Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 18

Kumaha Carana Netepkeun jeung Ngudag Cita-Cita Rohani?

Kumaha Carana Netepkeun jeung Ngudag Cita-Cita Rohani?

”Pikirkeun bener-bener hal-hal ieu, jeung tujukeun perhatian manéh ka dinya, ngarah kamajuan manéh katingali jelas ku kabéh jalma.”​—1 TIM. 4:15.

KAWIH 84 Tingkatkeun Upaya dina Ngawula

NU DIBAHAS a

1. Urang bisa netepkeun cita-cita rohani naon waé?

 SABAGÉ urang Kristen, urang téh pasti nyaah pisan ka Yéhuwa. Urang hayang méré nu panghadéna ka Anjeunna. Pikeun ngalakukeunana, urang kudu netepkeun cita-cita rohani, siga ngamekarkeun sipat-sipat Kristen, diajar katarampilan anyar, sarta néangan cara pikeun ngabantu batur. b

2. Ku naon urang kudu netepkeun jeung ngudag cita-cita rohani?

2 Ku naon urang kudu terus nyieun kamajuan rohani? Utamana supaya bisa nyenangkeun Bapa urang di sorga. Yéhuwa téh bungah lamun urang sabisa-bisana ngagunakeun katarampilan urang pikeun ngawula Anjeunna. Salian ti éta, urang hayang nyieun kamajuan rohani supaya bisa leuwih loba ngabantu dulur-dulur saiman urang. (1 Tés. 4:9, 10) Jadi, teu sual geus sabaraha lila urang dibaptis, urang téh bisa nyieun kamajuan rohani. Hayu urang tingali carana.

3. Siga nu dicatet dina 1 Timotius 4:12-16, Rasul Paulus méré naséhat naon ka Timotius?

3 Waktu Rasul Paulus nulis suratna nu kahiji ka Timotius, sabenerna Timotius téh geus jadi kokolot. Tapi, Paulus tetep ngajurung Timotius pikeun nyieun kamajuan rohani. (Baca 1 Timotius 4:12-16.) Perhatikeun, Paulus téh hayang Timotius ningkatkeun diri dina dua hal. Kahiji, ngamekarkeun sipat-sipat Kristen, siga kanyaah, iman, jeung kamurnian. Kadua, ningkatkeun katarampilanana, siga maca di hareupeun umum, méré naséhat, jeung ngajar batur. Urang bakal ngabahas kumaha tuladan Timotius bisa ngabantu urang pikeun netepkeun cita-cita supaya urang bisa nyieun kamajuan rohani. Urang gé bakal ngabahas naon deui nu bisa dilakukeun dina palayanan.

MEKARKEUN SIPAT-SIPAT KRISTEN

4. Nurutkeun Filipi 2:19-22, ku naon Timotius bisa jadi palayan nu hadé?

4 Ku naon Timotius bisa jadi palayan nu hadé? Lantaran manéhna téh boga sipat-sipat Kristen nu alus. (Baca Filipi 2:19-22.) Waktu Paulus nyaritakeun ngeunaan Timotius, urang bisa ningali Timotius téh rendah haté, satia, getol digawé, jeung bisa diandelkeun. Manéhna gé nyaah jeung perhatian pisan ka dulur-dulur saimanna. Ku kituna, Paulus nyaah ka Timotius jeung teu asa-asa méré tanggung jawab nu gedé. (1 Kor. 4:17) Kitu ogé jeung urang. Mun urang ngamekarkeun sipat-sipat Kristen, Yéhuwa bakal nyaah ka urang jeung ngagunakeun urang pikeun mantuan sidang.​—Jab. 25:9; 138:6.

Tangtukeun sipat mana nu rék dimekarkeun ku Sadérék (Tingali paragrap 5-6)

5. (a) Kumaha Sadérék bisa nangtukeun sipat Kristen naon nu rék dimekarkeun? (b) Mun ningali gambar, kumaha budak ngora ieu ngupayakeun pikeun leuwih rasrasan ka batur?

