Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 9

Nyonto Isa nu Daék Ngalalayanan Batur

Nyonto Isa nu Daék Ngalalayanan Batur

”Leuwih bagja méré tibatan nampa.”​—KIS. 20:35.

KAWIH 17 ”Kami Daék”

NU DIBAHAS *

1. Sikep naon nu ditémbongkeun ku umat Yéhuwa?

BAHEULA, Alkitab geus nyebutkeun yén umat Allah bakal ”maju sukarela” ngawula Yéhuwa jeung nuturkeun bingbingan Putra-Na. (Jab. 110:3) Nubuat éta téh bener-bener ngawujud dina jaman ayeuna. Unggal taun, umat Yéhuwa téh meni sumanget ngagunakeun jutaan jam pikeun kagiatan pangwawaran. Éta dilakukeun sacara sukaréla jeung ku biaya sorangan. Maranéhna gé daék ngagunakeun waktuna pikeun mantuan dulur-dulur saiman sacara jasmani, émosi, jeung rohani. Geus kitu, para kokolot jeung palayan sidang daék ngagunakeun waktuna pikeun nyiapkeun tugas-tugas di pasamoan jeung nganjangan dulur-dulur saiman. Ku naon umat Yéhuwa daék ngalakukeun éta kabéh? Lantaran maranéhna téh nyaah ka Yéhuwa jeung ka sasama.​—Mat. 22:37-39.

2. Jiga nu disebutkeun dina Roma 15:1-3, urang bisa diajar naon ti Isa?

2 Isa méré tuladan dina miheulakeun kapentingan batur tibatan dirina sorangan. Jadi, urang hayang sabisa-bisa nuturkeun léngkahna. (Baca Roma 15:1-3.) Mun urang ngalakukeunana, urang bakal ngarasakeun mangpaatna. Isa nyebutkeun, ”Leuwih bagja méré tibatan nampa.”​—Kis. 20:35.

3. Naon nu bakal dibahas dina artikel ieu?

3 Dina artikel ieu, urang bakal ngabahas naon waé nu geus dikorbankeun ku Isa pikeun mantuan batur. Urang gé bakal ngabahas kumaha urang bisa nyonto Isa sarta kumaha supaya urang bisa leuwih daék ngalalayanan batur.

NYONTO TULADAN ISA

Najan capé, kumaha sikep Isa ka jalma-jalma nu nyampeurkeun manéhna? (Tingali paragrap 4)

4. Kumaha Isa leuwih miheulakeun batur tibatan dirina sorangan?

4Isa daék mantuan jalma-jalma najan keur capé. Pék perhatikeun naon nu dilakukeun ku Isa basa jalma-jalma nyampeurkeun manéhna di lamping gunung di deukeut Kapernaum. Harita Isa téh kakara ngadoa sapeuting jeput. Manéhna pasti capé pisan. Tapi waktu jalma-jalma datang, manéhna karunyaeun ningali aya nu mariskin jeung nu garering. Isa henteu ngan saukur nyageurkeun hungkul, tapi manéhna gé nepikeun hutbah nu nguatkeun pisan. Hutbah éta téh disebut Hutbah di Gunung.​—Luk. 6:12-20.

Kumaha urang bisa nyonto Isa pikeun ngorbankeun kapentingan sorangan? (Tingali paragrap 5)

5. Sanajan geus kacapéan, kumaha kapala kulawarga bisa nyonto Isa nu daék ngorbankeun kapentingan dirina?

5Para kapala kulawarga téh nyonto Isa. Coba bayangkeun kaayaan ieu: Sanggeus digawé sapoéan, saurang bapa balik ka imahna bari geus kacapéan. Meureun peuting éta, manéhna mikir pikeun ngabatalkeun Ibadah Kulawarga. Tapi, manéhna ngadoa ka Yéhuwa jeung ménta kakuatan supaya bisa mandu Ibadah Kulawarga. Yéhuwa ngajawab doana, jeung ahirna Ibadah Kulawarga tetep diayakeun jiga biasana. Barudakna bisa ningali yén kolotna téh leuwih mentingkeun hal-hal rohani.

