Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 17

Para Indung, Pék Conto Éunike

Para Indung, Pék Conto Éunike

”Gugu pitutur nu jadi indung. [Éta] matak alus kana ahlak, lir kongkorong atawa sorban nambahan pantes kana dangdanan.”​—SIL. 1:8, 9.

KAWIH 137 Para Wanoja nu Satia Ngawula

NU DIBAHAS a

Indungna jeung ninina Timotius, nyaéta Éunike jeung Lois, meni bungah jeung reueus ningali Timotius dibaptis jeung jadi urang Kristen (Tingali paragrap 1)

1-2. (a) Saha Éunike téh, jeung tangtangan naon nu disanghareupan ku manéhna sabagé indung? (b) Béré koméntar ngeunaan gambar dina sampul hareup.

 ALKITAB henteu nyaritakeun ngeunaan baptisan Timotius. Tapi pasti harita indungna Timotius, nyaéta Éunike, bungah pisan. (Sil. 23:25) Bayangkeun sakumaha reueusna Éunike waktu Timotius rék diteuleumkeun kana cai. Di gigireun Éunike aya Lois, ninina Timotius. Pas Timotius diteuleumkeun kana cai, meureun Éunike téh degdegan. Sanggeus kaluar tina cai, rarayna Timotius meni sumringah. Bakating ku bungah, clak cipanon Éunike ngeclak geus teu katahan deui. Éunike téh geus bener ngadidik budakna pikeun nyaah ka Yéhuwa jeung ka Putra-Na, Isa Al-Masih. Tantangan naon waé nu disanghareupan Éunike pikeun ngadidik Timotius?

2 Indung jeung bapana Timotius téh nganut agama nu béda. Bapana téh urang Yunani, ari indung jeung ninina mah urang Yahudi. (Kis. 16:1) Katingalina Timotius téh masih ngora kénéh basa Éunike jeung Lois jadi urang Kristen. Tapi, bapana mah teu jadi urang Kristen. Kumaha jeung Timotius? Katingalina, Timotius téh geus cukup umur pikeun nangtukeun pilihanana sorangan. Naha manéhna bakal nuturkeun agama bapana? Naha manéhna bakal nuturkeun tradisi urang Yahudi nu geus diajarkeun ti leutik? Atawa, manéhna bakal jadi muridna Isa Al-Masih?

3. Nurutkeun Siloka 1:8, 9, kumaha pandangan Yéhuwa kana usaha para indung nu ngadidik barudakna pikeun nyobat jeung Anjeunna?

3 Ayeuna gé, para indung téh pasti nyaah ka kulawargana. Maranéhna sabisa-bisana mantuan barudakna pikeun nyobat jeung Yéhuwa. Usaha maranéhna pasti dihargaan ku Yéhuwa. (Baca Siloka 1:8, 9.) Yéhuwa geus mantuan loba indung pikeun ngadidik barudakna supaya nyobat jeung Anjeunna.

4. Tangtangan naon nu disanghareupan ku para indung?

4 Bisa jadi, aya indung nu hariwang budakna téh bakal ngawula Yéhuwa siga Timotius atawa henteu. Can deui, ayeuna barudak téh nyanghareupan loba tangtangan di dunya Sétan ieu. (1 Pét. 5:8) Aya ogé indung nu sorangan dina ngagedékeun budakna atawa aya nu salakina téh henteu ngawula Yéhuwa. Misalna, saurang sadérék istri nu ngaranna Christine. b Manéhna nyarita, ”Salaki abdi téh kapala kulawarga nu tanggung jawab jeung nyaah pisan ka barudak. Tapi, manéhna ngalarang abdi ngadidik barudak pikeun jadi Saksi-Saksi Yéhuwa. Salila mangtaun-taun, abdi téh sering ceurik lantaran mikirkeun kumaha carana supaya barudak bisa ngawula Yéhuwa.”

5. Naon nu bakal dibahas dina artikel ieu?

5 Para indung, Sadérék gé bisa siga Éunike. Dina artikel ieu, urang bakal ngabahas kumaha urang bisa nyonto tuladan Éunike pikeun ngajar barudak liwat omongan jeung laku lampah. Urang gé bakal diajar kumaha Yéhuwa bisa ngabantu Sadérék.

