Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 42

Sing Terus Yakin jeung Cekel Pageuh Bebeneran

Sing Terus Yakin jeung Cekel Pageuh Bebeneran

”Sagala hal téh kudu dipastikeun bener henteuna, nu hadé cekel sing pageuh.”​1 TÉS. 5:21.

KAWIH 142 Sing Pengkuh Pangharepan

NU DIBAHAS *

1. Ku naon ayeuna loba jalma jadi bingung?

AYEUNA aya puluhan rébu kapercayaan nu ngakuna mah Kristen. Maranéhna percaya yén cara ibadahna téh ditarima ku Allah. Teu héran mun loba jalma jadi bingung. Maranéhna meureun mikir, ”Na cara ibadah nu bener téh ngan hiji, atawa kabéhanana gé ditarima?” Na urang bener-bener percaya nu diajarkeun ku Saksi-Saksi Yéhuwa téh bebeneran? Na ngan cara ibadah maranéhna nu ditarima ku Allah? Kumaha urang bisa yakin? Hayu urang bahas bukti-buktina.

2. Ku naon Paulus boga kayakinan nu pengkuh kana bebeneran? (1 Tésalonika 1:5)

2 Rasul Paulus téh boga kayakinan anu pengkuh kana bebeneran. (Baca 1 Tésalonika 1:5.) Manéhna bisa yakin téh lain ku lantaran resep kana pangajaranana, tapi manéhna téh getol diajar Firman Allah. Manéhna percaya yén ”sakabéh eusi Kitab Suci téh diilhamkeun ku Allah”. (2 Tim. 3:16) Manéhna diajar naon waé tina Kitab Suci? Manéhna apal yén Isa téh Mésias anu dijangjikeun, sanajan loba pamingpin agama Yahudi harita teu percaya kana pangajaran ieu. Para pamingpin éta ngakuna mah ngajarkeun bebeneran, tapi ari kalakuanana téh dipikageuleuh ku Allah. (Tit. 1:16) Teu jiga para pamingpin Yahudi, Paulus mah teu milih-milih pangajaran naon waé nu bakal manéhna percaya. Manéhna siap nuturkeun jeung ngajarkeun ”sakabéh kahayang Allah”.​—Kis. 20:27.

3. Na sakabéh pananya téh kudu dijawab heula kakara urang yakin kana bebeneran? (Tingali kotak ” Dadamelan jeung Pamikiran Yéhuwa téh ’Teu Tiasa Disebatkeun Bilanganana, ku Seueur-Seueurna’”.)

3 Sababaraha jalma ngarasa kuduna mah agama nu bener téh bisa ngajawab sakabéh pananya, sanajan teu bisa dijawab ku Alkitab. Na éta téh bener? Hayu urang tingali conto Paulus. Manéhna ngajurung dulur-dulur saimanna yén ”sagala hal téh kudu dipastikeun bener henteuna”. (1 Tés. 5:21) Najan kitu, Paulus ngaku aya loba hal nu can dipikaharti. Paulus ngomong, ”Pangaweruh urang teu lengkep . . . nu ditingali ku urang téh samar-samar kawas ningali kana eunteung logam.” (1 Kor. 13:9, 12) Mémang Paulus teu bisa ngarti kana sagala hal, urang gé kitu. Tapi Paulus ngarti kana pangajaran dasar ngeunaan Yéhuwa. Éta téh cukup keur manéhna pikeun yakin nu dipercaya ku manéhna téh bebeneran.

4. Kumaha cara mastikeun na urang téh geus manggihan bebeneran atawa acan, jeung naon ciri-ciri urang Kristen sajati?

4 Salah sahiji cara pikeun mastikeun na urang téh geus manggihan bebeneran atawa acan, nyaéta ku ngabandingkeun cara ibadah nu diajarkeun ku Isa jeung cara ibadah Saksi-Saksi Yéhuwa kiwari. Dina artikel ieu, urang bakal ningali ciri-ciri urang Kristen sajati téh (1) henteu nyembah berhala, (2) ngahargaan ngaran Yéhuwa, (3) cinta kana bebeneran, jeung (4) bener-bener silih pikanyaah.

