Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 48

”Maranéh Kudu Suci”

”Maranéh Kudu Suci”

”Aranjeun gé kudu suci dina sagala laku lampah aranjeun.”​—1 PÉT. 1:15.

KAWIH 34 Hirup Satia Satuhu

NU DIBAHAS *

1. Naon naséhat Rasul Pétrus ka urang Kristen, jeung ku naon naséhatna asa mustahil dituturkeun?

TEU SUAL urang boga harepan pikeun hirup di sorga atawa di bumi, urang bisa diajar ti naséhat Rasul Pétrus ka urang Kristen nu diistrénan dina abad kahiji. Ceuk Pétrus, ”Nu milih aranjeun téh Allah nu suci, jadi aranjeun gé kudu suci dina sagala laku lampah aranjeun, sabab aya ayat nu nyebutkeun, ’Maranéh kudu suci, sabab Kuring téh suci.’” (1 Pét. 1:15, 16) Kekecapan éta némbongkeun yén urang téh bisa nyonto Pribadi nu pangsucina, nyaéta Yéhuwa. Urang bisa jeung kudu suci dina laku lampah urang. Mémang urang téh teu sampurna, ku kituna pikeun jadi suci téh asa mustahil. Tapi, Pétrus gé sababaraha kali osok nyieun kasalahan. Najan kitu, pangalaman manéhna némbongkeun yén urang téh bisa jadi ”suci”.

2. Naon nu bakal dibahas dina artikel ieu?

2 Dina artikel ieu, urang bakal ngabahas sababaraha pananya: Naon maksudna jadi suci téh? Naon nu diajarkeun Alkitab ngeunaan kasucian Yéhuwa? Kumaha carana supaya urang bisa suci dina laku lampah urang? Naon patalina jadi suci sarta hubungan urang jeung Yéhuwa?

NAON MAKSUDNA JADI SUCI TÉH?

3. Loba jalma nganggap jalma nu suci téh jiga kumaha, tapi ti mana urang bisa ngarti naon maksudna jadi suci?

3 Loba jalma nganggap jalma nu suci téh sabagé jalma nu sok maké baju kaagamaan jeung katingalina tara seuri. Tapi sabenerna henteu kitu. Malah Yéhuwa, Pribadi nu suci, gé disebut sabagé ”Allah nu bagja”. (1 Tim. 1:11) Nu nyembah ka Anjeunna gé disebut jalma nu ”bagja”. (Jab. 144:15) Isa teu resep ka jalma-jalma nu maké baju kaagamaan sarta ngalakukeun nu bener téh ngan pédah hayang katempo ku batur. (Mat. 6:1; Mar. 12:38) Sabagé urang Kristen, urang bisa ngarti naon maksudna jadi suci tina Alkitab. Urang yakin pisan Allah urang nu suci jeung nyaahan teu pernah méré paréntah nu teu bisa dilakukeun. Jadi waktu Yéhuwa méré paréntah, ”Maranéh kudu suci”, ieu téh lain hal nu mustahil dilakukeun. Tapi, urang kudu ngarti heula naon maksudna jadi suci téh.

4. Naon maksudna kecap ”suci” atawa ”kasucian”?

4 Naon maksudna jadi suci téh? Dina Alkitab, kecap ”suci” atawa ”kasucian” biasana ngamaksudkeun bersih jeung murni dina moral jeung agama, tapi ieu gé bisa ngamaksudkeun dipisahkeun pikeun ngawula Allah. Jadi lamun urang hayang dianggap suci, urang téh kudu bersih dina moral, ngalayanan Yéhuwa ku cara nu dipikaresep ku Anjeunna, sarta perlu akrab jeung Anjeunna. Yéhuwa téh Pribadi nu paling suci, tapi Anjeunna daék jadi sobat urang nu teu sampurna. Urang pasti tajub pisan kana sipat Anjeunna.

”SUCI, SUCI, SUCI! SUCI PANGERAN”

5. Urang bisa diajar naon ngeunaan Yéhuwa ti para malaikat nu satia?

5 Yéhuwa téh suci jeung bersih dina sagalana. Urang bisa ngarti kana hal éta ti para Sérafim, nyaéta malaikat nu aya di deukeut tahta Yéhuwa. Maranéhna ngomong, ”Suci, suci, suci! Suci PANGERAN Nu Maha Kawasa!” (Yes. 6:3) Maranéhna bisa akrab jeung Allah nu suci téh ku lantaran maranéhna gé suci. Malahan, waktu saurang malaikat datang ka hiji tempat bari mawa warta ti Yéhuwa, tempat éta téh bisa dianggap suci. Ieu pernah kajadian waktu Musa ningali rungkun cucuk nu ngagedur ku seuneu.​—Bud. 3:2-5; Yos. 5:15.