AJAR BUDAK LIWAT OMONGAN SADÉRÉK

6. Siga nu disebutkeun dina 2 Timotius 3:14, 15, ku naon Timotius jadi urang Kristen?

6 Ti leutik kénéh, Timotius geus diajarkeun Kitab Suci ku indungna, siga nu dilakukeun ku urang Yahudi. Tapi pamahaman indungna téh teu pati loba, lantaran manéhna teu nyaho nanaon ngeunaan Isa Al-Masih. Najan kitu, nu diajarkeun ka Timotius téh geus cukup keur manéhna pikeun jadi urang Kristen. Tapi, naha manéhna daék jadi urang Kristen? Timotius boga hak pikeun nangtukeun rék jadi urang Kristen atawa henteu. Tapi ku indungna, Timotius ”geus diyakinkeun pikeun percaya” ka Isa. (Baca 2 Timotius 3:14, 15.) Sanajan nyanghareupan tangtangan, Éunike pasti bungah pisan lantaran bisa ngajarkeun budakna ngeunaan Yéhuwa. Harti ngaran Éunike téh nyaéta ”nalukkeun”. Nya mémang bener, manéhna geus nalukkeun atawa ngéléhkeun tangtangan dina ngabantu Timotius nyaah jeung ngawula Yéhuwa.

7. Sanajan Timotius geus dibaptis, kumaha Éunike terus ngabantu Timotius?

7 Sanajan Timotius geus dibaptis, Éunike téh masih kénéh hariwang. Manéhna mikirkeun naon nu bakal dilakukeun ku budakna. Naha Timotius bakal milih babaturan nu teu bener? Naha manéhna bakal sakola di Athéna jeung narima pangajaran kapir di ditu? Naha manéhna bakal ngorbankeun waktu, tanaga, jeung kahirupanana pikeun ngudag kakayaan? Mémang Éunike teu bisa maksa, tapi manéhna bisa ngabantu Timotius pikeun nyieun putusan nu bijaksana. Kumaha carana? Manéhna kudu terus ngajarkeun budakna supaya bener-bener nyaah ka Yéhuwa jeung ngahargaan naon nu geus dilakukeun ku Yéhuwa jeung Isa. Tangtangan pikeun ngadidik budak téh lain disanghareupan ku kolot nu béda agama hungkul. Kolot nu duanana ngawula Yéhuwa gé bisa jadi ngarasa hésé pikeun ngabantu budakna supaya ngawula Yéhuwa. Jadi, para kolot bisa diajar naon tina tuladan Éunike?

8. Kumaha saurang indung bisa ngabantu salakina nu Saksi pikeun ngurus pangabutuh rohani barudak?

8 Diajar Alkitab bareng jeung barudak. Sadérék-Sadérék istri, lamun salaki Sadérék saurang Saksi, Yéhuwa hayang Sadérék ngadukung manéhna pikeun ngurus pangabutuh rohani barudak. Carana, Sadérék bisa terus ngadukung acara Ibadah Kulawarga. Sadérék bisa ngungkabkeun hal-hal anu positif ngeunaan acara ieu jeung mikirkeun kumaha supaya acarana bisa leuwih pikaresepeun. Meureun Sadérék bisa ngabantu salaki ngarencanakeun proyék husus pikeun palajaran Alkitab. Geus kitu, mun aya budak Sadérék nu geus rada gedé jeung bisa diajar maké buku Hirup Bagja Salilana!, meureun Sadérék bisa mantuan salaki ngajar budak.

9. Lamun salaki lain Saksi, kumaha saurang indung bisa meunang bantuan?

9 Aya sababaraha indung nu kudu mandu palajaran Alkitab keur barudakna. Bisa jadi, éta téh lantaran manéhna geus teu boga salaki atawa salakina lain Saksi. Mun éta nu kaalaman ku Sadérék, ulah hariwang teuing. Yéhuwa bakal mantuan Sadérék. Sadérék gé bisa ngagunakeun alat bantu pangajaran nu disadiakeun ku Yéhuwa liwat organisasi-Na. Terus, Sadérék bisa tatanya ka kolot séjén nu geus pangalaman dina ngagunakeun alat bantu ieu dina ibadah kulawarga. c (Sil. 11:14) Sadérék gé bisa ménta bantuan Yéhuwa supaya ngarti kana pikiran jeung eusi haté barudak. (Sil. 20:5) Meureun mimitina Sadérék bisa ngajak ngobrol budak jeung nanyakeun naon tangtangan nu pangbeuratna di sakola.

