Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Pangalaman Hirup

Néang-Néang Tujuan Hirup

Néang-Néang Tujuan Hirup

WAKTU abdi aya di tengah-tengah Laut Mediterania, abdi reuwas ningali parahu abdi nu geus kolot téh balocor, terus geus aya loba pisan cai nu asup ka parahu. Geus kitu aya angin ribut deuih. Abdi sieun pisan, jeung éta mimitina abdi ngadoa deui sanggeus mangtaun-mangtaun teu ngadoa. Kumaha bisa nepi ka kitu? Hayu abdi caritakeun mimitina.

Waktu abdi umur tujuh taun, kulawarga abdi cicing di Brasil

Abdi lahir di Belanda taun 1948. Sataun sanggeusna, kulawarga abdi pindah ka São Paulo, Brasil. Kolot abdi téh meni getol datang ka garéja. Kulawarga abdi biasana sok maca Alkitab babarengan sanggeus dahar peuting. Dina taun 1959, kulawarga abdi pindah deui ka Amerika Serikat ka daérah Massachusetts.

Si Bapa téh digawé banting tulang pikeun ngurus kulawarga nu jumlahna aya dalapan urang. Si Bapa téh pernah digawé sabagé sales, tukang ngabangun jalan, jeung jadi sales di penerbangan internasional. Urang sakulawarga resep waktu si Bapa jadi sales di penerbangan, ku sabab urang jadi bisa sering iinditan.

Pas sakola kénéh abdi téh sok mikirkeun, ’Engké pas gedé, abdi rék jadi naon nya?’ Babaturan abdi mah aya nu rék kuliah, aya ogé nu rék asup ka militér. Tapi ari abdi mah embung asup ka militér, da teu resep ribut jeung batur, komo deui gelut. Jadi supaya teu asup ka militér, abdi mutuskeun pikeun kuliah. Tapi sabenerna dina jero haté mah, abdi hayang bisa nulungan batur, jigana hirup abdi bakal puas mun bisa kitu.

KAHIRUPAN DI KAMPUS

Salila mangtaun-taun, abdi néangan tujuan hirup

Di kampus, abdi asup ka jurusan antropologi ku sabab abdi téh panasaran kana asal-usul kahirupan. Di ditu urang diajarkeun évolusi. Para dosén hayang urang percaya kana hal éta. Tapi keur abdi mah, éta téh teu asup akal jeung euweuh bukti-bukti ilmiahna.

Di kelas, urang teu diajarkeun cara hirup nu bener, tapi kalah ka diajarkeun pikeun ngalakukeun sagala cara supaya meunang nilai nu alus. Abdi jeung babaturan sok ngumpul-ngumpul sarta maké obat-obatan. Nya mémang mimitina mah bagja, tapi éta téh ngan sakeudeung. Abdi jadi mikir, ’Abdi téh puas kitu hirup jiga kieu?’

Ka dieunakeun, abdi pindah ka kota Boston jeung neruskeun kuliah di ditu. Supaya bisa ngabiayaan kuliah, abdi sok digawé waktu liburan. Di tempat gawé, abdi mimiti panggih jeung saurang Saksi Yéhuwa. Batur gawé abdi nyaritakeun nubuat ngeunaan ”tujuh mangsa” nu dicatet dina Daniel pasal 4, tuluy manéhna ngajelaskeun yén urang téh eukeur hirup di ahir jaman. (Dan. 4:13-17, Terjemahan Dunia Baru) Abdi langsung sadar lamun abdi teterusan ngabahas Alkitab jeung manéhna, abdi kudu ngarobah cara hirup abdi. Jadi abdi sabisa-bisa ngajauhan manéhna.

Pas keur kuliah, abdi miluan kelas pikeun nyiapkeun diri supaya bisa jadi rélawan di Amerika Selatan. Sugan téh lamun miluan kagiatan sosial jiga kitu, abdi bakal manggihan tujuan hirup. Tapi geuning, abdi kalah ka jadi beuki bingung kana tujuan hirup abdi. Tungtungna abdi kuciwa jeung eureun kuliah.

NÉANGAN TUJUAN HIRUP NEPI KA NAGRI-NAGRI NU JAUH

Dina bulan Méi 1970, abdi pindah ka Amsterdam. Di ditu, abdi digawé di penerbangan nu sarua jiga si Bapa baheula. Abdi jadi bisa iinditan ka nagri-nagri di Afrika, Amerika, Eropa, jeung Asia. Teu lila abdi sadar, unggal nagri nu didatangan téh boga masalahna masing-masing jeung euweuh nu bisa ngaréngsékeunana. Basa éta, kahayang abdi pikeun ngalakukeun kahadéan jadi ngagedur deui. Ku kituna abdi balik ka kota Boston, Amerika Serikat, pikeun kuliah deui di kampus nu baheula.

