Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 2

Diajar ti Adina Isa

Diajar ti Adina Isa

”Yakobus, palayanna Allah jeung palayanna Juragan Isa Al-Masih.”​—YAK. 1:1.

KAWIH 88 Ajar Abdi Jalan Gusti

NU DIBAHAS *

1. Yakobus téh digedékeun di kulawarga nu jiga kumaha?

 YAKOBUS, adina Isa, digedékeun di kulawarga nu taat ka Yéhuwa. * Indung bapana, nyaéta Yusuf jeung Maryam, nyaah pisan ka Yéhuwa. Maranéhna méré nu panghadéna pikeun ngawula Yéhuwa. Salian ti éta, Yakobus meunang kasempetan nu luar biasa. Manéhna boga lanceuk nu bakal jadi Mésias nu dijangjikeun. Éta téh berkah nu luar biasa pisan!

Waktu babarengan jeung Isa, Yakobus bisa ningali kumaha sipat lanceukna (Tingali paragrap 2)

2. Yakobus bisa ningali tuladan naon ti Isa?

2 Yakobus bisa ningali tuladan ti lanceukna. (Mat. 13:55) Misalna, waktu Isa umurna masih 12 taun kénéh, guru-guru agama di Yérusalém téh tajub ka Isa lantaran loba pisan kanyahona kana Kitab Suci. (Luk. 2:46, 47) Geus kitu, meureun Yakobus ogé digawé bareng jeung Isa sabagé tukang kayu. Harita, Yakobus bisa ningali sipat-sipatna Isa. Nathan H. Knorr sok ngomong kieu, ”Anjeun bakal leuwih kenal ka hiji jalma mun digawé bareng jeung anjeunna.” * Bisa jadi, Yakobus ningali yén ”Isa beuki gedé, beuki bijaksana, jeung beuki dipikaresep ku Allah jeung ku sasama jalma”. (Luk. 2:52) Meureun, urang mikir Yakobus téh kaasup nu pangmimitina jadi murid Isa, tapi kanyataanana mah henteu kitu.

3. Kumaha tanggapan Yakobus waktu Isa ngamimitian palayananana?

3 Waktu Isa ngalalayanan di bumi, Yakobus teu acan jadi muridna. (Yah. 7:3-5) Malah bisa jadi, Yakobus téh salah sahiji dulur Isa nu nyebutkeun yén Isa téh ”geus teu waras”. (Mar. 3:21) Tuluy waktu Maryam ningali Isa dihukum pati dina tihang siksaan, teu pernah disebutkeun yén Yakobus téh maturan indungna.​—Yah. 19:25-27.

4. Dina artikel ieu, urang bakal diajar naon?

4 Tapi ahirna, Yakobus boga iman ka Isa. Manéhna gé jadi kokolot di sidang Kristen. Dina artikel ieu, urang bakal diajar dua hal ti Yakobus: (1) ku naon urang kudu terus rendah haté, jeung (2) kumaha carana urang bisa leuwih tarampil dina ngajar batur.

TERUS RENDAH HATÉ JIGA YAKOBUS

Sanggeus Isa manggihan Yakobus, manéhna daék narima yén Isa téh Mésias sarta daék jadi muridna nu satia (Tingali paragrap 5-7)

5. Kumaha sikep Yakobus sanggeus panggih jeung Isa nu geus dihirupkeun deui?

5 Iraha mimiti Yakobus jadi muridna Isa? Sanggeus Isa dihirupkeun deui, ”manéhna manggihan Yakobus, tuluy manggihan sakabéh rasul”. (1 Kor. 15:7) Ti dinya, Yakobus mulai barobah. Manéhna gé hadir waktu para rasul keur ngarumpul di hiji loténg di Yérusalém. Di ditu maranéhna ngadagoan pikeun narima kawasa suci. (Kis. 1:13, 14) Terus ka dieunakeun, Yakobus jadi anggota badan pingpinan dina abad kahiji. (Kis. 15:6, 13-22; Gal. 2:9) Geus kitu, saacan taun 62 M, manéhna diilhamkeun pikeun nulis surat ka urang Kristen nu diistrénan. Surat éta masih aya mangpaatna keur urang ayeuna, teu sual urang boga harepan pikeun hirup di sorga atawa di bumi. (Yak. 1:1) Saurang ahli sajarah dina abad kahiji nu ngaranna Yosefus nyebutkeun yén Yakobus téh dihukum pati ku Imam Agung Ananias, putrana Hanas. Yakobus terus satia ka Yéhuwa nepi ka ahir hirupna di bumi.

