Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PANGALAMAN HIRUP

Abdi Manggihan nu Leuwih Alus Tibatan Élmu Kadokteran

Abdi Manggihan nu Leuwih Alus Tibatan Élmu Kadokteran

”NAON nu dicaritakeun tadi téh kahayang abdi ti leutik kénéh!” Abdi ngomong kitu ka dua pasién abdi dina taun 1971. Basa éta abdi kakara jadi dokter jeung kakara muka klinik abdi nu kahiji. Saha dua pasién éta, jeung naon kahayang abdi téh? Ayeuna, hayu abdi caritakeun kumaha obrolan éta bisa ngarobah kahirupan abdi, jeung ku naon abdi bisa percaya yén kahayang abdi téh sakeudeung deui bakal jadi kanyataan.

Abdi lahir dina taun 1941 di Paris, Prancis. Kulawarga abdi téh saderhana. Abdi resep pisan diajar, jadi abdi sedih pisan pas umur sapuluh taun, abdi dibéré nyaho abdi téh keuna tuberkulosis (TBC) jeung dititah eureun sakola heula. Ku dokter abdi dititah istirahat di kasur supaya paru-paru abdi teu capé teuing. Jadi keur sababaraha bulan téh abdi ngan maca kamus jeung ngadéngé acara ti Radio Sorbonne nu disiarkeun ku University of Paris. Terus pas dokter ngabéjaan yén abdi téh geus cageur jeung bisa balik deui ka sakola, abdi meni bungah pisan. Abdi téh mikir, ’Jadi dokter téh meni hébat pisan nya!’ Ti dinya, abdi jadi boga cita-cita pikeun nyageurkeun batur ogé. Si Bapa téh sok nanya, engké mun abdi geus gedé rék jadi naon. Abdi pasti ngajawab, ”Abdi mah hayang jadi dokter.” Kitu mimitina abdi resep kana élmu kadokteran téh.

ÉLMU ALAM NGARAKETKEUN ABDI JEUNG ALLAH

Kulawarga abdi téh agamana Katolik, tapi abdi teu nyaho Allah téh siga kumaha jeung aya loba nu abdi teu ngarti. Sanggeus abdi kuliah kadokteran, abdi jadi percaya yén kahirupan téh diciptakeun.

Abdi inget, waktu mimiti abdi ningali sél tulip maké mikroskop, abdi tajub pisan kana réaksi sél éta waktu keuna panas jeung tiis. Abdi gé ningali sitoplasma (bagian ti sél) ngaleutikan waktu keuna ku uyah jeung mekar waktu diasupkeun ka cihérang. Ku lantaran kasanggupan jiga kieu sarta nu séjénna, mahluk hirup téh bisa adaptasi jeung kaayaan di sakurilingna. Waktu abdi ningali kasanggupan sél nu luar biasa, abdi jadi percaya yén kahirupan téh henteu ujug-ujug aya.

Dina taun kadua kuliah kadokteran, abdi manggihan bukti-bukti nu ngayakinkeun yén Allah téh aya. Dina kelas anatomi, urang diajarkeun yén gerakan ramo-ramo pikeun lempeng atawa nekuk téh dipangaruhan ku rancangan leungeun urang. Posisi otot, urat, jeung jaringan pengikat téh dirancang meni luar biasa. Misalna, aya urat nu nyambungkeun otot leungeun jeung tulang ruas kadua di ramo urang. Dina ruas éta, urat nu tadi téh kabagi jadi dua. Tuluy, aya urat séjén nu liwat di handapeunana jeung terus nyambung nepi ka tungtung ramo. Geus kitu, aya jaringan-jaringan nu kuat nu ngabantu urat éta cicing di deukeut tulang ramo urang. Mun teu aya ieu kabéh, urat-urat di leungeun urang téh bakal jadi lempeng jeung kaku nepi ka jari-jari urang teu bisa ditekuk.

Abdi beuki tajub deui ka Gusti Nu Nyipta sanggeus diajarkeun kumaha orok nu kakara lahir mulai narik napas sorangan. Abdi diajarkeun, waktu jabang bayi masih kénéh di jero kandungan, manéhna téh narima oksigén ti indungna liwat tali ari-ari. Jadi, alvéoli (kantong-kantong udara nu leutik pisan) di jero paru-paru jabang bayi can kaeusi ku udara jeung tacan mekar. Sababaraha minggu saacan orok éta lahir, aya cairan nu disebut surfaktan nu ngalapisan bagian jero alvéoli. Ku ayana surfaktan, bagian jero alvéoli éta moal silih napel jeung engkéna bisa mekar waktu kaeusi ku udara. Sanggeus orok éta lahir jeung mimiti pisan narik napas, aya sababaraha kajadian nu luar biasa. Lobang dina jantung orok téh nutup sorangan, tuluy getih mulai ngalir ka paru-paru. Geus kitu, alvéoli di paru-paru mulai kaeusi ku udara jeung ahirna orok éta bisa napas sorangan.