10. Naon deui nu bisa dilakukeun ku Sadérék pikeun ngajarkeun barudak ngeunaan Yéhuwa?

10 Téangan kasempetan pikeun ngajar barudak ngeunaan Yéhuwa. Pék caritakeun ngeunaan Yéhuwa jeung hal-hal nu geus dilakukeun ku Anjeunna keur Sadérék. (Pam. 6:6, 7; Yes. 63:7) Ieu téh penting pisan, komo lamun Sadérék teu bisa rutin ngajarkeun Alkitab ka barudak di imah. Christine nu disebutkeun saacanna nyarita kieu, ”Abdi téh teu bisa sering-sering ngajarkeun Alkitab ka barudak. Jadi, abdi ngamangpaatkeun unggal kasempetan sahadé-hadéna. Misalna waktu urang keur ulin atawa maén parahu, urang téh sok ngobrolkeun ngeunaan ciptaan Yéhuwa jeung hal-hal rohani séjénna. Waktu barudak beuki gedé, abdi ngajurung maranéhna supaya diajar Alkitab sorangan.” Salian ti éta, Sadérék gé kudu nyaritakeun hal-hal hadé ngeunaan organisasi Yéhuwa jeung ngeunaan sadérék-sadérék séjén. Ulah ngiritik para kokolot. Ku kituna mun barudak butuh bantuan, maranéhna moal asa-asa ngomong ka para kokolot.

11. Dumasar Yakobus 3:18, ku naon urang kudu ngajaga kaayaan di imah tetep rukun?

11 Jaga kaayaan di imah tetep rukun. Sing sering ngungkabkeun kanyaah ka salaki jeung barudak. Sadérék kudu ngahormat salaki jeung ngomongkeun hal-hal nu hadé ngeunaan manéhna. Sadérék gé perlu ngalatih barudak pikeun ngalakukeun hal nu sarua. Ku kituna, Sadérék ngajaga kaayaan di imah tetep rukun, sugan wé barudak jadi leuwih bébas pikeun diajar ngeunaan Yéhuwa. (Baca Yakobus 3:18.) Perhatikeun conto ti Josef, anu ngawula salaku panaratas istiméwa di Rumania. Basa masih rumaja kénéh, bapana ngahalang-halang manéhna, indungna, jeung adi lanceukna pikeun ngawula Yéhuwa. Josef nyarita, ”Si Mamah téh ngupayakeun pisan pikeun ngajaga kaayaan di imah tetep rukun. Najan si Bapa kasar pisan, si Mamah mah tetep bageur. Waktu barudak mulai teu ngahargaan jeung teu taat ka si Bapa, si Mamah ngabahas Éfésus 6:1-3. Tuluy si Mamah nyaritakeun sipat-sipat hadé si Bapa jeung ngabantu barudak pikeun ngahargaan si Bapa. Si Mamah bisa ngajaga kaayaan di imah tetep rukun.”

AJAR BUDAK LIWAT LAKU LAMPAH SADÉRÉK

12. Siga nu disebutkeun dina 2 Timotius 1:5, naon pangaruh tina tuladan Éunike keur Timotius?

12 Baca 2 Timotius 1:5. Éunike téh méré tuladan nu alus keur Timotius. Manéhna pasti ngajar Timotius yén iman téh kudu dibuktikeun liwat laku lampah. (Yak. 2:26) Timotius pasti ningali yén laku lampah hadé indungna digerakkeun ku kanyaahna nu kuat ka Yéhuwa. Timotius gé bisa ningali, indungna téh bagja lantaran ngawula Yéhuwa. Naon pangaruh tuladan Éunike keur Timotius? Siga nu dicatet ku Rasul Paulus, Timotius gé boga iman nu sarua siga indungna. Ieu téh lain kabeneran. Timotius ningali tuladan indungna sarta kageuing pikeun nuturkeunana. Kitu ogé ayeuna, para indung bisa ngageuing haté anggota kulawargana pikeun ngawula Yéhuwa sanajan ”teu kudu ngomong nanaon”. (1 Pét. 3:1, 2) Sadérék gé bisa kitu. Kumaha carana?