6. Naon bédana sikep Yakobus jeung sikep para pamingpin agama dina jaman éta?

6 Yakobus téh rendah haté. Naon buktina? Coba pikirkeun bédana sikep Yakobus nu ahirna daék narima Isa jeung sikep ti para pamingpin agama. Waktu Yakobus ditingalikeun bukti-bukti yén Isa téh bener-bener Putra Allah, manéhna daék narima. Tapi, imam-imam kapala di Yérusalém mah henteu kitu. Misalna, waktu Isa jelas-jelas geus ngahirupkeun deui Lazarus, maranéhna embung ngakukeun yén Isa téh wakilna Yéhuwa, tapi kalah ka hayang maéhan Isa jeung Lazarus. (Yah. 11:53; 12:9-11) Terus ka dieunakeun, sanggeus Isa dihirupkeun deui, maranéhna kalah ka sakongkol pikeun nyumputkeun kajadian nu sabenerna. (Mat. 28:11-15) Lantaran sombong, para pamingpin agama téh embung ngakukeun Mésias.

7. Ku naon urang ulah sombong?

7 Palajaranana: Ulah sombong jeung kudu daék diajar ku Yéhuwa. Aya hiji panyakit nu nyieun artéri dina jantung téh jadi heuras sarta ngaganggu fungsi jantung. Kitu gé jeung sipat sombong, éta bisa nyababkeun urang jadi teuas haté sarta ngahalangan urang pikeun nuturkeun bingbingan ti Yéhuwa. Éta nu kaalaman ku urang Farisi. Lantaran teuas haté, maranéhna embung ngakukeun yén Isa téh Putra Allah nu dibéré kawasa suci, padahal geus jelas aya buktina. (Yah. 12:37-40) Sikep éta téh bahaya pisan sabab bisa ngahalangan maranéhna pikeun meunangkeun hirup langgeng. (Mat. 23:13, 33) Jadi, urang kudu daék nuturkeun bingbingan ti kawasa suci sarta Firman Allah. Ku kituna, urang bisa ngarobah sikep jeung cara pikir sarta nyieun putusan nu hadé! (Yak. 3:17) Yakobus mah rendah haté, jadi manéhna daék diajar ku Yéhuwa. Hayu urang tingali kumaha Yakobus bisa jadi guru nu tarampil lantaran manéhna rendah haté.

TARAMPIL NGAJAR BATUR JIGA YAKOBUS

8. Naon nu bisa ngabantu urang supaya tarampil dina ngajar batur?

8 Yakobus téh sakolana teu luhur-luhur teuing. Para pamingpin agama ogé nganggap manéhna téh sarua jiga Rasul Pétrus jeung Yohanes, ”jalma biasa nu teu nyakola”. (Kis. 4:13) Tapi waktu urang maca buku nu ditulis ku manéhna, urang apal yén manéhna téh guru nu tarampil. Sarua jiga Yakobus, meureun urang téh sakolana teu luhur-luhur teuing. Najan kitu, urang bisa jadi guru nu tarampil ku bantuan kawasa suci Yéhuwa jeung palatihan ti organisasi-Na. Jadi ayeuna hayu urang diajar ti Yakobus nu tarampil ngajar batur.

9. Jiga kumaha cara ngajar Yakobus?

9 Kekecapan Yakobus téh saderhana jeung gampang dipikaharti. Ku kituna, nu ngadéngékeun téh ngarti naon nu kudu dilakukeun jeung cara ngalampahkeunana. Contona, waktu Yakobus ngajar urang Kristen supaya henteu teterusan ambek waktu nyanghareupan kateuadilan. Manéhna nulis, ”Urang nganggap jalma nu tabah téh bagja. Aranjeun geus ngadéngé kumaha Ayub tabah jeung kumaha Yéhuwa ngaberkahan manéhna, da Yéhuwa téh nyaahan pisan jeung welas asih.” (Yak. 5:11) Dasar pangajaran Yakobus téh tina Kitab Suci. Manéhna ngagunakeun Firman Allah pikeun ngabantu batur ningali yén Yéhuwa téh pasti ngaberkahan jalma-jalma nu saperti Ayub, nu satia ka Anjeunna. Cara ngajar Yakobus téh saderhana jeung asup akal. Ku kituna, nu diperhatikeun ku batur téh lain manéhna, tapi Yéhuwa.

10. Waktu ngajar batur, kumaha urang bisa nyonto Yakobus?

10 Palajaranana: Waktu ngajar batur, sing saderhana jeung gunakeun Firman Allah. Urang embung batur téh tajub kana kanyaho urang nu loba, tapi urang hayang manéhna nyaho yén Yéhuwa téh ngarti jeung nyaah pisan ka manéhna. (Rm. 11:33) Urang bisa kitu téh lamun urang ngagunakeun Kitab Suci waktu ngajar batur. Misalna, tibatan méré nyaho palajar Alkitab naon nu bakal dilakukeun lamun urang jadi manéhna, leuwih alus mun urang mantuan maranéhna mikirkeun conto tina Alkitab jeung mantuan maranéhna ngarti kana pikiran jeung parasaan Yéhuwa. Ku kituna, maranéhna bakal ngalarapkeun nu diajarkeun téh lantaran hayang nyenangkeun Yéhuwa, lain nyenangkeun urang.

