Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 40

Jiga Kumaha Jalma nu Bener-Bener Tobat téh?

Jiga Kumaha Jalma nu Bener-Bener Tobat téh?

”Urang datang téh . . . rék néangan . . . jalma nu ngalampahkeun dosa sangkan tarobat.”​LUK. 5:32.

KAWIH 36 Jaga Haté Urang

NU DIBAHAS *

1-2. Naon nu ngabédakeun Raja Ahab jeung Manasyé, sarta dua pananya naon nu bakal urang bahas?

URANG bakal ngabahas ngeunaan dua raja di jaman baheula. Raja nu kahiji maréntah karajaan Israél sapuluh kaom, nu hiji deui maréntah karajaan Yuda dua kaom. Sanajan maranéhna hirup dina jaman nu béda, tapi aya sababaraha hal nu sarua ti maranéhna. Duanana téh ngabarontak ka Yéhuwa jeung mangaruhan rahayatna pikeun nyieun dosa. Maranéhna nyembah berhala jeung osok maéhan jalma-jalma. Tapi, aya hal nu béda ti dua raja ieu. Raja nu hiji terus ngalakukeun hal-hal jahat nepi ahir hirupna. Raja nu hijina deui tobat jeung dosa-dosana gé dihampura. Saha dua raja ieu téh?

2 Dua raja éta téh nyaéta, Ahab raja Israél jeung Manasyé raja Yuda. Ti dua raja ieu urang bakal diajar jiga kumaha jalma nu bener-bener tobat. (Kis. 17:30; Rm. 3:23) Naon hartina tobat, jeung kumaha urang bisa nunjukkeun yén urang téh geus tobat? Urang kudu ngarti kana hal ieu, ku sabab urang hayang Yéhuwa ngahampura dosa urang. Pikeun ngajawab dua pananya ieu, urang bakal ngabahas kahirupan dua raja éta jeung nu dilakukeun ku maranéhna. Urang gé bakal ngabahas naon nu Isa ajarkeun ngeunaan jalma nu tobat.

DIAJAR TINA KISAH RAJA AHAB

3. Ahab téh raja nu jiga kumaha?

3 Ahab téh raja katujuh ti karajaan Israél sapuluh kaom. Manéhna nikah jeung Isebél, putrina raja Sidon. Kota Sidon téh kota nu makmur di beulah kalér. Jadi lantaran perkawinan ieu, bisa jadi urang Israél gé kababawa makmur. Hanjakalna, hubungan bangsa Israél jeung Yéhuwa gé malah beuki ruksak. Ku naon? Isebél téh ibadah ka Baal. Manéhna ngahasud Ahab supaya mangaruhan rahayatna pikeun ngajalankeun ibadah nu pikaijideun. Misalna, jalma-jalma disina jarinah di bait jeung ngorbankeun anakna keur allah palsu. Salila Isebél jadi ratu, kahirupan nabi-nabi Yéhuwa téh teu aman, loba pisan nu dipaéhan. (1 Rja. 18:13) Ahab sorangan gé disebutkeun ”midamel dosa ka PANGERAN, tur leuwih ti nu ti hareula”. (1 Rja. 16:30) Yéhuwa nyaho kalakuan maranéhna. Najan kitu, Anjeunna masih kénéh méré kasempetan. Anjeunna ngutus Nabi Élia pikeun ngingetan maranéhna supaya geura tarobat. Hanjakalna, Ahab jeung Isebél embung ngadéngékeun.

4. Naon hukuman keur Ahab, jeung kumaha réaksina?

4 Ahirna kasabaran Yéhuwa béak. Anjeunna ngutus Élia pikeun méré nyaho hukuman keur Ahab jeung Isebél. Sakabéh kulawargana bakal dipaéhan. Kekecapan Élia téh nyieun Ahab sadar! Teu disangka-sangka, jalma nu sombong ieu daék ”ngarendahkeun dirina”.​—1 Rja. 21:19-29.

Raja Ahab teu bener-bener tobat, buktina manéhna ngajebloskeun nabi Yéhuwa ka panjara (Tingali paragrap 5-6) *

5-6. Naon nu nyirikeun Ahab henteu bener-bener tobat?

