Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Na Sadérék téh Batur Gawé nu Bageur?

Na Sadérék téh Batur Gawé nu Bageur?

”KAMI nyarengan Mantenna lir ahli adegan. . . . Kami bagja aya di payuneuna-Na.” (Sil. 8:30) Ayat éta téh ngajelaskeun yén Putra Allah digawé bareng jeung Bapana salila mangabad-abad saacan manéhna diutus ka bumi. Dina ayat éta katingali yén Isa ”bagja” bisa digawé bareng jeung Allah.

Di sorga, Isa téh diajar sipat-sipat alus nu ngabantu manéhna pikeun jadi batur gawé nu bageur. Di bumi, Isa téh ngajar jalma-jalma pikeun jadi batur gawé nu bageur liwat tuladanna nu sampurna. Urang bisa diajar naon tina tuladan Isa? Urang bakal ngabahas tilu prinsip nu bisa ngabantu urang pikeun jadi batur gawé nu bageur. Prinsip-prinsip ieu ogé ngabantu urang supaya tetep ngahiji jeung dulur saiman.

Pék conto Yéhuwa jeung Isa, ku cara daék ngabagikeun élmu jeung pangalaman ka batur gawé

PRINSIP KA-1: ”NGAHORMAT BATUR”

Batur gawé nu bageur téh boga sipat rendah haté. Manéhna moal ngagul-ngagulkeun diri jeung bakal ngahargaan batur gawé séjénna. Isa diajar sipat ieu ti Bapana. Yéhuwa téh Allah Nu Nyipta, tapi Anjeunna tetep ngahargaan nu dilakukeun ku Putra-Na sabagé batur gawé-Na. Buktina, Allah ngomong kieu, ”Ayeuna Urang nyieun manusa, masing nyeples sarimbag jeung Urang.” (Kaj. 1:26) Tina kekecapan ieu, Isa nyaho Yéhuwa téh rendah haté pisan.​—Jab. 18:35, Terjemahan Dunia Baru.

Pas keur di bumi, Isa ogé rendah haté pisan. Waktu jalma-jalma muji Isa, manéhna nepikeun pujian éta ka Allah nu leuwih layak narimana. (Mar. 10:17, 18; Yah. 7:15, 16) Isa ngajaga suasana jeung murid-muridna tetep tengtrem. Isa gé nganggap murid-muridna téh sabagé sobat, lainna palayan. (Yah. 15:15) Malahan, Isa ngumbah suku murid-muridna pikeun ngajarkeun sipat rendah haté ka maranéhna. (Yah. 13:5, 12-14) Kitu ogé jeung urang, tibatan terus mikirkeun diri sorangan, urang kudu ngahargaan batur gawé urang. Lamun urang ”ngahormat batur” jeung teu mikirkeun saha nu bakal dipuji, pagawéan urang bakal leuwih lancar.​—Rm. 12:10.

Jalma nu rendah haté gé daék nuturkeun naséhat ieu, ”Kudu getol tatanya heula, tangtu hasil nya maksud.” (Sil. 15:22) Jadi sanajan urang téh geus pangalaman jeung boga kasanggupan, urang kudu sadar euweuh hiji-hiji acan jelema nu nyaho sagalana. Malah Isa sorangan gé sadar aya hal nu teu dipikanyaho ku manéhna. (Mat. 24:36) Isa gé sok tatanya ka murid-muridna ngeunaan naon nu dipikanyaho jeung dipikirkeun ku maranéhna. (Mat. 16:13-16) Pasti, murid-muridna ieu resep pisan bisa digawé bareng jeung Isa. Kitu gé lamun urang téh rendah haté, sadar aya nu teu dipikanyaho ku urang, sarta daék ngadéngékeun pamikiran batur, engké suasana gawé téh bakal tengtrem jeung pagawéan urang ”tangtu hasil nya maksud”.

Para kokolot kudu nyonto sipat rendah haté Isa hususna waktu keur digawé bareng. Maranéhna kudu inget yén kawasa suci téh bisa ngagerakkeun saha waé dina badan kokolot. Waktu keur rapat, para kokolot kudu ngajaga supaya suasanana henteu tegang. Ku kituna, maranéhna jadi teu asa-asa nepikeun pamikiranana. Hasilna, para kokolot bisa nyieun putusan nu bijaksana jeung mawa mangpaat ka sidang.

PRINSIP KA-2: ”TUNJUKKEUN . . . YÉN ARANJEUN TÉH JALMA ANU DAÉK NGÉLÉHAN”

Batur gawé nu bageur téh asup akal. Manéhna henteu keukeuh jeung daék ngéléhan. Isa geus sababaraha kali ningali sikep asup akal ti Bapana. Salah sahiji contona, Yéhuwa téh ngutus manéhna pikeun nyalametkeun manusa tina maot, padahal éta téh hukuman nu geus sakuduna ditarima ku manusa.​—Yah. 3:16.