6. Béré conto kumaha Isa ngorbankeun waktuna najan keur hayang nyorangan.

6Isa daék nyadiakeun waktuna najan keur hayang nyorangan. Pék bayangkeun kumaha parasaan Isa pas nyaho babaturanana, nyaéta Yahya Jurubaptis dipaéhan. Pasti Isa téh sedih pisan. Ceuk Alkitab, ”Ngadéngé [Yahya dipaéhan], Isa naék parahu indit ka tempat nu sepi rék nyorangan.” (Mat. 14:10-13) Urang bisa ngarti ku naon Isa téh hayang nyorangan. Mun urang keur sungkawa, meureun urang hayang nyorangan. Tapi, harita Isa teu bisa kitu. Pas rék nepi ka tempat nu sepi éta, jalma-jalma geus ngarumpul di ditu. Kumaha sikep Isa? Manéhna téh ”karunyaeun” ka jalma-jalma jeung mikirkeun kabutuhan maranéhna. Isa nyaho jalma-jalma téh butuh pisan dililipur jeung dikuatkeun, jadi Isa langsung mantuan maranéhna. Ahirna, ”ku Isa maranéhna diajarkeun loba hal”.​—Mar. 6:31-34; Luk. 9:10, 11.

7-8. Béré conto kumaha saurang kokolot nu nyaahan nyonto Isa waktu dulur saiman butuh bantuan.

7Para kokolot nu nyaahan téh nyonto Isa. Urang tangtu ngahargaan pisan kana naon nu geus dilakukeun ku para kokolot keur urang. Loba sadérék-sadérék di sidang téh teu apal kana pangorbanan ti para kokolot. Misalna, waktu aya kaayaan médis nu darurat, kokolot nu ngagabung dina Panitia Penghubung Rumah Sakit buru-buru ngabantu dulur-dulur saimanna. Seringna, kaayaan darurat téh kajadianana pas peuting-peuting. Tapi lantaran karunyaeun ka sadérék-sadérék nu keur butuh bantuan, para kokolot jeung kulawargana téh daék miheulakeun dulur saimanna tibatan dirina sorangan.

8 Para kokolot gé ngabantu proyék pangwangunan Balé Karajaan jeung gedong-gedong séjénna. Maranéhna gé milu ngadukung bantuan kamanusaan. Geus kitu, para kokolot di sidang ngagunakeun loba waktu keur ngajar, nguatkeun, jeung ngadukung urang. Urang tangtu nganuhunkeun pisan kana pangorbanan ti para kokolot jeung kulawargana. Mugia Yéhuwa ngaberkahan pangorbanan maranéhna! Tapi sarua jiga sadérék-sadérék séjén, para kokolot gé kudu saimbang. Maranéhna teu meunang sibuk teuing ngurus sidang nepi ka kulawargana teu kaurus.

CARANA SUPAYA URANG LEUWIH DAÉK MIHEULAKEUN BATUR

9. Nurutkeun Filipi 2:4, 5, naon nu kudu diupayakeun ku kabéh urang Kristen?

9 Baca Filipi 2:4, 5. Mémang, teu ngan kokolot hungkul nu kudu nyonto Isa. Urang kabéh gé bisa nyonto Isa nu daék miheulakeun batur tibatan dirina sorangan. Alkitab nyebutkeun, Isa téh ”jadi saperti palayan”. (Flp. 2:7) Pék pikirkeun kekecapan dina ayat ieu. Saurang palayan atawa hamba téh pasti bakal sabisa-bisa nyenangkeun dununganana. Kitu gé urang, urang téh hambana Yéhuwa jeung urang gé ngalalayanan sadérék-sadérék séjén. Jadi, urang hayang sabisa-bisa digunakeun ku Yéhuwa jeung ngalalayanan sadérék-sadérék urang. Hayu urang bahas sababaraha saran pikeun ngalakukeunana.