Pas kuliah deui, abdi masih kénéh can manggihan tujuan hirup. Tapi abdi bingung kudu kumaha. Jadi abdi nanya ka propésor antropologi abdi. Nyaho teu propésorna ngomong naon? Ceuk propésor abdi, ”Jang naon manéh kuliah deui? Geus wéh eureun.” Ti dinya abdi langsung eureun kuliah jeung teu balik-balik deui.

Abdi ngarasa kahirupan abdi téh masih euweuh kénéh tujuanana. Jadi abdi ngagabung jeung hiji pakumpulan nu ngaranna flower-power. Maranéhna ngajungjung karukunan jeung cinta. Abdi jeung babaturan ngurilingan Amerika Serikat jeung ahirna eureun di Acapulco, Meksiko. Abdi cicing jeung hiji pakumpulan hippie nu katingalina téh bébas jeung euweuh masalah. Tapi basa cicing jeung maranéhna, abdi bisa ningali yén kahirupan maranéhna téh euweuh tujuanana jeung teu bener-bener bagja. Malah kaciri yén maranéhna téh teu jujur jeung teu bisa dipercaya.

NÉANGAN TUJUAN HIRUP NEPI KA BALAYAR

Abdi jeung babaturan néangan pulo nu éndah

Harita, abdi jadi mikirkeun deui kahayang abdi pas keur leutik kénéh. Abdi téh hayang balayar ka tempat-tempat séjén, tapi embung jadi palaut, hayangna jadi kaptén. Jadi hiji-hijina cara téh nyaéta abdi kudu boga parahu sorangan. Kabeneran aya babaturan abdi nu boga kahayang nu sarua, ngaranna Tom. Jadi, urang duaan nyieun rencana pikeun balayar bareng. Abdi hayang néangan pulo tropis nu éndah pisan supaya bisa bébas ti aturan masarakat.

Abdi jeung Tom indit ka Arenys de Mar, deukeut Barcelona, di Spanyol. Di ditu urang meuli parahu nu panjangna 9,4 méter, nu ngaranna Llygra. Urang mulai ngoméan layarna supaya bisa balayar. Ku lantaran urang mah teu perlu buru-buru, jadi ku urang mesinna dicabut supaya bisa neundeun leuwih loba cai inum. Urang gé boga dua dayung nu masing-masing panjangna 5 méter supaya bisa tetep gerak di palabuhan nu leutik. Ahirna urang mutuskeun pikeun balayar ka Seychelles, di Samudra Hindia. Rencanana urang rék mapay basisir di Afrika beulah kulon, terus ngurilingan Cape of Good Hope di Afrika Selatan. Urang ningali béntang, peta, buku, jeung alat-alat pikeun nangtukeun arah parahu urang. Abdi tajub pisan, urang bisa nyaho posisi urang ku alat-alat éta!

Teu lila urang duaan sadar, parahu nu geus kolot ieu téh moal kuat dipaké balayar ka samudra deui. Unggal jam aya 22 liter cai nu asup ka parahu! Jiga nu ku abdi dicaritakeun mimiti, harita aya angin ribut nu narajang. Abdi sieun pisan jeung ngadoa ka Allah. Éta téh mimitina deui abdi ngadoa sanggeus sababaraha taun. Abdi jangji ka Allah, lamun urang salamet, abdi bakal diajar leuwih loba ngeunaan Anjeunna. Ahirna angin ribut éta eureun, jeung abdi nedunan jangji abdi.

Abdi mulai maca Alkitab basa keur aya di laut. Cik bayangkeun, abdi aya di tengah-tengah Laut Mediterania, dikurilingan ku lauk torani, lumba-lumba, jeung ningali cakrawala nu euweuh tungtungna. Pas peuting abdi ningali galaksi Bima Sakti nu luar biasa pisan. Abdi jadi beuki yakin yén sabenerna aya Allah nu nyaah ka manusa.

Sanggeus sababaraha minggu balayar, ahirna urang balabuh di Alicante, Spanyol. Di ditu urang téh rék ngajual parahuna supaya bisa meuli nu leuwih alus. Tapi henteu payu-payu da parahuna téh geus kolot, euweuh mesinna, jeung balocor. Tapi untungna, abdi jadi boga waktu pikeun maca Alkitab.

