Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Kuatkeun Deui Hubungan Sadérék jeung Yéhuwa

Kuatkeun Deui Hubungan Sadérék jeung Yéhuwa

UNGGAL taun, loba domba Yéhuwa anu balik deui ka sidang Kristen. Mun aya hiji jalma anu balik deui, pasti ’sorga bakal bungah pisan’! (Luk. 15:7, 10) Lamun Sadérék geus balik deui ka sidang, sing yakin yén Yéhuwa, Isa, jeung para malaikat pasti resep pisan lantaran Sadérék geus nyepeng deui bebeneran. Tapi waktu Sadérék ngupayakeun ngaraket deui ka Yéhuwa, bisa jadi Sadérék nyanghareupan tangtangan. Naon tangtanganana téh? Jeung, naon nu bisa ngabantu Sadérék?

NAON TANGTANGANANA TÉH?

Loba sadérék nu masih kénéh leutik haté, sanajan geus balik deui ka sidang. Bisa jadi, parasaanana téh sarua siga Raja Daud. Sanajan manéhna geus dihampura ku Yéhuwa, tapi manéhna ngomong, ”Abdi dikurubut ku dosa sorangan.” (Jab. 40:13; 65:4) Sanajan saurang jalma geus balik deui ka Yéhuwa, bisa jadi aya nu nepi ka mangtaun-taun masih kénéh rumasa salah jeung ngarasa éra. Isabelle * pernah dipecat salila 20 taun leuwih. Manéhna nyarita kieu, ”Abdi asa teu yakin Yéhuwa téh daék ngahampura abdi.” Lamun Sadérék terus leutik haté, karohanian Sadérék bisa lemah deui. (Sil. 24:10) Ulah nepi ka éta kaalaman ku Sadérék.

Aya ogé nu ngarasa teu sanggup, ku lantaran pikeun ngaraket deui ka Yéhuwa téh loba nu kudu dilakukeun. Sadérék Antoine nu geus balik deui ka Yéhuwa nyarita kieu, ”Abdi geus poho jadi Saksi Yéhuwa téh kudu kumaha.” Parasaan jiga kitu nyababkeun sababaraha jalma jadi asa-asa pikeun ngalakukeun kagiatan rohani.

Upamana, aya imah anu ruksak parah katarajang ku angin ribut. Nu boga imahna meureun ngarasa teu sanggup lantaran aya loba nu kudu dioméan, jeung éta téh butuh waktu. Sarua ogé, mun hubungan Sadérék jeung Yéhuwa ruksak, Sadérék kudu bener-bener ngaraket deui ka Yéhuwa. Aya nu bisa ngabantu Sadérék.

Yéhuwa ngajak urang pikeun ngaréngsékeun masalah urang. Anjeunna ngomong, ”Hayu urang padukeun.” (Yes. 1:18) Sadérék téh geus bajoang pikeun ngaréngsékeun masalah Sadérék. Jadi, Yéhuwa pasti nyaah ka Sadérék. Pék pikirkeun: Ayeuna, Sadérék téh geus balik deui. Ku kituna, Yéhuwa bisa ngagunakeun tuladan Sadérék pikeun ngabuktikeun yén Sétan téh tukang bohong.​—Sil. 27:11.

Lantaran geus balik deui, Sadérék téh geus ngupayakeun pikeun ngaraket deui ka Anjeunna. Anjeunna gé jangji bakal ngaraket ka Sadérék. (Yak. 4:8) Salian ti éta, dulur-dulur di sidang ogé pasti resep ningali Sadérék balik deui. Tapi, aya nu leuwih penting. Sadérék kudu ngupayakeun supaya leuwih nyaah ka Bapa jeung sobat Sadérék, nyaéta Yéhuwa. Kumaha carana?

TETEPKEUN TUJUAN ANU ASUP AKAL

Pék jieun tujuan anu asup akal. Sadérék meureun inget kénéh kana pangajaran dasar ngeunaan Yéhuwa jeung jangji-Na ngeunaan bumi pirdaus. Tapi, éta hungkul teu cukup. Sadérék perlu ngajalankeun deui kagiatan rohani, jiga ngawawar, masamoan, sarta sering campur gaul jeung dulur saiman. Tingali sababaraha tujuan nu bisa Sadérék tetepkeun.

