Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 16

Bungahna Méré nu Panghadéna ka Yéhuwa

Bungahna Méré nu Panghadéna ka Yéhuwa

”Masing-masing kudu mariksa lampahna sorangan.”​—GAL. 6:4.

KAWIH 37 Ngawula Yéhuwa Sagemblengna

NU DIBAHAS a

1. Naon nu bisa nyieun urang bener-bener bagja?

 YÉHUWA téh hayang urang bagja. Ti mana urang nyaho? Lantaran parasaan bagja atawa suka bungah téh kaasup buah nu dihasilkeun ku kawasa suci. (Gal. 5:22) Alkitab nyebutkeun leuwih bagja méré tibatan nampa, jadi urang bakal bener-bener bagja lamun sabisa-bisa ngawula Yéhuwa jeung mantuan dulur saiman.​—Kis. 20:35.

2-3. (a) Siga nu disebutkeun dina Galatia 6:4, dua hal naon nu bisa ngabantu urang supaya tetep bungah dina ngawula Yéhuwa? (b) Naon nu bakal dibahas dina artikel ieu?

2 Siga nu dicatet dina Galatia 6:4, Rasul Paulus nyebutkeun dua hal nu bisa ngabantu urang tetep bungah. (Baca.) Kahiji, urang kudu méré nu panghadéna ka Yéhuwa. Lamun urang méré nu panghadéna, urang bakal bungah. (Mat. 22:36-38) Kadua, urang teu meunang ngabanding-bandingkeun diri jeung batur. Sagala nu bisa dilakukeun ku karana kaséhatan urang atawa ku lantaran palatihan jeung kasanggupan urang, sakuduna urang nganuhunkeun ka Yéhuwa, sabab Anjeunna nu méré sagala hal ka urang. Tapi lamun batur leuwih tarampil dina palayanan, urang gé kudu milu bungah lantaran manéhna téh ngagunakeun kasanggupanana pikeun ngamulyakeun Yéhuwa, lain pikeun ngagulkeun dirina sorangan. Ulah nganggap manéhna saingan, tapi justru urang bisa diajar ti manéhna.

3 Dina artikel ieu, urang bakal ngabahas naon nu bisa ngabantu urang lamun urang ngarasa leutik haté lantaran teu bisa ngalakukeun kabéh hal nu dipikahayang dina palayanan. Urang gé bakal ngabahas kumaha carana ngagunakeun kasanggupan urang sahadé-hadéna sarta kumaha urang bisa diajar ti batur.

LAMUN TEU BISA NGALAKUKEUN NU DIPIKAHAYANG

Senangkeun haté Yéhuwa ku cara terus méré nu panghadéna saumur hirup urang (Tingali paragrap 4-6) b

4. Kaayaan naon nu bisa nyieun urang leutik haté? Béré contona.

4 Aya sababaraha umat Yéhuwa nu leutik haté lantaran manéhna ngolotan atawa boga masalah kaséhatan jadi teu bisa ngalakukeun loba hal deui keur Yéhuwa. Ieu nu kaalaman ku sadérék istri nu ngaranna Carol. Baheula, manéhna téh ngawula di tempat nu leuwih ngabutuhkeun loba pawarta. Di ditu, manéhna boga 35 palajar Alkitab sarta aya sababaraha nu ahirna ngabaktikeun diri jeung dibaptis. Manéhna téh ngabantu loba jalma jadi murid. Tapi ka dieunakeun manéhna gering, jadi kudu terus cicing di imah. Ceuk manéhna, ”Abdi nyaho, abdi teu bisa siga batur lantaran boga masalah kaséhatan. Tapi abdi jadi ngarasa abdi téh lain urang Kristen nu hadé. Kahayang jeung kanyataan téh teu sajalan, jadi abdi ngarasa leutik haté.” Najan kitu, Carol tetep hayang méré nu panghadéna keur Yéhuwa. Éta téh alus pisan! Urang yakin, Allah urang nu nyaahan téh pasti ngahargaan upayana.

5. (a) Naon nu kudu diinget lamun urang leutik haté lantaran kaayaan urang? (b) Mun ningali gambar, kumaha saurang sadérék terus méré nu panghadéna keur Yéhuwa?