URANG TEU NYEMBAH BERHALA

5. Naon nu diajarkeun ku Isa ngeunaan ibadah, jeung kumaha urang bisa nuturkeunana?

5 Isa nyaah pisan ka Yéhuwa, jadi waktu di sorga jeung di bumi Isa ngan nyembah ka Anjeunna hungkul. (Luk. 4:8) Kitu gé nu diajarkeun ku Isa ka murid-muridna. Isa jeung para muridna teu pernah ngagunakeun berhala dina ibadahna. Lantaran Allah téh Roh, teu aya jieunan manusa nu bisa ngagambarkeun kamulyaan Yéhuwa. (Yes. 46:5) Terus, kumaha lamun urang nyieun patung santo-santo jeung ngadoa ka maranéhna? Dina hukum nu kadua ti Sapuluh Paréntah, Yéhuwa nyebutkeun, ”Ulah nyieun titironan saniskara anu aya di langit, atawa di bumi . . . ulah nyembah atawa ngabakti ka brahala.” (Bud. 20:4, 5) Jadi, jalma-jalma nu hayang nyenangkeun Yéhuwa teu meunang ngagunakeun berhala pikeun ibadah.

6. Ayeuna Saksi Yéhuwa nuturkeun cara ibadahna saha?

6 Para ahli sajarah méré nyaho yén dina abad kahiji, urang Kristen téh ngan nyembah ka Allah hungkul. Contona, buku History of the Christian Church nyebutkeun yén urang Kristen baheula mah ”geuleuheun” kana ibadah anu ngagunakeun patung. Kiwari, Saksi-Saksi Yéhuwa nuturkeun conto ti urang Kristen dina abad kahiji. Urang teu ngadoa ka patung ”santo-santo” atawa malaikat, malahan urang gé teu ngadoa ka Isa. Urang teu hormat ka bandéra atawa ngalakukeun hal-hal nu nunjukkeun urang téh ngabakti ka nagara. Urang hayang sabisa-bisana taat ka paréntah Isa anu nyebutkeun, ”Manéh kudu nyembah ka Yéhuwa, Allah manéh.”​—Mat. 4:10.

7. Naon bédana Saksi-Saksi Yéhuwa jeung agama nu séjén?

7 Loba jalma ayeuna mah resep ngadéngékeun para pamingpin garéja nu kasohor. Saking dipuja-pujana, maranéhna nepi ka siga nyembah éta pamingpin. Maranéhna datang ka garéjana, meuli buku-bukuna, jeung méré sumbangan nu gedé pikeun ngadukung para pamingpin éta. Malah, sababaraha jalma percaya pisan kana omonganana. Jigana maranéhna leuwih resep ka para pamingpin éta tibatan ka Isa. Ari umat Allah nu sajati mah teu nuturkeun manusa. Mémang urang ngahargaan jalma-jalma nu mingpin urang, tapi urang mah tetep nuturkeun pangajaran ti Isa nyaéta, ”Maranéh kabéh téh dulur.” (Mat. 23:8-10) Urang teu nyembah ka manusa, boh pamingpin agama boh pamingpin pulitik. Urang gé teu ngadukung kagiatan maranéhna, tapi urang mah tetep nétral jeung misah ti dunya ieu. Jadi, urang Kristen nu sajati mah béda ti kelompok-kelompok nu ngakuna mah Kristen.​—Yah. 18:36.

URANG NGAHARGAAN NGARAN YÉHUWA

Urang Kristen sajati reueus bisa nyaritakeun ngeunaan Yéhuwa (Tingali paragrap 8-10) *

8. Ti mana urang nyaho Yéhuwa téh hayang urang ngamulyakeun ngaran-Na jeung nyaritakeunana ka batur?

8 Dina hiji waktu Isa ngadoa kieu, ”Bapa, mulyakeun nami Bapa.” Yéhuwa téh ngajawab doana ku sora nu tarik ti sorga. Anjeunna jangji bakal ngamulyakeun ngaran-Na. (Yah. 12:28) Salila palayananana di bumi, Isa gé terus ngamulyakeun ngaran Bapana. (Yah. 17:26) Jadi, urang Kristen anu sajati ogé pasti reueus ngagunakeun ngaran Allah jeung nyaritakeunana ka batur.

9. Naon buktina urang Kristen dina abad kahiji téh ngahargaan ngaran Allah?

9 Dina abad kahiji, teu lila sanggeus sidang Kristen diadegkeun, Yéhuwa mulai ”merhatikeun bangsa-bangsa supaya bisa milih sababaraha ti antara maranéhna pikeun jadi umat nu nyandang ngaran-Na”. (Kis. 15:14) Urang Kristen dina abad kahiji téh reueus pisan bisa ngagunakeun ngaran Allah jeung nyaritakeunana ka batur. Maranéhna ngagunakeun ngaran Allah dina palayanan jeung dina tulisan-tulisanana. * Maranéhna ngabuktikeun yén ngan maranéhna umat nu nyandang ngaran Allah.​—Kis. 2:14, 21.

