Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 13

Ibadah Sajati téh Mawa Kabungah

Ibadah Sajati téh Mawa Kabungah

”Yéhuwa, Allah urang-urang nu gedé kawasana, Gusti layak dimulyakeun jeung dihormat.”​—WHY. 4:11.

KAWIH 31 Rumaket ka Allah

NU DIBAHAS *

1-2. Kumaha carana supaya ibadah urang ditarima ku Yéhuwa?

 WAKTU ngadéngé kecap ”ibadah”, naon nu kapikiran ku Sadérék? Meureun Sadérék ngabayangkeun saurang jalma nu keur ngadoa ka Yéhuwa bari sideku. Atawa, Sadérék ngabayangkeun hiji kulawarga nu keur ngabahas Alkitab babarengan.

2 Dina dua kaayaan éta, mémang maranéhna téh keur ibadah. Tapi, naha ibadah maranéhna pasti ditarima ku Yéhuwa? Enya, lamun ibadahna luyu jeung kahayang Anjeunna sarta dilakukeun ku lantaran maranéhna nyaah jeung ngahormat ka Yéhuwa. Nya, urang pasti nyaah pisan ka Yéhuwa. Anjeunna téh mémang layak disembah ku urang. Urang gé hayang ngajalankeun ibadah urang sahadé-hadéna.

3. Naon nu bakal dibahas dina artikel ieu?

3 Dina artikel ieu, urang bakal ningali jiga kumaha ibadah dina jaman baheula nu ditarima ku Yéhuwa. Urang gé bakal ngabahas dalapan hal nu dipikahayang ku Yéhuwa dina ibadah urang. Ku kituna, urang bisa mikirkeun carana supaya leuwih hadé dina ngajalankeun ibadah. Urang gé bakal ngabahas ku naon urang bakal bagja lamun ngajalankeun ibadah ku cara nu bener.

IBADAH DINA JAMAN BAHEULA NU DITARIMA KU YÉHUWA

4. Saacan aya sidang Kristen, kumaha jalma-jalma nu nyembah Yéhuwa némbongkeun yén maranéhna ngahormat jeung nyaah ka Anjeunna?

4 Saacan aya sidang Kristen, jalma-jalma nu satia jiga Habél, Nuh, Ibrahim, jeung Ayub némbongkeun yén maranéhna téh ngahormat sarta nyaah ka Yéhuwa. Kumaha carana? Liwat kataatan, iman, sarta pangorbanan maranéhna. Dina Alkitab, henteu disebutkeun naon waé nu kudu dilakukeun ku maranéhna dina ibadah. Tapi, nu pasti mah maranéhna sabisa-bisa ngamulyakeun Yéhuwa. Jadi, ibadah maranéhna ditarima ku Anjeunna. Sanggeus éta, Yéhuwa méré Hukum Musa ka turunanana Ibrahim. Dina hukum-hukum ieu dijelaskeun sacara rinci jiga kumaha ibadah nu ditarima ku Yéhuwa.

5. Aya parobahan naon dina ibadah ka Yéhuwa sanggeus Isa maot jeung dihirupkeun deui?

5 Sanggeus Isa maot jeung dihirupkeun deui, Yéhuwa teu ngawajibkeun umat-Na pikeun nuturkeun Hukum Musa deui. (Rm. 10:4) Tapi, urang Kristen dibéré hukum nu anyar, nyaéta ”hukum Al-Masih.” (Gal. 6:2) Maranéhna bisa nuturkeun ”hukum” ieu lain ku ngapalkeun jeung ngajalankeun daptar aturan ngeunaan nu meunang jeung teu meunang dilakukeun, tapi ku cara nuturkeun tuladan Isa sarta ngajalankeun pangajaranana. Ayeuna gé, urang Kristen téh sahadé-hadéna nuturkeun tuladan Isa supaya bisa nyenangkeun Yéhuwa jeung bisa ”ngarasa dikuatkeun”.​—Mat. 11:29.

6. Kumaha urang bisa meunang mangpaat tina artikel ieu?

6 Bari ngabahas dalapan hal dina ibadah urang, pék pikirkeun: ’Abdi geus nyieun kamajuan naon dina hal ieu? Kumaha supaya abdi bisa leuwih hadé dina ngajalankeun ibadah?’ Tangtu Sadérék bisa bungah kana naon nu geus dilakukeun ku Sadérék nepi ka ayeuna, tapi Sadérék gé perlu ménta bantuan ka Yéhuwa pikeun ningali naon deui nu bisa ditingkatkeun ku Sadérék.

NAON WAÉ NU KAASUP DINA IBADAH URANG?

