Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 38

Terus Ngaraket ka Kulawarga Rohani Urang

Terus Ngaraket ka Kulawarga Rohani Urang

”Urang rék indit ka Bapa urang jeung Bapa maranéh.”​—YAH. 20:17.

KAWIH 3 Harepan tur Kakuatan Abdi

NU DIBAHAS *

1. Urang bisa nganggap Yéhuwa sabagé naon?

KULAWARGA Yéhuwa téh kaasup Isa ”nu mimiti diciptakeun” jeung para malaikat nu loba pisan. (Kol. 1:15; Jab. 103:20) Waktu Isa aya di bumi, manéhna nunjukkeun manusa nu satia bisa nganggap Yéhuwa sabagé saurang Bapa. Buktina Isa pernah ngomong ka para muridna yén Yéhuwa téh ”Bapa urang jeung Bapa maranéh.” (Yah. 20:17) Urang téh jadi anggota kulawarga Yéhuwa anu silih pikanyaah waktu ngabaktikeun diri jeung dibaptis.​—Mar. 10:29, 30.

2. Naon nu bakal dibahas dina artikel ieu?

2 Aya jalma-jalma nu hésé pikeun nganggap Yéhuwa téh sabagé Bapa nu nyaahan. Nu séjénna deui bisa jadi teu ngarti kumaha carana némbongkeun kanyaah ka dulur saiman. Dina artikel ieu, urang bakal ngabahas tuladan ti Isa supaya urang bisa nganggap Yéhuwa téh sabagé Bapa nu nyaahan sarta akrab jeung Anjeunna. Urang ogé bakal diajar ti Yéhuwa dina nunjukkeun kanyaah ka dulur-dulur saiman.

YÉHUWA HAYANG URANG AKRAB JEUNG ANJEUNNA

3. Tina conto doa Isa, naon buktina urang bisa akrab jeung Yéhuwa?

3 Yéhuwa téh Bapa nu nyaahan pisan. Isa ogé hayang urang nganggap Yéhuwa jiga saurang kolot nu bageur jeung nyaah ka budakna. Anjeunna téh bisa dideukeutan iraha waé, lain jiga pribadi nu luhur teuing, nu hésé dideukeutan. Buktina waktu Isa ngajarkeun murid-muridna cara ngadoa, Isa ngamimitian doana ku nyebut, ”Bapa.” (Mat. 6:9) Sabenerna Isa bisa waé nyebut Yéhuwa sabagé ”Nu Maha Kawasa”, ”Nu ngajadikeun”, atawa ”Raja nu abadi.” (Kaj. 49:25; Yes. 40:28; 1 Tim. 1:17) Tapi, Isa ngajarkeun urang supaya nyebut Yéhuwa sabagé ”Bapa”.

4. Ku naon urang bisa yakin Yéhuwa téh hayang urang ngaraket ka Anjeunna?

4 Na Sadérék téh hésé ngabayangkeun Yéhuwa sabagé Bapa nu nyaahan? Bisa jadi urang ngarasa kitu sabab teu dipikanyaah ku Bapa urang sorangan, jadi teu kabayang Bapa nu nyaahan téh siga kumaha. Tapi sing yakin, Yéhuwa ngarti pisan kana parasaan urang. Malah, Yéhuwa hayang ngaraket ka urang. Dina Firman-Na urang dijurung, ”Pék ngaraket ka Allah, Anjeunna gé bakal ngaraket ka aranjeun.” (Yak. 4:8) Yéhuwa nyaah pisan ka urang jeung jangji bakal jadi Bapa nu panghadéna keur urang.

5. Dumasar Lukas 10:22, kumaha Isa bisa ngabantu urang pikeun leuwih raket jeung Yéhuwa?

5 Isa bisa ngabantu urang pikeun leuwih raket jeung Yéhuwa. Isa téh bener-bener kenal ka Yéhuwa, sipat-sipatna gé persis jiga Bapana. Malahan Isa ngomong, ”Saha waé nu ningali urang sarua jeung ningali Bapa.” (Yah. 14:9) Saperti saurang lanceuk, Isa ngajarkeun urang supaya ngahormat jeung taat ka Bapa, henteu nganyenyeri haté-Na, jeung jadi jalma nu dipikaresep ku Yéhuwa. Tapi pangpangna mah, Isa ngajarkeun Yéhuwa téh bageur pisan jeung nyaahan. (Baca Lukas 10:22.) Hayu tingali sababaraha contona.