10. Naon buktina ngan Saksi-Saksi Yéhuwa nu ngenalkeun ngaran Yéhuwa?

10 Na Saksi-Saksi Yéhuwa téh umat nu nyandang ngaran Allah? Pék perhatikeun bukti-buktina. Kiwari, para pamingpin agama bébéakan nyumputkeun ngaran Allah. Maranéhna geus ngaleungitkeun ngaran Allah ti tarjamahan-tarjamahan Alkitab. Malahan, maranéhna gé ngalarang jalma-jalma pikeun ngagunakeun ngaran Allah dina ibadah. * Jadi jelas pisan, ngan Saksi-Saksi Yéhuwa nu ngahargaan ngaran Allah. Teu siga kelompok agama séjén, urang mah hayang ngenalkeun ngaran Allah. Urang sabisa-bisana hirup sajalan jeung ngaran urang, nyaéta Saksi-Saksi Yéhuwa. (Yes. 43:10-12) Urang geus nyitak leuwih ti 240 juta Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar. Alkitab éta ngamunculkeun deui ngaran Yéhuwa nu dileungitkeun ku panarjamah-panarjamah séjén. Urang gé nerbitkeun publikasi-publikasi nu ngagunakeun ngaran Yéhuwa dina leuwih ti 1.000 basa!

URANG CINTA KANA BEBENERAN

11. Kumaha urang Kristen nu mimiti katémbong yén maranéhna téh cinta kana bebeneran?

11 Isa téh cinta kana bebeneran, boh bebeneran ngeunaan Allah boh ngeunaan tujuana-Na. Cara hirup Isa némbongkeun manéhna téh percaya kana éta bebeneran. Manéhna gé nguarkeun éta bebeneran ka batur. (Yah. 18:37) Murid-murid Isa baheula gé cinta pisan kana bebeneran. (Yah. 4:23, 24) Malah, Rasul Pétrus nyebutkeun yén cara hirup urang Kristen téh nyaéta ”jalan nu bener”. (2 Pét. 2:2) Ku karana cintana kana bebeneran, urang Kristen nu mimiti embung nuturkeun pangajaran agama, adat kabiasaan, atawa pamikiran jelema-jelema nu teu sajalan jeung bebeneran. (Kol. 2:8) Kiwari gé kitu, urang Kristen nu sajati ngusahakeun sakuat tanaga pikeun ”terus aya di jalan nu bener”. Maranéhna mastikeun kapercayaan jeung cara hirupna sajalan jeung Firman Yéhuwa.​—3 Yah. 3, 4.

12. Waktu Badan Pingpinan sadar aya pamahaman nu kaliru naon nu maranéhna lakukeun, jeung ku naon?

12 Umat Allah kiwari teu pernah ngomong yén maranéhna téh bener-bener paham kana bebeneran. Sakapeung, maranéhna gé bisa salah dina méré pituduh jeung ngajelaskeun pangajaran Alkitab. Tapi urang teu kudu héran, Alkitab ngajelaskeun pamahaman umat Allah téh beuki lila bakal beuki jelas. (Kol. 1:9, 10) Cara Yéhuwa nyingkabkeun bebeneran téh teu langsung sakaligus. Jadi, urang kudu sabar ngadagoan nepi ka caang bebeneran téh beuki ngagebray. (Sil. 4:18) Waktu Badan Pingpinan sadar aya pamahaman nu kaliru, maranéhna langsung nyieun parobahan. Ari garéja-garéja mah nyieun parobahan téh ngan pédah hayang dipikaresep ku umatna atawa hayang leuwih kasohor deui. Tapi parobahan nu dijieun ku organisasi Yéhuwa mah supaya bisa ngadeukeutkeun urang jeung Allah sarta mulihkeun deui cara ibadah nu Isa ajarkeun. (Yak. 4:4) Parobahan nu dijieun téh teu ngan saukur nuturkeun tren atawa kahayang jalma-jalma, tapi supaya urang leuwih paham kana Alkitab. Urang cinta kana bebeneran!​—1 Tés. 2:3, 4.

BENER-BENER SILIH PIKANYAAH

13. Sipat naon nu pangpentingna nu kudu ditémbongkeun ku urang Kristen, jeung kiwari kumaha Saksi-Saksi Yéhuwa némbongkeun sipat éta?