Abdi hayang kenal ka Pribadi nu nyiptakeun ieu kabéh. Jadi, basa éta abdi mulai bener-bener maca Alkitab. Abdi tajub pisan kana hukum kabersihan nu dibéré ku Allah ka bangsa Israél leuwih ti 3.000 taun ka tukang. Allah nitah bangsa Israél pikeun ngubur kotoran jeung sering mersihan diri ku cai. Geus kitu lamun aya jelema nu kaciri boga panyakit nu bisa népa, manéhna kudu dipisahkeun. (Ima. 13:50; 15:11; Pam. 23:13) Alkitab geus ngajelaskeun ngeunaan kumaha hiji panyakit bisa népa, tapi kakara 150 taun ka tukang para ahli manggihan hal ieu. Tuluy, dina buku Imamat aya hukum ngeunaan séks nu ngajaga kaséhatan bangsa Israél. (Ima. 12:1-6; 15:16-24) Ku kituna abdi nyimpulkeun, Allah nu Nyipta téh méré hukum-hukum éta ka bangsa Israél supaya maranéhna séhat. Salian ti éta, Allah gé ngaberkahan saha waé nu taat kana hukum ti Anjeunna. Abdi jadi yakin, Alkitab téh kekecapan ti Allah. Tapi, basa éta abdi can nyaho saha nami Allah.

CARITANA ABDI PANGGIH JEUNG PAMAJIKAN SARTA KENAL KA YÉHUWA

Abdi jeung Lydie pas keur nikah, 3 April 1965

Basa kuliah kadokteran, abdi panggih jeung saurang awéwé nu ngaranna Lydie, abdi bogoh ka manéhna. Jadi dina taun 1965, urang duaan nikah. Harita, abdi masih kénéh kuliah. Terus dina taun 1971, urang geus boga tilu budak. Ayeuna urang boga genep budak. Lydie téh terus ngadukung abdi, boh dina pagawéan boh dina kulawarga.

Saacan boga klinik, abdi digawé di hiji rumah sakit salila tilu taun. Teu lila sanggeus muka klinik, aya salaki pamajikan nu rék dipariksa ku abdi. Salaki pamajikan ieu téh dua pasién nu tadi dicaritakeun di awal. Waktu abdi rék nulis resép keur salakina, pamajikanana ngomong ka abdi, ”Dokter, tulung nya ubarna ulah nu aya getihna.” Abdi reuwas jeung nanya, ”Hah, ku naon?” Manéhna ngajawab, ”Urang téh Saksi-Saksi Yéhuwa.” Abdi can pernah ngadéngé Saksi-Saksi Yéhuwa atawa kapercayaanana ngeunaan getih. Jadi pamajikanana ngaluarkeun Alkitab jeung ningalikeun ayat-ayat nu ngajelaskeun ku naon maranéhna téh embung narima getih. (Kis. 15:28, 29) Tuluy salaki pamajikan éta némbongkeun naon nu bakal diwujudkeun ku Pamaréntahan Allah dina mangsa ka hareup, siga nyingkirkeun kasangsaraan, panyakit, jeung maot. (Why. 21:3, 4) Abdi ngomong ka maranéhna, ”Naon nu dicaritakeun tadi téh kahayang abdi ti leutik kénéh! Abdi téh jadi dokter supaya euweuh nu sangsara deui.” Basa éta, urang ngobrol ramé pisan nepi ka sajam satengah. Waktu salaki jeung pamajikan éta indit, abdi téh geus teu hayang deui jadi urang Katolik. Ayeuna abdi geus nyaho Allah nu Nyipta nu matak tajub téh boga nami, nyaéta Yéhuwa!

Salaki pamajikan éta datang ka klinik abdi tilu kali. Unggal ngobrol jeung maranéhna téh pasti leuwih ti sajam. Jadi, maranéhna ku abdi diajak ka imah abdi supaya bisa leuwih jongjon ngabahas Alkitabna. Harita Lydie ogé daék miluan diajar Alkitab, tapi manéhna masih can bisa narima yén pangajaran ti Katolik téh salah. Jadi, abdi ménta saurang pastor datang ka imah abdi. Urang debat ngeunaan pangajaran ti garéja nepi ka peuting. Harita, urang ngan ngagunakeun Alkitab. Ti dinya, Lydie jadi yakin yén nu bener téh nu diajarkeun ku Saksi Yéhuwa. Terus, urang duaan jadi leuwih nyaah ka Allah Yéhuwa jeung ahirna dibaptis dina taun 1974.