Sabagé Bapa nu nyaahan, Yéhuwa ngutus malaikat pikeun nguatkeun Isa (Tingali paragrap 6) *

6. Naon buktina Yéhuwa ngadéngékeun doa ti Isa? Béré contona.

6 Yéhuwa téh ngadéngékeun doa ti anak-anak-Na. Perhatikeun kumaha Yéhuwa ngadéngékeun Putra cikal-Na. Waktu Isa aya di bumi, Yéhuwa pasti ngadéngékeun doa-doa ti Isa. (Luk. 5:16) Contona doa Isa saacan nyieun putusan penting, waktu rék milih 12 rasul. (Luk. 6:12, 13) Yéhuwa gé ngadéngékeun doana waktu Isa keur hariwang pisan. Pas saacan dihianatan, Isa bener-bener ngadoakeun ngeunaan tangtangan nu bakal disanghareupan. Tapi Yéhuwa teu ngan saukur ngadéngékeun hungkul, Yéhuwa gé ngutus hiji malaikat pikeun nguatkeun Putra nu dipikanyaah ieu.​—Luk. 22:41-44.

7. Kumaha parasaan urang sanggeus ningali Yéhuwa téh ngadéngékeun doa umat-Na?

7 Kiwari, Yéhuwa ogé ngadéngékeun doa umat-Na. Anjeunna ngajawab dina waktu jeung cara nu panghadéna. (Jab. 116:1, 2) Saurang sadérék istri di India ngarasakeun sorangan kumaha Yéhuwa ngajawab doana. Manéhna téh gampang pisan strés jeung hariwang, jadi manéhna bener-bener ngadoakeun masalah éta. Manéhna nulis, ”Acara JW Broadcasting® Méi 2019 téh cocog pisan keur abdi. Acarana téh ngabahas naon nu bisa dilakukeun waktu urang hariwang. Éta téh siga jawaban Yéhuwa keur doa-doa abdi.”

8. Ku cara naon Yéhuwa némbongkeun kanyaah-Na ka Isa?

8 Yéhuwa nyaah pisan ka urang jiga ka Isa. (Yah. 5:20) Waktu Isa ngajalankeun tugasna di bumi, Anjeunna minuhan sakabéh pangabutuh rohani, jasmani, jeung émosi Isa. Terus, Yéhuwa gé ngomong ka Isa yén Anjeunna téh nyaah jeung resep pisan ka manéhna. (Mat. 3:16, 17) Isa apal, Bapana nu di sorga téh teu pernah ninggalkeun manéhna. Jadi Isa teu pernah ngarasa sorangan.​—Yah. 8:16.

9. Naon buktina Yéhuwa téh nyaah ka urang?

9 Sarua jiga Isa, urang gé pasti ngarasakeun sorangan kumaha Yéhuwa téh nyaah ka urang. Misalna coba pikirkeun ieu: Yéhuwa téh minuhan pangabutuh émosi urang. Anjeunna narik urang pikeun jadi sobat-Na sarta méré dulur-dulur saiman nu nyaahan. (Yah. 6:44) Salian ti éta, Yéhuwa gé terus nyadiakeun kadaharan rohani jeung ngurus pangabutuh jasmani urang. (Mat. 6:31, 32) Jadi lamun urang mikirkeun sakumaha nyaahna Yéhuwa ka urang, urang gé pasti bakal leuwih nyaah deui ka Anjeunna.

NYONTO YÉHUWA NU NYAAH KA DULUR SAIMAN URANG

10. Lantaran Yéhuwa téh nyaah ka dulur-dulur saiman, urang kudu kumaha?

10 Yéhuwa téh nyaah pisan ka dulur-dulur saiman urang. Tapi keur urang mah, bisa jadi hésé pikeun mikanyaah maranéhna jeung ngungkabkeun kanyaah urang. Ku naon? Sabab budaya jeung cara urang digedékeun téh béda-béda. Salian ti éta, urang gé osok nyieun kasalahan nu bisa nganyenyeri batur. Sanajan kitu, urang tetep bisa némbongkeun kanyaah urang ka dulur-dulur saiman. Kumaha carana? Ku cara nyonto Yéhuwa nu nyaah ka maranéhna. (Éf. 5:1, 2; 1 Yah. 4:19) Hayu tingali kumaha urang bisa nyonto Yéhuwa.

11. Kumaha Isa nyonto sipat ”welas asih” Yéhuwa?

11 Yéhuwa téh ”welas asih”. (Luk. 1:78) Jalma nu welas asih bakal karunyaeun lamun aya nu keur kasusahan. Manéhna bakal néangan cara supaya bisa mantuan éta jalma. Isa ogé nyonto Bapana nu welas asih waktu manéhna urusan jeung batur. (Yah. 5:19) Waktu ningali jalma réa, ”manéhna karunyaeun lantaran jalma-jalma éta ditindes jaba diculkeun siga domba-domba nu taya pangangonna.” (Mat. 9:36) Tapi Isa teu ngan karunyaeun hungkul, manéhna gé nyageurkeun nu gering jeung ngabantu jalma-jalma nu keur ”lalungsé jeung loba beban hirup.”​—Mat. 11:28-30; 14:14.

