Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

1921—Saratus Taun Ka Tukang

1921—Saratus Taun Ka Tukang

MAJALAH Watch Tower 1 Januari 1921 nulis kieu, ”Aya pagawéan naon nu kudu urang lakukeun dina taun ieu?” Kekecapan ieu téh hususna ditepikeun keur Siswa-Siswa Alkitab. Jawabanana ngutip Yesaya 61:1, 2, nu ngingetkeun maranéhna pikeun ngawawar. Di ditu disebutkeun, ”Kaula ku Mantenna dipilih, diutus, pikeun nepikeun beja alus ka nu [lembut haté] . . . , kaula dipiwarang ngembarkeun, yen geus cunduk waktuna, PANGERAN bakal ngajait umat-Na, ngelehkeun musuh-musuh-Na.”

PAWARTA NU WANI

Pikeun ngawawar, Siswa-Siswa Alkitab téh kudu boga kawani. Maranéhna teu ngan nepikeun ”beja alus” ka jalma-jalma anu lembut haté, tapi ogé kudu ngémbarkeun ka jalma-jalma jahat ngeunaan poé di mana Yéhuwa bakal ”ngelehkeun musuh-musuhna”.

Sadérék  J. H. Hoskin, nu cicing di Kanada, meni wanian ngawawar sanajan loba nu nentang. Dina awal taun 1921, manéhna panggih jeung penginjil Metodis. Mimitina Sadérék Hoskin ngomong kieu, ”Pasti resep nya mun urang ngabahas Alkitab. Teu nanaon mun urang téh boga pandangan nu béda, tapi sanggeus ngabahas urang bisa tetep rukun.” Hanjakalna, kajadianana teu kitu. Sadérék Hoskin nyarita kieu, ”Karék gé ngobrol sababaraha menit. Brag! Panto téh digebragkeun ku manéhna, nepi ka kacana téréh peupeus.”

Penginjil éta ngagorowok, ”Geus wé manéh ngobrol jeung jalma nu lain Kristen!” Sadérék Hoskin teu némbalan, tapi dina jero haténa mah manéhna mikir, ’Pan abdi téh keur ngobrol jeung salah sahijina.’

Isukanana basa penginjil éta hutbah di garéjana, manéhna ngagogoréng Sadérék Hoskin deui. Sadérék Hoskin nyarita, ”Penginjil éta méré nyaho jamaahna yén abdi téh tukang bohong di kota ieu jeung kudu dipaéhan”. Tapi, Sadérék Hoskin teu eureun ngawawar sarta terus ngabahas Alkitab jeung jalma-jalma. Manéhna ngomong, ”Abdi resep pisan ngawawar di kota ieu. Malahan mah aya sababaraha jalma nu ngomong, ’Urang apal manéh téh palayan Allah!’ tuluy maranéhna méré barang-barang nu dibutuhkeun ku abdi.”

PALAJARAN PRIBADI JEUNG PALAJARAN KULAWARGA

Para Siswa Alkitab téh hayang ngabantu batur supaya leuwih ngarti kana Alkitab. Jadi dina majalah The Golden Age, * maranéhna nerbitkeun bagian nu eusina téh pananya-pananya nu bisa dibahas ku kolot jeung barudakna. Para kolot bisa ”macakeun pananya ka barudakna jeung mantuan maranéhna néangan jawabanana tina Alkitab.” Aya pananya-pananya ngeunaan Alkitab jiga, ”Aya sabaraha jumlah buku dina Alkitab?” Aya ogé pananya nu ngalatih maranéhna jadi pawarta anu wani jiga, ”Na unggal urang Kristen téh bakal dikaniaya?”

Aya ogé bagian keur para Siswa Alkitab nu geus leuwih paham kana Alkitab. Dina bagian éta, aya pananya jeung jawaban nu dikutip tina buku Studies in the Scriptures nu kahiji. Aya rébuan jalma nu meunang mangpaat tina bagian ieu. Tapi majalah The Golden Age 21 Désémber 1921 nyebutkeun dua bagian ieu téh moal aya deui. Ku naon?

BUKU ANYAR!

Buku The Harp of God

Pembatas buku nu aya jadwal macana

Kartu nu eusina pananya-pananya

Sadérék-sadérék nu boga tanggung jawab di organisasi sadar yén palajar Alkitab nu anyar téh kudu paham heula kana pangajaran dasar Alkitab. Jadi, dina bulan Nopémber 1921, maranéhna nerbitkeun buku The Harp of God. Jalma-jalma nu minat jeung daék narima buku ieu bisa diajar sorangan. Buku ieu ngabantu maranéhna diajar ngeunaan ”tujuan Allah keur manusa, nyaéta hirup langgeng.” Kumaha cara diajarna?

Lamun saurang jalma geus narima bukuna, manéhna bakal dibéré kartu nu eusina jadwal maca buku éta. Minggu hareupna deui, manéhna bakal dibéré kartu nu eusina pananya ngeunaan naon waé nu geus dibaca jeung jadwal maca keur minggu hareupna deui.

Kartu ieu bakal dikirimkeun liwat surat salila 12 minggu. Seringna, nu ngirimkeun téh sadérék-sadérék nu sepuh atawa nu kaayaanana kawates ti sidang nu pangdeukeutna. Contona, Anna K. Gardner ti Millvale, Pennsylvania, Amerika Serikat, nyaritakeun, ”Waktu buku The Harp of God diterbitkeun, lanceuk abdi Thayle, nu hésé leumpang, jadi boga leuwih loba kagiatan. Manéhna jadi bisa ngirimkeun kartu-kartu éta.” Waktu palajar geus bérés maca bukuna sorangan, saurang sadérék bakal ngadatangan manéhna pikeun ngabahas leuwih loba ngeunaan Alkitab.

Thayle Gardner diuk dina korsi roda

PAGAWÉAN NU KUDU DILAKUKEUN

Dina ahir taun, Sadérék J. F. Rutherford ngirimkeun surat ka sidang-sidang. Manéhna nulis yén ”dina taun ieu pawarta ti Pamaréntahan Allah geus mantuan leuwih loba jalma tibatan taun-taun saacanna.” Manéhna gé nambahkeun, ”Aya loba kénéh nu kudu digawékeun. Jadi, hayu urang sumangetan nu séjén pikeun miluan kagiatan ieu.” Para Siswa Alkitab nuturkeun saran ieu. Kabukti dina taun 1922, maranéhna jadi leuwih wani nguarkeun warta ngeunaan Pamaréntahan Allah tibatan saacanna.

^ par. 9 The Golden Age ganti ngaran jadi Consolation taun 1937 tuluy jadi Awake! taun 1946.