Waktu geus beuki loba maca Alkitab, abdi kakara engeuh, Alkitab téh buku nu bisa ngabantu urang boga kahirupan nu bagja. Abdi tajub pisan waktu maca naséhat-naséhat Alkitab ngeunaan cara hirup nu bersih jeung bener. Abdi jadi mikir, ’Ku naon nya aya loba jalma, kaasup abdi sorangan, nu ngakuna mah Kristen tapi teu ngajalankeun naon nu sakuduna urang Kristen lakukeun?’

Abdi hayang pisan menerkeun kahirupan abdi. Jadi abdi eureun maké obat-obatan. Tapi abdi jadi mikir, ’Pasti aya jalma-jalma nu hirupna nuturkeun naséhat tina Alkitab.’ Abdi hayang pisan panggih jeung maranéhna. Jadi abdi ngadoa keur kadua kalina, ménta supaya Allah mantuan abdi pikeun panggih jeung maranéhna.

NÉANGAN AGAMA NU BENER

Abdi néangan agama nu bener ku cara mariksa unggal agama hiji-hiji. Waktu keur leumpang di Alicante, abdi manggihan aya loba tempat ibadah. Tapi kalolobaan mah aya patung-patung. Jadi waktu ningali patung, agamana langsung dicorét ku abdi.

Pas beurang-beurang, poé Minggu, abdi aya di bukit bari ningalian palabuhan. Di ditu abdi keur maca Yakobus 2:1-5 nu ngingetan urang supaya ulah ngabéda-béda jalma lantaran kabeungharanana. Éh waktu rék balik ka parahu, abdi ningali hiji bangunan nu katingalina siga tempat ibadah. Tulisanana téh: ”Balé Karajaan Saksi-Saksi Yéhuwa”.

Dina jero haté abdi ngomong, ’Cik ah, urang tingali jiga kumaha jalma-jalma di dieu téh.’ Jadi abdi datang ka Balé Karajaan. Harita abdi teu maké sapatu, janggotan, jeung maké calana jeans nu saroék. Pas asup, abdi dianteur pikeun diuk di gigireun saurang awéwé sepuh. Salila ngadéngékeun hutbah, manéhna téh mantuan abdi pikeun néangan ayat-ayat dina Alkitab. Abdi teu nyangka jalma-jalma di dieu téh balalageur jeung daék nyambut abdi. Sanggeus bérés masamoan, aya saurang lalaki nu ngajak abdi ka imahna pikeun ngabahas Alkitab. Tapi basa éta téh abdi can bérés maca Alkitab kabéh. Jadi abdi ngomong, ”Engké wé nya dibéjaan lamun abdi geus siap.” Najan kitu, ti saprak harita abdi geus terus datang ka pasamoan.

Sababaraha minggu sanggeusna, abdi datang ka imah lalaki nu tadi pikeun ngabahas Alkitab. Saminggu sanggeusna, manéhna méré abdi sakantong baju nu alus pisan. Manéhna ngabéjaan baju-baju ieu téh milik saurang jalma nu keur dipanjara. Manéhna dipanjara lantaran nuturkeun pituduh Alkitab pikeun nyaah ka sasama jeung teu miluan perang. (Yes. 2:4; Yah. 13:34, 35) Ayeuna abdi yakin geus manggihan naon nu ditéang-téang ku abdi, nyaéta jalma-jalma nu hirupna téh nuturkeun Alkitab. Tujuan abdi geus lain néangan pulo nu éndah deui, tapi abdi rék diajar Alkitab nepi ka bener-bener paham. Jadi abdi balik deui ka Belanda.

NÉANGAN PAGAWÉAN

Sanggeus opat poé, ahirna abdi nepi di kota Groningen di Belanda. Tapi abdi téh butuh pagawéan pikeun nganapkahan diri. Jadi, abdi ngalamar pikeun digawé di toko kayu. Di ditu abdi dibéré formulir jeung kudu ngeusi naon agama abdi. Jadi ku abdi ditulis, ”Saksi-Saksi Yéhuwa.” Pas formulirna dibaca ku bosna, rarayna téh langsung barobah. Ceuk manéhna, ”Engké wé nya dikabaran deui.” Tapi teu pernah dibéré kabar deui.