5 Tangtukeun sipat naon nu rék dimekarkeun. Pék pikirkeun jeung doakeun sipat-sipat naon nu perlu dimekarkeun ku Sadérék, terus pilih salah sahijina. Misalna, Sadérék bisa ngamekarkeun sipat rasrasan atawa kahayang pikeun mantuan dulur saiman. Sadérék gé bisa jadi jalma nu leuwih resep rukun jeung daék ngahampura. Sadérék bisa ménta saran ka sobat Sadérék ngeunaan cara ngamekarkeun sipat-sipat éta.​—Sil. 27:6.

6. Kumaha Sadérék bisa ngamekarkeun sipat nu hadé?

6 Udag cita-cita Sadérék. Kumaha carana? Salah sahijina ku cara diajar ngeunaan sipat nu hayang dimekarkeun. Misalna lamun Sadérék hayang jadi jalma nu leuwih hampuraan, Sadérék bisa maca jeung ngalenyepan conto nu aya dina Alkitab, nu daék ngahampura jeung nu henteu. Perhatikeun conto Isa. Manéhna téh daék ngahampura batur. (Luk. 7:47, 48) Manéhna teu nginget-nginget kasalahan batur, tapi leuwih merhatikeun naon nu bisa dilakukeun ku batur. Ari urang Farisi dina jaman Isa mah ”sok nyapirakeun batur”. (Luk. 18:9) Sanggeus ningali conto ieu, pék pikirkeun, ’Kumaha pandangan abdi ka batur? Abdi leuwih merhatikeun sipat manéhna nu mana?’ Lamun Sadérék ngarasa hésé pikeun ngahampura manéhna, pék tulis saloba-lobana sipat hadé ti manéhna. Terus pikirkeun: ’Kumaha pandangan Isa ka manéhna? Isa bakal ngahampura manéhna teu?’ Lamun urang ngalakukeun ieu, urang bisa ngarobah cara pikir urang. Meureun, mimitina urang ngarasa hésé pikeun ngahampura jalma nu nganyenyeri urang. Tapi lamun urang terus ngupayakeunana, lila-lila urang bakal leuwih gampang pikeun ngahampura.

DIAJAR KATARAMPILAN ANYAR

Daék ngarélakeun diri pikeun ngarawat Balé Karajaan (Tingali paragrap 7) e

7. Dina Siloka 22:29, kumaha Yéhuwa ngagunakeun hamba-hamba-Na nu tarampil kiwari?

7 Sadérék gé bisa netepkeun cita-cita séjén, siga diajar katarampilan anyar. Pék pikirkeun sabaraha loba rélawan nu dibutuhkeun pikeun ngawangun fasilitas Bétel, Balé Kongrés, sarta Balé Karajaan? Loba ti maranéhna téh diajar katarampilan anyar ti sadérék-sadérék nu leuwih pangalaman. Siga dina gambar, sadérék pameget jeung sadérék istri ieu téh diajar carana ngarawat Balé Kongrés jeung Balé Karajaan. Ku cara-cara ieu, Yéhuwa, ”Raja nu abadi”, sarta Isa Al-Masih, ”Raja nu ngawasaan sakabéh raja”, bisa ngagunakeun jalma-jalma nu boga katarampilan pikeun ngagawékeun hal nu luar biasa. (1 Tim. 1:17; 6:15; baca Siloka 22:29.) Urang tangtu hayang sabisa-bisana digawé jeung ngagunakeun katarampilan urang pikeun ngamulyakeun Yéhuwa, lainna diri sorangan.