Aya pelat emas dina bagian hareup sorban imam agung nu diukir, ”Suci kangge PANGERAN” (Tingali artikel palajaran 48, paragrap 6-7)

6-7. (a) Nurutkeun Budalan 15:1, 11, kumaha Musa nandeskeun yén Allah téh suci? (b) Naon nu ngingetan urang Israél yén Allah téh suci? (Tingali gambar dina sampul hareup.)

6 Sanggeus urang Israél ngaliwatan Laut Beureum, Musa nandeskeun ka maranéhna yén Yéhuwa, Allah maranéhna, téh suci. (Baca Budalan 15:1, 11.) Ari cara ibadah urang Mesir jeung urang Kanaan mah bener-bener henteu suci. Maranéhna ngaduruk budakna pikeun dijadikeun kurban sarta ngalampahkeun hal cabul nu pikageuleuheun pisan. (Ima. 18:3, 4, 21-24; Pam. 18:9, 10) Yéhuwa mah teu jiga allah-allah palsu. Anjeunna moal pernah ménta umat-Na pikeun ngalakukeun hal nu pikageuleuheun. Anjeunna téh suci dina sagalana. Supaya urang Israél inget kana hal ieu, dina sorbanna imam agung aya pelat emas nu diukiran: ”Suci kangge PANGERAN”.​—Bud. 28:36-38.

7 Jadi lamun ningali tulisan ieu, urang Israél bakal yakin yén Yéhuwa téh bener-bener suci. Tapi, kumaha mun maranéhna teu bisa deukeut-deukeut jeung imam agung sarta teu bisa ningali tulisan ieu? Na maranéhna jadi teu nyaho yén Yéhuwa téh suci? Maranéhna pasti nyaho, ku sabab kabéh urang Israél pernah ngadéngé hal ieu ti Hukum nu dibacakeun ka lalaki, awéwé, jeung barudak. (Pam. 31:9-12) Lamun Sadérék aya di ditu, pasti Sadérék pernah ngadéngé kekecapan ieu, ”Kami PANGERAN Allah maraneh teh suci . . . jadi maraneh oge kudu suci.” ”Maraneh kudu mulus kalakuan, . . . sabab Kami teh PANGERAN, sarta Kami teh suci.”​—Ima. 11:44, 45; 20:7, 26.

8. Urang bisa diajar naon tina Imamat 19:2 jeung 1 Pétrus 1:14-16?

8 Hayu urang bahas paréntah nu dicatet dina Imamat 19:2, nu dibacakeun ka kabéh urang Israél. Yéhuwa nitah Musa nepikeun paréntah ieu, ”Pikeun sakumna urang Israil, ’Kudu beresih lampah. Sabab Kami PANGERAN Allah maraneh, suci.’” Katingalina, Pétrus ngutip ayat ieu waktu manéhna méré naséhat ka urang Kristen pikeun jadi ”suci”. (Baca 1 Pétrus 1:14-16.) Mémang ayeuna urang teu nuturkeun Hukum Musa, tapi kekecapan Pétrus téh nandeskeun pentingna kekecapan dina Imamat 19:2. Urang bisa diajar yén Yéhuwa téh suci, jeung saha waé nu nyaah ka Anjeunna kudu upaya pikeun jadi suci. Teu sual urang boga harepan pikeun hirup di sorga atawa di bumi, urang kudu ngupayakeunana.​—1 Pét. 1:4; 2 Pét. 3:13.