5 Sanajan basa éta Ahab ngarendahkeun dirina, tapi kalakuan sanggeusna nyirikeun manéhna henteu bener-bener tobat. Ahab teu nyingkirkeun ibadah ka Baal dina pamaréntahanana. Manéhna gé teu ngajurung rahayatna pikeun ibadah deui ka Yéhuwa. Aya hal séjénna deui nu nunjukkeun Ahab téh henteu bener-bener tobat.

6 Ka dieunakeun, Ahab téh ménta bantuan ka Raja Yosapat ti Yuda pikeun merangan urang Siria. Yosapat téh raja nu bageur jeung terus ngandelkeun Yéhuwa. Saacan perang, manéhna méré saran ka Ahab pikeun tatanya heula ka nabi Yéhuwa. Tapi Ahab teu satuju. Ceuk Ahab, ”Aya saurang . . . Tapi kaula ijid, lantaran ngawejangna teh tara mere pibagjaeun kaula, ngan mere anu picilakaeun bae!” Najan kitu, maranéhna tetep ménta naséhat ka nabi Yéhuwa. Ari pék téh bener, Mika méré nyaho hal nu goréng keur Ahab! Lainna tobat jeung ménta pangampura ti Yéhuwa, Ahab nu jahat kalah ka ngajebloskeun nabi ieu ka panjara. (1 Rja. 22:7-9, 23, 27) Sanajan Ahab bisa ngajebloskeun nabi Yéhuwa ka panjara, tapi manéhna teu bisa nyingkahan naon nu diucapkeun ku nabi éta. Dina perang éta, Ahab dipaéhan.​—1 Rja. 22:34-38.

7. Kumaha parasaan Yéhuwa ka Ahab?

7 Sanggeus Ahab maot, Yéhuwa méré nyaho kumaha parasaana-Na. Basa Raja Yosapat balik ti perang, Yéhuwa ngutus nabi Yéhu ka manéhna. Nabi éta méré nyaho Yosapat yén naon nu geus dilakukeunana téh salah. Ceuk nabi éta, ”Naha sae Gusti ngabantu ka nu jarahat, sabilulungan sareng anu mikageuleuh ka PANGERAN?” (2 Bab. 19:1, 2) Pék pikirkeun: Lamun Ahab bener-bener tobat, pasti nabi éta moal ngomong yén Ahab téh jalma jahat nu mikageuleuh ka Yéhuwa. Jadi Ahab téh mémang ngarasa kaduhung, tapi teu bener-bener tobat.

8. Tina kisah Ahab, urang bisa diajar naon ngeunaan jalma nu tobat?

8 Urang bisa diajar naon tina kisah Ahab? Waktu Élia méré nyaho yén Ahab jeung kulawargana bakal dihukum, Ahab langsung ngarendahkeun dirina. Éta téh hal nu alus. Tapi sanggeusna, kalakuan Ahab teu nyirikeun manéhna téh bener-bener tobat. Lamun urang bener-bener tobat, teu cukup ngan saukur ngomong urang téh ngarasa kaduhung. Hayu urang tingali conto séjénna nu bisa ngabantu urang leuwih ngarti jiga kumaha jalma nu bener-bener tobat téh.

DIAJAR TINA KISAH RAJA MANASYÉ

9. Manasyé téh raja nu jiga kumaha?

9 Kurang leuwih dua abad sanggeusna, Manasyé jadi raja di Yuda. Katingalina kalakuan Manasyé téh leuwih parah tibatan Ahab! Alkitab nyebutkeun, ”Dorakana ka PANGERAN teh nataku, matak bendu.” (2 Bab. 33:1-9) Manéhna nyieun altar keur déwa-déwi, malah nepi ka masang tihang arca di bait Yéhuwa! Katingalina, tihang arca téh ngagambarkeun déwi kasuburan. Manéhna ngalakukeun élmu gaib, élmu ramal, jeung élmu sihir. Aya ”loba pisan jelema anu teu salah ku Menase dipaehan”. Salian ti éta, Manasyé gé ”ngorbankeun putra pamegetna, dijieun kurban durukan” keur déwa-déwi.​—2 Rja. 21:6, 7, 10, 11, 16.