8. Kumaha Sadérék bisa nangtukeun katarampilan naon nu rék ditingkatkeun?

8 Tangtukeun katarampilan naon nu rék ditingkatkeun. Naon waé nu bisa ditingkatkeun? Pék tanyakeun ka kokolot, atawa bisa ogé ka pangawas wilayah. Lamun maranéhna méré saran pikeun ningkatkeun carana nepikeun hutbah jeung cara ngajar Sadérék, tanyakeun dina hal naon Sadérék bisa ningkatkeunana. Pék terus latihan. Kumaha Sadérék bisa ngalakukeun hal ieu?

9. Kumaha Sadérék bisa ngudag cita-cita?

9 Udag cita-cita Sadérék. Lamun Sadérék hayang leuwih tarampil dina ngajar, Sadérék bisa maca brosur Sing Leukeun dina Maca jeung Ngajar. Misalna, pas Sadérék meunang tugas dina pasamoan tengah minggu, saacanna Sadérék bisa ménta bantuan ka sadérék nu leuwih tarampil pikeun ngadéngékeunana jeung méré saran. Siapkeun tugas Sadérék jauh saacanna, supaya batur bisa ningali Sadérék téh getol jeung bisa diandelkeun.​—Sil. 21:5; 2 Kor. 8:22.

10. Béré conto kumaha urang bisa ningkatkeun katarampilan urang.

10 Kumaha mun Sadérék ngarasa hésé pikeun ningkatkeun katarampilan Sadérék? Ulah nyerah! Saurang sadérék nu ngaranna Garry téh teu pati lancar maca. Manéhna inget kénéh sakumaha éra manéhna waktu nyoba maca ku sora nu tarik di pasamoan. Najan kitu, manéhna terus upaya pikeun ningkatkeun diri. Ku kituna, sanggeus dilatih ku sadérék nu leuwih tarampil jeung ngalarapkeun saran-saran tina publikasi, ayeuna manéhna bisa nepikeun hutbah di pasamoan, kongrés wilayah, sarta kongrés régional!

11. Siga Timotius, kumaha urang bisa ngalakukeun leuwih loba keur Yéhuwa?

11 Naha enya cara Timotius ngajar jeung nepikeun hutbah téh luar biasa? Alkitab teu pernah nyebutkeunana. Tapi, Timotius téh jadi leuwih tarampil dina ngajalankeun tugasna ku lantaran nuturkeun naséhatna Paulus. (2 Tim. 3:10) Kitu ogé, lamun urang ningkatkeun katarampilan urang, urang bakal bisa ngalakukeun leuwih loba keur Yéhuwa.

TÉANGAN CARA PIKEUN NGABANTU BATUR

12. Kumaha batur bisa mantuan urang?

12 Urang téh bisa narima bantuan ti batur. Misalna, waktu urang dirawat di rumah sakit, urang pasti bungah lamun dilongok ku para kokolot nu ngawula sabagé Panitia Penghubung Rumah Sakit atawa Kelompok Pengunjung Pasien. Geus kitu, waktu urang boga masalah dina kahirupan, urang gé pasti nganuhunkeun kana bantuan ti kokolot nu daék ngadéngékeun jeung nguatkeun urang. Waktu urang butuh bantuan pikeun ngajarkeun Alkitab, urang pasti atoh lamun aya panaratas nu daék maturan jeung mantuan urang. Maranéhna téh bungah waktu mantuan urang. Urang gé bisa ngarasakeun kabungah nu sarua lamun urang daék nulungan dulur-dulur saiman. Ceuk Isa, ”Leuwih bagja méré tibatan nampa.” (Kis. 20:35) Tapi, kumaha carana lamun urang hayang ngalakukeun leuwih loba keur Yéhuwa?

13. Naon nu kudu dipikirkeun waktu urang rék netepkeun cita-cita?

13 Tetepkeun cita-cita nu jelas. Misalna bisa jadi Sadérék mikir, ’Abdi hayang ngalakukeun leuwih loba keur sidang.’ Tapi, meureun Sadérék ngarasa bingung kumaha cara ngalakukeunana, jeung katingalina éta téh mustahil pikeun dilakukeun. Jadi, pék tetepkeun cita-cita nu jelas. Sadérék gé bisa nuliskeun cita-citana sarta rencana pikeun ngudagna.

