Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Korban Parasaan Ijid Aya di Mana-Mana

Korban Parasaan Ijid Aya di Mana-Mana

Loba jalma di sakuliah dunya nalangsa lantaran jadi korban tina parasaan ijid.

Dina berita, aya beuki loba jalma nu nunjukkeun parasaan ijid. Misalna, aya jalma nu nunjukkeun parasaan ijidna liwat Internét, ngirim surat, malahan nepi ka ngalakukeun tindakan kajahatan. Aya loba ogé nu jadi korban tina sikep goréng sangka, dihina, jeung diancem. Korban tina parasaan ijid jeung teu ngahargaan batur téh aya di mana-mana!

Majalah ieu méré nyaho carana sangkan kabéh jalma bisa eureun mikaijid. Ieu téh lain ngan dongéng hungkul. Parobahan ieu nyata jeung keur dilakukeun ku loba jalma di sakuliah dunya.