Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Pananya ti Nu Maca

Pananya ti Nu Maca

Kumaha pandangan Alkitab ngeunaan nyieun sumpah?

Sumpah téh nyaéta ”ucapan atawa jangji nu resmi jeung sérius pisan pikeun ngalakukeun hiji hal, seringna mamawa ngaran Allah . . . pikeun jadi saksina”. Sumpah bisa ditulis atawa ngan diucapkeun hungkul.

Aya nu mikir, urang téh teu meunang nyieun sumpah ku lantaran Isa nyebutkeun, ”Ulah ngucap sumpah. . . . Lamun manéh ngomong ’Enya’ kudu enya, lamun ’Henteu’ kudu henteu. Leuwih ti éta mah asalna ti si jahat.” (Mat. 5:33-37) Tangtu Isa apal, dina hukum Musa téh aya sababaraha sumpah nu kudu diucapkeun ku urang Israél. Sababaraha hamba Allah gé pernah ngucapkeun sumpah. (Kaj. 14:22, 23; Bud. 22:10, 11) Isa gé apal, Yéhuwa nyieun sumpah. (Ibr. 6:13-17) Jadi, sabenerna Isa teu ngalarang urang pikeun nyieun sumpah. Tapi, manéhna ngingetan urang supaya teu saeutik-saeutik nyieun sumpah atawa nyieun sumpah nu tujuanana salah. Naon-naon nu dijangjikeun ku urang téh kudu dilaksanakeun, sabab éta nu dipikahayang ku Yéhuwa.

Jadi, kumaha lamun Sadérék dipénta pikeun nyieun sumpah? Mimitina, pastikeun heula sumpahna jang naon. Lamun Sadérék teu pati yakin mah, mendingan ulah. Firman Allah ngingetan, ”Leuwih hade entong kaul, ti batan kaul tapi henteu ditedunan.” (Pan. 5:5) Pikirkeun prinsip-prinsip Alkitab nu aya hubunganana jeung sumpah éta. Geus kitu, putuskeun rék nyieun sumpah atawa henteu, dumasar kana haté sanubari Sadérék. Nah, prinsip-prinsip Alkitab mana nu bisa ngabantu Sadérék?

Aya sababaraha sumpah nu sajalan jeung kahayang Allah. Misalna, waktu rék nikah, Saksi-Saksi Yéhuwa bakal ngucapkeun ikrar perkawinan. Ikrar ieu téh kaasup salah sahiji sumpah. Para panganten jangji di hareupeun Allah jeung para saksi yén maranéhna bakal silih pikacinta, silih pikanyaah, jeung silih hormat ”saumur hirup [maranéhna]”. (Bisa jadi pasangan séjén nu lain Saksi teu ngucapkeun ikrar nu sarua persis siga kieu, tapi intina mah maranéhna geus ngucapkeun ikrar di hareupeun Allah.) Sanggeusna, maranéhna bakal jadi salaki pamajikan sarta kudu jadi satunggal saumur hirupna. (Kaj. 2:24; 1 Kor. 7:39) Ikrar perkawinan ieu téh sajalan jeung nu dipikahayang ku Allah.

Aya sababaraha sumpah nu teu sajalan jeung kahayang Allah. Urang Kristen sajati moal nyieun sababaraha sumpah, misalna sumpah pikeun ngabéla nagara maké senjata atawa pikeun nyangkal imanna ka Allah, lantaran éta téh ngalanggar paréntah ti Allah. Urang Kristen mah ”lain bagian ti dunya”, jadi urang teu meunang miluan perang atawa masalah-masalah nu keur diributkeun ku dunya ieu.​—Yah. 15:19; Yes. 2:4; Yak. 1:27.

Aya sababaraha sumpah nu kudu diputuskeun sorangan dumasar kana haté sanubari. Ceuk Isa, ”Bayar ka Kaisar naon nu jadi hakna Kaisar, tapi bayar ka Allah naon nu jadi hakna Allah.”​—Luk. 20:25.

Urang kudu mikirkeun heula bener-bener saacan nyieun sumpah. Misalna, bisa jadi urang Kristen kudu nyieun sumpah lamun rék nyieun paspor atawa rék jadi warga negara hiji nagri. Lamun manéhna dititah nyieun sumpah pikeun ngalakukeun hal nu ngalanggar paréntah Allah, haté sanubarina moal ngidinan manéhna pikeun nyieun sumpah éta. Tapi, pamaréntah meureun ngidinan manéhna ngarobah kekecapanana saeutik supaya sumpahna teu ngaganggu haté sanubarina.

Lamun sumpahna bisa dirobah saeutik jeung manéhna ngarasa geus teu ngalanggar paréntah Allah, manéhna bisa ngucapkeun éta sumpah. Éta hartina manéhna téh taat kana paréntah Allah di Roma 13:1, ”Unggal jalma kudu tunduk ka pamaréntah.”

Lamun Sadérék kudu nyieun sumpah maké barang atawa gerakan awak, éta kudu diputuskeun ku haté sanubari. Misalna dina jaman baheula, urang Roma jeung urang Skit nyieun sumpah bari nyekel pedang. Éta nunjukkeun manéhna ngandelkeun kakuatan ti déwa perang. Terus, urang Yunani nyieun sumpah bari ngangkat leungeunna ka langit. Éta nunjukkeun manéhna percaya aya kakuatan nu leuwih hébat anu merhatikeun kalakuan sarta ucapan maranéhna. Maranéhna gé percaya kakuatan éta bisa diandelkeun ku manusa.

Nya, tangtu umat Yéhuwa mah moal nyieun sumpah maké lambang nagara atawa barang nu aya hubunganana jeung ibadah palsu. Tapi, kumaha lamun Sadérék kudu nyieun sumpah di pangadilan? Biasana urang kudu numpangkeun leungeun di luhureun Alkitab sarta sumpah bakal méré kasaksian nu jujur. Lamun kitu, Sadérék bisa ngalakukeunana sabab Alkitab gé nyatet ngeunaan sababaraha hamba Allah di jaman baheula nu nyieun sumpah maké gerakan awak. (Kaj. 24:2, 3, 9; 47:29-31) Tapi sing inget, lamun Sadérék nyieun sumpah siga kitu, éta hartina Sadérék ogé sumpah ka Allah bakal méré kasaksian nu jujur. Sadérék kudu jujur ngajawab sagala pananya nu diajukeun.

Urang pasti ngahargaan pisan sosobatan urang jeung Yéhuwa. Jadi saacan nyieun hiji sumpah, urang kudu ngadoa jeung mikirkeun bener-bener. Urang kudu mastikeun sumpah éta teu ngaganggu haté sanubari urang atawa ngalanggar prinsip-prinsip Alkitab. Lamun urang geus mutuskeun pikeun nyieun sumpah, urang kudu ngalaksanakeun éta sumpah.​—1 Pét. 2:12.