7. Kumaha pandangan Yéhuwa kana doa urang nu tina haté?

7 Ngadoa ka Yéhuwa. Kitab Suci nyaruakeun doa urang jiga dupa nu bener-bener disiapkeun pikeun disanggakeun di tabernakel, jeung ka dieunakeun di bait. (Jab. 141:2) Éta dupa téh ngaluarkeun seuseungitan anu nyenangkeun Allah. Kitu deui, doa urang nu tina haté téh ”kamanah” ku Allah, sanajan kekecapan urang téh saderhana. (Sil. 15:8; Pam. 33:10) Urang bisa yakin yén Yéhuwa bungah waktu urang ngungkabkeun kanyaah sarta rasa sukur urang ka Anjeunna. Anjeunna hayang ngadéngékeun naon kahariwangan urang, harepan urang, jeung kahayang urang. Jadi saacan ngadoa ka Yéhuwa, urang bisa bener-bener mikirkeun heula naon nu hayang diucapkeun ku urang. Ku kituna, urang téh sarua jiga nyanggakeun ”dupa” nu panghadéna ka Bapa urang di sorga.

8. Dina kagiatan naon urang bisa ngamulyakeun Yéhuwa?

8 Ngamulyakeun Yéhuwa. (Jab. 34:2) Urang bisa ngamulyakeun Yéhuwa ku cara nyaritakeun sipat-sipat sarta pagawéana-Na nu luar biasa ka batur. Supaya bisa ngamulyakeun Yéhuwa, urang kudu boga rasa sukur. Lamun urang nyadiakeun waktu pikeun mikirkeun kahadéan Yéhuwa sarta naon nu geus dilakukeun ku Anjeunna keur urang, pasti aya loba alesan pikeun ngamulyakeun Anjeunna. Dina kagiatan pangwawaran, urang bisa ”nyanggakeun korban pujian ka Allah, nyaéta ngagunakeun biwir urang”. (Ibr. 13:15) Saacan ngadoa, urang téh kudu bener-bener mikirkeun naon nu rék diucapkeun. Kitu ogé saacan ngawawar, urang kudu bener-bener mikirkeun naon nu rék diucapkeun. Urang hayang nyanggakeun ”korban pujian” nu panghadéna ka Allah, éta sababna urang sumanget ngawawar ka batur.

9. Sarua jiga urang Israél dina jaman baheula, naon mangpaatna lamun urang datang ka pasamoan? Caritakeun pangalaman Sadérék.

9 Datang ka pasamoan. Baheula urang Israél dititah kieu, ”Tilu kali di jero sataun sakabeh [lalaki] bangsa maraneh kudu ngabarakti ka PANGERAN di tempat parantina.” (Pam. 16:16) Éta hartina, pas ibadah, imah maranéhna kudu ditinggalkeun, lahanna gé euweuh nu ngajagaan. Tapi Yéhuwa jangji, ”Sapanjang maraneh keur nekanan eta pesta anu tilu rupa, moal aya musuh anu wanieun ngarurug ka nagara maraneh.” (Bud. 34:24) Urang Israél datang ka acara taunan éta lantaran boga iman ka Yéhuwa. Maranéhna jadi narima loba mangpaat, misalna jadi leuwih ngarti Hukum Allah, bisa mikirkeun kahadéan Anjeunna, sarta bisa silih kuatkeun jeung dulur-dulur saiman. (Pam. 16:15) Ayeuna gé waktu urang masamoan, urang narima mangpaat sanajan kudu nyieun pangorbanan. Geus kitu, Yéhuwa gé bakal bungah mun urang nyiapkeun koméntar nu singget jeung bener-bener dipikirkeun.

10. Ku naon ngawih téh kaasup bagian nu penting dina ibadah urang?

10 Ngawih bareng jeung dulur saiman. (Jab. 28:7) Keur urang Israél, ngawih téh bagian nu penting dina ibadah. Malah, Raja Daud nugaskeun 288 urang Léwi pikeun jadi tukang ngawih di bait. (1 Bab. 25:1, 6-8) Ayeuna, waktu urang ngawihkeun lagu pupujian, urang bisa ngungkabkeun kanyaah urang ka Allah. Urang teu kudu jadi jalma nu jago ngawih pikeun muji Yéhuwa. Pikirkeun ieu: ”Urang kabéh téh sering nyieun salah” dina omongan, tapi éta teu ngahalangan urang pikeun ngomong dina palayanan jeung di sidang. (Yak. 3:2) Jadi, urang gé bisa ngawih muji Yéhuwa sanajan urang teu jago ngawih.   