Sing sering ngadoa ka Yéhuwa. Meureun, Sadérék teterusan rumasa salah jeung ngarasa teu pantes pikeun ngadoa ka Yéhuwa. Yéhuwa téh ngarti kana parasaan Sadérék. (Rm. 8:26) Tapi ”tong eureun ngadoa”, ungkabkeun yén Sadérék téh hayang nyobat deui jeung Anjeunna. (Rm. 12:12) Andre nyarita kieu, ”Abdi téh teterusan rumasa salah jeung ngarasa éra. Tapi unggal bérés ngadoa, haté téh asa jadi leuwih plong. Abdi gé jadi leuwih tenang.” Lamun Sadérék teu nyaho naon nu kudu didoakeun, Sadérék bisa ningali doa Raja Daud nu geus tobat, nu dicatet dina Jabur 51 jeung 65.

Sing rutin palajaran pribadi. Palajaran pribadi bisa nguatkeun iman jeung kanyaah Sadérék ka Yéhuwa. (Jab. 19:8-12) Ceuk Felipe, ”Abdi jadi lemah sacara rohani nepi ka nguciwakeun Yéhuwa téh lantaran baheula palajaran pribadi abdi belang-bentong. Abdi embung nguciwakeun Yéhuwa deui. Jadi ayeuna, abdi rutin palajaran pribadi.” Sadérék gé bisa ngalakukeun nu sarua. Lamun Sadérék butuh bantuan pikeun milih topik keur palajaran pribadi, Sadérék bisa tatanya ka dulur saiman nu kuat karohanianana.

Pék ngaraket deui ka dulur-dulur saiman. Jalma-jalma nu balik téh deui sok ngarasa hariwang, kumaha mun batur mikir nu henteu-henteu ngeunaan manéhna. Larissa nyarita kieu, ”Abdi téh éra pisan, asa geus nguciwakeun dulur-dulur saiman. Parasaan kitu téh terus aya dina jero haté abdi.” Sing yakin, para kokolot jeung dulur-dulur saiman téh resep ngabantu Sadérék pikeun ngaraket deui ka Yéhuwa. (Tingali kotak ” Naon nu Bisa Dilakukeun ku Para Kokolot?”) Maranéhna bungah ningali Sadérék geus balik deui ka Yéhuwa. Maranéhna gé hayang Sadérék ngarasa bungah.​—Sil. 17:17.

Kumaha carana supaya Sadérék bisa akrab jeung sadérék-sadérék di sidang? Terus masamoan sarta dines bareng jeung maranéhna. Naon mangpaatna? Ceuk Felix, ”Sadérék-sadérék di sidang téh ngadago-dago abdi pikeun balik deui ka Yéhuwa. Abdi ngarasa dipikanyaah. Maranéhna hayang abdi ngarasa jadi bagian ti sidang deui, ngarasa yakin geus dihampura ku Yéhuwa, jeung bisa satia ngawula Anjeunna.”​—Tingali kotak ” Naon nu Bisa Dilakukeun ku Sadérék?

ULAH NYERAH!

Waktu Sadérék rék nguatkeun deui hubungan Sadérék jeung Yéhuwa, Sétan téh bakal terus ngahalang-halang Sadérék ku ”angin ribut”. (Luk. 4:13) Jadi ayeuna, terus kuatkeun hubungan Sadérék jeung Yéhuwa.

Yéhuwa jangji ka domba-domba-Na, ”Anu leungit ku Kami rek diteangan, anu nyasab rek dibawa deui balik, anu raheut rek dibeberan, anu gering rek diubaran.” (Yeh. 34:16) Yéhuwa geus ngabantu loba jalma pikeun ngaraket deui ka Anjeunna. Sing yakin, Anjeunna gé hayang ngabantu Sadérék supaya boga hubungan nu leuwih kuat deui jeung Anjeunna.

^ par. 4 Sababaraha ngaran dina artikel ieu geus diganti.