11. Dina jaman Yakobus, tangtangan naon waé nu disanghareupan ku urang Kristen, jeung naon naséhat ti Yakobus? (Yakobus 5:13-15)

11 Yakobus téh rasrasan. Tina suratna, kaciri yén Yakobus téh ngarti kana tangtangan nu disanghareupan ku dulur-dulur saimanna. Manéhna ogé méré pituduh pikeun nyanghareupan tangtangan-tangtangan éta. Misalna, aya sababaraha urang Kristen nu teu langsung ngajalankeun naséhat Kitab Suci. (Yak. 1:22) Nu séjénna aya nu sok pilih kasih jeung leuwih ngahormat ka nu beunghar. (Yak. 2:1-3) Aya ogé nu sok hésé ngadalikeun omonganana. (Yak. 3:8-10) Malah, aya sababaraha urang Kristen nu ngalakukeun kasalahan sérius. Tapi Yakobus yakin, maranéhna téh bisa barobah. Manéhna méré naséhat nu tegas tapi bijaksana. Yakobus gé ngajurung maranéhna supaya néangan bantuan ti para kokolot.​—Baca Yakobus 5:13-15.

12. Kumaha urang bisa tetep positif waktu ngabantu palajar Alkitab urang?

12 Palajaranana: Sing rasrasan jeung tetep positif. Loba palajar Alkitab nu hésé ngalarapkeun naséhat Alkitab. (Yak. 4:1-4) Bisa jadi, maranéhna butuh waktu pikeun eureun ti kabiasaan goréngna jeung ngupayakeun sipat-sipat Kristen. Sarua jiga Yakobus, urang kudu wani méré nyaho maranéhna naon nu kudu dirobah. Urang gé kudu terus positif, sing percaya yén Yéhuwa téh narik jalma-jalma nu rendah haté jeung méré kakuatan ka maranéhna supaya bisa nyieun parobahan dina kahirupanana.​—Yak. 4:10.

13. Jiga nu disebutkeun dina Yakobus 3:2, Yakobus téh ngakukeun hal naon?

13 Yakobus téh sadar diri. Manéhna teu ngarasa leuwih punjul, abong-abong manéhna téh adina Isa sarta boga tanggung jawab nu penting. Manéhna nganggap sasama urang Kristen téh sabagé ”dulur-dulur nu dipikanyaah”. (Yak. 1:16, 19; 2:5) Manéhna gé henteu hayang dianggap sampurna. Malah manéhna sorangan ngomong, ”Urang kabéh téh sering nyieun salah.”​—Baca Yakobus 3:2.

14. Ku naon urang kudu jujur yén urang ogé sok nyieun salah?

14 Palajaranana: Sing inget, urang kabéh téh boga dosa. Ulah nganggap urang téh leuwih punjul tibatan palajar Alkitab urang. Ku naon? Lamun palajar Alkitab urang nganggap urang téh tara nyieun salah, meureun manéhna jadi leutik haté lantaran ngarasa teu bisa nuturkeun naon nu dipénta ku Yéhuwa. Tapi lamun urang jujur, urang gé sabenerna sok hésé nuturkeun prinsip Kitab Suci jeung nyaritakeun kumaha Yéhuwa mantuan urang, manéhna bakal ngarasa manéhna ogé bisa ngawula Yéhuwa.

Ibarat ti Yakobus téh saderhana, jelas, jeung keuna kana haté batur (Tingali paragrap 15-16) *

15. Jiga kumaha ibarat nu digunakeun ku Yakobus téh? (Yakobus 3:2-6, 10-12)

15 Yakobus ngagunakeun ibarat nu keuna kana haté. Manéhna pasti dibantuan ku kawasa suci. Tapi katingalina ogé, manéhna bisa tarampil ngajar batur téh ku sabab merhatikeun ibarat-ibarat nu digunakeun ku Isa. Dina surat-suratna, Yakobus téh ngagunakeun ibarat nu saderhana jeung palajaranana jelas.​—Baca Yakobus 3:2-6, 10-12.