14. Ku naon urang kudu asup akal waktu netepkeun cita-cita?

14 Urang kudu asup akal waktu netepkeun cita-cita. Ku naon? Sabab urang teu bisa ngatur sagala kaayaana. Pék pikirkeun ieu: Baheula Paulus téh ngadegkeun sidang nu anyar di kota Tésalonika. Pasti manéhna hayang cicing heula di ditu jeung mantuan jalma-jalma nu kakara jadi urang Kristen. Hanjakalna, para musuh maksa Paulus pikeun ninggalkeun éta kota. (Kis. 17:1-5, 10) Lamun Paulus keukeuh pikeun cicing di ditu, manéhna bisa ngabahayakeun dulur-dulur saimanna. Tapi, Paulus teu nyerah pikeun mantuan dulur-dulur saimanna. Manéhna daék nyaluyukeun diri jeung kaayaan. Ka dieunakeun, manéhna ngutus Timotius pikeun nguatkeun urang Kristen di Tésalonika. (1 Tés. 3:1-3) Urang Tésalonika pasti bungah pisan lantaran aya Timotius nu daék ngarélakeun diri pikeun ngabantu maranéhna.

15. Kumaha kaayaan bisa mangaruhan cita-cita urang? Béré contona.

15 Urang bisa diajar tina pangalaman Paulus waktu manéhna di Tésalonika. Meureun, urang téh geus netepkeun cita-cita. Tapi bisa jadi, aya kaayaan nu ngahalangan urang pikeun ngudag cita-cita éta. (Pan. 9:11) Mun kitu, urang bisa netepkeun cita-cita séjén. Ieu nu dilakukeun ku salaki pamajikan nu ngaranna Ted jeung Hiedi. Lantaran masalah kaséhatan, maranéhna kudu ninggalkeun Bétel. Tapi lantaran nyaah ka Yéhuwa, maranéhna terus néangan cara pikeun ngawula Yéhuwa. Mimitina maranéhna jadi panaratas biasa. Tuluy maranéhna ditugaskeun jadi panaratas istiméwa, sarta Ted gé meunang palatihan sabagé pangawas wilayah cadangan. Terus, pangaturan ngeunaan watesan umur keur pangawas wilayah téh barobah. Ted jeung Hiedi apal, lantaran geus kolot, maranéhna geus teu bisa deui ngajalankeun tugas ieu. Najan kuciwa, maranéhna terus néangan cara pikeun ngawula Yéhuwa. Ceuk Ted, ”Urang diajar yén urang téh bisa ngawula Yéhuwa ku rupa-rupa cara, lain ngan hiji cara hungkul.”

16. Urang bisa diajar naon tina Galatia 6:4?

16 Urang teu bisa ngatur sakabéh hal dina kahirupan urang. Ku kituna, ulah ngabanding-bandingkeun tugas urang jeung tugas batur. Hiedi nyaritakeun, ”Urang moal bagja lamun ngabandingkeun kahirupan urang jeung kahirupan batur.” (Baca Galatia 6:4.) Jadi, pék pikirkeun kumaha carana supaya urang bisa ngalakukeun nu panghadéna pikeun ngabantu batur jeung ngawula Yéhuwa. c

17. Kumaha supaya Sadérék bisa nyumponan sarat pikeun cita-cita Sadérék?

17 Supaya bisa ngalakukeun leuwih loba keur Yéhuwa, pék jaga hirup Sadérék tetep saderhana jeung ulah ngahutang pikeun hal-hal nu teu perlu. Saacan ngudag cita-cita nu gedé, Sadérék bisa netepkeun cita-cita nu leuwih saderhana. Misalna lamun Sadérék hayang jadi panaratas biasa, ti ayeuna Sadérék bisa naratas ékstra unggal bulanna. Lamun Sadérék hayang jadi palayan sidang, Sadérék bisa leuwih sering dines sarta nganjangan sadérék nu gering atawa nu sepuh di sidang. Nu dilakukeun ku Sadérék ayeuna bisa jadi méré kasempetan pikeun meunang tanggung jawab nu leuwih gedé ka hareupna. Jadi, sing sabisa-bisa ngalakukeun nu panghadéna dina tugas naon waé nu dibikeun ka Sadérék.​—Rm. 12:11.