”KUDU SUCI DINA SAGALA LAKU LAMPAH ARANJEUN”

9. Ku naon urang bisa meunang mangpaat lamun ngabahas Imamat pasal 19?

9 Urang pasti hayang nyenangkeun Allah urang nu suci, jadi urang gé hayang sabisa-bisa pikeun jadi suci. Yéhuwa méré nyaho urang sababaraha carana. Salah sahijina dicatet dina Imamat pasal 19. Marcus Kalisch saurang ahli dina Basa Ibrani nulis kieu, ”Katingalina ieu téh pasal nu pangpentingna dina buku Imamat jeung dina lima buku mimiti nu aya dina Alkitab.” Jadi, hayu urang bahas sababaraha ayat dina Imamat pasal 19 nu bisa dilarapkeun dina kahirupan sapopoé. Bari ngabahasna, pikirkeun ogé kekecapan nu aya dina bagian mimiti pasal ieu, ”Kudu beresih lampah.”

Paréntah pikeun ngahormat ka indung bapa dina Imamat 19:3 kuduna ngajurung urang Kristen pikeun mikirkeun naon? (Tingali paragrap 10-12) *

10-11. Paréntah naon nu aya dina Imamat 19:3, jeung ku naon ieu téh paréntah nu penting?

10 Sanggeus méré paréntah ka bangsa Israél pikeun bersih lampah atawa jadi suci, Yéhuwa méré deui paréntah, ”Masing hormat ka indung bapa. . . . Ieu Kami PANGERAN Allah maraneh.”​—Ima. 19:2, 3.

11 Paréntah Allah pikeun hormat ka indung bapa téh paréntah nu penting pisan. Hiji waktu aya nu nanya ka Isa, ”Hal-hal alus naon nu kudu dilakukeun ku abdi supaya bisa hirup langgeng?” Salah sahiji jawaban Isa téh nyaéta kudu hormat ka indung bapa. (Mat. 19: 16-19) Isa ngutuk urang Farisi jeung ahli Torét lantaran maranéhna téh ngahalangan batur nu rék nuturkeun paréntah ieu. Maranéhna téh ”ngabaékeun firman Allah”. (Mat. 15:3-6) Salah sahiji bagian tina ”firman Allah” téh nyaéta paréntah kalima tina Sapuluh Paréntah, siga nu geus urang baca ogé dina Imamat 19:3. (Bud. 20:12) Sing inget ogé paréntah pikeun hormat ka indung bapa nu aya dina Imamat 19:3 téh disebutkeun percis sanggeus paréntah ”Kudu beresih lampah. Sabab kami PANGERAN Allah maraneh, suci.”

12. Kumaha urang bisa nuturkeun paréntah nu aya dina Imamat 19:3?

12 Waktu mikirkeun paréntah Yéhuwa pikeun hormat ka indung bapa, meureun Sadérék jadi mikir, ’Na urang téh geus nuturkeun paréntah ieu?’ Lamun Sadérék ngarasa baheula can bener-bener nuturkeunana, ayeuna Sadérék bisa ngupayakeunana. Kajadian nu geus liwat mah geus teu bisa dirobah deui. Tapi ti ayeuna, Sadérék bisa leuwih loba mantuan sarta nyadiakeun waktu keur indung bapa. Salian ti éta, Sadérék ogé bisa nyadiakeun pangabutuh jasmani, rohani, jeung émosina. Lamun Sadérék ngalakukeunana, Sadérék téh nuturkeun paréntah nu aya dina Imamat 19:3.

13. (a) Paréntah naon deui nu aya dina Imamat 19:3? (b) Kumaha urang bisa nyonto Isa, siga nu disebutkeun dina Lukas 4:16-18?

13 Tina Imamat 19:3, urang bisa diajar hal séjén ngeunaan jadi suci. Ayat éta méré nyaho yén urang Israél téh kudu ngajalankeun Sabat. Ayeuna urang Kristen teu kudu ngajalankeun Torét, jadi Sabat nu baheula dijalankeun unggal minggu téh henteu kudu dituturkeun deui. Tapi, urang bisa diajar ti cara urang Israél ngajalankeun Sabat sarta mangpaatna. Sabat téh waktu pikeun eureun tina pagawéan sapopoé jeung waktu pikeun ngutamakeun hal rohani. * Baheula, pas poé Sabat, Isa gé datang jeung maca firman Allah di tempat ibadah nu aya di lemburna. (Bud. 31:12-15; baca Lukas 4:16-18.) Dina Imamat 19:3, Allah méré paréntah, ”Masing satia kana Sabat Kami.” Paréntah ieu ngajurung urang pikeun nyadiakeun leuwih loba waktu keur hal rohani. Na Sadérék ngarasa Sadérék téh sabenerna bisa leuwih nuturkeun paréntah ieu? Lamun Sadérék nyadiakeun leuwih loba waktu pikeun hal rohani, Sadérék bakal leuwih akrab jeung Yéhuwa. Hal ieu téh penting pisan supaya bisa jadi suci.