NGUTAMAKEUN YÉHUWA

Sanggeus diajar kahayang Allah keur umat manusa, kahirupan abdi téh barobah. Keur abdi jeung Lydie mah, ngawula Yéhuwa téh jadi hal nu pangpentingna dina kahirupan urang. Urang hayang ngajarkeun barudak maké naséhat-naséhat Alkitab. Urang hayang ngajar barudak supaya nyaah ka Allah jeung ka batur. Éta nu ngahijikeun kulawarga urang.​—Mat. 22:37-39.

Mun inget jaman baheula téh sok bodor, budak abdi geus apaleun urang duaan téh kompak. Maranéhna nyaho, urang nyieun aturan di imah nuturkeun paréntah Isa, ”Lamun manéh ngomong ’Enya’ kudu enya, lamun ’Henteu’ kudu henteu.” (Mat. 5:37) Sakali waktu, pas budak awéwé abdi umur 17 taun, manéhna téh hayang indit jeung babaturanana, tapi teu meunang ku Lydie. Terus, hiji babaturanana ngomong, ”Nya mun ku si Mamah teu meunang, ménta ka si Bapa atuh.” Tapi ceuk budak abdi, ”Ah keur naon, pasti jawabanana sarua.” Jadi kabéh genep budak abdi geus apal yén urang duaan téh kompak nuturkeun prinsip Alkitab. Ayeuna abdi bungah pisan lantaran kulawarga abdi beuki ngagedéan jeung loba nu ngalalayanan Yéhuwa.

Mémang kadokteran téh geus lain nu pangpentingna dina kahirupan abdi. Tapi, abdi hayang ngagunakeun élmu ieu pikeun ngabantu umat Allah. Ku kituna, abdi ngadaptar sabagé sukarélawan di Bétel. Abdi jadi dokter di Bétel Paris, tuluy di Bétel Louviers. Abdi geus ampir 50 taun jadi komuter. Ku kituna abdi jadi boga sobat di Bétel, sababaraha sobat abdi umurna geus 90 taunan. Hiji poé, abdi reuwas pisan waktu panggih jeung saurang anggota Bétel nu anyar. Ari pék téh, 20 taun ka tukang abdi nu ngabantu indungna ngalahirkeun manéhna!

ABDI NINGALI KUMAHA YÉHUWA NGURUS UMATNA

Beuki lila, abdi beuki nyaah ka Yéhuwa. Abdi ningali kumaha Yéhuwa ngabingbing jeung ngajaga umat-Na liwat organisasi-Na. Dina awal taun 1980-an, Badan Pingpinan nyieun pangaturan di Amerika Serikat. Tujuanana téh pikeun ngabantu dokter jeung patugas médis ngarti ku naon Saksi-Saksi Yéhuwa embung ngagunakeun getih.

Tuluy dina taun 1988, Badan Pingpinan nyieun hiji departemén nu disebut Pelayanan Informasi Rumah Sakit. Departemén ieu ngawaskeun kagiatan Panitia Penghubung Rumah Sakit (PPRS) di Amerika Serikat. PPRS éta ngabantu pasién Saksi pikeun néangan palayanan kaséhatan nu cocog keur maranéhna. Ahirna, PPRS téh diayakeun di sakuliah dunya, kaasup di Prancis. Abdi bungah pisan bisa ningali organisasi Yéhuwa ngabantu sadérék-sadérék urang nu keur gering!

KAHAYANG ABDI NU JADI KANYATAAN

Urang duaan resep nguarkeun warta hadé ngeunaan Pamaréntahan Allah

Mémang abdi téh resep pisan kana kadokteran. Tapi mun dipikir deui, abdi sadar nu pangpentingna téh ngabantu batur kenal jeung ngawula Allah Yéhuwa, Sumber kahirupan urang. Sanggeus pénsiun, abdi jeung Lydie jadi panaratas biasa. Unggal bulan, urang sibuk nguarkeun warta hadé ngeunaan Pamaréntahan Allah. Urang duaan hayang sabisa-bisana ngadukung kagiatan nu bisa nyalametkeun batur.

Abdi jeung Lydie, taun 2021

Abdi hayang terus ngabantu jalma-jalma nu gering. Tapi abdi sadar, dokter nu panghébatna gé moal bisa nyageurkeun kabéh panyakit atawa ngaleungitkeun maot. Jadi, abdi ngadago-dago pisan leungitna kanyeri, panyakit, jeung maot. Engké di dunya anyar, abdi bakal boga loba waktu pikeun diajar ngeunaan ciptaan Allah, kaasup rancangan awak manusa nu luar biasa. Mémang kahayang abdi ti leutik téh karék sawaréh ngawujudna, tapi abdi yakin kabéhanana bakal ngawujud di mangsa ka hareup!