13. Ku naon saurang indung kudu miheulakeun sosobatanana jeung Yéhuwa?

13 Piheulakeun sosobatan Sadérék jeung Yéhuwa. (Pam. 6:5, 6) Sarua siga para indung séjénna, Sadérék gé pasti nyieun loba pangorbanan. Sadérék ngorbankeun waktu, duit, waktu saré, jeung nu séjénna pikeun ngurus pangabutuh barudak. Tapi, ulah sibuk teuing nepi ka Sadérék ngorbankeun sosobatan Sadérék jeung Yéhuwa. Sing rutin ngadoa, palajaran pribadi, jeung masamoan. Ku kituna, karohanian Sadérék bakal beuki kuat sarta Sadérék gé bisa jadi tuladan nu alus keur kulawarga jeung dulur-dulur saiman.

14-15. Sadérék bisa diajar naon tina tuladan Leanne, Maria, jeung Joe?

14 Hayu urang tingali kumaha tuladan indung bisa ngageuing sababaraha budak ngora pikeun nyaah sarta percaya ka Yéhuwa. Budakna Christine nu ngaranna Leanne nyarita, ”Urang téh teu bisa diajar Alkitab lamun aya si Bapa. Tapi, si Mamah téh tetep rajin datang ka pasamoan. Tuladan sarta kayakinan si Mamah ngabantu barudak pikeun boga iman nu kuat. Ku kituna, jauh saacan datang ka pasamoan, urang geus nyaho nu diajarkeun ku Saksi téh bebeneran.”

15 Bapana Maria téh sok ngahukum kulawargana lamun datang ka pasamoan. Maria nyarita, ”Si Mamah téh salah sahiji sadérék nu pangwanina nu abdi kenal. Waktu leutik, abdi sok sieun ngalakukeun hiji hal ku lantaran sieun diomongkeun ku batur. Tapi, abdi ningali si Mamah téh meni wani jeung terus ngutamakeun Yéhuwa dina kahirupanana. Ningali éta, abdi jadi teu sieun deui ka manusa.” Joe boga bapa nu ngalarang kulawargana ngabahas hal-hal rohani di imah. Joe nyarita, ”Si Mamah téh daék ngorbankeun sagalana pikeun nyenangkeun si Bapa. Tapi, si Mamah teu pernah ngorbankeun kanyaahna ka Yéhuwa. Meureun, baheula éta nu ngageuing abdi.”

16. Bisa jadi, naon pangaruh tina tuladan saurang indung keur dulur-dulur saiman séjénna?

16 Para indung, sing inget, tuladan Sadérék téh méré pangaruh ka batur. Kumaha bisa? Pék perhatikeun kumaha pangaruh tuladan Éunike keur Rasul Paulus. Paulus nyebutkeun yén iman Timotius nu teu munapék téh ”mimitina dipiboga ku . . . Éunike”. (2 Tim. 1:5) Iraha Paulus mulai merhatikeun iman Éunike? Katingalina dina perjalanan utusan injilna nu kahiji. Harita, manéhna panggih jeung Lois sarta Éunike di Listra. Sigana, Paulus ogé nu mantuan maranéhna pikeun jadi urang Kristen. (Kis. 14:4-18) Kira-kira 15 taun ti harita, Paulus nulis surat ka Timotius. Paulus inget kénéh kana kasatiaan Éunike sarta ngajurung dulur-dulur saimanna pikeun nyonto Éunike. Pasti tuladan Éunike téh nguatkeun pisan Rasul Paulus sarta urang Kristen séjénna dina abad kahiji. Lamun Sadérék kudu sorangan ngagedékeun budak atawa batur hirup Sadérék teu saiman, sing yakin kasatiaan Sadérék gé pasti bisa nguatkeun sarta ngajurung dulur-dulur saiman séjénna.