Urang bisa nyonto Yéhuwa, ku cara murah haté jeung welas asih ka dulur-dulur saiman (Tingali paragrap 12-14) *

12. Kumaha urang bisa nunjukkeun welas asih ka dulur-dulur saiman urang?

12 Lamun urang mikirkeun masalah nu dipiboga ku sadérék-sadérék urang, urang pasti bisa nunjukkeun welas asih ka maranéhna. Misalna, lamun aya sadérék istri nu boga masalah kaséhatan. Bisa jadi manéhna teu pernah nyaritakeun masalahna. Tapi meureun mun aya nu nawarkeun bantuan mah, manéhna pasti atoh. Urang bisa mikirkeun: Na manéhna masih bisa ngurus kaperluan rumah tanggana? Na manéhna téh resep lamun urang mangnyieunkeun dahareun atawa bebersih imahna? Mun misalna ogé aya saurang sadérék anu kaleungitan pagawéan. Bari manéhna néangan pagawéan anyar, meureun urang bisa méré saeutik duit tapi teu perlu méré nyaho duitna ti urang.

13-14. Kumaha urang bisa nyonto sipat murah haté Yéhuwa?

13 Yéhuwa téh murah haté. (Mat. 5:45) Urang bisa nyonto Anjeunna. Ulah ngadagoan batur ménta bantuan ka urang, tapi urang ti heula nu nawarkeun bantuan. Contona, panonpoé téh medal unggal isuk sanajan urang teu ménta. Haneutna panonpoé gé bisa dirasakeun ku kabéh jalma, henteu ngan keur jalma bageur hungkul. Jadi Yéhuwa téh nunjukkeun kanyaahna ku cara minuhan pangabutuh urang. Ningali Yéhuwa sakitu bageur jeung murah haténa, pasti urang gé jadi nyaah pisan ka Anjeunna!

14 Dulur-dulur saiman urang ogé murah haté siga Yéhuwa. Misalna, dina taun 2013 Filipina ditarajang ku Topan Super Haiyan. Karuksakanana téh meni parah pisan. Loba sadérék-sadérék urang anu kaleungitan imahna sarta harta bandana. Tapi kulawarga rohani urang di sakuliah dunya langsung méré bantuan. Loba nu nyumbangkeun duit atawa milu ngoméan imah-imah anu ruksak. Hasilna, dina sataun kurang aya ampir ti 750 imah nu dioméan jeung dibangun deui. Dina pandémi COVID-19 gé dulur-dulur urang téh sabisa-bisana silih bantu. Jadi lamun urang buru-buru ngabantu dulur saiman nu butuh, éta bukti urang nyaah ka maranéhna.

15-16. Dumasar Lukas 6:36, kumaha urang bisa nyonto Bapa urang di sorga?

15 Yéhuwa téh karunyaan jeung hampuraan. (Baca Lukas 6:36.) Unggal poé, urang ngarasakeun sipat hampuraan ti Bapa urang nu di sorga. (Jab. 103:10-14) Baheula gé murid-murid Isa téh teu sampurna, tapi Isa tetep daék ngahampura maranéhna. Malah, Isa daék ngorbankeun kahirupanana supaya urang bisa dihampura. (1 Yah. 2:1, 2) Sipat karunyaan jeung hampuraan ti Yéhuwa jeung Isa pasti ngajurung urang pikeun leuwih ngaraket ka aranjeunna.

16 Urang bisa leuwih nyaah ka dulur-dulur saiman lamun urang ”iklas silih hampura”. (Éf. 4:32) Tapi sakapeung mah ngahampura téh teu gampang, jadi éta kudu bener-bener diusahakeun. Saurang Sadérék istri ngarasa kabantu waktu manéhna maca artikel Menara Pengawal anu judulna ”Ampunilah Satu Sama Lain dengan Lapang Hati”. * Ceuk manéhna, ”Waktu urang maca artikel ieu, pikiran urang téh jadi leuwih positif. Artikelna méré nyaho ngahampura téh lain hartina urang satuju kana kasalahanana atawa nganggap éta teu nganyenyeri urang. Tapi ngahampura téh hartina urang henteu teterusan keuheul jeung haté urang tetap tenang.” Jadi lamun urang ngahampura dulur-dulur saiman, urang téh némbongkeun kanyaah ka maranéhna jeung nyonto Bapa urang, Yéhuwa.