13 Urang Kristen dina abad kahiji dikenal boga loba sipat hadé. Tapi, nu pangpentingna mah maranéhna kudu dikenal ku sipat kanyaah. Isa nyebutkeun, ”Kabéh jalma bakal nyaho maranéh téh murid urang lamun maranéh silih pikanyaah.” (Yah. 13:34, 35) Kiwari, Saksi-Saksi Yéhuwa di sakuliah dunya ngarasakeun sorangan yén maranéhna téh bener-bener ngahiji jeung silih pikanyaah. Teu siga agama-agama séjén, urang mah akrab jiga kulawarga sanajan asalna ti rupa-rupa suku, bangsa, jeung budaya. Kanyaah éta katémbong dina pasamoan jeung kongrés-kongrés. Bukti-bukti éta ngayakinkeun urang yén cara ibadah urang téh nyenangkeun Yéhuwa.

14. Dumasar Kolose 3:12-14, kumaha carana silih pikanyaah?

14 Kitab Suci ngajurung urang pikeun ”bener-bener silih pikanyaah”. (1 Pét. 4:8) Salah sahiji carana téh nyaéta silih hampura jeung sabar kana kalemahan batur. Urang gé hayang murah haté jeung bageur ka sadérék-sadérék di sidang, kaasup ka anu pikakeuheuleun. (Baca Kolose 3:12-14.) Kanyaah jiga kitu téh ciri ti urang Kristen sajati.

”HIJI IMAN”

15. Dina hal naon deui urang nuturkeun sidang Kristen dina abad kahiji?

15 Urang nuturkeun cara ibadah jeung pangaturan séjénna ti sidang Kristen dina abad kahiji. Misalna sarua siga baheula, dina organisasi urang téh aya pangawas kuriling, kokolot, jeung palayan sidang. (Flp. 1:1; Tit. 1:5) Siga sidang Kristen abad kahiji, urang nuturkeun patokan hirup ngeunaan séks, perkawinan, jeung getih. Urang gé ngalindungan sidang ti jalma-jalma dosa nu embung tobat.​—Kis. 15:28, 29; 1 Kor. 5:11-13; 6:9, 10; Ibr. 13:4.

16. Urang bisa diajar naon tina Éfésus 4:4-6?

16 Isa ngomong yén bakal aya loba jalma nu ngaku-ngaku sabagé muridna. (Mat. 7:21-23) Kitab Suci gé méré nyaho yén dina ahir jaman bakal aya loba jalma nu katingalina ”siga jalma soléh”. (2 Tim. 3:1, 5) Tapi, Alkitab ngajelaskeun ngan aya ”hiji iman”, atawa hiji agama, nu ditarima ku Allah.​—Baca Éfésus 4:4-6.

17. Kiwari, saha nu ngajalankeun agama nu bener?

17 Kiwari, saha nu ngajalankeun agama nu bener? Urang geus ngabahas bukti-buktina. Urang gé geus ningali cara ibadah nu diajarkeun ku Isa jeung nu dijalankeun ku urang Kristen dina abad kahiji. Jadi urang nyaho jawabanana téh ngan hiji, nyaéta Saksi-Saksi Yéhuwa. Urang pasti bungah pisan bisa jadi salah sahiji umat Yéhuwa! Urang gé bungah bisa ngarti kana bebeneran ngeunaan Yéhuwa jeung tujuana-Na. Mugia urang bisa terus yakin jeung nyekel pageuh ieu bebeneran.

KAWIH 3 Harepan tur Kakuatan Abdi

^ par. 5 Dina artikel ieu, urang bakal ngabahas siga kumaha ibadah sajati nu diajarkeun ku Isa, jeung kumaha murid-muridna ngajalankeunana. Urang ogé bakal ningali bukti-buktina yén kiwari, Saksi-Saksi Yéhuwa téh nuturkeun cara ibadah éta.

^ par. 9 Tingali kotak ”Apakah Orang Kristen Masa Awal Menggunakan Nama Allah?” dina Menara Pengawal 1 Juli 2010, kaca 6.

^ par. 10 Contona dina taun 2008, Paus Benedict XVI ngalarang ngaran Allah ”digunakeun jeung disebutkeun” dina ibadah, lagu, jeung doa-doa urang Katolik.

^ par. 63 KATERANGAN GAMBAR: Organisasi Yéhuwa geus nerbitkeun Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar dina leuwih ti 200 basa, jadi jalma-jalma bisa maca Alkitab nu aya ngaran Allah dina basana sorangan.