10. Kumaha Yéhuwa ngadisiplin Manasyé, jeung kumaha réaksi raja ieu?

10 Sarua jiga Ahab, Manasyé ogé embung ngadéngékeun paringetan ti nabi-nabi nu diutus ku Yéhuwa. Ku kituna, ”Yuda teh ku PANGERAN diantep dirugrug ku balad Asur. Menase ku musuh dicerek make kakait tuluy dirante, jeung diboyong ka Babul.” Di nagri asing éta manéhna dijebloskeun ka panjara. Katingalina, di ditu manéhna jadi bener-bener mikirkeun naon nu geus dilakukeunana. Ahirna, manéhna ”ngarendahkeun salira sarta tobat ka PANGERAN Allahna”. Malahan mah, Manasyé gé ”sasambat” jeung ”mundut pitulung” ka Yéhuwa. Lalaki nu jahat ieu geus barobah. Ayeuna manéhna yakin Yéhuwa téh ”Allahna” jeung terus ngadoa ka Anjeunna.​—2 Bab. 33:10-13.

Raja Manasyé bener-bener tobat, buktina manéhna nyingkirkeun ibadah palsu (Tingali paragrap 11) *

11. Dina 2 Babad 33:15, 16, kumaha Manasyé ngabuktikeun yén manéhna geus bener-bener tobat?

11 Ahirna, Yéhuwa ngajawab doa-doa Manasyé. Tina doa-doana, Yéhuwa bisa ningali yén Manasyé téh geus bener-bener barobah. Jadi, Yéhuwa daék ngahampura Manasyé jeung ngangkat deui manéhna jadi raja. Manasyé ngabuktikeun yén manéhna téh bener-bener tobat. Manasyé ngalakukeun hal nu teu pernah Ahab lakukeun. Manéhna ngarobah kalakuanana. Manasyé nyingkirkeun ibadah palsu jeung mulihkeun deui ibadah sajati. (Baca 2 Babad 33:15, 16.) Pasti Manasyé butuh kawani jeung iman pikeun ngalakukeun ieu. Salila mangtaun-taun, kalakuanana téh lain picontoeun keur kulawargana, para pajabat, jeung rahayatna. Tapi ayeuna sanajan Manasyé geus kolot, manéhna mulai menerkeun kaayaanana. Katingalina, Manasyé jadi tuladan keur incuna, Yosia, nu ahirna jadi raja nu dipikaresep ku Yéhuwa.​—2 Rja. 22:1, 2.

12. Tina kisah Manasyé, urang diajar naon ngeunaan jalma nu tobat?

12 Urang bisa diajar naon tina kisah Manasyé? Manasyé teu ngan saukur ngarendahkeun dirina. Manéhna gé ngadoa, ménta dihampura, jeung ngarobah kalakuanana. Manasyé sabisa-bisana menerkeun kaayaan nu goréng, balik deui ka Yéhuwa, sarta ngajurung batur pikeun ibadah ka Yéhuwa. Kisah Manasyé ieu bisa méré harepan keur jalma nu geus nyieun dosa sérius. Urang bisa ningali yén Yéhuwa téh ”langsar manah” jeung ”jembar hampura”. (Jab. 86:5) Jadi, Yéhuwa pasti daék ngahampura jalma nu bener-bener tobat.

13. Jelaskeun ibarat nu bisa ngabantu urang ngarti ngeunaan jalma nu tobat.

13 Manasyé teu ngan ngarasa kaduhung kana dosa-dosana. Kisahna ngajarkeun urang ngeunaan hartina bener-bener tobat. Pék pikirkeun ibarat ieu. Misalna Sadérék indit ka toko roti, rék meuli roti. Tapi pagawéna téh kalah ka méré endog. Kumaha parasaan Sadérék? Pasti keuheul! Lamun pagawéna ngajelaskeun endog téh bahan nu penting keur nyieun roti, na Sadérék bakal resep? Tangtu henteu. Kitu ogé, Yéhuwa ménta jalma-jalma nu nyieun dosa pikeun bener-bener tobat. Lamun manéhna ngarasa kaduhung kana dosa-dosana, éta téh alus. Parasaan jiga kitu téh mémang dibutuhkeun lamun urang bener-bener hayang tobat. Tapi, na éta téh cukup? Naon deui nu dibutuhkeun? Urang bakal diajar tina ibarat nu dicaritakeun ku Isa.

JIGA KUMAHA JALMA NU BENER-BENER TOBAT TÉH?