5 Lamun urang ngarasa leutik haté lantaran kaayaan urang, pék pikirkeun, naon nu dipikahayang ku Yéhuwa? Yéhuwa hayang urang méré nu panghadéna, luyu jeung kaayaan urang ayeuna. Pék perhatikeun conto ieu. Saurang sadérék istri nu umurna 80 taun ngarasa leutik haté lantaran teu bisa ngalakukeun loba hal deui dina palayanan, teu siga basa manéhna umur 40 taunan. Manéhna mikir, najan geus méré nu panghadéna, éta moal bisa nyenangkeun Yéhuwa. Tapi, naha enya mémang kitu? Pikirkeun hal ieu. Waktu manéhna umur 40 taunan, manéhna geus méré nu panghadéna keur Yéhuwa. Nepi ka umur 80 taun, manéhna gé masih terus méré nu panghadéna keur Yéhuwa. Éta hartina manéhna teu pernah eureun méré nu panghadéna. Lamun urang ngarasa palayanan urang henteu nyenangkeun Yéhuwa, sing inget Yéhuwa anu nangtukeun naon anu bisa nyenangkeun Anjeunna. Jadi lamun urang méré nu panghadéna, Yéhuwa bakal ngomong ka urang, ”Alus pisan, Anaking!”​—Bandingkeun jeung Matius 25:20-23.

6. Urang bisa diajar naon tina tuladan Maria?

6 Urang bakal leuwih bungah lamun mikirkeun naon waé nu bisa dilakukeun, lain nu henteu bisa. Pék perhatikeun saurang sadérék istri nu ngaranna Maria. Manéhna boga panyakit anu ngalantarankeun manéhna teu bisa ngalakukeun loba hal dina palayanan. Mimitina, manéhna téh ngarasa leutik haté jeung teu guna. Tapi ka dieunakeun, manéhna merhatikeun saurang sadérék istri di sidang anu gering parna jeung teu bisa ingkah ti kasur. Jadi, Maria mutuskeun pikeun ngabantu manéhna. Ceuk Maria, ”Abdi ngatur supaya bisa dines liwat telepon jeung nulis surat bareng jeung manéhna. Unggal dines babarengan, abdi ngarasa bagja jeung sugema lantaran abdi bisa ngabantu sadérék abdi.” Urang gé bisa leuwih bagja lamun mikirkeun naon anu bisa dilakukeun, lain nu henteu. Tapi, kumaha lamun sabenerna urang téh bisa ngalakukeun leuwih loba hal atawa bisa leuwih tarampil dina palayanan urang?

MUN BOGA KASANGGUPAN, ”PAKÉ ÉTA”!

7. Naon naséhat ti Rasul Pétrus ka urang Kristen?

7 Dina suratna nu kahiji, Rasul Pétrus ngajurung sadérék-sadérékna pikeun ngagunakeun kurnia atawa kasanggupanana keur nguatkeun dulur-dulur saiman. Pétrus nulis, ”Aranjeun masing-masing geus narima kurnia, jadi paké éta keur ngalalayanan batur, salaku pangurus nu hadé nu narima welas asih Allah nu taya bandingna.” (1 Pét. 4:10) Urang sakuduna ngagunakeun kasanggupan urang sahadé-hadéna, ulah nahan diri pédah sieun mun batur sirik atawa leutik haté. Mun kitu, engké urang jadi teu bisa méré nu panghadéna ka Yéhuwa.

