanyaan Pembaca” tina Menara Pengawal 15 Méi 2006.

^ par. 63 KATERANGAN GAMBAR: Hagai nguatkeun umat Allah supaya sumanget ngabangun deui bait; jaman kiwari gé umat Allah sumanget nguarkeun warta hadé. Salaki pamajikan keur nguarkeun warta ngeunaan Yéhuwa nu bakal ngoyagkeun bangsa-bangsa pikeun nu pangahirna.