10. Naon nu perlu dipikirkeun ku urang?

10Pariksa sikep Sadérék. Pék pikirkeun: ’Abdi daék teu ngorbankeun waktu jeung tanaga pikeun mantuan batur? Misalna, kumaha sikep abdi lamun abdi dipénta pikeun nganjangan sadérék sepuh di panti jompo atawa ngajemput sadérék sepuh pikeun datang ka pasamoan? Abdi daék teu ngarélakeun diri pikeun mersihan gedong kongrés atawa ngarawat Balé Karajaan?’ Waktu ngabaktikeun diri ka Yéhuwa, urang téh jangji bakal ngagunakeun sagala pangaboga urang pikeun ngawula Anjeunna. Jadi, Anjeunna pasti resep lamun urang ngagunakeun waktu jeung harta banda urang pikeun mantuan batur. Lamun urang ningali aya sikep urang nu kudu dirobah, naon nu kudu dilakukeun?

11. Kumaha doa bisa ngabantu urang supaya daék miheulakeun kapentingan batur?

11Sing enya-enya ngadoa ka Yéhuwa. Meureun Sadérék ningali aya sababaraha sikep Sadérék nu perlu dirobah, tapi Sadérék teu pati boga niat pikeun ngarobahna. Mun kitu, pék enya-enya ngadoa ka Yéhuwa. Sing jujur caritakeun parasaan Sadérék jeung pénta bantuan Anjeunna supaya méré ’kahayang jeung kakuatan pikeun ngalakukeunana’.​—Flp. 2:13.

12. Kumaha sadérék pameget nu geus dibaptis jeung ngora kénéh bisa mantuan organisasi Yéhuwa?

12 Lamun anjeun téh sadérék pameget nu geus dibaptis jeung ngora kénéh, pék pénta bantuan Yéhuwa supaya anjeun leuwih daék ngalalayanan sidang. Di sababaraha nagri, jumlah kokolot téh leuwih loba tibatan palayan sidangna. Geus kitu, nu jadi palayan sidangna téh kalolobaanana mah geus teu ngora deui. Ayeuna organisasi Yéhuwa téh beuki ngagedéan, jadi dibutuhkeun bantuan sadérék-sadérék ngora pikeun ngurus umat Allah. Lamun anjeun daék ngalalayanan di mana waé, anjeun téh bakal bungah. Ku naon? Lantaran anjeun téh bakal nyenangkeun Yéhuwa, boga réputasi nu alus, jeung bakal ngarasa puas lantaran geus mantuan batur.

Urang Kristen di Yudéa kabur meuntasan Walungan Yordan ka kota Pélla. Maranéhna nu geus nepi ti heula ngabagi-bagikeun dahareun ka nu kakara nepi di éta kota (Tingali paragrap 13)

13-14. Naon nu bisa dilakukeun pikeun mantuan dulur-dulur saiman urang? (Tingali gambar dina sampul hareup.)

13Pék perhatikeun pangabutuh batur. Rasul Paulus ngingetkeun urang Ibrani, ”Ulah poho nyieun kahadéan jeung babagi ka batur, da Allah resep kana korban-korban nu siga kitu.” (Ibr. 13:16) Éta téh naséhat nu alus pisan. Teu lila sanggeus urang Kristen di Yudéa narima surat ieu, maranéhna téh kudu ninggalkeun imahna, pagawéanana, jeung kulawargana nu teu saiman. Terus maranéhna gé ”kudu kabur ka pagunungan”. (Mat. 24:16) Basa éta, maranéhna pasti kudu silih bantu. Lamun ti saacanna maranéhna geus ngalarapkeun naséhat Paulus pikeun babagi ka batur, maranéhna pasti bakal leuwih gampang pikeun hirup di tempat nu anyar.

14 Bisa jadi, dulur-dulur saiman téh teu méré nyaho naon nu dibutuhkeun. Misalna, aya saurang sadérék nu ditinggal maot ku pamajikanana. Manéhna bisa waé butuh bantuan pikeun nyiapkeun dahareun, iinditan, atawa ngurus imahna. Meureun, manéhna teu ngomong nanaon ku lantaran sieun ngarérépot urang. Tapi, bisa jadi manéhna bakal nganuhunkeun pisan lamun urang nu nawarkeun bantuan ka manéhna. Ulah mikir yén pasti aya batur nu bakal ngurus manéhna, atawa nganggap engké gé meureun mun manéhna butuh pasti bakal ngomong ka urang. Pék pikirkeun, ’Mun urang jadi manéhna, urang bakal nganuhunkeun kana bantuan saperti kumaha?’

