Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Naha Sadérék Inget?

Naha Sadérék Inget?

Naha Sadérék bisa ngajawab pananya-pananya ieu nu dumasar kana Warta Hadé 2021?

Dina Yakobus 5:11 disebutkeun yén Yéhuwa téh ”sugih ku asih” jeung ”jembar ku piwelas”, éta ngayakinkeun urang kana hal naon?

Urang nyaho Yéhuwa téh Allah nu welas, ku kituna Anjeunna daék ngahampura kasalahan urang. Yakobus 5:11 gé ngayakinkeun urang yén Anjeunna daék nulungan urang. Urang gé hayang sabisa-bisa nyonto Anjeunna.​—w21.01, kaca 21.

Ku naon Yéhuwa nyieun aturan ngeunaan wewenang?

Anjeunna méré wewenang lantaran kanyaah. Ku ayana aturan ngeunaan wewenang ieu, unggal anggota kulawarga Yéhuwa bisa ngajalankeun bagianana sacara tartib. Unggal kulawarga jadi ngarti saha nu kudu nyieun putusan jeung saha nu boga tanggung jawab pikeun ngajalankeunana.​—w21.02, kaca 3.

Ku naon urang Kristen kudu ati-ati waktu ngagunakeun aplikasi pikeun ngirim pesen éléktronik?

Lamun saurang jalma rék ngagunakeun aplikasi jiga kitu, manéhna kudu ati-ati waktu milih babaturan jeung grup-grupna, komo deui mun grupna gedé. (1 Tim. 5:13) Aya bahaya séjénna deui, urang bisa nyebarkeun carita nu can pasti faktana atawa néangan duit ku cara ngamangpaatkeun dulur saiman.​—w21.03, kaca 31.

Ku naon Yésus kudu sangsara jeung maot?

Salah sahiji alesanana Yésus kudu maot dina tihang téh pikeun ngabébaskeun urang Yahudi tina kutukan. (Gal. 3:10, 13) Alesan nu kadua téh nyaéta Yéhuwa nyiapkeun Yésus pikeun jadi Imam Agung. Alesan katilu téh nyaéta kasatiaan Yésus bisa ngabuktikeun yén manusa gé bisa tetep satia sanajan ngalaman ujian nu beurat. (Ayub 1:9-11)—w21.04, kaca 16-17.

Urang kudu kumaha lamun hésé manggihan jelema waktu ngawawar?

Sadérék bisa nyoba ngawawar dina jam nu kira-kira jalma-jalma aya di imah. Sadérék gé bisa ngawawar di tempat nu béda. Salian ti éta, Sadérék bisa ngawawar maké cara nu béda, contona siga nulis surat ka jalma-jalma nu sok teu aya di imah.​—w21.05, kaca 15-16.

Naon maksud omongan Paulus, ”Sim kuring geus maot tina hukum eta, dipaehkeun ku Hukum eta keneh”? (Gal. 2:19)

Hukum Musa némbongkeun yén manusa téh teu sampurna, Hukum éta gé nungtun urang Israél ka Kristus. (Gal. 3:19, 24) Hal ieu ngabantu Paulus pikeun daék narima Kristus. Ku kituna, Paulus bisa dianggap ”geus maot tina hukum”; lantaran manéhna geus teu kabeungkeut deui ku hukum éta.​—w21.06, kaca 31.

Kumaha katabahan Yéhuwa bisa dipiconto ku urang?

Yéhuwa tetep tabah sanajan nami-Na terus digogoréng, hak-Na pikeun maréntah ditentang, sababaraha putra-Na barontak, aya tuduhan-tuduhan ti si Iblis, umat-Na sangsara, ditinggal maot ku sobat-sobat-Na, aya jalma nu jahat nindes sasamana, jeung ciptaana-Na diruksak.​—w21.07, kaca 9-12.

Tina tuladan Yusup, urang bisa diajar naon ngeunaan kasabaran?

Yusup tabah sanajan dinyenyeri ku lanceuk-lanceukna. Di Mesir gé manéhna dituduh jeung dipanjarakeun salila mangtaun-taun.​—w21.08, kaca 12.

Jiga nu dijelaskeun dina Hagai 2:6, 20-22, naon deui nu bakal dioyag-oyag téh?

Bangsa-bangsa teu resep kana warta Pamaréntahan Allah, tapi aya jalma-jalma nu ditarik kana bebeneran. Teu lila deui, bangsa-bangsa bakal dioyag-oyag jeung dimusnakeun.​—w21.09, kaca 15-19.

Ku naon urang ulah nyerah dina palayanan?

Yéhuwa ningali usaha urang, jeung Anjeunna resep kana usaha urang. Lamun urang teu capé jeung teu nyerah, urang bakal meunangkeun hirup langgeng.​—w21.10, kaca 25-26.

Kumaha Imamat pasal 19 bisa ngabantu urang ngalarapkeun naséhat: ”Aranjeun gé kudu suci dina sagala laku lampah aranjeun”? (1 Pét. 1:15)

Katingalina ayat éta téh ngutip Imamat 19:2. Dina pasal 19 aya sababaraha conto kumaha urang bisa ngalarapkeun 1 Pétrus 1:15 dina kahirupan urang.​—w21.12, kaca 3-4.