Tetepkeun cita-cita nu bisa diudag ku Sadérék (Tingali paragrap 18) f

18. Siga dina gambar, urang biasa diajar naon ti Sadérék Beverley?

18 Teu sual sabaraha umur urang, urang téh masih bisa netepkeun jeung ngudag cita-cita rohani. Perhatikeun pangalaman Beverley, saurang sadérék istri nu umurna 75 taun. Manéhna téh boga masalah kaséhatan nu beurat nu ngalantarankeun manéhna hésé leumpang. Tapi, manéhna hayang pisan ngadukung kagiatan husus pikeun Pangéling-ngéling. Jadi, manéhna téh netepkeun cita-cita. Waktu manéhna bisa ngudag cita-cita éta, manéhna meni bungah pisan. Malahan mah, batur gé jadi kajurung pikeun nuturkeun tuladan manéhna. Yéhuwa pasti ngahargaan naon nu geus dilakukeun ku sadérék-sadérék nu sepuh, sanajan kaayaan maranéhna kawates.​—Jab. 71:17, 18.

19. Naon waé cita-cita rohani nu bisa ditetepkeun ku urang?

19 Tangtukeun cita-cita nu rék diudag ku Sadérék. Mekarkeun sipat-sipat nu bisa nyenangkeun Yéhuwa. Pék diajar katarampilan anyar supaya bisa ngalakukeun leuwih loba hal keur Allah sarta organisasi-Na. Pék téangan kumaha carana supaya urang bisa leuwih loba ngabantu dulur-dulur saiman urang. d Ku bantuan Allah, urang gé bisa siga Timotius nu ’kamajuanana katingali jelas ku kabéh jalma’.​—1 Tim. 4:15.

KAWIH 38 Mantenna Bakal Nguatkeun Anjeun

a Timotius téh pawarta nu tarampil. Tapi, Rasul Paulus tetep ngajurung manéhna pikeun terus maju sacara rohani. Timotius nuturkeun naséhat Rasul Paulus, ku kituna manéhna bisa terus digunakeun ku Yéhuwa jeung mantuan dulur-dulur saimanna. Naha Sadérék daék siga Timotius nu ngalakukeun sabisa-bisana pikeun ngawula Yéhuwa sarta dulur-dulur saiman? Pasti Sadérék gé daék. Ku kituna, cita-cita naon nu bisa ditetepkeun ku Sadérék jeung naon nu kudu dilakukeun pikeun ngudagna?

b KATERANGAN TAMBAHAN: Cita-cita rohani téh kaasup ngalakukeun nu panghadéna pikeun méré leuwih loba ka Yéhuwa jeung nyenangkeun Anjeunna.

c Tingali ”Melayani di Tempat yang Lebih Membutuhkan” dina buku Diorganisasi untuk Melakukan Kehendak Yehuwa, bab 10, par. 6-9.

d Tingali bab 60, ”Kuatkeun Sosobatan Anjeun jeung Yéhuwa”, dina buku Hirup Bagja Salina!

e KATERANGAN GAMBAR: Dua sadérék istri keur dilatih pikeun ngarawat Balé. Maranéhna diajar katarampilan anyar.

f KATERANGAN GAMBAR: Sadérék istri nu teu bisa kamamana méré kasaksian liwat telepon sarta ngondang batur ka Pangéling-ngéling.