Sanggeus anak nu leungit éling, manéhna ngajugjug balik ka imah bapana nu jauh (Tingali paragrap 14-15) *

14. Tina ibarat Isa, naon nu nyirikeun anak nu leungit éta tobat?

14 Isa nyaritakeun ibarat anu nguatkeun haté anu dicatet di Lukas 15:11-32. Ibaratna téh ngeunaan anak nu leungit nu ngalawan bapana terus indit ”ka nagri nu jauh”. Di ditu manéhna hirup bejad jeung hirup sakarep-karep. Tapi pas kaayaanana hésé, manéhna jadi bener-bener mikirkeun kasalahanana. Manéhna sadar, hirupna téh leuwih ngeunah basa hirup jeung bapana. Ahirna, manéhna balik deui ka imah bapana jeung ménta dihampura. Isa nyebutkeun budak bungsu éta téh ahirna ”éling”. Mémang alus manéhna téh sadar. Tapi, na éta téh cukup? Henteu. Manéhna kudu nyieun tindakan!

15. Dina ibarat Isa, kumaha anak nu leungit nunjukkeun manéhna geus bener-bener tobat?

15 Anak nu leungit ieu téh nunjukkeun manéhna geus bener-bener tobat. Manéhna daék balik deui ngajugjug ka imah bapana nu jauh. Terus manéhna nyampeurkeun bapana jeung ngomong, ”Abdi geus dosa ka Allah jeung ka Bapa. Abdi geus teu pantes diaku anak.” (Luk. 15:21) Kekecapan budak éta téh nunjukkeun yén manéhna hayang mulihkeun hubunganana jeung Yéhuwa. Manéhna gé sadar, tindakanana téh geus nganyenyeri bapana. Malah supaya bisa dipikanyaah deui, manéhna siap digawé jadi kuli keur bapana! (Luk. 15:19) Ibarat ieu téh teu ngan saukur carita nu nguatkeun haté hungkul. Tapi ibarat ieu bisa ngabantu para kokolot pikeun ningali na saurang jalma nu nyieun dosa sérius téh geus bener-bener tobat atawa henteu.

16. Ku naon teu gampang keur para kokolot pikeun ningali saurang jalma téh geus bener-bener tobat atawa acan?

16 Pasti teu gampang keur para kokolot pikeun ningali jelema nu nyieun dosa sérius téh geus bener-bener tobat atawa acan. Ku naon? Ku sabab para kokolot teu bisa maca haté. Jadi, para kokolot kudu néangan bukti-bukti nu nunjukkeun na manéhna téh geus barobah jeung mikaijid dosa nu dilakukeunana atawa acan. Dina sababaraha kasus, meureun aya jelema anu nyieun dosa anu parah pisan, jadi para kokolot teu yakin na manéhna téh geus bener-bener tobat atawa acan.

17. (a) Caritakeun conto nu némbongkeun parasaan kaduhung téh teu cukup pikeun ngabuktikeun saurang jalma geus bener-bener tobat. (b) Ceuk 2 Korintus 7:11, jalma nu bener-bener tobat téh kudu ngalakukeun naon?

17 Coba pikirkeun conto ieu. Aya saurang sadérék nu jinah salila mangtaun-taun. Tapi lainna ménta bantuan, manéhna kalah ka nyumputkeun kalakuanana ti pamajikanana, babaturanana, jeung para kokolot. Ahirna, manéhna kanyahoan. Waktu ditunjukkeun bukti-buktina ku para kokolot, manéhna ngakukeun dosana jeung ngarasa kaduhung pisan. Tapi na éta téh cukup? Para kokolot nu ngurus masalah ieu teu cukup ngan saukur ningali manéhna téh kaduhung. Dosana téh dilakukeun teu ngan sakali hungkul, tapi sering, jaba geus mangtaun-taun. Manéhna gé lainna nyaritakeun sorangan kasalahanana, tapi aya batur nu ngalaporkeunana. Para kokolot kudu bener-bener ningali na cara pikir, parasaan, jeung kalakuanana téh geus barobah atawa acan. (Baca 2 Korintus 7:11.) Meureun manéhna butuh waktu nu lila supaya bisa barobah. Katingalina, jalma ieu bakal disingkirkeun ti sidang nepi ka manéhna tobat.​—1 Kor. 5:11-13; 6:9, 10.