8. Nurutkeun 1 Korintus 4:6, 7, ku naon urang teu meunang ngagul-ngagulkeun kasanggupan urang?

8 Urang kudu ngagunakeun kasanggupan urang sahadé-hadéna, tapi ati-ati ulah nepi ka ngagulkeun diri. (Baca 1 Korintus 4:6, 7.) Contona, bisa jadi Sadérék téh tarampil dina ngamimitian palajaran Alkitab. Éta kurnia téh mémang kudu digunakeun, ulah ditahan-tahan! Tapi, ulah nepi ka pamér ka batur. Misalna, anyaran ieu Sadérék boga pangalaman alus dina dines nepi ka bisa ngamimitian palajaran Alkitab. Sadérék hayang pisan nyaritakeunana ka kelompok dines Sadérék. Tapi waktu ngobrol jeung kelompok dines, éh aya sadérék istri nu nyarita yén manéhna méré majalah ka batur. Manéhna méré majalah, ari Sadérék ngamimitian palajaran Alkitab. Nah, naon nu bakal dilakukeun ku Sadérék? Sadérék yakin kelompok dines téh bakal dikuatkeun ku pangalaman Sadérék. Tapi meureun Sadérék mikir, lamun Sadérék nyaritakeunana, pangalaman sadérék istri éta bakal kababét. Bisa waé manéhna jadi ngarasa teu tarampil dina dines. Jadi, Sadérék nahan diri jeung ngadagoan kasempetan séjén pikeun nyaritakeun pangalaman Sadérék. Mun kitu, Sadérék téh bageur. Tapi sing inget, Sadérék téh boga kurnia éta. Jadi, Sadérék kudu terus nawarkeun palajaran Alkitab ka batur.

9. Kumaha urang sakuduna ngagunakeun kurnia urang?

9 Urang kudu inget, unggal kasanggupan urang téh kurnia ti Allah. Urang sakuduna ngagunakeun kurnia-kurnia éta pikeun nguatkeun sidang, lain pikeun ngagulkeun diri sorangan. (Flp. 2:3) Lamun urang ngagunakeun tanaga jeung kasanggupan urang pikeun ngalakukeun kahayang Allah, urang bakal bungah. Bungahna ku lantaran bisa maké kurnia urang pikeun ngamulyakeun Yéhuwa, lain lantaran leuwih unggul ti batur.

10. Ku naon urang teu meunang ngabandingkeun diri jeung batur?

10 Lamun teu ati-ati, saurang jalma bisa ngabandingkeun kaunggulan dirina jeung kalemahan batur. Misalna, aya sadérék nu tarampil nepikeun hutbah. Éta téh kaunggulan manéhna. Tapi di jero haté, meureun manéhna jadi nyapirakeun sadérék nu teu tarampil nepikeun hutbah, padahal sadérék éta alus dina hal séjén, misalna manéhna soméah, tarampil ngadidik budak, jeung getol dines. Pasti urang ngahargaan pisan sadérék-sadérék nu ngagunakeun kasanggupanana masing-masing pikeun ngawula Yéhuwa jeung mantuan batur.

DIAJAR TINA TULADAN BATUR

11. Ku naon urang kudu nyonto Isa?

11 Urang mémang teu meunang ngabanding-bandingkeun diri, tapi urang bisa diajar ti hamba-hamba Yéhuwa nu satia. Tuladan nu panghadéna téh nyaéta Isa. Mémang Isa mah sampurna, najan kitu urang bisa diajar ti sipat-sipatna nu hadé jeung laku lampahna. (1 Pét. 2:21) Jadi lamun urang sabisa-bisana nyonto Isa, urang bisa jadi hamba Yéhuwa nu leuwih hadé jeung leuwih tarampil dina palayanan.

12-13. Urang bisa diajar naon ti Raja Daud?

12 Dina Firman Allah, urang gé bisa ningali conto ti priya jeung wanita nu satia. Najan maranéhna teu sampurna, urang bisa diajar ti maranéhna. (Ibr. 6:12) Misalna Raja Daud. Yéhuwa nyebut manéhna téh jalma ”nu nyenangkeun haté Kuring”. (Kis. 13:22) Mémang Daud teu sampurna, malah pernah nyieun sababaraha kasalahan nu sérius. Tapi manéhna tetep bisa jadi tuladan keur urang. Ku naon? Basa ditegor, manéhna henteu ngabéla diri. Manéhna daék narima naséhatna jeung ngarasa kaduhung kana kasalahanana. Hasilna, Yéhuwa ngahampura manéhna.​—Jab. 51:5, 6, 12-14.