HARGAAN KASEMPETAN PIKEUN JADI KULAWARGA YÉHUWA

Nu ngora jeung nu sepuh bisa némbongkeun kanyaah ka dulur-dulur saimanna (Tingali paragrap 17) *

17. Tina Matius 5:16, kumaha urang bisa ngamulyakeun Bapa urang di sorga?

17 Urang pasti bungah pisan bisa jadi anggota kulawarga Yéhuwa nu aya di sakuliah dunya. Urang hayang saloba-lobana jalma bisa milu ibadah ka Yéhuwa. Jadi ulah nepi ka aya kalakuan urang nu nyieun batur jadi ngagogoréng Bapa urang di sorga atawa umat-Na. Urang hayang sabisa-bisana ngajaga kalakuan urang, supaya batur daék diajar jeung ngalalayanan Yéhuwa.​—Baca Matius 5:16.

18. Naon nu bisa ngabantu urang supaya wani nyaritakeun kapercayaan urang?

18 Bisa jadi aya nu moyokan malah nepi ka nganiaya urang lantaran urang hayang taat ka Bapa urang di sorga. Naon nu kudu dilakukeun lamun urang sieun nyaritakeun kapercayaan urang ka batur? Sing yakin Yéhuwa jeung Putra-Na téh bakal ngabantu urang. Isa ngayakinkeun murid-muridna yén maranéhna teu perlu hariwang rék ngomong naon jeung kumaha cara ngomongna. Ku naon? Isa ngajelaskeun, ”Harita kénéh, maranéh bakal nyaho kudu ngomong naon, sabab nu ngomong téh lain maranéh sorangan, tapi maranéh bakal dibantu ku kawasa suci ti Bapa.”​—Mat. 10:19, 20.

19. Caritakeun pangalaman ti sadérék urang nu wani méré kasaksian.

19 Perhatikeun conto ti Sadérék Robert di Afrika Selatan. Manéhna dititah ngadep ka pangadilan militér lantaran nolak wajib militér. Harita manéhna kakara diajar Alkitab, jadi pamahamanana masih saeutik. Tapi, manéhna wani ngajelaskeun yén manéhna nolak téh lantaran nyaah ka dulur-dulur Kristen. Manéhna ngahargaan kasempetan pikeun jadi kulawarga Yéhuwa. Tuluy hakimna nanya, ”Saha dulur-dulur manéh téh?” Robert teu nyangka bakal ditanya kitu. Tapi manéhna téh langsung inget kana ayat harian poé éta. Ayatna téh Matius 12:50, anu nyebutkeun, ”Saha waé nu ngajalankeun kahayang Bapa urang di sorga, nya manéhna nu jadi dulur awéwé, dulur lalaki, jeung indung urang.” Sanajan Robert kakara diajar Alkitab, kawasa suci ti Yéhuwa ngabantu manéhna pikeun ngajawab sababaraha pananya nu teu disangka-sangka. Yéhuwa pasti reueus ka Robert! Yéhuwa gé pasti reueus ka urang lamun urang ngandelkeun Anjeunna pikeun méré kasaksian sanajan kaayaanna hésé.

20. Naon nu kudu diusahakeun ku urang? (Yahya 17:11, 15)

20 Mugia urang terus ngahargaan kulawarga rohani urang nu silih pikanyaah. Urang téh boga Bapa nu panghadéna jeung dulur-dulur saiman nu nyaah ka urang. Urang sakuduna nganuhunkeun kana hal éta, tapi Sétan jeung balad-baladna hayang urang cangcaya kana kanyaah ti Bapa urang jeung hayang ngancurkeun kasatunggalan urang. Ku kituna Isa ngadoa keur urang, ménta supaya Bapa urang ngajaga kulawarga rohani urang tetep ngahiji. (Baca Yahya 17:11, 15.) Yéhuwa ngajawab doana Isa. Mudah-mudahan urang bisa jiga Isa nu terus yakin kana kanyaah jeung bantuan ti Bapa urang di sorga. Jadi, hayu urang terus usahakeun supaya bisa terus ngaraket ka kulawarga rohani urang.

KAWIH 99 Jutaan Dulur Saiman

^ par. 5 Urang bungah pisan boga kulawarga rohani nu silih pikanyaah. Tapi pasti urang hayang leuwih nguatkeun deui kanyaah urang, kumaha carana? Urang bisa nyonto Bapa urang nu nyaahan, tuladan Isa, jeung dulur-dulur saiman urang.

^ par. 57 KATERANGAN GAMBAR: Yéhuwa ngutus hiji malaikat pikeun nguatkeun Isa di Taman Gétsemani.

^ par. 59 KATERANGAN GAMBAR: Salila pandémi COVID-19, loba sadérék-sadérék nu méré dahareun jeung nganteurkeunana ka nu séjén.

^ par. 61 KATERANGAN GAMBAR: Saurang indung ngabantu budakna nyieun surat keur sadérék nu aya di panjara.