18. Kumaha jalma nu dipecat bisa nunjukkeun yén manéhna téh bener-bener tobat, jeung naon hasilna?

18 Waktu saurang jalma nu dipecat bener-bener tobat, manéhna bakal rutin datang ka pasamoan jeung nuturkeun naséhat kokolot pikeun rutin ngadoa sarta diajar Alkitab. Manéhna gé bakal nyingkahan kaayaan nu bisa ngagoda manéhna nyieun dosa deui. Lamun manéhna sabisa-bisana mulihkeun deui hubunganana jeung Yéhuwa, manéhna bisa yakin Yéhuwa bakal bener-bener ngahampura. Para kokolot gé bakal ngabantu manéhna supaya bisa balik deui ka sidang. Pasti unggal kasus téh béda-béda masalahna. Jadi lamun hayang ningali na saurang jalma geus bener-bener tobat, para kokolot kudu mariksa sing ati-ati jeung ngahakimanana ulah teungteuingeun.

19. Jiga kumaha jalma nu bener-bener tobat téh? (Yeheskel 33:14-16)

19 Urang geus diajar yén jalma nu bener-bener tobat téh teu ngan saukur ngarasa kaduhung hungkul. Tapi manéhna geus ngarobah cara pikirna, parasaanana, jeung kalakuanana. Manéhna ogé kudu eureun ngalakukeun hal nu salah sarta balik deui nuturkeun patokan hirup ti Yéhuwa. (Baca Yeheskel 33:14-16.) Terus nu pangpentingna, manéhna kudu mulihkeun deui hubunganana jeung Yéhuwa.

BANTU JALMA NU BOGA DOSA PIKEUN TOBAT

20-21. Lamun aya nu nyieun dosa sérius kumaha urang bisa mantuan manéhna?

20 Isa ngajelaskeun hal penting ngeunaan palayananana. Manéhna nyebutkeun, ”Urang datang téh . . . rék néangan . . . jalma nu ngalampahkeun dosa sangkan tarobat.” (Luk. 5:32) Urang gé kudu boga parasaan nu sarua jiga Isa. Jadi, naon nu kudu urang lakukeun lamun aya sobat urang nu nyieun dosa sérius?

21 Urang moal nutup-nutupan dosana lantaran éta bisa ngabahayakeun manéhna. Éta gé euweuh gunana lantaran Yéhuwa mah nyaho sagalana. (Sil. 5:21, 22; 28:13) Sadérék bisa ngingetan sobat Sadérék yén para kokolot hayang mantuan manéhna. Lamun manéhna embung ngakukeun dosana, Sadérék nu kudu ngalaporkeunana. Éta nunjukkeun Sadérék téh hayang mantuan manéhna. Lamun manéhna embung dibantuan jeung teu tobat, hubunganana jeung Yéhuwa bisa ruksak!

22. Naon nu bakal urang bahas dina artikel saterusna?

22 Misalna, aya saurang jalma boga dosa nu parah pisan jeung dilakukeunana geus ti baheula kénéh. Ahirna, para kokolot mutuskeun manéhna téh kudu dipecat. Na ieu téh putusan nu teu mikawelas? Dina artikel saterusna, urang bakal ngabahas kumaha Yéhuwa némbongkeun sipat welas-Na liwat disiplin, jeung kumaha urang bisa nyonto Anjeunna.

KAWIH 103 Para Pangangon Kurnia ti Allah

^ par. 5 Lamun urang bener-bener tobat, urang teu ngan saukur ngarasa kaduhung kana dosa-dosa urang. Dina artikel ieu urang bakal ngabahas conto ti Raja Ahab, Raja Manasyé, jeung anak nu leungit nu aya dina ibarat Isa. Dina artikel ieu gé, urang bakal ngabahas naon waé nu kudu dipikirkeun ku para kokolot waktu rék mutuskeun na sadérék urang téh geus bener-bener tobat atawa acan.

^ par. 60 KATERANGAN GAMBAR: Raja Ahab nu kacida ambekna nitah para panjaga pikeun ngajebloskeun Nabi Mika ka panjara.

^ par. 62 KATERANGAN GAMBAR: Raja Manasyé nitah supaya arca-arca nu dijieun ku manéhna disingkirkeun ti bait.

^ par. 64 KATERANGAN GAMBAR: Anak nu leungit capéeun sanggeus nempuh perjalanan nu jauh, tapi manéhna bungah lantaran imahna geus katingali ti jauh.