Mantuan budak Sadérék pikeun nyaah ka Yéhuwa téh butuh waktu. Jadi, ulah nyerah! (Tingali paragrap 17)

17. Sadérék kudu kumaha lamun usaha Sadérék pikeun ngadidik budak téh katingalina euweuh hasilna?

17 Kumaha lamun usaha Sadérék pikeun ngadidik budak téh katingalina euweuh hasilna? Sing inget, ngalatih budak téh butuh waktu. Siga nu aya dina gambar, waktu melak tutuwuhan, meureun Sadérék mikir, ieu bakal buahan teu nya? Mémang, Sadérék teu bisa nangtukeun hasilna. Tapi, Sadérék bakal terus nyébor supaya tutuwuhan éta boga kasempetan pikeun tumuwuh. (Mar. 4:26-29) Kitu ogé sabagé indung, meureun Sadérék mikir, urang bisa ngageuing haté barudak teu nya? Mémang, Sadérék teu bisa nangtukeun hasilna. Tapi lamun Sadérék terus ngalakukeun nu panghadéna pikeun ngadidik barudak, maranéhna jadi boga kasempetan pikeun nyobat jeung Yéhuwa.​—Sil. 22:6.   

ANDELKEUN BANTUAN YÉHUWA

18. Kumaha Yéhuwa bisa mantuan barudak Sadérék pikeun tumuwuh sacara rohani?

18 Ti baheula kénéh, Yéhuwa téh geus mantuan loba pisan barudak ngora pikeun jadi sobat-Na. (Jab. 22:10, 11) Anjeunna gé bisa mantuan barudak Sadérék pikeun tumuwuh sacara rohani, asal barudak Sadérék daék. (1 Kor. 3:6, 7) Malah saupama barudak Sadérék katingalina mulai ngajauh ti Yéhuwa, Anjeunna mah tetep ngawaskeun jeung nyaah ka maranéhna. (Jab. 11:4) Engké lamun maranéhna némbongkeun yén maranéhna boga sikep nu bener, Anjeunna siap narik maranéhna deui. (Kis 13:48; 2 Bab. 16:9) Yéhuwa gé bisa mantuan Sadérék ngucapkeun hal nu bener-bener dibutuhkeun ku barudak Sadérék, nu pas dina waktuna. (Sil. 15:23) Anjeunna gé bisa ngagerakkeun sadérék-sadérék di sidang pikeun ngadeukeutan barudak Sadérék. Sanajan barudak Sadérék geus déwasa, Yéhuwa gé bisa ngingetan deui maranéhna kana naon nu baheula geus diajarkeun ku Sadérék. (Yah. 14:26) Lamun Sadérék terus ngajar barudak Sadérék ku omongan jeung laku lampah, Yéhuwa bakal ngaberkahan Sadérék.

19. Ku naon Sadérék bisa yakin yén Sadérék téh dipikaresep ku Yéhuwa?

19 Yéhuwa téh nyaah ka Sadérék, teu sual naon putusan barudak Sadérék. Anjeunna téh nyaah ka Sadérék ku lantaran Sadérék nyaah ka Anjeunna. Lamun Sadérék ngan sorangan dina ngagedékeun budak, Yéhuwa jangji ka Sadérék yén Anjeunna bakal jadi Bapa keur barudak Sadérék jeung jadi Panyalindungan Sadérék. (Jab. 68:6) Mémang, Sadérék teu bisa nangtukeun putusan nu dipilih ku barudak. Tapi lamun Sadérék terus ngandelkeun bantuan ti Yéhuwa jeung terus usaha sabisa-bisana, Sadérék bakal dipikaresep ku Yéhuwa.

KAWIH 134 Barudak Kurnia ti Allah

a Artikel ieu bakal ngabahas kumaha para indung bisa nyonto tuladan ti Éunike, indungna Timotius. Artikel ieu gé ngabantu para indung supaya bisa ngadidik barudakna pikeun kenal jeung nyaah ka Yéhuwa.

b Sababaraha ngaran geus diganti.

c Misalna, tingali bab 50 dina buku Hirup Bagja Salilana! jeung artikel ”Ide-ide untuk Ibadat Keluarga dan Pelajaran Pribadi” dina Menara Pengawal 15 Agustus 2011, kaca 6-7.