15. Pikeun mantuan batur, urang kudu jadi jalma nu jiga kumaha?

15Sing gampang dideukeutan. Urang pasti apal yén dulur-dulur saiman di sidang téh siap silih bantu. Maranéhna moal ngarasa dirérépot ku urang. Urang yakin maranéhna bakal nulungan waktu urang butuh bantuan, jeung urang gé pasti hayang mantuan mun aya nu butuh! Alan, saurang kokolot nu umurna 40-an, hayang jadi jalma nu gampang dideukeutan. Waktu mikirkeun tuladan Isa, manéhna ngomong, ”Isa téh sibuk pisan, tapi jalma-jalma ti sagala umur resep ka manéhna jeung teu asa-asa ménta bantuan. Maranéhna gé apal, Isa téh nyaah ka maranéhna. Abdi hayang jiga Isa jeung dikenal sabagé jalma nu gampang dideukeutan, soméah, jeung nyaahan.”

16. Kumaha naséhat dina Jabur 119:59, 60 bisa ngabantu urang pikeun nuturkeun tuladan Isa?

16 Ulah leutik haté lamun urang teu bisa percis nyonto Isa. (Yak. 3:2) Ibaratna téh jiga saurang murid nu teu bisa percis pisan nyonto karya guruna. Tapi lamun manéhna daék diajar tina kasalahanana jeung terus usaha pikeun nyonto guruna, engké lila-lila manéhna bakal leuwih tarampil. Kitu ogé jeung urang. Lamun urang meunangkeun hal-hal nu alus waktu palajaran pribadi, daék ngalarapkeunana, sarta terus usaha pikeun ningkatkeun diri, lila-lila urang bisa nuturkeun tuladan Isa.​—Baca Jabur 119:59, 60.

NAON HASILNA LAMUN URANG LEUWIH MIHEULAKEUN BATUR?

Lamun para kokolot nyonto Isa pikeun miheulakeun batur, maranéhna bisa jadi conto keur barudak ngora (Tingali paragrap 17) *

17-18. Naon hasilna lamun urang terus nuturkeun sipat Isa nu teu mentingkeun diri?

17 Lamun urang daék miheulakeun batur, batur gé bakal kajurung pikeun ngalakukeun nu sarua, kitu deui saterusna. Saurang kokolot nu ngaranna Tim nyaritakeun, ”Di sidang urang, aya sadérék-sadérék ngora nu geus maju sacara rohani jeung geus dilantik sabagé palayan sidang. Malah, aya nu masih ngora pisan. Maranéhna téh bisa kitu ku lantaran maranéhna ningali jeung nyonto sadérék-sadérék séjén nu daék nulungan batur. Sadérék-sadérék ngora ieu geus loba ngabantu sidang jeung para kokolot.”

18 Urang téh hirup di dunya nu jalma-jalmana mentingkeun diri. Tapi umat Allah mah henteu kitu. Urang kageuing jeung hayang nuturkeun sipat Isa nu teu mentingkeun diri. Mémang, urang teu bisa sampurna nuturkeun Isa, tapi urang hayang sabisa-bisa ”nuturkeun unggal léngkahna”. (1 Pét. 2:21) Lamun urang sabisa-bisa nuturkeun Isa, urang gé bakal bagja ku lantaran urang bisa nyenangkeun Yéhuwa.

KAWIH 13 Kristus Tuladan Urang

^ par. 5 Isa téh miheulakeun kapentingan batur tibatan dirina sorangan. Dina artikel ieu, urang bakal ngabahas sababaraha cara kumaha urang bisa nyonto Isa. Urang gé bakal ngabahas naon mangpaatna lamun urang nyonto sikep Isa nu daék ngorbankeun kapentingan dirina.

^ par. 57 KATERANGAN GAMBAR: Waktu bapana dirawat di rumah sakit, Dan merhatikeun aya dua kokolot nganjangan maranéhna. Dan jadi kajurung pikeun ngalakukeun nu sarua. Manéhna jadi leuwih merhatikeun pangabutuh sadérék-sadérék di sidang. Budak ngora séjénna, nu ngaranna Ben, merhatikeun sikep Dan. Manéhna gé jadi kajurung pikeun milu mersihan Balé Karajaan.