KUATKEUN HUBUNGAN SADÉRÉK JEUNG YÉHUWA

14. Dina Imamat pasal 19, aya bebeneran dasar naon nu sababaraha kali ditandeskeun?

14 Dina Imamat pasal 19, aya bebeneran dasar nu sababaraha kali ditandeskeun nu bisa ngabantu urang supaya tetep suci. Dina ahir ayat 4 disebutkeun, ”Kami PANGERAN Allah maraneh.” Kekecapan siga kitu téh disebutkeun nepi ka 16 kali dina pasal ieu. Tangtu urang jadi inget kana paréntah nu kahiji, nyaéta, ”Kami teh PANGERAN Allah maraneh . . . Ulah ngabakti ka aallahan salian ti ka Kami.” (Bud. 20:2, 3) Urang Kristen nu hayang jadi suci kudu mastikeun euweuh nu bisa ngaruksak hubungan manéhna jeung Yéhuwa. Salian ti éta, urang téh Saksi-Saksi Yéhuwa, jadi urang kudu nyingkahan sakabéh laku lampah nu bisa ngagogoréng jeung ngaruksak ngaran suci Allah.​—Ima. 19:12; Yes. 57:15.

15. Hukum ngeunaan kurban nu aya dina Imamat pasal 19 ngajurung urang pikeun ngalakukeun naon?

15 Ku cara nuturkeun hukum Yéhuwa, urang Israél ngabuktikeun yén maranéhna ngakukeun Yéhuwa sabagé Allahna. Imamat 18:4 nyebutkeun, ”Tarurut aturan jeung hukum Kami, lampahkeun timbalan Kami, PANGERAN Allah maraneh.” Dina pasal 19 gé, aya sababaraha ”aturan” keur bangsa Israél. Contona, dina ayat 5-8, 21, 22 aya aturan keur kurban sasatoan. Waktu méré kurban, maranéhna teu meunang nepi ka ”nganistakeun barang suci kagungan” Yéhuwa. Kekecapan éta pasti ngajurung urang pikeun nyenangkeun Yéhuwa jeung nyanggakeun korban pujian ku cara nu dipikaresep ku Anjeunna, jiga nu disebutkeun dina Ibrani 13:15.

16. Tina Imamat pasal 19, urang diajar naon ngeunaan nu ngalayanan Yéhuwa jeung nu henteu?

16 Lamun urang hayang jadi suci, urang téh kudu béda ti jalma-jalma. Mémang ieu téh teu gampang. Sakapeung meureun aya batur sakola, batur gawé, kulawarga nu lain Saksi, atawa jalma séjén nu ngahalang-halang urang pikeun ibadah ka Yéhuwa. Mun kitu kaayaanana, urang téh kudu nyieun putusan nu bener. Kumaha carana? Urang bisa mikirkeun prinsip nu aya dina Imamat 19:19 nu nyebutkeun, ”Ulah make papakean tina dua rupa lawon.” Hukum éta nu ngabédakeun urang Israél ti bangsa-bangsa sakurilingna. Mémang ayeuna urang teu dilarang pikeun maké pakéan tina dua jinis bahan, misalna katun jeung wol. Najan kitu, urang bisa meunang palajaranana. Urang embung kalakuan urang téh sarua jiga jalma-jalma nu teu nuturkeun paréntah Alkitab, sanajan maranéhna téh batur sakola, batur gawé, atawa kulawarga urang. Urang hayang leuwih nuturkeun paréntah Yéhuwa, sanajan urang téh jadi béda jeung batur. Tapi lamun urang hayang jadi suci, urang kudu jadi jalma nu dipisahkeun pikeun ngalalayanan Yéhuwa.​—2 Kor. 6:14-16; 1 Pét. 4:3, 4.

Tina Imamat 19:23-25, urang Israél geus diajar naon, jeung naon palajaranana keur urang? (Tingali paragrap 17-18) *

17-18. Urang bisa meunang palajaran alus naon tina Imamat 19:23-25?