11. Jiga nu dijelaskeun dina Jabur 48:13, ku naon urang kudu boga jadwal pikeun diajar Alkitab babarengan jeung kulawarga?

11 Diajar Firman Allah jeung ngajarkeunana ka barudak. Dina poé Sabat, urang Israél téh eureun tina kagiatan sapopoéna. Éta téh kasempetan pikeun nguatkeun hubungan maranéhna jeung Yéhuwa. (Bud. 31:16, 17) Maranéhna gé bisa ngajarkeun barudakna ngeunaan Yéhuwa sarta kahadéana-Na. Nah, ayeuna urang gé kudu boga jadwal pikeun maca jeung diajar Firman Allah. Ku naon? Ieu téh bagian tina ibadah urang sarta bisa ngabantu urang pikeun leuwih raket ka Yéhuwa. (Jab. 73:28) Urang gé kudu diajar Alkitab bareng jeung kulawarga. Dina ibadah kulawarga, urang bisa ngabantu barudak urang supaya nyobat jeung Bapa di sorga nu nyaahan.​—Baca Jabur 48:13.

12. Urang bisa diajar naon tina pandangan Yéhuwa kana pagawéan nyieunan parabot tabernakel?

12 Ngabangun jeung ngarawat tempat ibadah. Yéhuwa nganggap pagawéan pikeun nyieun tabernakel jeung parabotna téh sabagé palayanan nu suci. (Bud. 36:1, 4) Ayeuna gé, Yéhuwa nganggap pagawéan ngabangun Balé Karajaan jeung fasilitas téokratis séjénna sabagé palayanan nu suci. Aya sadérék-sadérék nu ngagunakeun loba waktuna pikeun ngadukung pagawéan ieu. Pasti urang ngahargaan pisan bantuan maranéhna kana kagiatan nu ngadukung Pamaréntahan Allah. Tangtu maranéhna gé tetep ngawawar, malah meureun aya nu hayang jadi panaratas. Para kokolot gé bisa ngadukung kagiatan pangwangunan ku cara henteu ngahalangan sadérék nu hayang jadi panaratas lamun manéhna geus nyumponan sarat. Tapi saupama urang teu boga kaahlian dina pangwangunan gé, urang kabéh bisa milu ngarawat jeung ngajaga bangunan tetep bersih.

13. Kumaha sakuduna pandangan urang kana sumbangan nu ngadukung kagiatan Pamaréntahan Allah?

13 Méré sumbangan pikeun ngadukung kagiatan Pamaréntahan Allah. Waktu rék ibadah ka Yéhuwa, urang Israél téh kudu mawa pangbakti. (Pam. 16:16) Maranéhna téh méré pangbakti sakumaha kasanggupan masing-masing. Ku kituna, maranéhna némbongkeun yén maranéhna téh ngahargaan hal-hal rohani nu geus disadiakeun ku Yéhuwa. Ayeuna, kumaha urang bisa némbongkeun kanyaah jeung rasa sukur urang kana sagala nu geus disadiakeun ku Yéhuwa? Salah sahiji carana nyaéta méré sumbangan keur sidang jeung keur kagiatan di sakuliah dunya sakumaha kasanggupan urang. Rasul Paulus nulis, ”Lamun saurang jalma méréna iklas, éta dipikaresep ku Allah, da Allah hayang manéhna méré sakumaha kasanggupanana, lain di luar kasanggupanana.” (2 Kor. 8:4, 12) Jadi, Yéhuwa pasti ngahargaan lamun urang iklas méré sumbangan, teu sual sabaraha jumlahna.​—Mar. 12:42-44; 2 Kor. 9:7.

14. Dumasar Siloka 19:17, kumaha pandangan Yéhuwa kana bantuan urang ka dulur saiman nu ngabutuhkeun?

14 Ngabantu dulur saiman nu ngabutuhkeun. Yéhuwa jangji yén Anjeunna bakal ngaberkahan urang Israél nu ngabantu jalma nu miskin. (Pam. 15:7, 10) Lamun urang mantuan dulur saiman nu keur ngabutuhkeun, Yéhuwa nganggap éta téh paméré keur Anjeunna. (Baca Siloka 19:17.) Misalna, waktu urang Kristen di Filipi méré bantuan ka Paulus nu keur dipanjara, Paulus nganggap éta téh jiga ”kurban nu seungit, nu nyenangkeun Allah”. (Flp. 4:18) Pék pikirkeun, ’Di sidang, aya teu sadérék nu butuh bantuan?’ Yéhuwa téh resep pisan lamun urang ngagunakeun waktu, tanaga, katarampilan, jeung pangaboga urang pikeun ngabantu maranéhna. Yéhuwa nganggap éta téh bagian tina ibadah urang.​—Yak. 1:27.