16. Ku naon urang kudu ngagunakeun ibarat nu cocog?

16 Palajaranana: Gunakeun ibarat nu bisa keuna kana haté batur. Lamun Sadérék ngagunakeun ibarat nu cocog, batur téh jadi bisa ngabayangkeun naon nu didéngékeun. Maranéhna bakal leuwih inget kana hal-hal penting tina pangajaran Alkitab. Isa téh jago pisan ngagunakeun ibarat. Yakobus ogé nuturkeun tuladan lanceukna. Hayu urang tingali salah sahiji ibarat nu digunakeun ku Yakobus, jeung perhatikeun ku naon ibarat éta téh alus pisan.

17. Ku naon ibarat nu aya dina Yakobus 1:22-25 téh meni cocog pisan?

17 Baca Yakobus 1:22-25. Ibarat Yakobus ngeunaan eunteung téh meni cocog pisan. Basa éta manéhna hayang ngajelaskeun hiji palajaran, nyaéta cara meunangkeun mangpaat tina Firman Allah. Manéhna hayang ngajarkeun yén Firman Allah téh ulah ngan saukur dibaca hungkul, tapi kudu dilarapkeun. Yakobus ngagunakeun ibarat nu gampang dipikaharti ngeunaan saurang jalma nu keur ngeunteung. Naon maksudna? Teu aya gunana saurang jalma ngeunteung, tuluy ningali aya nu teu rapih, tapi teu ngalakukeun nanaon. Kitu deui, teu aya gunana lamun saurang jalma maca Firman Allah, tuluy ningali aya sipatna nu kudu dirobah, tapi teu ngalakukeun nanaon.

18. Tilu hal naon nu kudu diperhatikeun waktu urang rék ngagunakeun ibarat?

18 Waktu urang hayang ngagunakeun hiji ibarat, urang bisa nyonto Yakobus dina tilu hal: (1) Gunakeun ibarat nu cocog pikeun palajaran nu keur dibahas. (2) Gunakeun ibarat nu bisa langsung dipikaharti ku batur. (3) Palajaran ti ibaratna kudu jelas. Lamun teu kapikiran naon ibarat nu kudu digunakeun, urang bisa néangan dina Indeks Publikasi Menara Pengawal dina bagian ”Perumpamaan”. Di ditu aya loba pisan conto ibarat nu bisa digunakeun. Ibarat téh jiga mikrofon, nu nyieun sora urang jadi leuwih tarik. Ibarat téh bisa nandeskeun inti palajaran nu keur diajarkeun. Jadi gunakeun ibarat waktu urang rék nandeskeun inti palajaran hungkul. Urang pasti hayang ningkatkeun kamampuh ngajar urang. Alesan utamana téh lain lantaran hayang diperhatikeun ku batur, tapi supaya bisa ngabantu saloba-lobana jalma pikeun jadi kulawarga Yéhuwa nu bagja.

19. Kumaha urang bisa némbongkeun kanyaah urang ka dulur-dulur saiman?

19 Mémang urang téh teu jiga Yakobus nu boga lanceuk nu sampurna. Tapi urang téh boga kasempetan pikeun ngawula Yéhuwa bareng jeung dulur-dulur Kristen. Urang bisa némbongkeun kanyaah urang ka maranéhna ku cara gaul jeung maranéhna, diajar ti maranéhna, jeung terus digawé bareng dina kagiatan ngawawar sarta ngajar batur. Lamun urang sabisa-bisa nuturkeun tuladan Yakobus dina sikep, laku lampah, jeung cara ngajar, urang téh bisa ngamulyakeun Yéhuwa. Salian ti éta, urang gé ngabantu jalma-jalma nu rendah haté pikeun ngaraket ka Bapa urang di sorga nu nyaahan.

KAWIH 114 ”Sing Salabar”

^ Yakobus jeung Isa téh digedékeun di kulawarga nu sarua. Yakobus nyaho Putra Allah ieu téh leuwih punjul tibatan saha waé di jaman harita. Dina artikel ieu, urang bakal ngabahas kumaha adina Isa ieu bisa jadi salah sahiji jalma nu mingpin sidang Kristen abad kahiji. Urang bakal diajar tina kahirupan sarta cara manéhna ngajar.

^ Dina artikel ieu, ngarah leuwih gampang, Yakobus téh disebut sabagé adina Isa, sabenerna manéhna téh adi téréna Isa. Manéhna gé nu nulis buku Yakobus dina Alkitab.

^ Nathan H. Knorr téh salah sahiji ti anggota Badan Pingpinan. Manéhna ngaréngsékeun palayananana di bumi dina taun 1977.

^ KATERANGAN GAMBAR Kaca 12: Yakobus nyaruakeun létah jeung seuneu pikeun ngajelaskeun sakumaha bahayana lamun omongan teu dikadalikeun. Jalma-jalma nu ngadéngé bisa langsung ngabayangkeunana.