Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Pananya ti Nu Maca

Pananya ti Nu Maca

Lamun salaki Kristen megatkeun pamajikanana tapi dasarna lain tina Alkitab, terus manéhna kawin deui jeung batur, kumaha status perkawinanana nu baheula jeung nu anyar?

Lamun kaayaanana siga kitu, sidang nganggap perkawinanana nu baheula téh enggeusan waktu manéhna kawin deui jeung batur. Ayeuna manéhna jeung pamajikanana nu anyar téh geus kabeungkeut. Naon alesanana? Hayu urang perhatikeun kekecapan Isa waktu ngabahas ngeunaan pepegatan jeung kawin deui.

Dina Matius 19:9, Isa nerangkeun ngeunaan naon hiji-hijina dasar pikeun pepegatan. Ceuk Isa, ”Lamun aya nu megatkeun pamajikan, tapi lain disababkeun ku lampah cabul, tuluy kawin deui, manéhna téh jinah.” Tina kekecapan Isa, urang diajar (1) hiji-hijina dasar tina Alkitab pikeun pepegatan téh nyaéta jinah, jeung (2) salaki nu megatkeun pamajikanana tanpa dasar Alkitab, terus kawin deui jeung batur, manéhna téh ngalakukeun jinah. a

Jadi, naha enya maksud Isa téh salaki nu ngalakukeun lampah cabul jeung megatkeun pamajikanana bébas pikeun kawin deui? Henteu kitu. Lamun si salaki ngalakukeun lampah cabul, pamajikanana nu teu salah téh bisa mutuskeun rék ngahampura manéhna atawa henteu. Lamun pamajikanana embung ngahampura jeung ahirna maranéhna pepegatan sacara hukum, kakara duanana bébas pikeun kawin deui jeung batur.

Bisa jadi pamajikanana téh hayang mertahankeun perkawinan jeung daék ngahampura salakina. Tapi, kumaha mun si salaki keukeuh hayang pepegatan jeung megatkeun pamajikanana sacara sapihak? Si salaki téh henteu bébas pikeun kawin deui, lantaran sabenerna pamajikanana daék ngahampura jeung mertahankeun perkawinanana. Lamun si salaki terus ngalakukeun lampah cabul sarta kawin deui jeung batur, éta hartina manéhna téh ngalakukeun jinah deui. Mun kitu, kasusna ieu bakal diurus ku panitia pangadilan sidang.​—1 Kor. 5:1, 2; 6:9, 10.

Jadi dina pandangan Alkitab, kumaha status perkawinanana nu baheula jeung nu anyar ieu? Pamajikanana masih bisa ngahampura teu? Terus, perkawinan nu anyar ieu bakal dianggap sabagé jinah kitu?

Baheula mah, sidang nganggap manéhna jeung pamajikan nu anyar téh teterusan ngalakukeun lampah cabul salila mantan pamajikanana hirup kénéh, teu kawin deui jeung batur, sarta teu ngalakukeun lampah cabul. Tapi waktu Isa nerangkeun ngeunaan pepegatan jeung kawin deui, manéhna teu ngabahas ngeunaan batur hirup nu ditinggalkeun. Isa ngan ngajelaskeun, salaki nu megatkeun pamajikanana tanpa dasar Alkitab, terus kawin deui jeung batur, éta hartina manéhna ngalakukeun jinah. Éta ogé sakaligus nganggeuskeun perkawinanana nu baheula.

”Lamun aya nu megatkeun pamajikan, tapi lain disababkeun ku lampah cabul, tuluy kawin deui, manéhna téh jinah.”​—Mat. 19:9

Waktu perkawinanana nu baheula enggeusan, si mantan pamajikan téh geus teu bisa mutuskeun deui pikeun mertahankeun perkawinanana atawa henteu. Terus pandangan sidang kana perkawinanana nu anyar téh lain ditangtungkeun kana mantan pamajikanana masih hirup atawa geus maot, kawin deui jeung batur atawa henteu, atawa ngalakukeun lampah cabul atawa henteu. b

Dina conto di luhur, si salaki téh ngalakukeun jinah jeung tungtungna pepegatan. Kumaha mun si salaki teu jinah tapi megatkeun pamajikanana, terus kawin deui jeung batur? Atawa, kumaha mun si salaki ngalakukeun lampah cabulna téh sanggeus pepegatan, terus kawin deui jeung batur, padahal pamajikanana daék ngahampura manéhna? Manéhna téh megatkeun pamajikanana sarta kawin deui jeung batur, jadi manéhna téh ngalakukeun jinah. Sarta, éta gé nganggeuskeun perkawinanana nu baheula. Tapi, perkawinanana nu anyar téh sah sacara hukum. Majalah The Watchtower 15 Nopémber 1979, kaca 32, nyebutkeun, ”Ayeuna manéhna geus kawin deui sarta teu bisa sangeunahna nganggeuskeun perkawinanana nu anyar. Manéhna gé teu bisa balik deui ka kaayaan nu baheula. Perkawinan nu baheula téh enggeusan lantaran pepegatan, jinah, jeung manéhna kawin deui.”

Pamahaman nu anyar ieu téh teu nyapirakeun perkawinan nu suci atawa nyapirakeun sakumaha sériusna kasalahan tina jinah. Salaki nu megatkeun pamajikanana tanpa dasar Alkitab terus kawin deui jeung batur, padahal mah teu bisa dina pandangan Alkitab, bakal diadilan ku panitia pangadilan sidang. Manéhna dianggap geus ngalakukeun jinah. (Lamun pamajikanana nu anyar téh urang Kristen, manéhna bakal diadilan ogé ku panitia pangadilan sidang.) Mémang sanggeus kawin, maranéhna moal dianggap teterusan ngalakukeun lampah cabul. Tapi, si salaki moal dibéré tanggung jawab di sidang pikeun sababaraha taun nepi ka manéhna boga réputasi nu alus deui jeung teu jadi bahan celaeun deui di sidang. Sidang gé bakal mikirkeun kumaha kaayaan mantan pamajikanana sanggeus dihianatan jeung barudak leutik nu ditinggalkeun ku manéhna.​—Mal. 2:14-16.

Pepegatan jeung kawin deui téh bakal nyusahkeun pisan. Jadi, leuwih bijaksana lamun urang Kristen nuturkeun pandangan Yéhuwa ngeunaan perkawinan nu suci.​—Pan. 5:4, 5; Ibr. 13:4.

a Ngarah leuwih gampang, dina artikel ieu, urang nganggap nu jinah téh salaki. Tapi siga nu dicatet dina Markus 10:11, 12, Isa ngajelaskeun yén naséhat ieu téh teu ngan pikeun salaki hungkul, tapi ogé pikeun pamajikan.

b Ieu téh pamahaman nu anyar. Baheula urang boga pamahaman, salaki jeung pamajikan nu anyar téh dianggap teterusan ngalakukeun lampah cabul salila mantan pamajikanana hirup kénéh, teu kawin deui jeung batur, atawa teu ngalakukeun lampah cabul.