IBADAH SAJATI TÉH MAWA KABUNGAH

15. Najan butuh upaya jeung waktu, ku naon ibadah ka Yéhuwa téh sabenerna henteu beurat?

15 Pikeun ibadah ka Yéhuwa téh urang butuh upaya jeung waktu. Tapi éta téh sabenerna henteu beurat. (1 Yah. 5:3) Ku naon? Ku sabab urang nyaah ka Anjeunna. Ibaratna kieu: Aya saurang budak nu hayang méré hadiah ka bapana. Meureun éta budak téh ngagambar salila mangjam-jam, tapi manéhna moal ngarasa geus miceunan waktu. Manéhna nyaah ka bapana jeung bungah bisa méré gambar éta ka bapana. Kitu ogé jeung urang. Urang téh nyaah ka Yéhuwa, jadi urang pasti bungah bisa ibadah ka Yéhuwa sanajan butuh upaya jeung waktu.

16. Nurutkeun Ibrani 6:10, kumaha pandangan Yéhuwa kana upaya urang pikeun nyenangkeun Anjeunna?

16 Kolot nu nyaahan pasti teu ngarepkeun unggal budakna méré hadiah nu sarua. Maranéhna apal, kaayaan unggal budak téh béda-béda. Kitu ogé jeung Bapa urang nu nyaahan. Anjeunna ngarti yén kaayaan unggal jalma téh béda-béda. Sadérék meureun bisa méré leuwih loba tibatan batur. Atawa, meureun Sadérék teu bisa méré loba jiga batur lantaran umur, kaséhatan, atawa tanggung jawab kulawarga. Mun kitu, ulah leutik haté. (Gal. 6:4) Yéhuwa moal mopohokeun pagawéan Sadérék. Anjeunna bakal bungah lamun Sadérék méré nu panghadéna jeung ku niat nu bener. (Baca Ibrani 6:10.) Yéhuwa gé apal naon nu sabenerna hayang dilakukeun ku Sadérék. Anjeunna hayang Sadérék bungah jeung ngarasa puas kana naon nu sanggup Sadérék lakukeun keur Anjeunna.

17. (a) Urang kudu kumaha lamun ngarasa hésé pikeun ngalakukeun sababaraha hal dina ibadah urang? (b) Sadérék ngarasakeun teu mangpaatna ngalarapkeun salah sahiji hal tina kotak ” Sadérék Bakal Leuwih Bungah”?

17 Kumaha lamun urang ngarasa hésé pikeun ngalakukeun sababaraha hal anu geus dibahas tadi, misalna jiga diajar Alkitab atawa ngawawar? Leuwih sering urang ngalakukeunana, urang gé bakal leuwih resep jeung meunang leuwih loba mangpaat. Ibadah urang téh bisa disaruakeun jiga olahraga atawa maén musik. Lamun urang jarang latihan, urang moal nyieun kamajuan. Tapi, béda caritana lamun urang latihan unggal poé. Mimitina meureun latihanana ngan sakeudeung, tapi beuki lila waktuna beuki ditambahan. Lamun urang ningali hasilna, urang bakal leuwih resep jeung ngadago-dago pikeun latihan deui. Ieu gé bisa dilarapkeun dina ibadah urang.

18. Naon hal nu pangpentingna nu bisa dilakukeun ku urang, jeung naon hasilna?

18 Hal nu pangpentingna nu bisa dilakukeun ku urang téh nyaéta méré nu panghadéna dina ibadah urang ka Yéhuwa. Hasilna, urang bakal bagja jeung puas, sarta urang gé boga harepan pikeun ibadah ka Yéhuwa salilana. (Sil. 10:22) Ayeuna, urang gé bisa ngarasa tenang lantaran nyaho Yéhuwa téh bakal mantuan umat-Na pikeun nyanghareupan masalah. (Yes. 41:9, 10) Urang pasti bungah bisa ibadah ka Bapa nu nyaahan nu ”layak dimulyakeun jeung dihormat” ku kabéh ciptaana-Na!​—Why. 4:11.

KAWIH 24 Hayu ka Gunung Yéhuwa

^ par. 5 Sabagé Allah Nu Nyipta, Yéhuwa téh layak disembah. Anjeunna bakal narima ibadah urang lamun urang nuturkeun paréntah sarta prinsip-prinsip ti Anjeunna. Dina artikel ieu, urang bakal ngabahas dalapan hal ngeunaan ibadah urang. Urang gé bakal ningali kumaha urang bisa leuwih hadé deui dina ngalakukeunana sarta kumaha éta bisa ngabantu urang leuwih bagja.