17 Kekecapan ”Kami PANGERAN Allah maraneh” sakuduna ngingetan bangsa Israél pikeun ngutamakeun hubungan maranéhna jeung Yéhuwa. Kumaha carana? Imamat 19:23-25 ngajelaskeun salah sahiji carana. (Baca.) Coba pikirkeun, naon hartina kekecapan ieu keur bangsa Israél sanggeus maranéhna asup ka Tanah Perjangjian. Lamun aya jalma nu melak tatangkalan, manéhna teu meunang dahar buahna nepi ka tilu taun. Dina taun nu kaopat, buahna kudu dikurbankeun di tempat suci. Kakara dina taun nu kalima, manéhna bisa dahar buahna. Hukum ieu téh sakuduna ngingetan maranéhna yén nu pangpentingna dina kahirupan maranéhna téh lain pangabutuh maranéhna, tapi Yéhuwa. Maranéhna kudu ngandel jeung ngadukung ibadah ka Anjeunna. Yéhuwa gé pasti bakal nyumponan pangabutuh maranéhna. Salian ti éta, Yéhuwa gé ngajurung maranéhna supaya murah haté dina méré sumbangan ka tempat suci, tempat ibadah ka Anjeunna.

18 Hukum nu aya dina Imamat 19:23-25 téh ngingetkeun urang kana Hutbah di Gunung. Isa ngomong, ”Ulah hariwang deui . . . mikiran rék dahar naon atawa rék nginum naon.” Isa ngomong deui, ”Bapa maranéh di sorga mah nyaho maranéh téh butuh ieu kabéh.” Yéhuwa pasti bakal ngurus urang, siga Anjeunna ngurus manuk-manuk. (Mat. 6:25, 26, 32) Urang kudu yakin yén Yéhuwa bakal ngurus urang. Salian ti éta, urang gé bisa méré ”sidekah” ka jalma-jalma nu ngabutuhkeun. Urang gé hayang méré sumbangan keur pangabutuh sidang. Yéhuwa téh merhatikeun usaha urang jeung pasti bakal méré ganjaran ka urang. (Mat. 6:2-4) Ku kituna, urang némbongkeun yén urang téh bener-bener paham kana hukum nu aya dina Imamat 19:23-25.

19. Ku ngalenyepan buku Imamat, naon mangpaatna keur Sadérék?

19 Urang geus ngabahas sababaraha ayat tina Imamat pasal 19. Éta ngabantu urang paham kumaha urang bisa suci siga Allah urang. Ku nyonto Anjeunna, éta ngabuktikeun yén urang téh hayang ’suci dina sagala laku lampah urang’. (1 Pét. 1:15) Laku lampah hadé ti umat Allah téh diperhatikeun ku jalma-jalma nu teu ngawula ka Yéhuwa. Hasilna, aya jalma-jalma nu kajurung pikeun ngamulyakeun Yéhuwa. (1 Pét. 2:12) Tapi, urang bisa diajar leuwih loba tina Imamat pasal 19. Artikel saterusna bakal ngabahas ayat-ayat séjénna nu bisa ngabantu urang nuturkeun naséhat Pétrus pikeun jadi ”suci” dina kahirupan urang.

KAWIH 80 ’Pék Rasakeun Kasaéan Yéhuwa’

^ par. 5 Urang téh nyaah pisan ka Yéhuwa jeung hayang nyenangkeun Anjeunna. Yéhuwa téh suci, jeung Anjeunna miharep umat-Na gé suci. Tapi, na manusa nu teu sampurna bisa jadi suci? Bisa. Urang bisa diajar pikeun jadi suci dina sagala laku lampah urang ti naséhat Rasul Pétrus ka urang Kristen jeung ti paréntah Yéhuwa ka bangsa Israél di jaman baheula.

^ par. 13 Pikeun katerangan leuwih loba ngeunaan Sabat jeung palajaranana, mangga tingali artikel ”Boh Keur Digawé Boh Keur Istirahat ’Aya Waktuna’” dina Warta Hadé Désémber 2019.

^ par. 57 KATERANGAN GAMBAR: Saurang budak lalaki nyadiakeun waktu keur kolotna, mawa kulawargana ulin ka imah kolotna, sarta terus ngusahakeun pikeun sering-sering ngobrol jeung kolotna.

^ par. 59 KATERANGAN GAMBAR: Saurang patani Israél keur ningalian buah dina tangkal nu dipelak ku manéhna.