Dina sababaraha kaayaan, Isa gé osok ngéléhan. Pék pikirkeun, Isa téh daék ngabantu saurang awéwé ti Fénisia padahal manéhna ngan ditugaskeun ka bangsa Israél. (Mat. 15:22-28) Manéhna gé asup akal waktu ningali kalakuan ti para muridna. Waktu Pétrus, sobatna, nyangkal manéhna di hareupeun jalma-jalma, Isa daék ngahampura Pétrus. Salian ti éta, Isa gé méré tugas penting ka manéhna. (Luk. 22:32; Yah. 21:17; Kis. 2:14; 8:14-17; 10:44, 45) Urang hayang nyonto Isa jeung ’nunjukkeun ka kabéh jalma yén urang téh jalma anu daék ngéléhan’.​—Flp. 4:5.

Lamun urang daék ngéléhan, urang bisa digawé bareng jeung saha waé. Isa bageur ka jalma-jalma. Éta ngalantarankeun musuh-musuhna ngomongkeun yén Isa téh babaturanana ”tukang mulung pajeg jeung jelema-jelema dosa”, padahal jalma-jalma nu siga kitu nu daék ngadéngékeun. (Mat. 11:19) Na urang bisa nyonto Isa nu daék digawé bareng jeung saha waé? Louis, salah saurang sadérék nu pernah ngawula sabagé pangawas wilayah jeung digawé di Bétel, osok digawé bareng jeung sadérék-sadérék ti rupa-rupa kasang tukang. Manéhna nyarita kieu, ”Digawé bareng jeung jalma-jalma nu teu sampurna téh jiga urang ngabangun témbok ku rupa-rupa ukuran batu, tangtu supaya témbokna bisa lempeng, éta téh butuh usaha. Abdi gé kudu daék ngéléhan supaya bisa digawé bareng jeung batur. Ku kituna, urang bisa ngaréngsékeun pagawéan urang.” Éta téh sikep nu alus nu bisa dipiconto ku urang!

Batur gawé nu bageur moal nahan-nahan élmu ngan supaya manéhna bisa ngadalikeun kaayaan

Iraha urang bisa némbongkeun sipat ieu ka sadérék-sadérék di sidang? Urang téh bisa némbongkeunana waktu urang dines jeung kelompok dines urang. Bisa jadi, urang téh kudu dines jeung pawarta nu umur sarta tanggung jawab dina kulawargana béda jeung urang. Na urang téh daék nyaluyukeun cara dines urang supaya maranéhna bisa leuwih bungah dina palayanan?

PRINSIP KA-3: ”SING RESEP BABAGI”

Batur gawé nu bageur téh ”resep babagi”. (1 Tim. 6:18) Waktu Isa digawé bareng jeung Bapana, Isa pasti ningali yén Yéhuwa téh resep babagi. Basa Yéhuwa ”ngadegkeun langit”, Isa ”nyaksian” jeung pasti diajar loba hal ti Anjeunna. (Sil. 8:27) Ka dieunakeun, Isa téh daék babagi ka para muridna ngeunaan sagala hal nu didéngé ti Bapana. (Yah. 15:15) Urang bisa nyonto Yéhuwa ku cara daék babagi ngeunaan élmu jeung pangalaman urang ka batur gawé. Batur gawé nu bageur téh moal nahan-nahan élmu ngan supaya manéhna bisa ngadalikeun kaayaan. Manéhna bakal resep babagi jeung batur ngeunaan hal-hal alus nu dipikanyaho ku manéhna.

Urang gé bisa muji batur gawé urang. Pék pikirkeun, lamun aya nu merhatikeun jeung ngahargaan usaha urang, pasti urang resep, pan? Isa nyadiakeun waktu keur muji hal-hal hadé ti batur gawéna. (Bandingkeun Matius 25:19-23; Lukas 10:17-20.) Isa gé méré nyaho yén maranéhna bakal ngalakukeun ”leuwih ti” Isa. (Yah. 14:12) Peuting saacan Isa maot, manéhna muji rasul-rasulna nu satia. Ceuk Isa, ”Maranéh téh nu terus maturan urang waktu urang nyanghareupan cocoba.” (Luk. 22:28) Pék bayangkeun, pasti maranéhna téh dikuatkeun ku kekecapan Isa jeung kajurung pikeun nyieun tindakan. Lamun urang nyadiakeun waktu keur muji batur gawé urang, tangtu maranéhna gé bakal leuwih bungah jeung leuwih resep digawé.

SADÉRÉK BISA JADI BATUR GAWÉ NU BAGEUR

Ceuk Sadérék Kayode, ”Batur gawé nu bageur téh teu kudu sampurna, tapi manéhna bisa mawa kabungah jeung nyieun pagawéan téh jadi karasa leuwih gampang.” Na Sadérék téh batur gawé nu jiga kitu? Sadérék bisa tatanya ka dulur saiman yén Sadérék téh batur gawé nu jiga kumaha. Lamun maranéhna resep digawé bareng jeung Sadérék, sarua jiga nu dirasakeun murid-murid Isa waktu gawé bareng jeung Isa, Sadérék bisa jadi jiga nu diomongkeun ku Rasul Paulus, ”Urang-urang téh batur gawé nu mawa kabungah keur aranjeun.”​—2 Kor. 1:24.