13 Urang bisa diajar ti Daud ku cara mikirkeun pananya-pananya ieu: ’Kumaha sikep abdi waktu dibéré naséhat? Abdi daék ngakukeun kasalahan atawa kalah ka ngabéla diri? Abdi sok nyalahkeun batur teu? Abdi ngupayakeun diri teu supaya teu ngalakukeun kasalahan nu sarua?’ Sadérék gé bisa mikirkeun pananya-pananya siga kitu waktu maca kisah hamba-hamba Allah nu satia dina Alkitab. Naha maranéhna boga masalah nu sarua siga Sadérék? Sipat-sipat hadé naon nu ditémbongkeun ku maranéhna? Waktu maca kisahna, pék pikirkeun, ’Kumaha supaya abdi bisa satia siga manéhna?’

14. Naon mangpaatna mun urang merhatikeun tuladan ti dulur-dulur saiman?

14 Urang gé bisa diajar ti dulur-dulur saiman, boh ti nu ngora boh ti nu sepuh. Misalna, di sidang aya teu sadérék nu bajoang pikeun tetep satia waktu nyanghareupan tangtangan, siga gogoda ti babaturan, tangtangan ti kulawarga, atawa masalah kaséhatan? Sipat-sipat alus naon nu bisa dipiconto ku Sadérék? Lamun Sadérék mikirkeun tuladan maranéhna, Sadérék bisa tabah nyanghareupan masalah Sadérék. Urang tangtu ngahargaan pisan tuladan iman ti maranéhna.​—Ibr. 13:7, Yak. 1:2, 3.

SING BUNGAH NGAWULA YÉHUWA

15. Rasul Paulus méré naséhat naon nu bisa ngabantu urang terus bungah dina ngawula Yéhuwa?

15 Pikeun ngajaga karukunan jeung kasatunggalan sidang, unggal jalma kudu ngalakukeun nu panghadéna keur Yéhuwa. Pék perhatikeun urang Kristen dina abad kahiji. Maranéhna téh dibéré kurnia jeung tanggung jawab nu béda-béda. (1 Kor. 12:4, 7-11) Tapi, maranéhna teu jadi saingan atawa paséa. Paulus ngajurung unggal jalma supaya bisa milu ”ngabangun awak Al-Masih”. Paulus nulis surat ka urang Éfésus, ”Lamun unggal anggota bener ngajalankeun tugasna, awak tumuwuh jadi beuki gedé sarta kanyaahna gé jadi beuki kuat.” (Éf. 4:1-3; 11, 12, 16) Lamun maranéhna ngalampahkeun naséhat Paulus, sidang bakal tetep rukun jeung satunggal. Éta ogé nu bisa urang tingali dina sidang-sidang jaman ayeuna.

16. Naon nu sakuduna jadi tékad urang? (Ibrani 6:10)

16 Ulah ngabandingkeun diri urang jeung batur, tapi pék diajar ti Isa jeung nyonto sipat-sipat hadé manéhna. Urang gé bisa meunangkeun mangpaat tina tuladan hamba-hamba Allah nu dicatet dina Alkitab sarta tuladan dulur-dulur saiman urang. Lamun Sadérék terus ngalakukeun nu panghadéna, sing yakin yén Yéhuwa téh ”adil jeung moal mopohokeun pagawéan” Sadérék. (Baca Ibrani 6:10.) Jadi sing terus bungah ngawula Yéhuwa jeung yakin yén Anjeunna ngahargaan upaya Sadérék pikeun nyenangkeun haté-Na!

KAWIH 65 Mekarkeun!

a Urang kabéh bisa diajar ti batur, tapi kadé ulah nepi ka ngabandingkeun diri jeung batur. Artikel ieu bisa ngabantu urang supaya tetep bagja sarta teu ngabandingkeun diri jeung batur, lantaran éta bisa nyababkeun urang jadi sombong atawa leutik haté.

b KATERANGAN GAMBAR: Saurang sadérék ngawula di Bétel ti ngora kénéh. Manéhna nikah, terus naratas bareng jeung pamajikanana. Sanggeus boga budak, manéhna ngalatih budakna pikeun ngawawar. Sanajan ayeuna geus sepuh, manéhna tetep nulis surat jeung tetep méré nu panghadéna.