Jadi abdi ngalamar ka toko kayu séjénna. Bos di ditu ménta abdi nunjukkeun ijazah jeung riwayat kerja. Jadi abdi ngajelaskeun yén baheula abdi pernah digawé ngoméan parahu kayu. Ceuk manéhna, ”Mun kitu, siang ieu manéh langsung digawé nya. Tapi aya hiji saratna, manéh ulah nyieun masalah di toko ieu, lantaran abdi téh Saksi Yéhuwa. Abdi hirup nuturkeun prinsip Alkitab.” Abdi teu nyangka manéhna téh Saksi Yéhuwa. Jadi abdi ngajawab, ”Abdi gé Saksi Yéhuwa!” Tapi, harita abdi téh gondrong jeung janggotan. Jadi manéhna nyaho abdi can jadi Saksi. Ceuk manéhna, ”Mun kitu, daék teu diajar Alkitab jeung abdi?” Abdi narima tawaran manéhna. Ayeuna abdi ngarti, ku naon abdi teu ditarima di toko kayu nu saacanna. Pasti Yéhuwa nu ngabingbing supaya abdi digawé di toko kayu anu ieu. Yéhuwa ngajawab doa abdi. (Jab. 37:4) Abdi digawé di toko kayu sadérék ieu salila sataun. Dina sataun éta abdi diajar Alkitab jeung manéhna. Dina bulan Januari 1974, abdi dibaptis.

AHIRNA, ABDI MANGGIHAN TUJUAN HIRUP!

Sabulan sanggeusna abdi mulai naratas. Meni resep pisan. Sabulan sanggeusna deui, abdi pindah ka Amsterdam pikeun mantuan kelompok basa Spanyol nu kakara diadegkeun. Abdi bungah bisa mandu palajaran Alkitab dina basa Spanyol jeung Portugis! Terus dina bulan Méi 1975, abdi ditugaskeun jadi panaratas istiméwa.

Dina hiji poé aya saurang panaratas istiméwa, nu ngaranna Ineke, datang ka pasamoan basa Spanyol. Manéhna hayang ngenalkeun palajar Alkitabna nu asalna ti Bolivia ka sadérék-sadérék di dieu. Ti saprak harita, abdi jeung Ineke sok kikiriman surat. Ti surat-suratna abdi apal yén manéhna boga cita-cita nu sarua jeung abdi. Jadi, dina taun 1976 urang duaan nikah sarta ngalayanan sabagé panaratas istiméwa nepi ka 1982. Dina taun éta, urang duaan diondang pikeun miluan Sekolah Gilead kelas ka-73. Abdi jeung Ineke reuwas sakaligus bungah waktu ditugaskeun ka Afrika Timur. Urang duaan ngawula di Mombasa, Kenya salila lima taun. Terus dina taun 1987, urang ditugaskeun ka Tanzania. Harita kagiatan Saksi-Saksi Yéhuwa di ditu téh geus teu dilarang deui. Urang ngalayanan di ditu salila 26 taun. Terus urang duaan balik deui ka Kenya.

Abdi jeung pamajikan bungah pisah bisa ngabantu jalma-jalma di Afrika Timur pikeun diajar Alkitab

Hirup urang duaan téh jadi aya hartina lantaran bisa ngabantu jalma-jalma nu rendah haté pikeun diajar Alkitab. Misalna basa abdi ngawawar di Mombasa, abdi panggih jeung lalaki nu ahirna jadi palajar Alkitab abdi nu mimiti. Abdi nawarkeun dua majalah ka manéhna. Ceuk manéhna, ”Sanggeus bérés maca ieu, abdi kudu kumaha?” Jadi minggu hareupna, urang diajar Alkitab maké buku Saudara Dapat Hidup Kekal dalam Firdaus di Bumi nu kakara dipedalkeun dina basa Swahili. Sataun sanggeusna, manéhna dibaptis jeung jadi panaratas biasa. Ti saprak harita, manéhna jeung pamajikanana geus ngabantu ampir 100 jalma pikeun ngabaktikeun diri jeung dibaptis.

Abdi jeung Ineke geus ngarasakeun sorangan kumaha Yéhuwa ngaberkahan umat-Na ku kahirupan nu aya tujuanana

Waktu abdi mulai manggihan tujuan hirup, abdi ngarasa jiga jalma nu manggihan mutiara nu alus pisan jeung embung kaleungitan éta mutiara. (Mat. 13:45-46) Abdi hayang ngagunakeun sakabéh kahirupan abdi pikeun ngabantu jalma-jalma manggihan tujuan hirup. Abdi jeung pamajikan geus ngarasakeun sorangan kumaha Yéhuwa ngaberkahan umat-Na ku kahirupan nu aya tujuanana.